A A A A A


Pencarian

Matius 8:22
Tapi ku Yesus diwaler kieu, ”Tuturkeun Kami terus. Keun nu maot mah sina nguburkeun nu maotna sorangan.”


Matius 9:24
Anjeunna ngalahir, ”Kalaluar sarerea! Budak teh keur sare, lain maot!” Jelema-jelema teh nyaleungseurikeun Anjeunna.


Matius 16:18
Ku sabab eta, Petrus, Kami ngabejaan: maneh teh batu karang. Dina eta batu karang Kami bakal ngadegkeun gareja Kami anu moal eleh ku naon-naon, ku maot ge moal eleh.


Matius 16:21
Ti semet harita Yesus mimiti nyarios sabalakana ka murid-murid, saur-Na, ”Kami teu meunang henteu kudu ka Yerusalem, kudu nandangan sangsara di ditu, dikaniaya ku para kokolot, ku imam-imam kapala, jeung ku guru-guru agama Yahudi. Kami bakal dipaehan. Tapi sanggeus maot tilu poe bakal hirup deui.”


Matius 16:28
Kanyahokeun ku maraneh yen saenyana di antara anu ayeuna aya di dieu, aya anu moal waka maot samemeh narenjo Putra Manusa sumping ngajadi Raja.”


Matius 20:19
Tuluy diserenkeun ka bangsa batur. Ku eta bakal dipoyok, dirangket, tuluy disalib. Tapi sanggeus maot tilu poe bakal dihirupkeun deui.”


Matius 22:23
Dina poe eta keneh aya deui anu daratang ka Yesus, urang Saduki. Ieu golongan henteu percaya yen jelema bakal harudang deui tina maotna.


Matius 22:24
”Guru,” carekna, ”Musa ngajarkeun, upama hiji jelema maot teu gaduh anak, randana kudu dikawin ku dulur nu maot supaya gaduh anak anu bakal diakukeun ka nu parantos maot tea.


Matius 22:25
Kapungkur di dieu kantos aya tujuh jalmi adi lanceuk. Nu cikal kawin tuluy maot, urut bojona dikawin ku nu kadua.


Matius 22:26
Nu kadua maot, awewena dikawin ku nu katilu, kitu bae saterusna nepi ka maraot tujuhanana.


Matius 22:27
Ahirna awewena oge maot.


Markus 5:39
Yesus lebet tuluy ngalahir, ”Ku naon raribut? Ku naon careurik? Budak teh lain maot, keur sare!”


Markus 9:1
Saur-Na deui, ”Kami ngabejaan: Ti anu araya di dieu ayeuna, aya anu moal waka maot samemeh nenjo heula datangna Karajaan Allah reujeung kakawasaanana.”


Markus 12:19
”Guru,” ceuk maranehna, ”Musa nyeratkeun hukum kieu lampahkeuneun urang, ’Salaki anu maotna teu boga anak, dulurna kudu ngawin randana, supaya lamun boga anak, anakna diakukeun ka nu geus maot.’


Markus 12:20
Di dieu kantos aya tujuh jalmi padudulur. Nu cikal gaduh bojo tuluy maot tacan gaduh anak.


Markus 12:21
Randana ditikah ku nu kadua, nanging nu kadua ge maot tacan gaduh anak. Diteraskeun ku nu katilu.


Markus 12:22
Kitu sareng kitu bae dugi ka nu katujuh, sadayana maraot sareng teu nurunkeun anak. Tungtungna awewena oge maot.


Lukas 1:79
sina sumorot ti sawarga, nyaangan ka sakur anu araya dina poekna kalangkang maot, baris nungtun lengkah urang ka jalan nu aman santosa.”


Lukas 7:12
Barang sumping ka gapura kota, aya aleutan anu rek ngurebkeun. Anu maotna budak lalaki, anak tunggal hiji randa. Loba urang dinya anu ngalanteurkeun maturan manehna.


Lukas 8:42
karana anakna anu awewe anu kakarek umur dua belas taun, turta ngan hiji-hijina gering geus meh maot. Sajeroning Yesus angkat, anu ngariring nyaredek ka Anjeunna ti ditu ti dieu.


Lukas 8:52
Anu araya di imah keur reang nyeungceurikan anu maot. Saur Yesus, ”Ulah careurik, budak teh lain maot, keur sare!”


