A A A A A

Pencarian
Matius 3:2
”Geura tarobat,” saurna, ”sabab Karajaan Sawarga geus tereh ngadeg!”


Matius 4:17
Ti semet eta Yesus mimiti ngahutbahkeun amanat-Na, ”Geura tarobat tina dosa, sabab Karajaan Sawarga geus meh ngadeg!”


Matius 4:23
Yesus ngider ka sakuliah Galilea, hutbah di imah-imah ibadah, ngawulangkeun Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Sawarga, nyageur-nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.


Matius 5:3
”Bagja jelema anu ngarasa jiwana miskin, sarta ngaharep ngan ka Allah wungkul; Karajaan Sawarga teh eukeurna!


Matius 5:10
Bagja jelema anu dikaniaya ku sabab ngalakonan pangersa Allah, Karajaan Sawarga teh eukeurna!


Matius 5:12
Lamun dikitu-kitu sing bagja, sing bungah, sabab geus aya piganjaraneunana anu gede di sawarga. Nabi-nabi anu hirup beh ditueun maraneh oge dikaniaya teh kitu.”


Matius 5:16
Caang maraneh ge kudu mencar ka sarerea, sangkan dipiconto kalakuan maraneh nu hade, supaya batur teh ngamulyakeun ka Rama maraneh nu jumeneng di sawarga.”


Matius 5:19
Ku hal eta, anu ngarempak salah sahiji parentahna najan anu teu pira, sarta ngajar kitu ka nu sejen, di Karajaan Sawarga bakal jadi anu panglaipna. Sabalikna, anu ngalaksanakeun parentahna tur ngajar kitu ka nu sejen, di Karajaan Sawarga bakal jadi warga penting.


Matius 5:20
Anu matak Kami ngabejaan, lamun hayang jadi warga Karajaan Sawarga kudu satia kana pangersa Allah leuwih ti batan guru-guru agama atawa urang Parisi.”


Matius 5:45
supaya maraneh diangken putra ku Rama nu di sawarga. Mantenna mah ka nu jahat, ka nu bageur, ka nu bener, ka nu teu bener, sarua bae maparin hujan maparin panas.


Matius 5:48
Maraneh mah kudu sing sampurna, sakumaha Rama maraneh nu di sawarga sampurna.”


Matius 6:1
”Dina ngalakonan anu diwajibkeun ku agama, kade ulah nyiri-nyirikeun maneh. Sabab lamun kitu maraneh moal meunang ganjaran naon-naon ti Rama maraneh nu di sawarga.


Matius 6:4
Ulah hayang kanyahoan ku batur. Sabab najan rikip ge pitulung maraneh teh ku Rama nu di sawarga mah kauninga, sarta Mantenna baris ngaganjar.”


Matius 6:9
Jadi kieu bae unjukan teh: ʼNun Ama di sawarga. Mugi jenengan Ama nu suci dimulyakeun.


Matius 6:10
Karajaan Ama mugi rawuh. Pangersa Ama mugi laksana di dunya, sapertos di sawarga.


Matius 6:14
Lamun maraneh ngahampura kasalahan batur, kasalahan maraneh ge ku Rama di sawarga tangtu dihampura.


Matius 6:15
Lamun maraneh henteu ngahampura kasalahan batur, kasalahan maraneh ge ku Rama nu di sawarga moal dihampura.”


Matius 6:20
Kudu ngumpulkeun teh harta pikeun maneh di sawarga, anu moal dihakan rinyuh, moal taihiangan, moal aya nu ngabangsat.


Matius 6:26
Awaskeun tuh manuk anu keur hihiberan. Tara pepelakan, tara dibuat, tara nyimpen, geuning ku Rama maraneh nu di sawarga diurus! Maraneh teh lain leuwih luhur pangaji ti batan manuk?


Matius 6:32
Humandeuar teh kabiasaan jelema-jelema anu teu percaya ka Allah.) Rama maraneh nu di sawarga uningaeun yen maraneh perlu dahar, perlu nginum, perlu make.


Matius 7:11
Sakumaha jahatna maraneh, ka anak mah tangtu merelukeun mere anu mangpaʼat. Komo deui Rama maraneh nu di sawarga, moal teu maparin nu mangpaʼat ka nu nyuhunkeun ka Mantenna!


Matius 7:21
”Lain anu ngan semet nyambat ka Kami: ʼGusti, Gusti!ʼ anu bakal asup ka sawarga teh, tapi anu ngalampahkeun pangersa Ama Kami nu di sawarga.


Matius 8:11
Kami bisa mastikeun, loba nu bakal daratang ti wetan ti kulon, milu pesta suka-suka di sawarga jeung Ibrahim, Ishak, jeung Yakub.


Matius 8:12
Sabalikna jelema-jelema anu kuduna jaradi warga sawarga bakal dijarongklokkeun ka tempat nu poek, careurik di dinya sarta huntuna tingkereket.”


Matius 10:7
Embarkeun yen ʼKarajaan Sawarga geus meh ngadeg!ʼ


Matius 10:32
”Anu ngaku di hareupeun umum yen anut ka Kami, ku Kami ge tangtu diaku di payuneun Ama Kami di sawarga.


Matius 10:33
Anu ngangles di hareupeun umum magar lain anut ka Kami, ku Kami ge tangtu diangles di payuneun Ama Kami di sawarga.”


Matius 11:11
Sing percaya, di dunya ieu can aya anu leuwih agung ti batan Yohanes Jurubaptis. Tapi di Karajaan Sawarga mah anu panglaipna ge leuwih agung ti batan Yohanes.


Matius 11:12
Ti mimiti Yohanes nyiarkeun amanatna nepi ka ayeuna, Karajaan Sawarga teh geus nandangan panggempur hebat, sarta arek dibekuk ku jelema-jelema lalim.


