A A A A A

Pencarian
Matius 1:20
Sabot ngamanah-manah kitu, dina impenanana anjeunna disumpingan ku malaikat anu sasauran kieu, ”Yusup, turunan Daud, ulah sieun nyokot Mariam keur pibojoeun maneh, sabab ngandungna teh ku kersana Roh Suci.


Matius 6:25
Nu matak Kami ngingetan, hirup teh ulah salempang sieun teu manggih dahareun atawa inumeun, ulah salempang awak teu kabajuan. Hirup teh lain leuwih ti batan dahareun, awak leuwih penting ti batan papakean?


Matius 6:28
Jeung naha kudu salempang sieun teu make? Tenjo tuh! Kembang bakung anu jaradi sorangan di tegal: teu digarawe, teu nyarieun pakean.


Matius 10:26
”Tong sieun ku pada jalma. Hal-hal anu ayeuna katutup bakal kabuka, moal aya rasiah anu moal kaguar.


Matius 10:28
Jelema ngan bisaeun ngabinasa badan, teu bisaeun maehan nyawa, teu kudu dipikasieun. Anggur kudu sieun ku Allah, anu kawasa ngabinasakeun badan jeung nyawa di naraka.


Matius 10:31
Ku sabab kitu ulah sieun-sieun! Harkat maraneh leuwih punjul ti batan piit!”


Matius 14:5
Saenyana harita Herodes hoyongeun maehan ka Yohanes, tapi sieuneun ku urang Yahudi anu nganggap nabi ka Yohanes.


Matius 14:30
Tapi barang aya angin ngahiuk jadi kacida sieuneunana, seug bae tikerelep meh laput. Petrus ngagero, ”Gusti, tulungan!”


Matius 21:26
Lamun dijawab ʼTi manusa,ʼ sieun ku rahayat, sabab rahayat yakin Yohanes teh nabi.”


Matius 24:15
”Maraneh bakal nenjo ʼSi Pikasieuneunʼ anu baheula diucapkeun ku Nabi Daniel tea ngajega di tempat suci.” (Para maos! Mangga manahan naon eta teh pihartoseunana!)


Matius 25:25
Ku margi sieun, artos Juragan teh ku abdi diruang dina taneuh. Ieu artosna.ʼ


Matius 28:8
Bral maranehna arindit ti dinya gura-giru bari sieun tapi bungah, tungtungna lalumpatan rek pupulih ka murid-murid Yesus.


Markus 5:33
Ari awewe tea sanggeus nyaho anu kajadian ka dirina, nyampeurkeun terus sujud ka Anjeunna bari ngadegdeg sieuneun, sarta unjukan sabalakana.


Markus 6:20
Ari Herodes ku Yohanes teh ngaraos sieun, da uningaeun Yohanes jelema bener jeung suci, sarta kasalametanana di jero panjara ku anjeunna ditalingakeun. Anjeunna rajeun ngadangukeun kasauran Yohanes, sanajan ari tas ngadangukeun teh manahna sok marungkawut.


Markus 9:6
Petrus, nya kitu deui nu sejenna kacida ngarasa sieunna, nepi ka manehna teu nyaho naon anu kudu diucapkeun.


Markus 11:18
Ucapan Anjeunna kadarengeeun ku imam-imam kapala jeung guru-guru agama. Maranehna tuluy nareangan jalan supaya bisa maehan Yesus. Maranehna rarisieun ku Anjeunna, sabab rahayat kabeh katarik ku pangajarana-Na.


Markus 13:14
”Maraneh bakal nenjo ’Si Pikasieuneun’ ngabedega di tempat anu saenyana lain eukeurna.” (Para maos! Mangga manahan naon eta teh pihartieunana!) ”Harita, nu araya di Yudea kudu lalumpat ka pagunungan.


Lukas 1:12
Jakaria ngarenjag jeung kacida sieuneunana.


Lukas 1:13
Tapi malaikat teh ngalahir, ”Ulah sieun, Jakaria! Paneda anjeun ku Allah enggeus didangu. Elisabet bojo anjeun bakal boga anak, lalaki, pingaraneunana Yohanes.


