A A A A A


Pencarian

Matius 4:23
Yesus ngider ka sakuliah Galilea, hutbah di imah-imah ibadah, ngawulangkeun Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Sawarga, nyageur-nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.


Matius 8:2
Jol aya jelema anu nandangan kasakit lepra datang ka Anjeunna, sujud ka payuneuna-Na tuluy unjukan kieu, ”Juragan, manawi kersa Juragan iasa nyageurkeun abdi.”


Matius 9:28
Barang Yesus lebet ka hiji imah, nu lolong teh nyalampeurkeun. Ku Anjeunna dipariksa, ”Maraneh percaya yen Kami bisa nyageurkeun?” ”Sumuhun percanten,” tembalna.


Matius 9:35
Yesus ngider nyumpingan kota-kota jeung desa-desa, ngawulang di imah-imah ibadah, nyiarkeun Injil Kasalametan tina hal Karajaan Allah, jeung nyageur-nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.


Matius 10:1
Yesus ngumpulkeun murid-murid-Na anu dua welas urang, tuluy dipaparin kawasa pikeun ngusir roh-roh jahat, pikeun nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.


Matius 12:15
Yesus uningaeun yen Anjeunna rek aya nu nelasan, tuluy ngantunkeun eta tempat, ditaluturkeun ku jalma rea. Anjeunna nyageurkeun anu garering,


Matius 17:16
Parantos dibantun ka murid-murid Juragan, nanging teu tariasaeun nyageurkeun.”


Markus 1:34
Yesus terus nyageur-nyageurkeun anu garering loba pisan sarta panyakitna rupa-rupa. Roh-roh jahat anu nyurup ge ku Anjeunna diusiran, loba pisan. Eta roh-roh jahat ku Anjeunna teu diidinan ngaromong naon-naon, sabab geus nyarahoeun saha Anjeunna.


Markus 1:40
Aya jelema lepra datang ka Anjeunna, sujud ka payuneuna-Na menta ditulungan. Pokna, ”Manawi Juragan kersa, Juragan iasa nyageurkeun abdi.”


Markus 3:2
Jeung aya nu sejen deui, anu saenyana ngarep-ngarep supaya Yesus midamel kasalahan, rek didakwa. Maranehna kacida ngarawaskeunana, sugan bae Anjeunna nyageurkeun eta jelema harita keneh dina poe Sabat.


Markus 6:5
Anjeunna teu kungsi ngayakeun mujijat naon-naon di dinya mah, salian ti nyageurkeun anu garering sababaraha urang ku jalan ditumpangan panangan.


Markus 6:13
Salian ti kitu maranehna ngusir roh-roh jahat loba pisan, jeung nyageur-nyageurkeun anu garering diulasan ku minyak jetun.


Lukas 5:12
Hiji mangsa Yesus aya di hiji kota. Di dinya aya hiji jelema, awakna ruksak ku lepra. Barang breh nenjo Yesus brek mendek tuluy ngalengis, ”Gusti, upami Gusti kersa, Gusti tangtos iasa nyageurkeun kasakit abdi!”


Lukas 5:17
Dina hiji poe waktu Yesus keur ngawulang, aya sawatara urang Parisi jeung guru-guru agama daratang ti kota-kota, ti Galilea, ti Yudea, jeung ti Yerusalem, marilu dariuk. Yesus kenging kawasa ti Pangeran pikeun nyageurkeun anu keuna ku kasakit.


Lukas 6:7
Sawatara guru agama jeung urang Parisi kacida harayangeunana sangkan Yesus midamel kasalahan, ambeh bisa didakwakeun. Ku sabab kitu maranehna kacida ngarawaskeunana, sugan bae Anjeunna nyageurkeun dina poe Sabat.


Lukas 7:3
Barang eta perwira ngadenge hal Yesus, tuluy ngutus sawatara kokolot urang Yahudi ngangkir Yesus, menta supaya gandekna dipangnyageurkeun.


Lukas 7:21
Harita Yesus keur nyageur-nyageurkeun anu garering, anu keuna ku kasakit, anu kasurupan roh jahat, kitu deui anu lalolong disina narenjo deui.


Lukas 9:1
Yesus ngempelkeun murid-murid anu dua welas tea, seug maranehanana dipaparin kawasa jeung wewenang pikeun ngusir roh-roh jahat jeung nyageurkeun rupa-rupa panyakit.


Lukas 9:2
Ti dinya maranehanana diutus pikeun ngawawarkeun warta yen Karajaan Allah rek diadegkeun di ieu dunya, jeung pikeun nyageurkeun anu garering.


Lukas 9:6
Bral murid-murid arindit mapay desa-desa, ngawartakeun Injil Kasalametan jeung nyageur-nyageurkeun anu garering.


Lukas 13:14
Nenjo Yesus nyageurkeun dina poe Sabat, kapala imah ibadah teh ambekeun tuluy ngomong ka nu loba, pokna, ”Aya genep poe pikeun digawe teh. Rek marenta dicageurkeun mah kudu dina poe-poe eta, ulah dina poe Sabat!”