Matius 11:23
Kitu deui maneh, Kapernaum! Baruk rek ngangkat maneh ka sawarga? Hamo bisa! Maneh bakal ditotogkeun ka naraka! Upama heug mujijat-mujijat anu ditembongkeun ka maneh baheula ditembongkeun ka urang Sadumu, eta nagara tangtu nepi ka ayeuna aya keneh!


Matius 12:50
”Sing saha anu ngalampahkeun pangersa Rama Kami nu di sawarga, eta dulur Kami awewe lalaki jeung ibu Kami.”


Matius 13:11
Waler-Na, ”Sabab maranehna tacan nyaraho kana rasiah-rasiah Karajaan Sawarga, ari maraneh mah geus dibere nyaho.


Matius 13:19
Binih anu ragragan ka jalan, hartina: Amanat hal Karajaan Sawarga anu diwawarkeun ka jelema-jelema anu ngan semet ngadarengekeun, henteu malikiran. Amanat anu diwawarkeun ka maranehna teh dicabut ku Si Jahat.


Matius 13:24
Yesus nyarioskeun deui hiji misil: ”Karajaan Sawarga teh ibarat kieu. Aya jelema nebarkeun bibit hade di lahanna.


Matius 13:31
Yesus nyarioskeun deui hiji misil: ”Karajaan Sawarga teh ibarat kieu. Aya jelema nyebarkeun siki sasawi dina lahanna.


Matius 13:33
Yesus nyarioskeun misil sejen deui: ”Karajaan Sawarga teh ibarat kieu. Aya hiji awewe nyokot ragi, tuluy diadukkeun kana tipung opat puluh liter, seug adonanana beukah.”


Matius 13:38
Ari lahanna nya eta dunya ieu. Binih nu hade, nya eta jalma-jalma anu geus jaradi warga Karajaan Sawarga. Eurih, nya eta jelema-jelema anu aranut ka Iblis.


Matius 13:44
”Jeung Karajaan Sawarga teh ibarat jelema anu nimu pependeman di hiji kebon, tuluy dirimbunan deui. Kacida atoheunana nepi ka tuluy ngajual sagala pangabogana dipake meuli eta kebon.”


Matius 13:45
”Jeung ibarat kieu Karajaan Sawarga teh. Aya jelema neangan mutiara anu alus.


Matius 13:47
”Jeung kieu ibaratna Karajaan Sawarga teh. Aya nu ngarala lauk di talaga make jaring. Rupa-rupa lauk kajaring.


Matius 13:52
Saur Yesus, ”Tah kitu. Anu matak lamun unggal guru agama jadi warga Karajaan Sawarga, eta ibarat jelema anu ngabudalkeun barang sisimpenanana ti imahna, boh nu anyar boh nu heubeul.”


Matius 15:13
Waler Yesus, ”Pepelakan anu lain beunang melak Rama Kami nu di sawarga, kabeh bakal dirabut.


Matius 16:17
”Bagja maneh, Simon anak Yonas!” saur Yesus. ”Sabab maneh nyaho kitu teh lain ti manusa tapi ti Rama Kami di sawarga.


Matius 16:19
Maneh bakal diserenan konci Karajaan Sawarga. Anu ku maneh ditolak di dunya di sawarga ge bakal ditolak. Anu ku maneh ditarima di dunya di sawarga ge bakal ditarima.”


Matius 18:1
Waktu eta, murid-murid naranya kieu ka Yesus, ”Dupi anu bakal pangpunjulna di Karajaan Sawarga, saha?”


Matius 18:3
Ti dinya saur-Na, ”Sing percaya ka Kami, maraneh moal bisa jadi warga Karajaan Sawarga lamun henteu robah kalakuan jeung jadi saperti ieu budak leutik.


Matius 18:4
Nu bakal pangpunjulna di Karajaan Sawarga, nya eta anu daek ngahandapkeun maneh, jeung boga hate saperti hate budak leutik.


Matius 18:10
”Awas, ulah ngahina ka budak leutik pantar kieu. Ati-ati, sabab malaikat-malaikatna salawasna aya di payuneun Rama Kami di sawarga. [


Matius 18:14
Rama maraneh di sawarga oge kitu. Kahoyong-Na ulah aya saurang-urang acan umat-Na anu laleutik keneh anu leungit ti Mantenna.”


Matius 18:18
Jeung Kami ngabejaan, naon bae anu ku maraneh di dunya ditolak, di sawarga ge bakal ditolak. Anu ku maraneh ditarima di dunya, di sawarga ge bakal ditarima.


Matius 18:19
Jeung iraha bae lamun maraneh di dunya mangnedakeun hiji perkara ku duaan, tangtu ku Rama Kami di sawarga dimakbul.


Matius 18:23
”Sabab Karajaan Sawarga teh saperti misil hiji raja anu rek mereskeun hutang badega-badegana.


Matius 18:35
Saur Yesus deui, ”Rama Kami nu di sawarga ge bakal kitu ka maraneh, kajaba lamun maraneh iklas ngahampura kasalahan dulur.”


Matius 19:14
Saur Yesus ka murid-murid, ”Ingkeun eta barudak teh sina ka Kami, ulah dipegatan. Sabab Karajaan Sawarga teh nya pikeun jelema-jelema anu hatena saperti hate ieu barudak.”


Matius 19:23
Yesus ngalahir ka murid-murid, ”Memang kacida hesena jelema beunghar mah asup ka Karajaan Sawarga teh.


Matius 19:24
Sakali deui, ceuk Kami kacida hesena jelema beunghar asup ka Karajaan Sawarga, leuwih hese ti batan onta moncor kana liang jarum.”


