A A A A A


Pencarian

Matius 4:23
Yesus ngider ka sakuliah Galilea, hutbah di imah-imah ibadah, ngawulangkeun Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Sawarga, nyageur-nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.


Matius 9:35
Yesus ngider nyumpingan kota-kota jeung desa-desa, ngawulang di imah-imah ibadah, nyiarkeun Injil Kasalametan tina hal Karajaan Allah, jeung nyageur-nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.


Matius 11:5
Nu lolong jadi bisa nenjo, nu lumpuh jadi bisa leumpang, nu lepra jadi setra, nu torek jadi bisa ngadenge, nu paeh dihirupkeun deui, nu mariskin diwawaran Injil Kasalametan ti Allah.


Matius 24:14
Geus kitu ieu Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga bakal diuarkeun ka sakuliah dunya, kadenge ku unggal jelema, geus kitu kakara datang poe kiamat.”


Markus 1:1
Ieu Injil Kasalametan anu ngawartakeun Yesus Kristus, Putra Allah.


Markus 1:14
Sanggeus Yohanes dipanjara, Yesus angkat ka Galilea ngawawarkeun Injil Kasalametan ti Allah.


Markus 1:15
Saur-Na, ”Geura tarobat, geus waktuna, sabab Karajaan Allah geus meh ngadeg! Sing percaya kana ieu Injil Kasalametan!”


Markus 6:20
Ari Herodes ku Yohanes teh ngaraos sieun, da uningaeun Yohanes jelema bener jeung suci, sarta kasalametanana di jero panjara ku anjeunna ditalingakeun. Anjeunna rajeun ngadangukeun kasauran Yohanes, sanajan ari tas ngadangukeun teh manahna sok marungkawut.


Markus 8:35
Sabab jelema anu leuwih mentingkeun kasalametan hirupna, nyawana bakal leungit. Sabalikna anu leupas nyawana ku karana Kami jeung ku karana wawaran Injil, nyawana bakal salamet.


Markus 10:29
”Bener!” waler-Na. ”Jeung saha- saha anu iklas ninggalkeun rumah tanggana atawa ninggalkeun dulurna nu lalaki, nu awewe, atawa ninggalkeun indung atawa bapa atawa anak atawa pakaya lantaran beurat ka Kami jeung kana Injil Kasalametan ti Allah,


Markus 13:9
Maraneh pribadi kudu taki-taki. Maraneh bakal ditangkep, bakal disered ka pangadilan, bakal disiksa di imah-imah ibadah, bakal dijagragkeun ka hareupeun nu karawasa jeung raja-raja dumeh jadi panganut Kami. Tapi eta teh kasempetan pikeun nyiarkeun Injil Kasalametan ka maranehna.


Markus 16:15
Geus kitu saur-Na, ”Datangan ku maraneh sakuliah dunya, siarkeun Injil Kasalametan ka sakabeh manusa.


Markus 16:20
Murid-murid-Na tuluy ariang nyiarkeun Injil Kasalametan ka suklakna ka siklukna, tur Gusti oge ngiring barangdamel nyarengan maranehna, ngayakeun kaajaiban-kaajaiban geusan ngabuktikeun yen hal anu disiarkeun ku maranehna teh sayaktina.] [ AHIR NASKAH KUNO SEJENNA Eta wanita-wanita tuluy nepungan Petrus jeung batur-baturna, sarta kalawan ringkes nyaritakeun anu dipesenkeun ka maranehna tea. Sanggeus eta mah Yesus ku Anjeun ku jalan murid-murid-Na ngawawarkeun eta amanat suci tur abadi, ti masrik nepi ka magrib, ngeunaan kasalametan anu langgeng.]


Lukas 3:18
Rupa-rupa carana Yohanes ngawurukkeun Injil Kasalametan ka jalma rea, sarta meupeujeuhan sangkan maranehna babalik pikir.


Lukas 4:43
Tapi saur-Na, ”Kota-kota sejen oge kudu diteang, perlu diwuruk hal Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Allah. Kami diutus ku Allah pikeun kaperluan eta.”


Lukas 7:22
Anjeunna ngawaler ka eta utusan, saur-Na, ”Jig ka Yohanes deui, caritakeun ka anjeunna sakur anu ku maraneh kadenge jeung katenjo di dieu: Nu lolong jadi bisa nenjo, nu lumpuh jadi bisa leumpang, nu lepra jadi setra, nu torek jadi bisa ngadenge, anu paeh dihirupkeun deui, nu mariskin diwawaran Injil Kasalametan.