Lukas 8:53
Jalma-jalma nyaleungseurikeun Anjeunna, dumeh anu maot disaurkeun keur sare.


Lukas 9:27
Sing percaya: ti anu araya ayeuna di dieu, aya sababaraha urang anu moal waka maot samemeh narenjo heula Karajaan Allah ngadeg di ieu dunya.”


Lukas 9:60
Saur Yesus, ”Keun nu maot mah sina nguburkeun nu maotna sorangan, ari maneh kudu ngawartakeun Karajaan Allah anu bakal ngadeg di ieu dunya.”


Lukas 16:22
Ki miskin teh maot, ku para malaikat tuluy dibawa ka Ibrahim, dipernahkeun gedengeunana, tempat utama. Nu beunghar tea ge maot, dikubur.


Lukas 16:30
Walonna deui, ʼKu eta wungkul mah henteu cekap, Ama Ibrahim! Upami didongkapan ku anu hirup deui tinu maot mah tangtos maranehna tarobat.ʼ


Lukas 20:28
”Pa Guru, Musa ngadamel parentah kieu pikeun urang: ʼLamun hiji salaki maot ninggalkeun pamajikan jeung teu boga anak, dulur eta lalaki kudu ngawin randa dulurna, supaya lamun boga anak diakukeun anak dulurna nu geus maot.ʼ


Lukas 20:29
Bareto di urang aya tujuh lalaki padudulur. Nu pangkolotna kawin tuluy maot teu boga anak.


Lukas 20:32
Ahirna awewena ge maot.


Lukas 20:35
Tapi jelema-jelema anu geus diharudangkeun deui tina maot mah hirupna dina jaman nu bakal datang teh moal karawin.


Lukas 20:36
Kaayaanana bakal saperti para malaikat, moal keuna ku paeh, jeung jaradi putra-putra Allah lantaran geus diharudangkeun deui tina maot.


Lukas 22:33
Jawab Petrus, ”Gusti, abdi mah sanaos kedah dipanjara atanapi maot sareng Gusti oge wantun!”


Yohanes 4:47
Ngadenge yen Yesus ti Yudea sumping ka Galilea, tuluy datang ngahaturanan Anjeunna ka Kapernaum, menta dipangnyageurkeun anakna anu geus meh maot.


João 11:4
Diwartosan kitu Yesus ngalahir, ”Panyakit Lasarus moal matak maot, malah matak jadi kamulyaan ka Allah, jeung bakal ngalantarankeun Putra Allah diagungkeun.”


João 11:13
Padahal sare anu dimaksad ku Yesus mah Lasarus teh geus maot, ari ku murid-murid-Na dihartikeun sare biasa.


João 11:14
Ku sabab kitu ku Anjeunna dieceskeun saur-Na, ”Geus maot Lasarus teh.


João 11:19
anu matak loba urang Yudea anu daratang ngalayad ka Marta jeung Maria anu kakara ditinggalkeun maot ku dulur.


João 11:21
Piunjuk Marta ka Yesus, ”Upami waktos eta Gusti aya di dieu, pun dulur moal dugi ka maot!


João 11:25
Waler Yesus, ”Kami teh anu ngahudangkeun jeung anu ngahirupkeun. Anu percaya ka Kami tangtu bakal hirup sanajan geus maot;


João 11:32
Datang-datang Maria terus ngarumpuyuk kana sampean Yesus, pok unjukan, ”Gusti, upami Gusti waktos eta aya di dieu, pun dulur moal dugi ka maot!”


João 11:37
”Lain iasaeun ngabeuntakeun anu lolong, Anjeunna teh?” ceuk nu sawareh. ”Na teu iasaeun nyegah supaya Lasarus ulah nepi ka maot?”


João 11:44
Kurunyung, Lasarus nu geus maot teh kaluar, suku jeung leungeunna kabungkus keneh ku boeh, beungeutna kabulen ku cindung. Saur Yesus, ”Bukaan; sina bisaeun leumpang.”


João 12:1
Pigenep poeeun deui kana poe Pesta Paska, Yesus angkat ka Betania, tempat tinggal Lasarus, jalma anu ku Anjeunna dihirupkeun deui tina maot tea.