Matius 20:1
”Karajaan Sawarga teh saperti ieu misil. Aya hiji jelema, rebun-rebun indit neangan kuli rek digawekeun di kebon anggurna.


Matius 21:31
Tah, nu mana anu ngalampahkeun parentah bapana?” ”Nu kolot,” walon maranehna. Saur Yesus, ”Aranjeun bakal kapiheulaan asup ka Karajaan Sawarga ku tukang-tukang mulung pajeg jeung ku awewe tuna susila.


Matius 21:43
Saur Yesus deui, ”Ku sabab kitu Kaula ngabejaan, hak aranjeun kana Karajaan Sawarga bakal dicabut, dibikeun ka bangsa sejen anu daraekeun ngajalankeun pangersa Allah. [


Matius 22:2
”Karajaan Sawarga teh saperti ieu misil. Aya hiji raja rek nikahkeun putra pamegetna.


Matius 22:30
Jelema sanggeus hirup deui tina paehna, kaayaanana bakal saperti malaikat di sawarga jeung moal kawin deui.


Matius 23:9
Jeung ulah nga-Ama-keun ka sasama jalma di dunya, sabab Rama maraneh mah ngan hiji, di sawarga.


Matius 23:13
”Cilaka engke aranjeun guru-guru agama jeung urang Parisi, tukang pura-pura! Aranjeun meundeutan lawang Karajaan Sawarga, sorangan embung asup, nu harayang asup dihalang-halang! [


Matius 23:22
Sumpah demi sawarga, nya demi singgasana Allah nya demi Allah anu linggih dina eta singgasana.


Matius 24:14
Geus kitu ieu Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga bakal diuarkeun ka sakuliah dunya, kadenge ku unggal jelema, geus kitu kakara datang poe kiamat.”


Matius 25:1
”Dina mangsa pisumpingeunana Putra Manusa, Karajaan Sawarga teh kawas ieu misil. Aya sapuluh mojang arindit marawa lampu, rek mapagkeun panganten lalaki.


Matius 25:14
”Dina mangsa pisumpingeunana Putra Manusa, Karajaan Sawarga teh kawas ieu misil. Aya hiji jelema rek indit nyaba, nyalukan bujang-bujangna rek nitipkeun duitna.


Matius 28:2
Dak-dumadak aya lini kacida rongkahna. Kolebat aya malaikat Pangeran lungsur ti sawarga, ngagulingkeun batu tutup makam, tuluy batuna dicalikan.


Matius 28:18
Yesus nyaketan ka maranehna, lajeng sasauran kieu, ”Kakawasaan di sawarga jeung di bumi, sagemblengna geus diserenkeun ka Kami.


Markus 10:21
Eta jelema ku Yesus dipeleng bangun nyaah. ”Tinggal sarupa deui,” saur-Na, ”jualan kabeh babandaan hidep, duitna serenkeun ka kaom miskin supaya hidep beunghar di sawarga. Geus kitu ka dieu, tuturkeun Kami.”


Markus 11:25
Jeung lamun maraneh sembahyang, tapi boga kateungeunah ka batur, hampura heula eta batur teh, supaya kasalahan maraneh oge dihampura ku Rama nu di sawarga. [


Markus 11:26
Lamun maraneh henteu ngahampura batur, kasalahan maraneh oge moal dihampura ku Rama nu di sawarga!]”


Markus 16:19
Tutup Gusti Yesus ngalahir-Na ka maranehna, Anjeunna terus diangkat ka sawarga, terus linggih di tengeneun Allah.


Lukas 1:79
sina sumorot ti sawarga, nyaangan ka sakur anu araya dina poekna kalangkang maot, baris nungtun lengkah urang ka jalan nu aman santosa.”


Lukas 2:13
Dak-dumadak breh tembong balad sawarga, malaikat kacida lobana, nyaranyi muji ka Allah:


Lukas 2:15
Sanggeus para malaikat teu araya, geus marulih deui ka sawarga, nu ngajaraga ingon-ingon teh baradami, ”Hayu urang ka Betlehem, urang ngabuktikeun perkara anu diandikakeun ku Pangeran.”


Lukas 3:22
tuluy lungsur Roh Suci ka Anjeunna dina wujud manuk japati. Geus kitu aya gentra kieu ti sawarga, ”Hidep teh putra kaasih Ama. Hidep matak suka kana hate Ama.”


Lukas 6:23
Nabi-nabi oge di jaman baheula ku karuhun maranehna dikitu-kitu. Jadi lamun maraneh ngalaman dikitu-kitu kudu atoh, kudu igel-igelan, sabab gede piganjaraneunana di sawarga.


Lukas 7:28
Sing percaya,” saur-Na deui, ”di dunya ieu can aya anu leuwih agung ti batan Yohanes. Tapi di Karajaan Sawarga mah anu panglaipna ge leuwih agung ti batan Yohanes.”


Lukas 9:31
anu salirana pinuh ku kamulyaan sawarga. Anu disalaurkeunana nya eta yen Yesus teh bakal nekanan kapastian ti Allah, bakal ditelasan di Yerusalem.


Lukas 9:51
Sanggeus meh cunduk kana waktuna Yesus bakal dicandak ka sawarga, Anjeunna mutuskeun seja angkat ka Yerusalem.


Lukas 10:15
Jeung maneh deui, Kapernaum! Baruk rek ngunggahkeun maneh ka sawarga? Maneh malah bakal dijongklokkeun ka naraka!”


Lukas 10:18
Saur Yesus, ”Katenjo ku Kami Iblis teh ragrag ti sawarga kawas kilat.