Lukas 8:1
Teu lila ti harita Yesus angkat nyumpingan kota-kota jeung desa-desa, ngawulangkeun Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Allah. Murid-murid-Na teu tinggal,


Lukas 9:6
Bral murid-murid arindit mapay desa-desa, ngawartakeun Injil Kasalametan jeung nyageur-nyageurkeun anu garering.


Lukas 16:16
Hukum Musa jeung tulisan-tulisan kasauran nabi-nabi teh lakuna nepi ka semet jaman Yohanes Jurubaptis. Ti semet harita terus nyebar Injil Kasalametan hal Karajaan Allah, jalma-jalma maraksa harayang asup jadi umat-Na.


Lukas 19:9
Pilahir Yesus, ”Poe ieu, ieu imah geus didatangan ku kasalametan, sabab ieu jelema teh turunan Ibrahim keneh.


Lukas 20:1
Dina hiji poe, waktu Yesus ngawulang jeung nyarioskeun Injil Kasalametan ka jalma rea di Bait Allah, daratang imam-imam kapala, guru-guru agama, jeung para kokolot.


Lukas 21:13
Tapi eta teh kasempetan pikeun maraneh pikeun nguarkeun Injil Kasalametan ti Allah.


Lukas 22:20
Rengse tuang Anjeunna ngasongkeun lumur anggur ka maranehna cara tadi. Lahirana-Na, ”Ieu lumur teh perjangjian Allah anu anyar anu disahkeun ku getih Kami anu dikucurkeun, pikeun kasalametan maraneh.


Yohanes 18:14
Kayapas kungsi nganasehatan ka para gegeden Yahudi yen leuwih hade paeh jalma saurang pikeun kasalametan sakumna bangsa.


Kisah Para Rasul 5:42
Aranjeunna saban-saban poe teu eureun-eureun ngawuruk, boh di Bait Allah boh di imah somah-somah, ngawawarkeun Injil Kasalametan hal Yesus Jurusalamet.


Kisah Para Rasul 8:4
Tapi para panganut Yesus anu geus paburencay teh di mana-mana nguarkeun Injil Kasalametan.


Kisah Para Rasul 8:12
Tapi sanggeus ku Pilipus diuaran Injil Kasalametan hal Karajaan Allah jeung hal Yesus Kristus mah tuluy palercayaeun kana wawaran anjeunna, nepi ka dibaraptis awewe lalaki.


Kisah Para Rasul 8:25
Sanggeus maparin panyaksi hal Yesus Kristus jeung ngawulangkeun pangandika Gusti, Petrus jeung Yohanes marulih deui ka Yerusalem, bari nguarkeun Injil Kasalametan ti Allah di kampung-kampung Samaria anu kaliwatan.


Kisah Para Rasul 8:40
Ari Pilipus terang-terang geus aya di Asdod, ti dinya terus ka Kesarea bari nguarkeun Injil Kasalametan ti Allah di saban kota anu kalangkungan.


Kisah Para Rasul 10:36
Aranjeun tangtos parantos aruninga kana embaran ti Allah anu diembarkeun ka urang Israil, nya eta Injil Kasalametan anu nengtremkeun jiwa sakur anu anut ka Yesus Kristus, Gusti sakumna manusa.


Kisah Para Rasul 10:42
Bapa sareng babaturan ku Anjeunna dipiwarang ngembarkeun Injil Kasalametan sareng mertelakeun yen Anjeunna teh ku Allah parantos dijenengkeun hakim sakumna manusa, boh anu harirup keneh boh anu parantos maraot.


Kisah Para Rasul 11:20
Tapi aya anu asalna ti Siprus jeung Kirena daratang ka Antioki nguarkeun Injil Kasalametan hal Gusti Yesus ka nu lain urang Yahudi,


Kisah Para Rasul 13:32
Ayeuna sim kuring seja ngadongkapkeun ka aranjeun Injil Kasalametan, nya eta: Perkawis anu baheula dijangjikeun ku Allah ka karuhun urang teh ayeuna laksana, ka urang anu jadi turunanana, reh Allah parantos ngahirupkeun deui Yesus, sakumaha anu parantos kaungel dina Jabur anu kadua, kieu, ʼHidep Putra Ama; ayeuna Ama geus jadi Rama Hidep.ʼ


Kisah Para Rasul 14:7
ngawulangkeun jalan kasalametan ti Allah.


Kisah Para Rasul 14:15
”Nanaonan, dulur-dulur? Kaula manusa cara aranjeun! Kaula rek ngembarkeun Injil Kasalametan, seja ngajak aranjeun tobat tina nyembah kana barang gaplah, kana nyembah ka Allah anu jumeneng, anu ngadamel langit, bumi, laut, jeung sakabeh eusina.


