A A A A A

Pencarian
Matius 4:23
Yesus ngider ka sakuliah Galilea, hutbah di imah-imah ibadah, ngawulangkeun Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Sawarga, nyageur-nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.


Matius 9:18
Sabot Yesus sasauran kitu, aya hiji pamingpin tempat ibadah datang ka Anjeunna terus deku ka payuneuna-Na, pok unjukan, ”Pun anak awewe nembe pisan tilar dunya. Mugi Bapa ka ditu numpangkeun panangan, tangtos pun anak hirup deui.”


Matius 9:35
Yesus ngider nyumpingan kota-kota jeung desa-desa, ngawulang di imah-imah ibadah, nyiarkeun Injil Kasalametan tina hal Karajaan Allah, jeung nyageur-nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.


Matius 10:17
Sing caringcing, sabab aya nu baroga niat nangkep maraneh, nyerenkeun maraneh ka pangadilan. Maraneh bakal disiksa di imah-imah ibadah.


Matius 12:9
Yesus neruskeun angkat tuluy lebet ka imah ibadah.


Matius 13:17
Sing percaya ka Bapa, loba nabi jeung jelema-jelema nu aribadah ka Allah anu kacida harayangeunana narenjo anu katarenjo ku maraneh, tapi teu bisa. Loba anu harayangeun ngadenge anu geus kadarenge ku maraneh, tapi teu bisa.”


Matius 13:54
ngabujeng ka kota tempat asalna, tuluy ngawulang di imah ibadah. Urang dinya kacida hareraneunana. Tuluy carek maranehna, ”Ti mana meunang hikmat kitu eta jelema teh?


Matius 15:9
Cumah bae ibadah ka Kami, sabab ngajarkeun aturan beunang manusa, anu dianggapna aturan ti Kami!ʼ ”


Mateo 23:6
Dina pesta-pesta, tempatna milih anu pangeunahna. Di imah-imah ibadah korsina pangaralusna.


Mateo 23:34
Ku sabab kitu Kaula ngabejaan, yen Kaula rek ngutus nabi-nabi, jalma-jalma bijaksana jeung guru-guru; engke ku aranjeun aya anu diparaehan, aya anu disalibkeun, sawareh deui disiksa di imah-imah ibadah, jeung aya anu diberik ka unggal kota.


Yohanes 6:59
Yesus ngawulangkeun hal ieu teh di Kapernaum, di imah ibadah.


Yohanes 9:22
Ngajawab kitu soteh awahing ku sieun, lantaran para gegeden teh geus samupakat, lamun aya jelema anu percaya yen Yesus teh Kristus, baris dihukum, teu meunang asup ka imah ibadah.


Yohanes 9:34
Walon para gegeden, ”Naon? Si gede dosa ti barang borojol! Arek mapatahan ka kami?” Ti semet harita eta jelema teh dilarang asup ka imah ibadah.


Yohanes 12:42
Najan kitu, loba oge gegeden Yahudi anu palercayaeun ka Yesus, ngan teu waranieun nembrak, sarieuneun dipencilkeun ti imah ibadah ku urang Parisi sejenna,


Yohanes 16:2
Sabab maraneh bakal disingkirkeun ti imah-imah ibadah urang Yahudi, malah engke aya mangsa, jelema anu maehan ka maraneh pangrasana mah ngabakti ka Allah.


Yohanes 18:20
Waler Yesus, ”Kaula nyanggem ka saha-saha oge satarabasna. Pangajaran Kaula diwurukkeunana di imah-imah ibadah atanapi di Bait Allah tempat kempelna jalmi-jalmi. Nyanggemkeun naon-naon oge Kaula tara susulumputan.


Kisah Para Rasul 2:5
Harita di Yerusalem loba urang Yahudi asal ti rupa-rupa nagara sakuliah dunya, jalma-jalma ibadah.


Kisah Para Rasul 3:12
Petrus ngalahir ka maranehna, ”Dulur-dulur, urang Israil! Ku naon hareran ku ieu hal? Ku naon malencrong bae? Dikira cageurna ieu jelema teh ku pangawasa atawa ku kaibadahan kaula?