Lukas 10:20
Tapi ulah bungah ku dumeh roh-roh jahat nepi ka tarunduk ka maraneh; kudu barungah teh lantaran ngaran maraneh geus ditulis di sawarga.”


Lukas 11:13
Sakumaha jahatna maraneh, tangtu nyaho naon nu hade bikeuneun ka anak! Komo deui Rama maraneh nu di sawarga mah! Mantenna tangtu maparinkeun Roh Suci ka sing saha anu menta ka Mantenna.”


Lukas 12:33
Jualan bae babandaan mah kabeh, duitna sidekahkeun ka nu mariskin. Tuluy kudu boga pepeten anu awet, paranti nyimpen harta anu aya di sawarga. Eta harta moal aya sudana, moal bisa aya nu maling, jeung moal dihakan ku rinyuh.


Lukas 15:7
Nya kitu di sawarga oge, sing percaya, lamun aya jelema doraka saurang anu tobat, kacida matak bungahna, leuwih bungah ku eta anu saurang ti batan ku anu salapan puluh salapan anu geus balener jeung teu perlu tobat deui.”


Lukas 18:22
Lahiran Yesus, ”Aya saperkara deui anu kudu dilakonan. Jualan kabeh babandaan, duitna sidekahkeun ka nu mariskin, supaya meunangkeun harta anu di sawarga, tuluy ka dieu anut ka Kami.”


Lukas 19:38
Pokna, ”Mugia diberkahan, Raja anu sumping kalayan pajenengan Pangeran! Kerta di sawarga, mulyakeun Allah!”


Lukas 22:43
Tuluy aya hiji malaikat ti sawarga nembongan, maparin kakuatan ka Anjeunna.


Lukas 24:49
Kami pribadi ka maraneh bakal maparin hal anu geus dijangjikeun ku Rama Kami. Tapi memeh eta maraneh kudu ngadago heula di Yerusalem, nepi ka mangsa maraneh geus diliputan ku kakawasaan ti sawarga.”


Lukas 24:51
Sabot keur ngaberkahan, Anjeunna beuki misah tuluy diangkat ka sawarga.


Yohanes 1:32
Geus kitu Yohanes ngucapkeun panyaksi kieu, ”Kami geus nenjo Anjeunna diauban ku Roh Allah anu lungsur ti sawarga ngarupakeun manuk japati.


Yohanes 1:33
Nepi ka harita ge kami can terang keneh yen Anjeunna teh Anjeunna. Tapi memeh eta kami geus didawuhan kieu ku Allah, anu ngutus kami supaya ngabaptis ku cai, ’Maneh bakal nenjo Roh Kami ti sawarga turun ka hiji jelema; nya Anjeunna engke anu bakal ngabaptis ku Roh Suci.’


Yohanes 1:51
Saur-Na deui ka sarerea, ”Sing percaya kana benerna ieu omongan Kami: Maraneh bakal narenjo langit muka, para malaikat turun unggah ti sawarga ka Putra Manusa.”


Yohanes 3:12
Anjeun teu percaya waktu Kaula nyarita hal-hal ngeunaan ieu dunya, kumaha bakalna bisa percaya lamun Kaula nyarita hal-hal anu ngeunaan sawarga?


Yohanes 3:13
Can aya anu geus ka sawarga, lian ti Putra Manusa anu geus turun ti sawarga.


Yohanes 3:31
Yesus, anu sumping ti luhur, tangtu pangluhurna ti sakabeh. Ari nu asalna ti dunya keneh mah pikeun dunya bae, anu dicaturkeunana oge hal-hal nu aya di dunya. Ari anu sumping ti sawarga mah punjul dina sagala perkara.


Yohanes 3:32
Anu didawuhkeun ku Anjeunna teh perkara anu ku Anjeunna geus kadangu jeung katingali di sawarga, parandene kitu jalma-jalma teu palercaya.


Yohanes 6:31
Karuhun abdi-abdi waktos di gurun keusik ngadalahar manna, sakumaha kaungel dina Kitab Suci, ’Maranehna ku Anjeunna dibere dahareun, roti ti sawarga.’ ”


Yohanes 6:32
Waler Yesus, ”Anu mere roti ti sawarga lain Musa. Sing percaya, anu maparin roti anu saestuna ti sawarga mah Ama Kami.


Yohanes 6:33
Eta roti ti Allah teh nya Anjeunna, anu lungsur ti sawarga, anu mere hirup ka alam dunya.”


Yohanes 6:41
Barang Yesus nyaurkeun, ”Kami teh roti anu turun ti sawarga,” jelema-jelema jadi recok,


Yohanes 6:42
pokna, ”Naon, roti ti sawarga? Lain Yesus tea eta teh, anak Yusup? Bapa-Na, indung-Na, urang ge nyaho!”


Yohanes 6:50
Tapi anu dahar roti anu turun ti sawarga mah moal keuna ku paeh.


Yohanes 6:51
Eta roti anu ti sawarga teh ieu, Kami. Anu ngadaharna tangtu hirup salalawasna. Eta roti teh nya eta daging Kami, anu baris diserenkeun pikeun ngahirupan jalma-jalma di dunya.”


Yohanes 6:58
Nya ieu Kami, roti anu turun ti sawarga teh. Anu ngadahar ieu roti bakal hirup salalanggengna. Roti anu didalahar ku karuhun maraneh mah lain roti anu ieu, anu matak tetep bae ahirna mah maraot.”


Kisah Para Rasul 1:2
dugi ka Anjeunna dicandak ka sawarga. Memeh ka sawarga Anjeunna maparin pituduh-pituduh ku Roh Suci, ka jalmi-jalmi anu ku Anjeunna diangkat jadi rasul-rasul-Na.