Lukas 1:30
Malaikat ngalahir deui, ”Ulah sieun, Mariam! Nyai kenging kurnia ti Allah.


Lukas 2:25
Harita di Yerusalem aya hiji sepuh, jenenganana Simeon, jalma hade anu sieun ku Allah, anu keur ngarep-ngarep kana mangsana Allah nyalametkeun bangsa Israil. Anjeunna disarengan ku Roh Allah,


Lukas 5:10
Nya kitu deui babaturan Simon, anak Sebedeus, nya eta Yakobus jeung Yohanes. Saur Yesus ka Simon, ”Ulah sieun; ti semet ayeuna maneh bakal ngala jelema.”


Lukas 7:16
Anu nyaraksian jadi ngarasa sieun, tuluy maruji ka Allah, pokna, ”Nabi agung sumping ka urang! Allah sumping nyalametkeun umat-Na!”


Lukas 8:25
Anjeunna ngalahir ka murid-murid, ”Dikamanakeun kapercayaan maraneh?” Murid-murid ngan sieun jeung bengong nu aya, tuluy tingkarucuwes, ”Saha saenyana Anjeunna teh, nepi ka angin jeung ombak nurut kana parentah-Na?”


Lukas 8:50
Kadangueun ku Yesus, Anjeunna nyarios ka Yairus, ”Ulah sieun, sing percaya bae, budak teh bakal cageur deui.”


Lukas 12:4
”Jeung deui, batur-batur! Ulah sieun ku tukang maehan. Jelema mah ngan bisa maehan raga badag, teu bisa leuwih ti kitu.


Lukas 12:5
Kami rek nuduhkeun ka maraneh, saha anu kudu dipikasieun. Nu kudu dipikasieun mah Allah. Allah mah kajaba ti iasaeun maehan teh wenang ngalungkeun ka naraka. Sakali deui, Mantenna anu kudu dipikasieun teh!


Lukas 12:11
Lamun maraneh dibawa ka imah-imah ibadah rek diperkarakeun ka para gegeden atawa para pangereh, ulah sieun teu bisa ngabela diri atawa bingung piomongeun.


Lukas 12:22
Pilahir-Na deui ka murid-murid, ”Ku sabab kitu maraneh ulah salempang sieun teu manggih dahar pikeun hirup, sieun teu boga pakean pikeun awak.


Lukas 18:2
Kieu saur-Na, ”Di hiji kota aya hiji hakim anu teu sieuneun ku Allah jeung teu padulian ka batur.


Lukas 18:4
Lila eta hakim teh embungeun ngadenge pamentana, tapi tungtungna ceuk hatena, ʼNajan aing teu sieun ku Allah jeung teu padulian ka batur ge,


Lukas 19:21
Abdi sieun, reh terang Juragan bengis, sareng sok nyandak sanes kagungan ku anjeun, ngala sanes pelak ku anjeun.ʼ


Lukas 21:11
Bakal sering aya lini kacida galedena, bahla kalaparan, jeung pagebug di mana-mana, di langit bakal tembong galagat-galagat aneh jeung pikasieuneun.


Lukas 21:25
”Bakal tembong galagat-galagat aneh dina panonpoe, dina bulan, jeung dina bentang-bentang. Bangsa-bangsa di satonggong bumi pinuh ku kasieun jeung samar polah ku kaayaan laut anu ngamuk tingjalegur jeung caina naek.


Lukas 21:26
Jelema-jelema kalabur pangacianana awahing ku sieun ku anu bakal tumiba ka ieu bumi, sabab kakuatan-kakuatan langit genjlong, jalanna nyarimpang.


Lukas 23:40
Tapi disentak ku baturna, pokna, ”Ari maneh teu sieun ku Allah? Lain sarua dihukum?


Yohanes 2:6
Di dinya aya tahang batu wadah cai paranti wawasuh sakumaha adat agama urang Yahudi, pieusieunana masing-masing kira-kira saratus liter.