Kisah Para Rasul 14:21
Di Derbe Paulus jeung Barnabas ngawartakeun Injil Kasalametan, jeung loba jelema anu datang ka palercaya ka Yesus. Ti dinya arangkat ka Listra, ka Ikonium, jeung ka Antioki di Pisidia,


Kisah Para Rasul 15:7
Sanggeus lila sual jawab, Petrus ngadeg tuluy ngalahir, ”Dulur-dulur tangtu aremut, geus lila sim kuring ku Allah dipilih ti aranjeun, kedah nguarkeun Injil Kasalametan ka bangsa sejen, supaya maranehna oge palercaya kana hal eta.


Kisah Para Rasul 28:28
Paulus mungkas pilahirna, ”Ku margi kitu muga aruninga, warta ti Allah perkawis kasalametan ti Allah teh ayeuna parantos diuarkeun ka luareun bangsa Yahudi. Maranehna mah bakal narurut!” [


Roma 1:1
Surat sim kuring Paulus, abdina Yesus Kristus, anu ku Allah geus disaur sarta dijadikeun rasul, pikeun nguarkeun Injil Kasalametan ti Mantenna.


Roma 1:9
Allah anu ku sim kuring diabdian kalawan satuhu ku jalan nguarkeun Injil Kasalametan ngeunaan Putra-Na, uninga sarta Mantenna saksi-Na yen sim kuring teu weleh inget ka aranjeun


Roma 1:15
Nya kitu ka aranjeun oge anu maratuh di Rum, kacida hayangna nguarkeun eta Injil Kasalametan.


Roma 1:16
Sim kuring mah percaya pisan kana eta Injil Kasalametan teh, sabab eta teh kakawasaan Allah pikeun nyalametkeun sakur jelema anu percaya, pangheulana ka urang Yahudi, terus ka bangsa-bangsa sejenna.


Roma 1:17
Sabab, Injil Kasalametan teh ngebrehkeun jalan, kumaha kuduna sangkan manusa bisa diangken bener deui ku Allah, nya eta ku jalan kudu percaya ka Allah ti awal nepi ka ahir. Sakumaha ungel Kitab Suci, ”Jelema anu geus diangken deui ku Allah lantaran percaya ka Allah, tinangtu hirup.”


Roma 2:16
Nurutkeun Injil Kasalametan anu ku sim kuring diwawarkeun, nya kitu pijadieunana engke teh, dina Poe Hukuman. Poe eta Allah ku jalan Yesus Kristus bakal nerapkeun hukum adil kana sagala hal anu aya di jero hate manusa.


Roma 10:16
Tapi anu daek narima eta Injil Kasalametan teh henteu kabeh. Saur Yesaya ge, ”Gusti, saha nu bade percaya kana warta anu diwawarkeun ku abdi-abdi?”


Roma 11:28
Ku sabab urang Yahudi nolak Injil Kasalametan, ku Allah dimusuhan. Nu untung aranjeun nu lain urang Yahudi. Tapi ku lantaran ku Allah geus dipilih, urang Yahudi tetep dipikaasih ku Mantenna, tina ngemutkeun karuhun maranehanana.


Roma 15:16
enggoning jadi kawula Kristus Yesus, digawe pikeun bangsa-bangsa nu lain Yahudi. Cara sim kuring nepikeun Injil Kasalametan ti Allah teh make cara imam, hayang supaya bangsa-bangsa nu lain Yahudi bisa layak disanggakeun ka Allah ku Roh Suci.


Roma 15:19
ku mujijat-mujijat jeung kaahengan-kaahengan ti Anjeunna, jeung ku kakawasaan Roh Allah. Ku cara kitu, Injil Kasalametan salengkepna ngeunaan Kristus, ku sim kuring geus diwawarkeun di sapanjang jalan ti Yerusalem nepi ka Ilirikum.


Roma 15:20
Cita-cita sim kuring, ngawawarkeun Injil Kasalametan ti Allah teh ngan hayang ka tempat-tempat anu tacan ngadarenge hal Kristus bae, sabab sim kuring teu hayang ngadegkeun di tempat anu geus digawean ku nu sejen.


Roma 16:19
Sim kuring kacida bungahna ku aranjeun, sabab ku sarerea geus kanyahoan aranjeun saratia kana pangajaran Injil Kasalametan. Sing palinter kana hal-hal anu hade, kajeun barodo kana hal-hal anu jahat.


Roma 16:25
Puji Allah, anu iasa neguhkeun iman aranjeun kana pangajaran Injil Kasalametan ngeunaan Yesus Kristus anu diwawarkeun ku sim kuring. Ieu cocog jeung rarancang Allah anu ayeuna geus nyata, anu geus mangjaman-jaman dirasiahkeun.