Kisah Para Rasul 1:9
Sanggeus ngalahir kitu, Yesus dicandak ka sawarga, diarawaskeun nepi ka lesna teu katembong kahalangan ku mega.


Kisah Para Rasul 1:11
”Keur naraon narangtung di dieu taranggah ka langit, urang Galilea? Yesus anu dicandak ka sawarga teh engke bakal sumping deui cara kitu, sakumaha anu bieu katarenjo ku maraneh keur munggahna ka sawarga.”


Kisah Para Rasul 1:21
Ku margi kitu, urang butuh saurang deui keur gentosna, anu kedah jadi saksi perkawis gugahna deui Gusti Yesus tina pupusna. Jalmina kedah anu parantos ngahiji sareng urang salami Gusti Yesus angkat-angkatan ka mana-mana sareng urang, ti semet Yohanes ngawulangkeun baptisan dugi ka Yesus dicandak ka sawarga.”


Kisah Para Rasul 2:34
Daud ku anjeun henteu munggah ka sawarga, tapi iasaeun nyaurkeun kieu: ʼPangeran ngadawuh ka Gusti kaula: Geura calik di katuhueun Kami,


Kisah Para Rasul 3:21
Yesus kudu tetep di sawarga nepi ka sagala perkara ku Allah dianyarkeun, sakumaha anu ku Allah geus diandikakeun ka nabi-nabi suci.


Kisah Para Rasul 26:19
”Ku margi kitu nun Raja Agripa! Eta amanat tina titingalan ti sawarga teh ku jisim abdi henteu dipungpang.


Roma 1:18
Allah ti sawarga nembongkeun bendu-Na kana sakabeh dosa jeung kajahatan manusa, sabab kajahatanana teh ngahalangan maranehna pikeun nyaho ka nu bener.


Roma 10:6
Hal manusa bisa diangken bener ku Allah ku jalan percaya, Kitab Suci nyebutkeun kieu, ”Teu perlu maraneh nanya di jero hate, ’Saha nu baris naek ka sawarga?’ (Maksudna pikeun ngalungsurkeun Kristus ka dunya.)


1 Korintus 15:47
Adam kahiji dijadikeunana tina taneuh, asal ti ieu bumi. Ari Adam kadua mah asal ti sawarga.


1 Korintus 15:48
Sakur nu asal ti bumi, kabeh sarua jeung Adam kahiji anu dijadikeun tina taneuh. Sakur anu asal ti sawarga sarua jeung Anjeunna anu asal ti sawarga.


1 Korintus 15:49
Sakumaha urang ayeuna make badan anu kaayaanana kawas manusa anu dijadikeun tina taneuh, engke urang bakal make badan anu kaayaanana kawas Manusa anu asal ti sawarga.


2 Korintus 4:7
Sim kuring sabatur-batur anu jadi wadah eta harta ti sawarga ngan saibarat pot taneuh, ari kawasa nu maha agung mah Allah nu nyangking, lain sim kuring.


2 Korintus 5:1
Sabab sim kuring geus terang, yen lamun imah urang di dunya, nya eta badan kasar geus ruksak, ku Allah bakal disadiakeun imah di sawarga, damelan Allah ku manten anu sipatna langgeng.


2 Korintus 5:2
Ayeuna urang teh rumahuh, kacida hayangna nempatan imah nu di sawarga.


2 Korintus 5:4
Sapanjang make ieu imah anu sipat jasmani, urang teh wungkul rumahuh ku rupa-rupa beungbeurat. Tapi lain hartina hayang ucul tina badan nu asal ti dunya, hayang soteh make badan anu ti sawarga, malar badan anu sipatna keuna ku ajal teh salin jadi sipat hirup.


2 Korintus 12:2
Sim kuring terang ka hiji jelema umat Kristus, anu opat welas taun ka tukang dadak sakala diangkat ka sawarga pangluhurna, (sim kuring teu terang, naha eta teh kajadian saenyana atawa ngan tetenjoan wungkul, ngan Allah anu uninga).


Galatia 1:8
Mugia anu ngajarkeun ”injil” anu beda ti Injil Kasalametan anu geus diwawarkeun ku sim kuring teh, saha bae, dalah sim kuring sorangan atawa malaikat ti sawarga, sing meunang hukuman ti Allah!


Galatia 4:14
Harita, sakitu kaayaan badan sim kuring kacida ngarepotkeunana ka aranjeun, aranjeun teu geuleuh, teu nitah nyingkah, malah narima ka sim kuring cara ka malaikat ti sawarga, malah cara ka Kristus Yesus,


Galatia 4:26
Istri nu saurang deui anu merdeka, ngibaratkeun Yerusalem sawarga, ibu urang.


Ef 1:3
Urang ngahaturkeun nuhun ka Allah Ramana Gusti urang Yesus Kristus! Sabab urang anu geus jadi hiji jeung Kristus dipaparin sagala berkah rohani ti sawarga.


Ef 1:10
Eta rarancang, anu ku Allah baris dilaksanakeun dina waktuna teh nya eta: Sakumna mahluk, saniskara nu di sawarga jeung nu di bumi, baris dihijikeun jeung Kristus, sarta Kristus anu jadi kapalana.


Ef 1:20
anu geus dianggo ngahirupkeun deui Kristus ti nu maraot jeung ngalinggihkeun Anjeunna di tengeneun Allah di sawarga.


Ef 2:6
Urang nu satunggal jeung Kristus Yesus bareng dihudangkeun tina maot supaya milu marentah di sawarga jeung Kristus Yesus.


Ef 3:14
Keur pijamugaeun aranjeun sim kuring tapak deku ka payuneun Rama, Allah anu maha mulya, anu maparin ngaran ka tiap kulawarga di sawarga jeung di bumi, nyuhunkeun mugi-mugi Roh Mantenna nguatkeun batin aranjeun.