Yohanes 3:20
Jalma anu jahat kalakuanana, kana caang teh ngewaeun, embungeun datang kana caang, sieuneun kajahatanana katembong.


Yohanes 9:22
Ngajawab kitu soteh awahing ku sieun, lantaran para gegeden teh geus samupakat, lamun aya jelema anu percaya yen Yesus teh Kristus, baris dihukum, teu meunang asup ka imah ibadah.


Yohanes 12:15
”Ulah sieun, putri Sion! Ieu Raja maneh sumping, nitihan kalde ngora.”


Yohanes 19:38
Aya hiji jelema, (panganut Yesus keneh ngan teu wanieun nembrak lantaran sieuneun ku para gegeden Yahudi), ngaranna Yusup urang Arimatea, menta idin ka Pilatus nyokot layon Yesus. Ku Pilatus diidinan, tuluy layon teh ku Yusup dicokot.


Kisah Para Rasul 4:29
Nun Pangeran, tingali kumaha ngancamna maranehna ka abdi sadaya. Mugi abdi-abdi sadaya para kawula Gusti dikersakeun taya kasieun nyanggemkeun pangandika Gusti.


Kisah Para Rasul 5:26
Kapala pangawal indit jeung bawahanana ngala rasul-rasul. Tapi teu wanieun keras-keras sieuneun dibaledogan ku batu ku jalma-jalma.


Kisah Para Rasul 10:4
Kornelius neuteup semu sieun, pok ngawalon, ”Aya pikersaeun naon, Juragan?” Waler malaikat, ”Doa paneda jeung lampah maneh tutulung geus katarima ku Allah, ku Mantenna baris dimakbul.


Kisah Para Rasul 18:9
Dina hiji peuting Gusti ngalahir ka Paulus dina hiji titingalian, saur-Na, ”Ulah sieun mertelakeun pangandika teh, teruskeun,


Kisah Para Rasul 22:29
Paulus teu tulus dirangket, anu rek ngarangketna harita keneh undur. Ari komandan pasukan sanggeus uningaeun yen Paulus warga karajaan Rum, jadi sieuneun pedah geus ngarante ka anjeunna.


Kisah Para Rasul 23:11
Peutingna Gusti ngadeg nembongan ka Paulus, terus ngalahir, ”Ulah sieun! Maneh geus mertelakeun hal Kami di dieu, di Yerusalem. Engke di Rum oge kudu kitu.”


Kisah Para Rasul 24:25
Barang Paulus nyarioskeun hal kahadean, hal nahan napsu, jeung hal hukuman dina Poe Kiamat, Peliks jadi sieuneun, tuluy ngalahir, ”Pek geura undur. Lamun kami aya waktu maneh disaur deui.”


Kisah Para Rasul 27:17
Sanggeus sakoci ditaekkeun, kapal tuluy dibakutet ku tambang sakurilingna. Ku sabab salempang sieun kapal kandas kana dasar keusik Sirtis anu deet, layar digulung, kapal diantep sina sakaparan-paran.


Kisah Para Rasul 27:29
Urang kapal salempang sieun kapal kandasna kana karang, ku sabab eta tuluy labuh jangkar ti tukangeun kapal, bari ngarep-ngarep geura isuk.


Roma 8:15
Sabab Roh paparin ti Allah teh moal midamel aranjeun jaradi kawula anu ngalantarankeun aranjeun jadi pinuh ku rasa kasieun, sabalikna bakal midamel aranjeun jadi putra-putra Allah, sarta ku perbawa Roh Allah, aranjeun bisa nyebut ka Allah, ”Ama, nun Ama!”


Roma 13:3
Pikeun warga anu hade kalakuanana, pamarentah teh moal matak sieun. Matak sieun soteh pikeun warga anu jahat. Aranjeun harayang sangka henteu ngarasa sieun ku anu keur nyekel pamarentahan? Atuh masing hade kalakuan, tangtu ku itu dipuji,


Roma 13:4
da itu jenengna teh jadi kawula Allah pikeun kamaslahatan wargana. Ari aranjeun jahat mah puguh bae jadi sieun, da pamarentah teh boga kawasa pikeun ngahukum. Pamarentah teh kawula Allah pikeun ngalaksanakeun Hukum Allah ka wargana anu jahat.