João 12:9
Loba pisan jelema anu ngadarenge beja yen Yesus aya di Betania, tuluy daratang. Lain dumeh ku karana Yesus bae, tapi dumeh harayangeun nenjo Lasarus ongkoh, nu ku Yesus dihudangkeun tina maot.


João 21:23
Tuluy rame di kalangan panganut-panganut Yesus, magar murid anu eta mah moal maot-maot. Padahal Yesus henteu nyaurkeun yen manehna moal maot-maot, nyaurkeun soteh, ”Lain perkara maneh lamun manehna ku Kami dikersakeun hirup keneh nepi ka Kami datang deui.”


Roma 1:4
tapi sacara rohani Anjeunna teh Putra Allah. Hal ieu dibuktikeunana teh ku hiji kakawasaan anu luar biasa, Anjeunna digugahkeun tina maot.


Roma 1:32
Maranehanana nyarahoeun yen ceuk hukum Allah anu kalakuanana kitu teh maot bagianana. Tapi salian ti angger kalakuanana teh, malah bari panuju ka anu kalakuanana cara maranehanana.


Roma 4:17
Sakumaha anu kaungel dina Kitab Suci, ”Maneh ku Kami geus dijadikeun bapa pirang-pirang bangsa.” Kitu jangji Allah ka Ibrahim, anu percaya yen Allah iasa ngahirupkeun nu geus maot, anu pangandika-Na iasa ngajadikeun nu can aya jadi aya.


Roma 4:24
tapi pikeun urang oge. Sabab urang oge, anu percaya ka Mantenna anu ngagugahkeun Kristus Gusti urang tina maot, bakal diangken jelema bener.


Roma 5:7
Jelema mah beurat kudu maot pikeun nu adil oge, kajaba sugan pikeun jelema anu kacida hadena.


Roma 5:12
Dosa asup ka dunya ku lantaran jelema saurang. Eta dosa mawa maot. Balukarna, maot teh sumebar sarta tumerap ka sakumna manusa, sabab sakabeh manusa geus keuna ku dosa.


Roma 5:14
Tapi maot mah ti jaman Adam keneh nepi ka jaman Musa, geus ngawasaan sakumna manusa. Malah jelema-jelema anu henteu migawe dosa saperti dosa Adam oge anu ngalanggar parentah Allah, kabeh kapurba ku maot. Adam jadi gambar-Na hiji manusa anu bakal sumping di jaman sejen.


Roma 5:15
Tapi sipatna mah teu sarua, sabab eta kurnia Allah teh sipatna kacida bedana ti dosa Adam. Memang, ku dosa hiji jelema, balukarna kudu maot sarerea. Tapi sabalikna kurnia Allah mah sipatna leuwih jembar, anu dipaparinkeunana ku lantaran kamulyaan manah hiji manusa, Yesus Kristus.


Roma 5:17
Ku lantaran dosa anu saurang, maot terus murba, balukar tina palanggaran jelema anu saurang tea. Tapi anu dilampahkeun ku manusa anu saurang deui, nya eta Yesus Kristus, berkahna pikeun jelema loba teh leuwih jembar deui. Kabeh, sakur anu narima rahmat Allah anu taya watesna, sakur anu geus dirapihkeun deui jeung Allah, hirupna bakal murba ku karana Kristus.


Roma 5:21
Jadi, sakumaha urang kapurba ku maot ku lantaran dosa, nya kitu keneh urang bakal kapurba ku sih kurnia Allah, diangken bener deui, urang teh dituyun kana hirup anu langgeng ku jalan Yesus Kristus, Gusti urang.


Roma 6:2
Tangtu bae moal kitu! Kapan urang teh geus maot tina dosa, piraku bisa keneh hirup dina dosa.


Roma 6:3
Aranjeun ge terang, yen waktu urang dibaptis supaya ngahiji jeung Kristus Yesus, eta urang dibaptis teh supaya maot jeung Anjeunna.


Roma 6:4
Jadi ku eta baptisan teh urang geus dikubur jeung Anjeunna, milu maot jeung Anjeunna, supaya sakumaha Kristus geus digugahkeun ku kakawasaan Rama anu mulya, urang oge bisa nyorang hirup anu anyar.


Roma 6:5
Ku sabab urang geus ngahiji jeung Kristus sarta maot bareng jeung Anjeunna, nya kitu keneh urang bakal dihudangkeun tina maot saperti Anjeunna, bakal hirup ngahiji jeung Anjeunna.