1 Korintus 1:17
Kristus ngutus sim kuring teh lain pikeun ngabaptis, tapi pikeun nguarkeun Injil Kasalametan. Ari nguarkeunana lain ku kapinteran nyarita tina cara manusa, supaya ulah nepi ka matak ngagaplahkeun kakuatan kawasa pupusna Kristus dina salib.


1 Korintus 4:15
Sabab sanajan upama aranjeun boga guru sapuluh rebu anu mapatahkeun hirup Kristen, ari bapa mah ngan hiji. Dina hirup aranjeun ngahiji jeung Kristus Yesus, sim kuring teh lir bapa aranjeun, lantaran sim kuring anu nepikeun Injil Kasalametan ka aranjeun.


1 Korintus 9:12
Upama anu sejen meunang nagih hakna ka aranjeun, komo sim kuring. Sanajan kitu sim kuring tacan kungsi nagih hak. Sabab upama hal eta matak ngalantarankeun macetna pangwawaran Injil Kasalametan, kajeun sim kuring nandangan walurat.


1 Korintus 9:14
Anu ngawawarkeun Injil Kasalametan oge kawas kitu, ku Allah diatur kudu meunang napkah tina eta pagawean.


1 Korintus 9:16
Teu meunang sim kuring nonjolkeun maneh pedah ngawawarkeun Injil Kasalametan, sabab ngawawarkeun eta teh geus jadi kawajiban.


1 Korintus 9:18
Naon upahna? Nya eta hak meunang ngawawarkeun eta Injil Kasalametan teu karana dibayar, teu ngarasa perlu nagih hak.


1 Korintus 9:23
Eta kabeh dilakonan pikeun ngamashurkeun Injil Kasalametan bari ngalap berkahna.


1 Korintus 15:1
Sim kuring rek ngingetkeun aranjeun kana Injil Kasalametan, anu diwartakeun ku sim kuring, anu ku aranjeun geus ditarima jeung dipercaya enya-enya.


1 Korintus 15:2
Eta warta anu diajarkeun ka aranjeun teh nya eta Injil Kasalametan. Upama aranjeun teguh kana eta hal, tangtu salamet. Kajaba lamun ceuk aranjeun taya gunana percaya.


2 Korintus 4:3
Upama wawaran sim kuring perkara Injil Kasalametan teh nepi ka henteu kapahamkeun, henteu kapahamkeunana teh tangtu ngan ku jelema anu hirupna nuju kana picilakaeun.


2 Korintus 4:4
Nu kitu mah moal percayaeun, lantaran pikiran sehatna dipoekkeun ku ilah jahat ieu dunya, nepi ka batinna teu bisa nenjo kana cahaya kamulyaan anu dipencarkeun ku Injil Kasalametan anu nerangkeun hal kamulyaan Kristus. Padahal nenjo Kristus teh sarua jeung nenjo Allah.


2 Korintus 5:21
Pikeun kasalametan urang, Kristus anu tanpa dosa teh ku Allah disina nanggung dosa urang, sangkan dina kasatunggalan jeung Anjeunna urang bisa diangken bener ku Allah.


2 Korintus 8:18
Anjeunna bakal mawa batur saurang, jelema anu kacida dihormatna ku jamaah-jamaah di ditu, tina ku suhudna ngawawarkeun Injil Kasalametan.


2 Korintus 9:13
Kahadean aranjeun bakal ngalantarankeun maranehna ngamulyakeun ka Allah, ku ningal kapengkuhan aranjeun kana Injil Kasalametan hal Kristus anu memang geus diaku ku aranjeun, jeung ku kabalabahan aranjeun ka maranehna kitu deui ka nu sejen-sejen.


2 Korintus 10:14
Jadi waktu sim kuring mawa Injil Kasalametan hal Kristus ka aranjeun, saenyana henteu liwat tina eta wates.


2 Korintus 10:16
Engke oge, ari ngamashurkeun Injil Kasalametan ka tempat-tempat sejen luareun aranjeun, moal nyokot tempat anu geus digarap ku batur, da sim kuring mah teu hayang muji maneh ku beubeunangan batur.


2 Korintus 11:4
Sabab aranjeun mani giak narima jelema anu nyaritakeun Yesus sejen, lain Yesus anu diwanohkeun ku sim kuring, narima roh jeung ”injil” anu kacida bedana ti Roh Allah jeung Injil Kasalametan anu diwawarkeun ku sim kuring!


2 Korintus 11:7
Sim kuring ngawawarkeun Injil Kasalametan ka aranjeun teu menta bayaran, bari ngalalaip diri pikeun ngangkat harkat aranjeun. Salah kitu ieu teh?