Roma 13:5
Eta sababna aranjeun kudu narurut ka pamarentah. Lain ku dumeh sieun meunang hukuman, tapi pangpangna mah kudu ngarasa geus sawajibna.


1 Korintus 2:3
Waktu datang ka aranjeun, sim kuring teh mani asa taya tangan pangawasa, awak ngadegdeg sieun.


1 Korintus 11:34
Ari sieun kaburu lapar mah dahar bae heula di imah, supaya dina Perjamuan ulah matak meunang hukuman ti Allah. Sakitu heula. Sual-sual sejenna engke bae diterangkeunana ari sim kuring ka dieu.


2 Korintus 5:11
Urang terang naon hartina sieun ku Pangeran. Eta sababna sim kuring ihtiar pikeun ngayakinkeun ka nu sejen. Allah uninga sagala rupa hal sim kuring, muga-muga aranjeun oge dina hate terang enya ka sim kuring.


2 Korintus 10:9
Sim kuring teu ngaharep aranjeun ngarasa disingsieunan ku surat-surat sim kuring.


2 Korintus 11:3
Sim kuring risi sieun aranjeun kagembang ku nu sejen, henteu satia deui ka Kristus, cara Hawa kagendam ku tipu dayana si oray pelit.


2 Korintus 12:20
Sim kuring paur, sieun ari jol ka dieu nyampak aranjeun sulaya tina kahayang sim kuring, sabalikna sim kuring sulaya tina kahayang aranjeun. Sieun timbul pacogregan seug garelut, sieun engke padengki-dengki, silih pikajengkel, silih hualkeun, silih upat jeung paagul-agul nepi ka jadi rusuh.


2 Korintus 12:21
Inggis ari jol teh engke sim kuring ku Gusti Allah diparengkeun apes di hareupeun aranjeun, sieun meunang kasedih, bisi jelema-jelema anu bareto nyieun kadorakaan teh loba keneh anu tacan robah, masih rujit kalakuan, masih keneh sok rarucah jeung lalacur.


Galatia 2:12
Harita anjeunna teh keur tuang, bareng jeung dulur-dulur nu lain urang Yahudi. Naha barang jol aya jelema-jelema utusan Yakobus, ngadak-ngadak ngajauhkeun anjeun ti dulur-dulur nu lain Yahudi tea, tuangna teu terus jeung maranehanana, sieuneun dipaido ku eta anu daratang, tukang ngudukeun kabeh jelema disunat.


Galatia 4:11
Hariwang sim kuring mah, sieun pagawean meunang hese cape pikeun aranjeun teh mubadir!


Ef 6:5
Aranjeun, gandek-gandek, kudu ngesto ka dunungan aranjeun anu di dunya, kudu ngadegdeg sieun. Pigawe parentahna sing iklas lir ngesto ka Gusti.


Filipi 2:12
Ku sabab kitu dulur-dulur, sanggeus urang pajauh kieu, papatah sim kuring teh turut sing leuwih ti waktu urang keur reureujeungan keneh. Sing terus rarajin jeung sieun ku Allah supaya kasalametan aranjeun jadi sampurna.


Filipi 2:26
Ayeuna geus sonoeun, jeung melangeun sieun aranjeun susah dumeh meunang beja anjeunna teu damang.


2 Timotius 2:3
Hidep kudu jadi prajurit Yesus Kristus anu satia, anu henteu jejerih sieun sangsara.


Ibrani 2:15
sarta ku jalan kitu Anjeunna iasa ngabebaskeun manusa, anu saumur hirupna dikukuntit ku kasieun, sieun maot.


Ibrani 10:27
Tinggal ngadago pitemaheunana nya eta Pangadilan anu pikasieuneun, jeung hurungna seuneu bendu Allah anu bakal ngahuru beak sakur anu ngalawan ka Mantenna!