Roma 6:7
Kapan ari geus maot mah jelema teh leupas tina pangaruh dosa.


Roma 6:8
Ku sabab geus maot jeung Kristus, urang percaya yen hirup oge bakal bareng jeung Kristus.


Roma 6:9
Sabab urang terang Kristus geus digugahkeun tina maot, moal pupus deui, maot moal kawasa deui ka Anjeunna.


Roma 6:10
Maot anu disorang ku Kristus teh nya eta maot tina dosa, dosa moal kawasa deui ka Anjeunna; ayeuna Anjeunna hirup, jumeneng jeung Allah.


Roma 6:11
Aranjeun oge nya kitu, kudu ngarasa yen diri geus maot tina dosa, tapi geus hirup deui jeung Allah ku jalan Kristus Yesus.


Roma 6:13
Jeung ulah mikeun babagian diri jadi pakakasna dosa pikeun migawe kajahatan. Diri urang anu ku Allah geus dipindahkeun tina maot kana hirup teh anggur pasrahkeun ka Allah, sangkan dianggo pikeun ngalaksanakeun tujuan anu mulya.


Roma 6:16
Urang terang, jelema anu kumawula kudu ngawula kana parentah nu dikawulaan, boh ngawula kana dosa anu temahna maot, boh ngawula ka Allah anu ngalantarankeun bisa diangken deui ku Mantenna.


Roma 6:21
Naon kauntungan aranjeun tina eta kalakuan, anu ayeuna mah aranjeun era lamun ngalampahkeun? Balukarna taya lian ti maot!


Roma 6:23
Upahna dosa teh maot, sabalikna ari kurnia Allah mah nya eta hirup langgeng sarta ngahiji jeung Kristus Yesus Gusti urang.


Roma 7:3
Sapanjang salakina hirup keneh, lamun eta awewe milu ka lalaki sejen, disebutna awewe serong. Kajaba lamun salakina geus maot, meunang kawin deui sarta sah, lain jinah.


Roma 7:4
Tah aranjeun oge kitu, dulur-dulur! Aranjeun tina Hukum Agama Yahudi geus maraot, sabab geus ngahiji jeung salira Kristus, jadi kagungan Anjeunna anu geus digugahkeun tina maot, supaya hirup aranjeun dipake kumawula ka Allah.


Roma 7:5
Waktu hirup urang nurutkeun keneh kahayang sorangan, eta kahayang-kahayang teh timbulna ku lantaran aya Hukum Agama anu mangaruhan diri urang. Ku lantaran kitu harita urang teh jadi ngawula kana maot.


Roma 7:6
Tapi ayeuna mah urang geus leupas tina eta Hukum Agama Yahudi, geus maot tina eta hukum anu tadina ngawasaan. Carana urang ayeuna ngawula, henteu cara ngawula kana hukum anu ditulis tea. Ayeuna mah ngawula ku cara anu anyar, nurutkeun pituduh Roh Allah.


Roma 7:10
sabalikna sim kuring jadi maot. Eta hukum teh maksudna pikeun ngahirupkeun, tapi keur sim kuring mah anggur maehkeun.


Roma 7:24
Jelema cilaka sim kuring teh! Saha anu bakal nyalametkeun sim kuring tina ieu badan anu baris ngagusur kana maot?


Roma 8:2
sabab geus dileupaskeun tina hukum dosa jeung maot ku Roh Allah, nya eta anu ngalantarankeun urang ngahiji jeung Kristus Yesus.


Roma 8:6
Pikiran anu dipurba ku tabeat sorangan nungtun kana maot; pikiran anu ditungtun ku Roh Allah nungtun kana hirup jeung kanugrahaan.


Roma 8:10
Sabalikna lamun Kristus aya di jero hate aranjeun, najan ari badan jasmani mah baris maot ku lantaran dosa, tapi Roh Allah anu aya jumeneng dina hate aranjeun baris maparin hirup ka aranjeun, lantaran aranjeun geus diangken bener ku Allah.


Roma 8:11
Lamun Roh Allah, anu geus ngagugahkeun Yesus tina maot jumeneng di jero hate aranjeun, tangtu eta anu ngagugahkeun Kristus tina maot teh bakal ngahirupkeun deui badan aranjeun anu keuna ku maot tea, sabab Roh Mantenna jumeneng di jero hate aranjeun.