Galatia 1:8
Mugia anu ngajarkeun ”injil” anu beda ti Injil Kasalametan anu geus diwawarkeun ku sim kuring teh, saha bae, dalah sim kuring sorangan atawa malaikat ti sawarga, sing meunang hukuman ti Allah!


Galatia 1:11
Aranjeun perlu terang, yen Injil Kasalametan anu diwawarkeun ku sim kuring teh lain asal ti manusa.


Galatia 1:16
sim kuring ku Mantenna diwanohkeun ka Putra-Na, supaya warta hal Putra-Na, nya eta Injil Kasalametan tea, diteruskeun ka bangsa-bangsa nu lain Yahudi. Harita sim kuring henteu tatanya ka saha-saha.


Galatia 2:5
Tapi sim kuring teu undur barang satapak, tetep ngajaga supaya Injil Kasalametan tetep murni katampana ku aranjeun.


Galatia 2:14
Ku sabab peta aranjeunna kitu teh sidik henteu sajalan jeung kamurnian eusi Injil Kasalametan, harita keneh Petrus ku sim kuring dicawad terang-terangan. Ceuk sim kuring, ”Ongkoh anjeun teh urang Yahudi, nanging ari hirup sapertos sanes Yahudi! Atuh kumaha tiasa maksa nu sanes Yahudi?”


Galatia 3:2
Coba jawab: Aranjeun pang narampa Roh Allah teh pedah ngalakonan Hukum Agama Yahudi, atawa ku lantaran ngadenge sarta percaya kana eta Injil Kasalametan?


Galatia 3:5
Aranjeun ku Allah geus dipaparinan Roh-Na, geus narenjo kaahengan-kaahengan ti Mantenna. Naha pang kitu teh pedah ngalakonan Hukum Agama Yahudi, atawa ku lantaran ngadenge jeung percaya kana Injil Kasalametan tea?


Galatia 3:8
Geus diwejangkeun dina Kitab Suci, bangsa-bangsa nu lain Yahudi bakal diangken bener ku Allah, asal percaya ka Mantenna. Eta Injil Kasalametan teh dina Kitab Suci disebutkeun geus dijangjikeun ku Allah ka Ibrahim, ungelna, ”Ku jalan maneh sakumna manusa bakal dipaparinan berkah Allah.”


Galatia 4:13
Meureun aringet keneh kumaha asalna sim kuring ngawartakeun Injil Kasalametan ka aranjeun, nya eta lantaran sim kuring katarajang gering.


Ef 1:13
Ti barang mimiti narima amanat-Na anu ngandung kayaktian, nya eta Injil Kasalametan anu bakal nyalametkeun, aranjeun teh geus jadi umat Allah, percaya ka Kristus, ku Allah diterapan cap tanda kagungana-Na nya eta Roh Suci, numutkeun jangji-Na.


Ef 2:17
Kristus sumping ngawulangkeun eta sual karapihan anu dibawa ku Injil Kasalametan, ka aranjeun anu lain bangsa Yahudi, anu jauh ti Allah jeung ka urang Yahudi anu deukeut ka Allah.


Ef 3:7
Allah maparin nugraha ka sim kuring, nya eta tugas nguarkeun Injil Kasalametan. Eta nugraha dipaparinkeunana ku jalan kakawasaan Mantenna anu barangdamel di jero hate sim kuring.


Ef 3:8
Sim kuring teh panglaipna ti sakabeh umat Allah, tapi dipaparin kahormatan mawa Injil Kasalametan ka jalma-jalma lain bangsa Yahudi, wawaran ngeunaan kasugihan Kristus anu taya watesna,


Ef 6:15
sarta jeung kadaek kana ngamashurkeun Injil Kasalametan anu mere kabagjaan jadi minangka sapatuna.


Ef 6:17
Tarima kasalametan ti Allah, pake jadi balakutakna, sarta sabda Allah anu dipaparinkeun ku Roh Allah jadi pedangna.


Ef 6:19
Sim kuring ge pangnedakeun, mugi-mugi ku Allah dipaparin bahan piucapeun anu layak dina waktuna kudu nyarita engke, jeung mugi sing ludeung nerangkeun rasiah Injil Kasalametan.


Ef 6:20
Nya pikeun ieu Injil Kasalametan sim kuring jadi utusan Allah teh, ayeuna keur dipanjara. Pangnedakeun sangkan wani nyaritakeun hal Injil Kasalametan sakumaha mistina.


Filipi 1:5
lantaran aranjeun geus mantuan sim kuring ngamajukeun Injil Kasalametan ti Allah, ti barang mimiti nepi ka ayeuna.