Kisah Para Rasul 6:9
Tapi anjeunna dilawan ku sawatara anggota golongan anu disebut ”Imah Ibadah Jalma-jalma Bebas”, nya eta urang Yahudi ti Kirena jeung Aleksandria. Bareng jeung urang Yahudi ti Kilikia jeung Asia maranehna ngajak padu ka Stepanus.


Kisah Para Rasul 8:27
Pilipus geuwat angkat. Di eta jalan aya hiji pajabat luhur urang Etiopia, anu ngurus harta kakayaan Sri Kandasi ratu nagri Etiopia, tas ti Yerusalem ngalakonan ibadah. Eta pajabat tunggang kareta seja mulih ka nagarana, sajajalan ngaos Kitab Nabi Yesaya.


Kisah Para Rasul 9:2
mundut surat kawasa tembongkeuneun ka para pamingpin imah-imah ibadah urang Yahudi di Damsik, supaya diidinan nangkepan sakur jelema anu percaya ka Yesus, anu kapanggih di Damsik, rek terus dibawa ka Yerusalem.


Kisah Para Rasul 9:20
malah lebet ka imah-imah ibadah urang Yahudi di Damsik, mertelakeun yen Yesus teh Putra Allah.


Kisah Para Rasul 10:2
Jelemana ibadah, tur jeung sakulawargana ngabarakti ka Allah, jeung loba tutulungna ka urang Yahudi anu mariskin, sarta rajin neneda ka Allah.


Kisah Para Rasul 10:7
Sanggeus malaikat mulih, Kornelius nyalukan bujangna duaan, jeung hiji serdadu kadeuheus tur ibadah.


Kisah Para Rasul 13:2
Hiji mangsa waktu aranjeunna keur ngalakonan ibadah ka Gusti jeung paruasa, Roh Suci nimbalan, ”Kami menta Barnabas jeung Saulus, pikeun ngajalankeun pagawean ti Kami pribadi.”


Kisah Para Rasul 13:5
Sanggeus sarumping ka Salamis tuluy ngawulangkeun pangandika Allah di imah-imah ibadah urang Yahudi, dibantu ku Yohanes Markus.


Kisah Para Rasul 13:14
Ti Perga anjeunna jeung Barnabas terus ka Antioki di Pisidia, poe Sabatna aranjeunna ngiring kempelan di imah ibadah urang Yahudi.


Kisah Para Rasul 13:15
Sabada aosan tina Kitab Musa jeung tina Kitab Nabi-nabi, pangurus-pangurus imah ibadah ngahaturanan ka aranjeunna, pokna, ”Bilih para Saderek bade maparin amanat atanapi pangdeudeul sumanget, mangga dihaturanan ka payun.”


Kisah Para Rasul 13:16
Jung Paulus ngadeg, tuluy maparin isarah ku panangan, barabat sasauran: ”Dulur-dulur urang Israil katut anu sanes-sanesna anu karempel di dieu ngalakonan ibadah ka Allah! Darangukeun!


Kisah Para Rasul 13:26
Para saderek turunan Ibrahim, kitu deui nu sanes, anu karempel di dieu ngalakonan ibadah ka Allah! Eta wawaran pisalameteun teh pikeun urang!


Kisah Para Rasul 13:50
Tapi jelema-jelema urang Yahudi tea ngangsonan ka para gegeden kota jeung ka wanita-wanita priyayi anu aribadah ka Allah, jeung mimiti nyarusahkeun ka Paulus jeung Barnabas, sarta tungtungna aranjeunna diusir ti wewengkon maranehna.


Kisah Para Rasul 14:1
Di Ikonium Paulus jeung Barnabas ngalaman deui kajadian kawas kitu. Aranjeunna sumping ka imah ibadah urang Yahudi, tuluy ngawulang. Piwulangna ngayakinkeun, nepi ka loba urang Yahudi jeung bangsa sejen jadi palercaya ka Yesus.