Roma 8:35
Jadi, saha anu bisa megatkeun asihna Kristus ka urang? Naha kabalangsakan, atawa panganiayaan, atawa kalaparan, atawa kamalaratan, atawa bahya, atawa maot, bisaeun megatkeun?


Roma 10:7
Atawa, ’Saha nu baris turun ka jero kubur?’ (Maksudna ngangkat Kristus tina maot.)”


Roma 10:9
Lamun aranjeun ngaku jeung percaya yen Yesus teh Gusti, anu ku Allah geus digugahkeun tina maot, tangtu aranjeun salamet.


Roma 11:15
Kapan ku lantaran maranehna ditolak ku Allah, dunya anu tadina dimusuh ku Allah jadi diangken deui ku Mantenna. Komo lamun maranehna ditampi deui ku Allah, eta mah lir nu geus maot hirup deui!


Roma 14:7
Saurang ge urang teh henteu aya anu hirupna atawa maotna ngan keur sadirieunana bae.


Roma 14:8
Keur hirupna, hirupna teh pikeun Pangeran, geus maotna, maotna teh pikeun Pangeran. Jadi, hirup jeung maot teh kagungan Pangeran.


1 Korintus 3:22
Paulus, Apolos, Petrus, dunya ieu, hirup jeung maot, jaman ieu, jaman engke, kabeh geus kapiboga ku aranjeun,


1 Korintus 6:14
Allah geus ngahirupkeun deui Gusti tina maot, kakawasaana-Na bakal ngahirupkeun urang oge.


1 Korintus 7:39
Awewe anu kawin katalian ku salakina sapanjang salakina hirup keneh. Meunang engke kawin deui ka lalaki kasukana, lamun salakina geus maot, tapi kudu ka urang Kristen keneh.


1 Korintus 10:10
Urang ulah gegelendeng ka Pangeran kawas sabagian maranehanana, balukarna maranehanana dibasmi ku Malaikat Maot.


1 Korintus 15:12
Tapi ku naon sakitu geus ecesna ditetelakeun yen Kristus geus dihirupkeun deui, di aranjeun aya omongan majar anu geus maot moal dihirupkeun deui?


1 Korintus 15:20
Hal anu saenyana mah nya eta Kristus teh geus digugahkeun ti nu maraot, sarta hal ieu nanggung yen anu geus sarare dina maot teh kabeh bakal diharudangkeun deui.


1 Korintus 15:21
Sabab sakumaha halna maot dilantarankeun ku manusa saurang, pihudangeunana anu geus maraot oge dilantaran ku manusa saurang.


1 Korintus 15:22
Sakumaha halna sakabeh manusa kudu maot lantaran geus kagolongkeun ka Adam, nya kitu oge sakabeh anu geus maraot bakal dihirupkeun deui lantaran ngagolong ka Kristus.


1 Korintus 15:26
Musuh anu pangpandeurina ditalukkeun nya eta maot.


1 Korintus 15:29
Lamun anu maot moal dihirupkeun deui, naon gunana jelema dibaptis ku karana anu geus maot? Ngarep-ngarep naon? Lamun enya nu geus maot moal dihirupkeun deui saperti ceuk sawareh, pikeun naon maranehanana dibaptis ku karana nu geus maot?


1 Korintus 15:32
Lamun ngan nurutkeun timbangan manusa bae mah naon untungna sim kuring di Epesus sasat kudu tarung jeung sato-sato galak? Sabab lamun bener nu geus maot moal dihirupkeun deui, nya mending sakumaha ceuk kacapangan, ”Hayu urang nyatu nginum, da isukan mah urang paraeh.”


1 Korintus 15:51
Sim kuring rek ngabejakeun ieu rasiah: Urang teh moal waka maot kabeh, tapi urang kabeh bakal dirobah.


1 Korintus 15:52
Kajadianana ngadadak di jero sakiceup mata waktu sangkakala ditiup panganggeusan. Waktu eta sangkakala ditiup, anu geus maraot bakal dihirupkeun deui, moal keuna deui ku maot, sarta kabeh kaayaanana dirobah.