Filipi 1:7
Munasabah perasaan sim kuring ka aranjeun kitu, sabab hate kacida cumantelna. Tur aranjeun geus mareunang kahormatan ti Allah saperti anu katarima ku sim kuring ayeuna di jero panjara jeung keur waktu bebas keneh, nya eta ngabela jeung nguatkeun eta Injil Kasalametan.


Filipi 1:12
Perlu aranjeun terang, sakur anu karandapan ku sim kuring teh malah ngalantarankeun eta wawaran hal Injil Kasalametan leuwih maju.


Filipi 2:12
Ku sabab kitu dulur-dulur, sanggeus urang pajauh kieu, papatah sim kuring teh turut sing leuwih ti waktu urang keur reureujeungan keneh. Sing terus rarajin jeung sieun ku Allah supaya kasalametan aranjeun jadi sampurna.


Filipi 4:3
Kitu deui ka anjeun, kanca sim kuring anu satia, sim kuring menta supaya anjeun ngabantu ka ieu dua wanita, anu geus banting tulang jeung sim kuring ngamashurkeun Injil Kasalametan, cara Klemen jeung batur-batur sim kuring anu lianna, anu ngaran-ngaranna aya di Allah, dina Kitab Kahirupan.


Filipi 4:15
Aranjeun, urang Pilipi, terang pisan kana kaayaan sim kuring bareto basa ninggalkeun Makedoni, waktu Injil Kasalametan mimiti pisan diuarkeun. Hiji-hijina jamaah anu nulung ka sim kuring teh jamaah aranjeun. Ngan aranjeun anu daek sabagja sacilaka jeung sim kuring.


Kolose 1:5
Dulur-dulur bisa percaya jeung nyaah kitu teh kajurung ku pangarep-arep kana hal anu ku Allah disadiakeun di sawarga, sakumaha anu ditetelakeun ku amanat anu ngandung kayaktian, nya eta Injil Kasalametan anu katarima ku aranjeun tea.


Kolose 1:24
Sim kuring sangsara keur kasalametan aranjeun teh bungah, sabab ku nyorang sangsara lahir teh sim kuring sarua jeung nganggeuskeun kasangsaraan Kristus anu ngupayakeun kasalametan gareja-Na, atawa raga salira-Na tea.


Kolose 1:25
Allah miwarang sim kuring ngawulaan gareja ngalakonan parentah-Na keur kasalametan aranjeun. Jadi sim kuring teh wajib ngawawarkeun amanat Mantenna saweuteuhna.


Kolose 2:1
Terus-terang, sim kuring kacida banting tulangna pikeun kasalametan aranjeun teh, kitu deui pikeun urang Laodikea jeung salian ti eta anu tarerangeunana ka sim kuring kakara wawuh ngaran.


1 Tesalonika 1:5
Sabab sim kuring mawa Injil Kasalametan ka aranjeun teh lain ku caritaan bae, tapi kasartaan ku daya jeung Roh Suci, bari yakin sayakin-yakinna yen eta Injil Kasalametan teh bener. Aranjeun terang kumaha soson-sosonna sim kuring basa di aranjeun, keur paedah aranjeun.


1 Tesalonika 2:2
Aranjeun terang, samemeh ka dieu ka Tesalonika, di Pilipi sim kuring teh kacida dihinakeunana, goreng pisan ditarimana. Tapi waktu eta Injil Kasalametan ti Allah teh ku sim kuring dibawa ka aranjeun, sanajan loba anu ngalawan ge sim kuring ku Allah dikersakeun wani.


1 Tesalonika 2:4
Anu dicaritakeun teh salawasna ngan anu dipikapalay ku Allah. Kajeun teu matak senang ka pada jalma, asal matak senang ka Allah, anu nguji eusi hate sim kuring, lantaran ku Mantenna dipercanten ngemban eta Injil Kasalametan.


1 Tesalonika 2:8
Ku nyaah-nyaahna ka aranjeun, sumawonna eta Injil Kasalametan, nyawa oge moal dikoretkeun. Nepi ka kitu kanyaah ka aranjeun teh!


1 Tesalonika 2:9
Aranjeun tangtu aringet kumaha sim kuring tohtohanana, waktu sim kuring ngawawarkeun Injil Kasalametan ka aranjeun digawe beurang peuting nyiar kipayah, sangkan ulah nepi ka matak ngariweuhkeun aranjeun.


1 Tesalonika 2:16
Malah anu ngawawarkeun eta Injil Kasalametan ka bangsa sejen supaya bangsa sejen oge salamet, kacida dihalang-halangna. Dosa urang Yahudi anu sakitu gedena beuki gede bae. Ahirna, ayeuna maranehna keuna ku murka Allah.