Ibrani 11:23
Ku karana percaya, ibu ramana Musa nyumputkeun Musa nepi ka tilu bulan ti barang dilahirkeun. Demi putrana nu kasep, aranjeunna teu sieuneun ngalawan parentah raja.


Ibrani 12:18
Aranjeun henteu ngalaman kasieun anu kaalaman ku urang Israil baheula. Maranehna daratang nyanghareupan Gunung Sinai anu keur hurung ku seuneu, nyanghareupan poek, angkeub, angin ribut,


Ibrani 12:21
Tetenjoan anu kacida pikasieuneunana, Musa oge nepi ka ngalahir, ”Kami ngadegdeg, sieun!”


Ibrani 13:14
Sabab pamatuhan maneuh urang mah lain di bumi ieu; tempat urang mah sungsieun keneh pikeun jaga.


1 Petrus 2:17
Kudu ngajenan ka unggal jelema, kudu nyaah ka papada batur sakapercayaan, kudu sieun ku Allah, kudu hormat ka Prabu.


2 Petrus 2:10
hususna jelema-jelema anu ngalajur hawa napsu jeung nyela kana kakawasaan Allah. Ari guru-guru palsu tea kacida kumawanina jeung karumakina, nepi ka teu sieun-sieuneun lancang ngahina ka mahluk-mahluk mulya di sawarga.


1 Yohanes 4:18
Moal aya kasieun ari kaancikan ku asih mah. Sabab asih anu sampurna teh ngusir sagala rasa kasieun. Anu boga keneh rasa kasieun tandaning sipat asihna tacan sampurna, jadi masih bakal keuna ku hukuman.


Yudas 1:23
Kenyang jalma-jalma tina jero seuneu sina saralamet. Ka nu sejenna kudu nembongkeun rasa karunya campur kasieun, tapi kudu geuleuh kana ”papakeanana” anu lamokot ku hawa napsuna anu pikagirukeun.


Wahyu 1:17
Bruk kaula ngarumpuyuk kana sampeana-Na, ngalumbuk kawas nu paeh. Anjeunna nyabak ka kaula ku panangan tengen bari ngalahir, ”Ulah sieun! Ieu Kami, Nu Awal jeung Nu Panutup.


Wahyu 2:10
Ulah sieun ku kasangsaraan anu bakal kasorang. Dengekeun! Maraneh bakal digoda ku Iblis, maraneh sawareh rek dijeblos-jebloskeun ka panjara. Eta kasangsaraan lilana sapuluh poe. Sing tetep satia ka Kami sanajan kudu nepi ka ajal, tan wande ku Kami diganjar hirup anu sajati.


Wahyu 6:17
Poe pikasieuneun anu pinuh ku amarah maranehna geus datang, saha nu tahan?”


Wahyu 18:10
Tapi semet marelong ti kajauhan da sarieuneun kabawa balahi. Seug ngaromong, ”Matak sieun kabina-bina! Hebat kabina-bina! Cilaka enya kota Babul anu gede jeung digjaya teh! Ngan di jero sajam anjeun geus musna ku hukuman.”


Wahyu 18:16
jeung ngaromong kieu, ”Matak sieun kabina-bina! Hebat kabina-bina cilakana kota anu sakitu gedena teh! Biasana mah sok ngadangdanan maneh make lawon linen, make nu wungu jeung nu beureum kolot, awakna katutup ku perhiasan-perhiasan tina emas, batu-batu adi, jeung mutiara!


Wahyu 18:19
Maranehna mani ngawuran sirah ku lebu nyirikeun prihatin, careurik jeung midangdam, pokna, ”Matak sieun kabina-bina! Hebat kabina-bina cilakana eta kota nu sakitu gedena teh! Eta kota teh geus ngabeungharkeun nu baroga kapal laut, kawantu kota beurat beunghar. Kari-kari mani ngan di jero sajam pisan kabeungharanana geus musna!”


Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society