1 Korintus 15:53
Anu sipatna teu langgeng diganti ku anu sipatna langgeng, anu tadina keuna ku maot dirobah ku anu sipatna teu keuna ku maot.


1 Korintus 15:54
Sanggeus hal eta kajadian, sanggeus anu sipatna teu langgeng dirobah jadi langgeng, bakal bukti anu ditulis dina Kitab Suci, ”Maot geus dibasmi. Kaunggulan geus beunang!”


1 Korintus 15:55
”He maot, mana kakawasaan maneh? Mana peurah panyeureud maneh?”


1 Korintus 15:56
Peurah maot asalna tina dosa, ari kakawasaan dosa asalna tina Hukum Agama.


2 Korintus 1:9
asa geus prak diragragan hukum pati. Tapi kajadian kitu teh saenyana mah jadi pangeling-eling supaya sim kuring ulah dir, nya kudu ngandel ka Allah bae anu iasa ngahirupkeun deui anu geus maot.


2 Korintus 5:14
Sim kuring, anu dibawah ku asih Kristus terang, yen lamun hiji jelema maotna pikeun nalangan jalma rea, jalma-jalma anu ditalanganana oge kabeh milu maot.


Galatia 2:19
Padahal sim kuring geus maot tina hukum eta, dipaehkeun ku Hukum eta keneh, supaya bisa hirup pikeun Allah. Sim kuring geus dihukum paeh jeung Kristus dina salib-Na.


Galatia 6:8
Melak anu asalna tina kahayang badani, tina eta pepelakan, maot nu bakal kaala. Melak anu asalna ti Roh Allah, hirup langgeng anu asal ti Roh Allah nu bakal kaala.


Galatia 6:14
Ari kaagul sim kuring mah ngan Gusti urang Yesus Kristus anu geus pupus disalib. Sabab ku pupusna Anjeunna disalib teh pikeun sim kuring mah dunya geus teu aya hartina, nya kitu deui sim kuring pikeun dunya lir geus maot.


Ef 2:6
Urang nu satunggal jeung Kristus Yesus bareng dihudangkeun tina maot supaya milu marentah di sawarga jeung Kristus Yesus.


Filipi 1:21
Sabab naon saenyana ari hirup? Keur sim kuring mah hirup teh nya eta Kristus. Jadi lamun maot teh sim kuring mah ngarasa untung.


Filipi 1:23
Dina hal ieu sim kuring asa dipagorenyangkeun ku dua kahayang. Aya hayang geura maot tuluy ngahiji jeung Gusti nu bakal leuwih nyenangkeun,


Filipi 3:10
Anu dicita-cita ngan hayang enya-enya wanoh ka Kristus, hayang milu ngarasa hikmatna kakawasaan anu ngahirupkeun deui Kristus tina pupus-Na, hayang milu ancrub kana kasangsaraan Anjeunna, hayang milu maot jeung Anjeunna,


Kolose 1:18
Ari jeung gareja, Kristus teh lir sirah jeung awak. Anjeunna teh sirah gareja, sumber hirupna gareja, ari gareja nya eta raga salira Anjeunna. Kristus teh Putra cikal, anu geus digugahkeun deui tina kakawasaan maot, pikeun jadi Nu pangpunjulna ti antara sakabeh.


Kolose 2:13
Tadina saenyana aranjeun teh maot, maot rohani, ku karana dosa jeung ku karana jadi jelema anu teu disunat sacara lahir. Tapi ayeuna ku Allah geus dihirupkeun bareng jeung Kristus. Dosa-dosa urang ku Allah dihampura kabeh.


Kolose 2:20
Aranjeun geus maot bareng jeung Kristus, geus bebas ti roh-roh anu ngawasaan alam. Tapi naha geuning hirup kawas kaereh keneh ku dunya? Geuning masih gugon-tuhon keneh kana kapamalian, kayaning:


Kolose 3:3
sabab aranjeun teh geus maot, hirup aranjeun ngancik buni jeung Kristus di Allah.


1 Tesalonika 4:14
Urang percaya yen Yesus geus gugah tina pupus-Na. Ku sabab eta kudu percaya yen sakur anu maotna percaya ka Yesus, tangtu ku Allah bakal dihirupkeun deui sangkan babarengan deui jeung Anjeunna.