1 Tesalonika 3:2
ari Timoteus, batur ngemban pancen ti Allah ngamashurkeun Injil Kasalametan hal Kristus, rek diutus ka aranjeun, pikeun ngareugreugkeun hate aranjeun sangkan mantep percaya ka Kristus,


1 Tesalonika 5:9
Allah milih urang teh lain pikeun nadahan bendu-Na, tapi supaya ngamilik kasalametan ku jalan Gusti urang Yesus Kristus,


2 Tesalonika 1:8
sumping dina gedurna seuneu. Anjeunna bakal ngahukum sakur anu nolak ka Allah jeung ka anu embung narima Injil Kasalametan hal Yesus Gusti urang.


2 Tesalonika 1:10
Eta tangtu kitu dina waktu Anjeunna sumping, poean Anjeunna nampi pamuji jeung panghormat ti sakabeh jelema anu percaya ka Anjeunna. Aranjeun oge bakal kumpul jeung anu palercaya kana Injil Kasalametan anu diwawarkeun ku sim kuring tea.


2 Tesalonika 2:14
Aranjeun ku Allah disaur kana ieu kaayaan ku jalan Injil Kasalametan anu diwawarkeun ku sim kuring, disaur supaya narima jeung ngamilik kamulyaan Gusti urang Yesus Kristus.


1 Timotius 1:11
anu diajarkeun ku Injil, anu pangwawaranana dipercayakeun ka bapa, nya eta Injil Kasalametan ti Allah anu agung jeung pinuji.


2 Timotius 1:8
Ku sabab kitu tong era-era ku perkara Gusti urang atawa ku hal bapa dipanjara ku karana Kristus, anggur milu ancrub sangsara ku karana Injil Kasalametan tea, da geus dibere kakuatan ku Allah.


2 Timotius 1:10
Ayeuna eta sih kurnia-Na teh geus dibuktikeun ka urang, sabab Kristus Yesus teh geus sumping, jadi Jurusalamet urang, namatkeun kakawasaan maot jeung ngagelarkeun hirup anu langgeng ku jalan Injil Kasalametan.


2 Timotius 1:11
Eta Injil Kasalametan teh kudu diembarkeun, nu matak bapa ku Allah diangkat jadi rasul jeung guru anu kudu ngembarkeunana.


2 Timotius 2:8
Ingetkeun eusi Injil Kasalametan anu diwurukkeun ku bapa teh, nya eta: Yesus Kristus turunan Daud geus gugah tina pupus-Na.


2 Timotius 2:9
Ku sabab ngawurukkeun eta Injil Kasalametan, bapa nepi ka jadi sangsara, malah dirante kawas penjahat. Tapi sabda Allah mah moal beunang dirante,


2 Timotius 2:10
sarta nya eta sababna nu matak bapa tabah nadah sagala cocoba, keur kapentingan jalma-jalma anu geus dipilih ku Allah, supaya maranehna ge mareunang kasalametan ti Yesus Kristus, supaya baragja salalanggengna.


2 Timotius 4:5
Kawasaan diri dina sagala kaayaan, sing tabah jeung wayahna, jalan terus, mashurkeun Injil Kasalametan, tedunan kawajiban abdi Allah.


2 Timotius 4:17
Tapi Gusti tetep nyarengan ka bapa, nguatkeun hate bapa, nepi ka bapa sanggup ngawurukkeun eta Injil Kasalametan sagemblengna ka nu lain bangsa Yahudi. Gusti geus ngaleupaskeun bapa tina hukum pati,


Filemon 1:13
Kawitna mah bade ditahan sina ngabantu ka kaula anu eukeur dipanjara ku karana Injil Kasalametan, etang-etang gegentos anjeun.


Ibrani 1:14
Lamun kitu, naon ari malaikat? Malaikat-malaikat mah roh anu ngawula ka Allah, anu ku Mantenna diutus pikeun ngabarantu jelema-jelema anu bakal nampa kasalametan.


Ibrani 4:2
Sabab urang oge geus ngadarenge wawaran Injil Kasalametan saperti maranehna. Ngan pikeun maranehna mah eta wawaran teh teu jadi mangpaʼat, lantaran ngan dapon didarenge, henteu dipercaya.


Ibrani 4:6
Maranehna, anu pangheulana ngadarenge wawaran Injil Kasalametan teu kungsi arasup ka tempat reureuh tea, lantaran teu palercayaeun. Jadi eces, aya jelema-jelema sejen anu diidinan arasup ka dinya.