Kisah Para Rasul 15:21
Margi Hukum Musa teh ti baheula keneh unggal-unggal Sabat dibaca di imah-imah ibadah bangsa urang, aturan-aturanana diwurukkeun di saban kota.”


Kisah Para Rasul 16:14
Di antarana aya anu ngaranna Lidia, tukang dagang lawon wungu, asalna ti Tiatira. Lidia ibadah ka Allah, harita hatena digerakkeun ku Gusti, kacida ngaregepkeunana ka anu dilahirkeun ku Paulus.


Kisah Para Rasul 17:1
Paulus jeung Silas kebat arangkatna ngalangkung Ampipolis jeung Apolonia nepi ka Tesalonika. Di dinya aya hiji imah ibadah urang Yahudi.


Kisah Para Rasul 17:2
Paulus geus biasa, di mana aya tempat ibadah tangtu lebet. Di dinya oge kitu, ngayakeun tukeur pikiran jeung nu di darinya noron nepi ka tilu poe Sabat, ngutip


Kisah Para Rasul 17:4
Aya sababaraha urang anu ngarasa yakin kana pilahir anjeunna, seug palercaya jeung ngahiji ka Paulus jeung Silas. Urang Yunani anu aribadah oge loba anu datang ka palercaya, kitu deui wanita-wanitana ti kalangan luhur.


Kisah Para Rasul 17:10
Barang reup peuting, Paulus jeung Silas ku nu geus palercaya disina arangkat ka Berea. Sanggeus sarumping tuluy lalebet ka tempat ibadah.


Kisah Para Rasul 17:17
Ku sabab kitu, urang Yahudi jeung jalma-jalma anu nyarembah ka Allah ku anjeunna diajak tukeur pikiran di tempat ibadahna. Di pasar mah unggal poe, ngayakeun paguneman jeung saha bae anu kasondongna.


Kisah Para Rasul 17:22
Paulus tuluy ngadeg di tengah-tengah dewan, pok nyarios, ”Katilikna ku kaula, dina sagala hal urang Atena kacida aribadahna ka dewa-dewa.


Kisah Para Rasul 17:23
Waktos kaula udar-ider di kota ngalanglang tempat-tempat ibadah, ningal hiji altar make tulisan kieu, ʼIEU PIKEUN ALLAH NU TACAN KANYAHOANʼ. Tah, Allah anu tacan kanyahoan ku aranjeun tapi parantos diparunjung teh, ayeuna ku kaula rek diuarkeun ka aranjeun.


Kisah Para Rasul 18:4
Saban poe Sabat anjeunna ngawuruk di tempat ibadah, ngayakinkeun urang Yahudi jeung urang Yunani sina palercaya ka Yesus.


Kisah Para Rasul 18:7
Anjeunna terus nyingkir ti dinya, numpang di bangsa sejen anu nyembah ka Allah, ngaranna Titus Yustus, imahna pagigir-gigir jeung imah ibadah urang Yahudi.


Kisah Para Rasul 18:8
Tapi Krispus, kapala eta imah ibadah jeung saeusi imahna percaya ka Gusti Yesus. Urang Korinta sejenna oge sanggeus ngabarandungan pertelaan Paulus loba anu palercaya, terus kabeh dibaptis.


Kisah Para Rasul 18:17
Tapi maranehna terus nyerek ka Sostenes kapala hiji imah ibadah urang Yahudi, ditareunggeulan hareupeun kantor pangadilan. Tapi ku Galio teu dipalire.


Kisah Para Rasul 18:19
Sanggeus nepi ka Epesus, Priskila jeung Akwila dikantun, anjeunna terus lebet ka imah ibadah ngajar urang Yahudi.


Kisah Para Rasul 18:26
Apolos mimiti ngajar di tempat ibadah, kacida wanina. Barang halna kadenge ku Priskila jeung Akwila tuluy diaraku dibawa ka imahna. Di dinya kanyahona kana perkara rancangan Allah enggoning nyalametkeun manusa ku jalan Gusti Yesus ditambah.


Kisah Para Rasul 19:8
Paulus lebet ka imah ibadah, mituturan urang dinya kacida wanina nepi ka tilu bulan, sateka-teka ngayakinkeun ka maranehna hal Karajaan Allah.