2 Timotius 1:10
Ayeuna eta sih kurnia-Na teh geus dibuktikeun ka urang, sabab Kristus Yesus teh geus sumping, jadi Jurusalamet urang, namatkeun kakawasaan maot jeung ngagelarkeun hirup anu langgeng ku jalan Injil Kasalametan.


2 Timotius 2:18
Eta nu duaan geus ingkar tina kayaktian. Ceuk maranehna hudangna manusa tina maot teh geus kajadian, nepi ka matak marudah iman jalma-jalma anu geus palercaya ka Allah.


Ibrani 2:14
Ku lantaran jelema-jelema anu ku Anjeunna disebut anak teh mahluk tina sipat daging jeung getih, Yesus ngajadikeun salira-Na sasipat jeung maranehanana, hirup Anjeunna sakumaha hirup maranehanana, sarta manah-Na iklas nyorang pupus, supaya ku jalan kitu iasa ngabinasakeun Iblis anu kawasa kana maot,


Ibrani 2:15
sarta ku jalan kitu Anjeunna iasa ngabebaskeun manusa, anu saumur hirupna dikukuntit ku kasieun, sieun maot.


Ibrani 9:16
Dina hal surat warisan kudu sidik heula yen anu nyieunna geus maot.


Ibrani 9:17
Sabab sapanjang nu nyieunna hirup keneh mah surat warisanana tacan laku, lakuna lamun nu nyieunna geus maot.


Ibrani 9:27
Saban jelema kudu maot ngan sakali, tuluy dibawa ka pangadilan Allah.


Ibrani 11:5
Ku karana percaya, Hanok henteu kungsi maot heula, diangkat hirup-hirup ka Allah, taya nu manggihan deui lantaran ku Allah geus diangkat. Dicaritakeun dina Kitab Suci yen samemeh diangkat Hanok teh dipikaseneng ku Allah.


Ibrani 11:19
Ibrahim yakin Allah kawasa ngahirupkeun deui Ishak sanajan geus maot, tur enya Ishak teh sasat beunang deui tina ajal.


Ibrani 11:28
Ku karana percaya, anjeunna ngayakeun ”Paska”, sarta marentahkeun supaya panto-panto urang Israil diolesan getih, supaya nyawa cikal-cikal urang Israil ulah nepi ka dicabut ku Malaikat Maot.


Ibrani 12:2
Puseurkeun paneuteup ka Yesus, tempat ngagantungkeun pangharepan urang ti awal nepi ka ahir. Anjeunna kuat nandangan panyiksa salib, henteu jejerih, henteu malire kana hinana anu maot disalib, lantaran emut kana kabagjaan nu bakal datang. Ayeuna Anjeunna geus linggih di tengeneun tahta Allah.


Yakobus 1:15
Hawa napsu anu dijujur ngabalukarkeun dosa; lamun dosa geus meujeuhna gedena, bakal ngabalukarkeun maot.


Yakobus 5:20
Kieu, anu bisa mawa anu ingkar ka nu bener deui, eta teh nyalametkeun jelema nu tas ingkar, ngarebut nyawana tina maot, sarta dosana sakumaha lobana ge bisa dihampura.


2 Peter 3:4
pibasaeunana, ”Kristus teh lain geus jangji rek datang deui? Mana? Da ti semet maot karuhun, naon-naon oge dengdeng bae kaayaanana cara keur jaman dunya mimiti ngadeg!”


Wahyu 1:5
jeung ti Yesus Kristus, Saksi anu satia, Putra cikal, anu pangheulana digugahkeun tina maot, panguasa raja-raja saalam dunya. Kristus teh asih ka urang, pupus-Na teh ngajait urang tina dosa,


Wahyu 2:11
Ku sabab eta, lamun enya mah boga ceuli, regepkeun kumaha dawuhan Roh Allah ka jamaah-jamaah! Sing saha nu unggul, moal keuna ku siksaan maot anu kadua.”


Wahyu 20:13
Laut nyerenkeun jelema-jelema paraeh anu aya dina genggemanana. Maot jeung alam maot nyerenkeun jelema-jelema paraeh anu aya dina genggemanana. Kabeh diputus hukumanana satimpal jeung kalakuanana.


Wahyu 20:14
Geus kitu Maot jeung alam maot digebruskeun ka lautan seuneu. (Ieu lautan seuneu teh nya eta paeh kadua.)


Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society