Ibrani 5:9
Ku sabab kitu sanggeus dijadikeun sampurna, Yesus teh jadi sumber kasalametan jelema-jelema anu aranut ka Anjeunna,


Ibrani 6:9
Dulur-dulur! Sanajan kecap-kecap sim kuring sakieu resagna, ari hate mah yakin aranjeun teh geus narampa rahmat anu pangajina leuwih, anu jadi sabagian tina kasalametan aranjeun.


Ibrani 7:25
Ku lantaran kitu Yesus salawasna iasa nyalametkeun manusa anu datang ka Allah liwat Anjeunna, sabab Anjeunna, anu jumeneng salalanggengna bakal mangmundutkeun kasalametan manusa ka Allah.


Ibrani 13:17
Ka nu jaradi pamingpin kudu narurut, jalankeun sagala aturanana. Aranjeunna teu kendat-kendat nalingakeun kasalametan jiwa aranjeun, tur sagala kawajibanana teh aya tanggung jawabna ka Allah. Tarurut, supaya ngajalankeun kawajibanana teh reujeung janglar hate, sabab ari jeung bari nguluwut mah tangtu moal bisaeun nulung ka aranjeun.


1 Petrus 1:9
lantaran buahna eta kapercayaan aranjeun teh jadi kanyataan, nya eta kasalametan nyawa aranjeun.


1 Petrus 1:10
Para nabi anu ngawejangkeun ieu kasalametan pikeun aranjeun, baheula enggeus nalungtik jeung nitik-nitik.


1 Petrus 1:12
Aranjeunna geus diuningaan ku Allah, yen anu keur ditalungtikna teh jang aranjeun, lain jang aranjeunna. Ayeuna warta perkara eta teh geus kadarenge ku aranjeun ti jalma-jalma anu ngawartakeun Injil Kasalametan. Aranjeunna ngawawarkeun eta Injil Kasalametan teh kalawan pitulungna Roh Suci anu dilungsurkeun ti sawarga. Kana hal ieu sanajan para malaikat oge harayangeun uninga.


1 Petrus 1:25
tapi sabda Pangeran mah tetep salalanggengna.” Tah eta sabda teh nya eta Injil Kasalametan, anu geus diwawarkeun ka aranjeun tea.


1 Petrus 4:6
Kitu sababna anu geus maraot oge diwawaran Injil Kasalametan, supaya maranehna oge sanajan jasmaniahna mah geus maot saperti halna kabeh jelema ge bakal maot, ari sukmana mah bisa meunang hirup ti Allah anu jumeneng.


1 Petrus 4:17
Ayeuna geus waktuna pangadilan dimimitian. Anu bakal diadilan ti heula nya eta umat Allah ku manten. Tah! upama Allah mimiti ngadilanana ti urang heula, leuh pikumahaeun temen pibalukareunana jelema-jelema anu henteu palercaya kana Injil Kasalametan ti Allah,


2 Yohanes 1:8
Sing ati-ati, beubeunangan bapa ihtiar pikeun kasalametan Ibu teh ulah nepi ka dilesotkeun, bapa kacida ngaharep hasilna anu mucekil ti Ibu.


Yudas 1:3
Dulur-dulur! Barang aya pikiran hayang nyuratan ka aranjeun perkara kasalametan anu geus jadi milik urang sarerea, karasa pisan perluna nyuratan teh, sabab kudu buru-buru ngahatean supaya aranjeun parengkuh kana kayakinan iman paparin ti Allah ka sakabeh umat-Na, sakali keur salalawasna.


Wahyu 7:10
Maranehna nyoara tarik ngucapkeun, ”Kasalametan teh ti Allah urang, anu linggih dina tahta, jeung ti Anak Domba!”


Wahyu 12:10
Sawarga ngaguruh ku anu ngarucap, ”Geus datang kasalametan kagungan Allah! Allah geus nembongkeun kakawasaan yen Mantenna Raja. Ayeuna Kristus-Na geus nembongkeun kakawasaana-Na. Si tukang ngadakwa, anu beurang peuting ngadakwakeun dulur-dulur urang ka Allah geus dibuang ti sawarga.


Wahyu 14:6
Tuluy kaula ningal hiji malaikat hiber luhur di angkasa, mawa warta hal Injil Kasalametan nu langgeng, embarkeuneun ka nu di bumi, ka unggal bangsa, suku bangsa, basa, jeung nagara.


Wahyu 19:1
Geus kitu kaula ngadenge sora ngageder di sawarga, kawas gederna sora mangpirang-pirang jelema, nyarebut, ”Puji Allah! Kasalametan, kamulyaan, jeung kakawasaan, kagungan Allah urang!


Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society