Ef 6:9
Aranjeun, para dunungan, kalakuan ka gandek-gandek kudu sarua, jeung ulah sok ngancam. Inget, boh gandek-gandek aranjeun boh aranjeun sorangan, masing-masing ngadunungan ka Anjeunna, Dunungan nu di sawarga anu henteu pilih kasih.


Filipi 2:10
Sakumna mahluk di sawarga, di bumi, jeung di handapeun bumi, bakal ngajungjung jenengan Yesus, deku sujud ka Anjeunna.


Filipi 3:14
Sim kuring kudu kenceng, supaya meunangkeun eta ganjaran, nya eta hirup di sawarga, luyu jeung maksad panyaur Allah anu ditepikeun ku Kristus Yesus.


Filipi 3:20
Urang mah warga sawarga, ngadago-dago pisan kana pisumpingeuna-Na anu nyalametkeun urang, Gusti Yesus Kristus.


Kolose 1:5
Dulur-dulur bisa percaya jeung nyaah kitu teh kajurung ku pangarep-arep kana hal anu ku Allah disadiakeun di sawarga, sakumaha anu ditetelakeun ku amanat anu ngandung kayaktian, nya eta Injil Kasalametan anu katarima ku aranjeun tea.


Kolose 1:20
Seug eta Putra-Na teh dianggo jalan supaya sakur nu aya di satungkebing langit jeung di satangkaraking jagat mulang deui kana cepengan Mantenna. Nya ku Putra-Na anu nepi ka pupus lantaran disalib, sakumna nu aya di bumi jeung di sawarga bisa diangken hade deui ku Allah.


Kolose 3:1
Aranjeun geus dihirupkeun bareng jeung Kristus. Upayakeun supaya bisa meunangkeun anu aya di sawarga, tempat Kristus linggih di tengeneun Allah.


Kolose 4:1
Aranjeun, para dunungan, ka gandek kudu adil jeung jujur. Kudu aringet, aranjeun oge kapan keur ngadunungan ka dunungan nu di sawarga.


1 Tesalonika 1:10
sarta ngarep-ngarep sumping putra-Na ti sawarga, nya eta Yesus, anu ku Mantenna geus digugahkeun ti nu paraeh, anu nyalametkeun urang tina hukuman Allah engke.


1 Tesalonika 4:16
Engke bakal aya sora tarik aba-aba ti malaikat utama, jeung sora tarompet Allah, geus kitu Gusti ku anjeun bakal lumungsur ti sawarga. Anu bakal dihirupkeun ti heula teh anu maraotna percaya ka Kristus.


2 Tesalonika 1:7
Aranjeun anu ayeuna lara balangsak, kitu deui sim kuring, bakal diluginakeun ku Allah, ari Gusti Yesus sumping ti sawarga diiring ku para malaikat anu garagah,


1 Timotius 3:16
Geus teu bisa dibantah deui, rasiah ibadah urang teh kacida agungna: Kristus geus mijalma jadi manusa, hal eta ku Roh Suci geus dibuktikeun benerna, para malaikat saksina, dimashurkeun ka bangsa-bangsa, dipercaya ku saalam dunya, ayeuna Anjeunna geus diangkat ka sawarga.


2 Timotius 4:18
malah bakal ngaleupaskeun tina sagala nu jahat, sarta bakal nyandak bapa ka karajaana-Na di sawarga. Sing agung Anjeunna salanggengna! Amin.


Ibrani 1:3
anu nyumiratkeun cahaya gumilang kamulyaan Mantenna, sarta anu kaayaana-Na nyeples Allah ku manten. Anjeunna murba ka sajagat raya ku kakawasaan pangandika-Na. Sanggeus nyucikeun manusa tina dosana, Anjeunna linggih di sawarga, di tengeneun Allah Nu Maha Kawasa.


Ibrani 6:4
Sabab lamun jelema geus ninggalkeun imanna, bisa ditungtun deui kumaha? Tadina maranehna geus araya dina caangna Allah, geus ngarasa genah-genahna kurnia-kurnia Allah ti sawarga, geus narampa Roh Suci,


Ibrani 6:19
Eta pangharepan urang kitu teh lir jangkar anu nanceb jero, jadi pamageuh hirup urang nepi ka urang ngarasa aman. Eta jangkar pangharepan teh nembus reregan ka Kamar Pangsucina di Bait Allah di sawarga.


Ibrani 8:1
Poko anu dicaritakeun bieu nya eta: Urang boga Imam Agung, anu linggih di tengeneun tahta Raja Nu Maha Luhur di sawarga.


Ibrani 8:5
Tapi kawajiban imam anu dijalankeun ku maranehanana saenyana ngan tiruan jeung kalangkang ti anu dijalankeun di sawarga, sakumaha anu ku Allah diandikakeun ka Musa waktu anjeunna dipiwarang ngadamel Kemah Tepangan tea. Dawuhan Allah, ”Inget! Dijieunna kudu cocog jeung conto anu ku Kami ditembongkeun ka maneh di luhur gunung.”


Ibrani 9:23
Kitu petana nyucikeun barang-barang anu ngalambangkeun hal-hal anu di sawarga. Ngan ari hal-hal anu di sawarga mah perlu ku kurban anu leuwih utama.


Ibrani 9:24
Kristus henteu lebet ka Kamar Pangsucina anu dijieun ku jelema, anu ngan jadi lambang ti anu sajatina. Kristus mah lebet ka sawarga pisan, ngadeuheus ka Allah jadi wawakil urang.


Ibrani 11:16
Anu dipikirna teh lemah cai anu leuwih pikasenangeun, lemah cai di sawarga. Ku sabab kitu Allah henteu ngaraos lingsem dipi-Allah ku aranjeunna, sabab Allah geus nyadiakeun tempat pikeun aranjeunna.