Lukas 13:32
Waler Yesus, ”Bejakeun ka eta ajag, ʼKaula poe ieu jeung isukan masih keneh ngusir roh-roh jahat jeung nyageur-nyageurkeun nu garering, sarta dina poe nu katilu Kaula rek ngarengsekeun pagawean.ʼ


Lukas 14:3
Yesus mariksa ka guru-guru agama jeung urang Parisi, saur-Na, ”Kumaha Hukum Agama urang ngidinan nyageurkeun dina poe Sabat?”


Yohanes 4:47
Ngadenge yen Yesus ti Yudea sumping ka Galilea, tuluy datang ngahaturanan Anjeunna ka Kapernaum, menta dipangnyageurkeun anakna anu geus meh maot.


Yohanes 5:11
Walonna, ”Abdi mah dipiwarang ku anu nyageurkeun, saur-Na geura nangtung, samakna bawa tuluy leumpang.”


Yohanes 5:15
Eta jelema tuluy bebeja ka para gegeden Yahudi, yen anu nyageurkeun manehna teh Yesus.


Yohanes 5:16
Ku sabab kitu Yesus ku para gegeden teh mimiti disusahkeun lantaran nyageurkeun dina poe Sabat.


Yohanes 6:2
Jalma-jalma naluturkeun, loba pisan, lantaran geus narenjo Anjeunna ngadamel kaajaiban nyageurkeun anu gering.


Yohanes 7:23
Pangna maraneh nepi ka nyunatan dina poe Sabat teh supaya henteu ngarempak Hukum Musa tina hal sunat. Ku sabab kitu ku naon arambek dumeh Kami nyageurkeun sakujur awak hiji jelema dina poe Sabat?


Yohanes 9:14
Yesus ngadamel popok leutak pikeun nyageurkeun eta jelema teh dina poe Sabat.


Yohanes 9:21
Nanging halna tiasa ningal mah duka teu terang, saha anu nyageurkeunana, sami keneh teu terang. Sae pariksa jinisna bae da parantos baleg, tangtos tiasaeun nerangkeun.”


Yohanes 9:24
Seug jelema anu asalna lolong teh dicalukan deui, tuluy diancam kieu, ”Maneh kudu sumpah demi Allah baris ngomong bener! Kami nyaho, jelema anu nyageurkeun maneh teh jelema dosa.”


Yohanes 9:26
”Dikumahakeun ku itu teh?” gegeden mariksa deui. ”Kumaha nyageurkeunana ka maneh?”


Yohanes 9:30
Walon eta jelema, ”Aneh! Dugi ka teu aruninga ka asal Anjeunna, padahal Anjeunna teh parantos nyageurkeun abdi tina lolong!


Kisah Para Rasul 4:7
Petrus jeung Yohanes dijagragkeun tuluy dipariksa, ”Kumaha carana maraneh nyageurkeun ieu jelema teh? Make kawasa naon, atawa nyambat ngaran saha?”


Kisah Para Rasul 4:9
Upami anu dipariksakeun teh perkawis nulungan jalmi lumpuh sareng perkawis nyageurkeunana,


Kisah Para Rasul 4:30
Mugi ku pitulung Gusti abdi-abdi tiasa nyageurkeun anu aludur, sareng ku kawasana jenengan Yesus Kristus Abdi Suci Gusti, tiasa ngayakeun hal-hal anu ajaib sareng mujijat-mujijat anu luar biasa.”


Kisah Para Rasul 10:38
Sareng tangtos aruninga perkawis Yesus urang Nasaret anu ku Allah dipaparin Roh Suci sareng dipaparin kakawasaan. Anjeunna nyebarkeun kasaean ka mana-mana, sareng nyageurkeun jalmi-jalmi anu diraksuk ku Iblis, margi Anjeunna disarengan ku Allah.


1 Korintus 12:9
Ku eta Roh aya anu dipaparin kayakinan anu luar biasa, aya anu dipaparin kamampuh bisa nyageurkeun kasakit.


1 Korintus 12:28
Di jero jamaah, Allah nempatkeun umat-Na nurutkeun kumaha layakna. Di nu kahiji rasul-rasul, di nu kadua nabi-nabi, di nu katilu guru-guru, ti dinya terus jelema-jelema anu barisa nyieun kaajaiban, terus anu barisa nyageurkeun kasakit, terus anu barisa mere pitulung, anu barisa nungtun ka nu sejen, anu barisa nyarita ku basa-basa anu ajaib, anu barisa nerangkeun hartina eta basa-basa.


1 Korintus 12:30
henteu kabeh bisa nyageurkeun kasakit, henteu kabeh bisa nyarita make basa-basa anu ajaib, henteu kabeh bisa nerangkeun hartina eta basa-basa.


Yakobus 5:15
Paneda anu saestu dibarengan ku percaya tan wande bisa nyageurkeun, anu gering teh ku Gusti dikersakeun cageur deui, jeung dosana dihampura.


Откровение 22:2
terus ka hilir ka tengah-tengah jalan raya kota. Di sisina kenca katuhu aya tangkal kahirupan anu buahanana sataun dua welas kali, saban bulan, daunna paranti nyageurkeun bangsa-bangsa.


Belarusian Bible 2003
No info: Vasil Syargeevich Syomukha 2003