Ibrani 12:22
Aranjeun mah sabalikna, daratang teh ka Gunung Sion jeung ka kota Allah anu jumeneng, nya eta Yerusalem sawarga reujeung mangrebu-rebu malaikatna.


Ibrani 12:23
Aranjeun mah daratang teh ka nu pikabungaheun, tempat kumpulna putra-putra cikal Allah, anu ngaran-ngaranna geus didaptar di sawarga. Aranjeun geus daratang ka Allah, Hakim sakumna manusa.


Ibrani 12:25
Jadi sing ati-ati, ulah nepi ka arembung ngadenge pilahir-Na. Geuning anu arembung ngadenge ka anu ngembarkeun amanat Allah di bumi teu barisa luput tina hukuman. Komo deui lamun arembung ngadenge ka anu ngalahir di sawarga! Leuwih pamohalan bisa luput!


Yakobus 1:17
Anu ti sawarga mah kabeh oge kurnia jeung berkah anu hade jeung sampurna, paparin ti Allah anu ngayakeun caang di langit, Allah nu teu owah gingsir, sarta lain anu jadi lantaran poek kana naon bae.


Yakobus 3:15
Kabijaksanaan saperti kitu mah asalna lain ti sawarga, tapi ti dunya, tina hawa napsu, ti nu jahat.


Yakobus 3:17
Ari kabijaksanaan nu ti sawarga mah estuning pangmulus-mulusna, resep rapih, amis budi, sareseh, karunyaan, buahna teh harade kabeh, taya curiga ka batur, taya sipat pura-pura.


1 Petrus 1:4
Nya ku sabab kitu urang teh meunang ngarep-ngarep kana saniskara berkah anu geus disayagikeun ku Allah pikeun umat-Na anu disimpenna di sawarga, anu moal keuna ku ruksak, moal bobo, moal ngurangan pangajina.


1 Petrus 1:12
Aranjeunna geus diuningaan ku Allah, yen anu keur ditalungtikna teh jang aranjeun, lain jang aranjeunna. Ayeuna warta perkara eta teh geus kadarenge ku aranjeun ti jalma-jalma anu ngawartakeun Injil Kasalametan. Aranjeunna ngawawarkeun eta Injil Kasalametan teh kalawan pitulungna Roh Suci anu dilungsurkeun ti sawarga. Kana hal ieu sanajan para malaikat oge harayangeun uninga.


1 Petrus 3:22
terus munggah ka sawarga, linggih di tengeneun Allah, kawasa ka sakabeh malaikat, kitu deui ka sakabeh roh anu murba jeung kawasa.


2 Petrus 1:17
Waktu Anjeunna ku Allah Rama diterapan kamulyaan jeung kaagungan di gunung nu suci tea, sim kuring jeung batur duaan keur reureujeungan jeung Anjeunna, sarta kadenge ku ceuli sorangan gentra Anu Maha Mulya ti sawarga, ngadawuhkeun salira Anjeunna, ungelna, ”Ieu teh putra kakasih Kami, anu dipisuka ku Kami!”


2 Petrus 2:10
hususna jelema-jelema anu ngalajur hawa napsu jeung nyela kana kakawasaan Allah. Ari guru-guru palsu tea kacida kumawanina jeung karumakina, nepi ka teu sieun-sieuneun lancang ngahina ka mahluk-mahluk mulya di sawarga.


Yudas 1:8
Anu nyarulusup ka urang tea oge jalma-jalma kawas kitu, katut jeung pangimpian-pangimpianana. Awakna diparake kana hal-hal anu najis. Maranehna ngarerendah kakawasaan Allah, jeung ngahina ka mahluk-mahluk mulya di sawarga.


Wahyu 3:12
Jelema anu unggul ku Kami rek dijadikeun ibarat hiji tihang baitna Allah Kami sarta moal ngiser deui ti dinya. Dirina rek diukiran ku jenengan Allah Kami jeung ngaran kota panglinggihana-Na, nya eta Yerusalem anyar, anu bakal turun ti sawarga, ti Allah Kami. Kitu deui ngaran Kami anu anyar rek diukir dina dirina.


Wahyu 4:1
Sanggeus eta, harita keneh aya titingalan sejen. Di sawarga aya panto muka, jeung aya nu ngagentra kawas sora tarompet, gentra-Na saperti anu ti heula sasauran ka kaula tea, saur-Na: ”Ka dieu unggah, Kami rek nembongkeun kajadian-kajadian saterusna!”


Wahyu 4:2
Harita keneh kaula kapurba ku Roh Allah, ningal di sawarga aya anu keur linggih dina tahta.


Wahyu 5:3
Sihoreng saurang ge tacan aya anu bisa muka segelna jeung nenjo eusi eta kitab, boh nu di sawarga, boh nu di bumi, boh nu di handapeun bumi.


Wahyu 5:13
Jeung kaula ngadenge mahluk-mahluk nu di sawarga, nu di bumi, nu di handapeun bumi, jeung nu di laut, cindekna sakabeh pangeusi jagat raya, ngarawih: ”Sanggakeun ka Mantenna, anu linggih dina tahta, jeung ka Anak Domba: Puji jeung bakti, kamulyaan jeung kaperkosaan, salalanggengna!”


Wahyu 8:1
Barang segel anu katujuh dibuka, sawarga jempling kira-kira satengah jam lilana.


Wahyu 10:1
Ti dinya kaula nenjo hiji deui malaikat anu gagah lungsur ti sawarga, salirana diharudum ku halimun, mastakana dikukudung kuwung-kuwung, rarayna lir panonpoe, sampeanana kawas tihang seuneu,


Wahyu 10:4
Barang gulugur, geuwat ku kaula rek dituliskeun. Tapi kaburu aya gentra ti sawarga, dawuhanana, ”Anu diucapkeun ku eta tujuh guludug ulah dicatet, kudu dirasiahkeun!”


Wahyu 10:8
Gentra anu tadi kadenge ti sawarga teh ngagentra deui ka kaula, ”Cokot itu gulungan kitab anu muka teh, anu keur dicekel ku malaikat anu napak ka laut jeung ka darat!”


Wahyu 11:12
Eta dua nabi ngadenge soara ti sawarga, ungelna, ”Hiap unggah!” Tuluy arasup kana mega, unggah ka sawarga, dipalencrong ku musuh-musuhna.


Wahyu 11:13
Harita keneh bumi digedag ku lini kacida rongkahna, nepi ka saperpuluh eta kota lebur, jalma-jalma tariwas, aya tujuh rebu urang nu paeh. Anu harirup keneh beak karep sarieuneunana, seug bae ngaraku kana kaagungan Allah nu di sawarga.


Wahyu 11:15
Malaikat katujuh niup tarompetna. Sawarga ngageder ku soara anu ungelna, ”Kakawasaan geusan murba alam dunya geus dicangking ku Pangeran jeung ku Kristus-Na. Mantenna bakal kawasa salalanggengna!”


Wahyu 11:19
Bray Bait Allah di sawarga muka, breh Peti Perjangjian Allah anu disimpen di dinya katembong. Karelep kilat tingburinyay, guludug tinggulugur, dibarengan ku lini jeung hujan es kacida rongkahna.


Wahyu 12:7
Geus kitu aya perang di sawarga. Mikail jeung para malaikatna merangan naga jeung para malaikatna. Naga eleh, teu meunang deui ngancik di sawarga.


Wahyu 12:8
Naga sakitu gedena teh dibalangkeun ka luar ti sawarga.


Wahyu 12:10
Sawarga ngaguruh ku anu ngarucap, ”Geus datang kasalametan kagungan Allah! Allah geus nembongkeun kakawasaan yen Mantenna Raja. Ayeuna Kristus-Na geus nembongkeun kakawasaana-Na. Si tukang ngadakwa, anu beurang peuting ngadakwakeun dulur-dulur urang ka Allah geus dibuang ti sawarga.


Wahyu 12:12
Ku sabab kitu eh sawarga, eh anu ngarancik di sawarga, sing barungah! Sabalikna, cilaka bumi jeung laut! Sabab Iblis geus turun bari napsu ngagugudug, da nyahoeun geus deukeut kana panungtunganana.”


Wahyu 13:6
Seug mimiti susumbar ngahina ka Allah, ngahinakeun jenengana-Na, ngahinakeun panglinggihana-Na, jeung ngahinakeun sakur nu aya di sawarga.


Wahyu 14:13
Geus kitu kaula ngadenge aya nu nyoara di sawarga, ungelna, ”Tulis kieu: Bagja jelema-jelema, anu ti semet waktu ieu paehna keur ngawula ka Gusti!” Diwaler ku Roh Allah, ”Saestuna! Maranehna bakal eureun tina gawe beurat, sabab hasil panglayananana salilana bakal ngareujeungan ka maranehna.”


Wahyu 14:17
Aya deui malaikat anu kaluar ti Bait Allah di sawarga, eta oge nyekel arit seukeut.


Wahyu 15:5
Geus kitu katenjo Bait Allah di sawarga muka, di jerona tembong aya Kemah Tepangan Allah.


Wahyu 16:11
Seug nyarumpahan ka Allah sawarga, aral ku bisul-bisulna, teu tahan ku kanyerina. Maranehna teu daraekeun tobat tina kalakuan jahatna.


Wahyu 18:1
Geus kitu aya malaikat sejen turun ti sawarga, gagah rongkah. Cahayana sumirat minuhan jagat,


Wahyu 18:4
Aya deui sora ti sawarga, ngandika, ”He umat Kami, geura budal ti dinya! Ulah kabawa ku dosana, ulah kabawa ku hukumanana.


Wahyu 18:20
Sing bungah, sawarga! Eta kota geus binasa! Sing bungah umat Allah, rasul-rasul, jeung nabi-nabi! Sabab Allah geus ngahukum manehna, ngabales kalakuanana ka aranjeun!


Wahyu 19:1
Geus kitu kaula ngadenge sora ngageder di sawarga, kawas gederna sora mangpirang-pirang jelema, nyarebut, ”Puji Allah! Kasalametan, kamulyaan, jeung kakawasaan, kagungan Allah urang!


Wahyu 19:11
Geus kitu katingal sawarga muka, breh aya hiji kuda bodas. Jenengan anu tunggangna Sang Satia jeung Sang Saestu, adil dina mutus perkara, adil dina jurit.


Wahyu 19:14
Anjeunna diiring ku angkatan perang sawarga anu tarumpak kuda bodas sarta dangdananana tina lawon linen bodas nyacas beresih.


Wahyu 20:1
Geus kitu kaula nenjo hiji malaikat turun ti sawarga, mawa konci guha kereman (abys) jeung ngajingjing rante semu beurat pisan.


Wahyu 21:2
Jeung nenjo Kota Suci Yerusalem anyar turun ti sawarga, ti Allah, geus pepek lir panganten awewe beunang midang rek nepungan salakina.


Wahyu 21:10
Seug kaula dikawasaan ku Roh, dibawa ku eta malaikat ka hiji puncak gunung anu kacida luhurna. Tuluy ditembongan Kota Suci Yerusalem nu keur turun ti sawarga, ti Allah.


Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society