Kisah Para Rasul 22:12
Di Damsik aya hiji jelema ibadah, tigin kana Hukum Musa, diarajenan ku urang Yahudi anu di daritu, jenenganana Ananias.


Kisah Para Rasul 22:19
Piunjuk kaula, ʼGusti, kapan eta teh tarerangeun yen abdi tukang ngagerebeg tempat-tempat ibadah, nangkepan sareng mergasa jalmi-jalmi anu palercaya ka Gusti.


Kisah Para Rasul 24:11
Ku Juragan tangtos gampil kauninga, yen jisim abdi aya di Yerusalem teh nembe dua welas dinten anu kalangkung, maksad sumeja ngalakonan ibadah.


Kisah Para Rasul 26:11
Jisim abdi sering nyiksa nu karitu di imah-imah ibadah, dipaksa sina malungkir tina kapercayaanana. Kabengisan jisim abdi ka nu karitu taya papadana, anu araya di nagri sanes oge diberik dikaniaya.”


Romanoj 10:2
Sim kuring wani nyebutkeun, maranehna teh kacida garetolna ibadah ka Allah. Hanjakal ibadahna henteu nurutkeun pituduh anu bener.


Romanoj 12:1
Dulur-dulur! Ku sabab Allah sakitu murah asih-Na ka urang, sim kuring menta ka aranjeun supaya ngabaktikeun diri ka Mantenna, jadikeun kurban hirup-hirup; kumawula ka Mantenna bae supaya sukaeun manah-Na. Kudu kitu ibadah teh, kakara bener.


Filipi 3:9
jeung bisa enya-enya ngahiji jeung Anjeunna. Ibadah sim kuring ka Allah ayeuna mah lain ku karana tarekah sorangan ku jalan taʼat kana Hukum Agama Yahudi, tapi ku lantaran percaya ka Kristus. Bener teh lantaran diangken bener ku Allah ku lantaran percaya ka Yesus Kristus.


1 Timotius 2:2
pikeun kapala-kapala nagara, jeung pikeun kapala-kapala pamarentahan. Suhunkeun supaya urang hirup teh ayem jeung tengtrem, ibadah ka Allah, peryoga lampah.


1 Timotius 2:10
Anggur dangdanan ku kaampuhan, sakumaha pipanteseunana awewe nu ibadah ka Allah.


1 Timotius 2:15
Tapi awewe teh kudu ngajuru sangkan bisa disalametkeun. Kitu ge kudu reujeung pengkuh kana ibadah, boga kanyaah, beresih lampah, basajan pamolah.


1 Timotius 3:16
Geus teu bisa dibantah deui, rasiah ibadah urang teh kacida agungna: Kristus geus mijalma jadi manusa, hal eta ku Roh Suci geus dibuktikeun benerna, para malaikat saksina, dimashurkeun ka bangsa-bangsa, dipercaya ku saalam dunya, ayeuna Anjeunna geus diangkat ka sawarga.


1 Timotius 4:7
Dongeng-dongeng tahayul jauhan, da taya paedahna. Latih diri kana lampah ibadah.


1 Timotius 6:11
Tapi hidep mah milik Allah ulah kitu. Sing jadi jelema bener, ibadah, percaya ka Gusti, nyaahan, tabah, someah.


2 Timotius 2:22
Hidep ulah nurutkeun perbawa kangoraan. Hirup teh pake ibadah, percaya ka Allah, nyaahan, tiis pikiran, barengan dulur-dulur nu aralus hate, anu ngarepna pitulung ka Gusti.


2 Timotius 3:12
Da kitu ari anu merih kana hirup ibadah jeung hayang ngahiji ka Yesus Kristus mah, kabeh ge bakal nandangan panganiayaan.


Titus 2:3
Awewe anu geus karolot papatahan yen tingkah polahna kudu sing sakumaha tingkah polah wanita anu ibadah, ulah upatan, ulah katagihan ku inuman keras, tina perkara nu hade kudu itung-itung jadi guru,


Titus 2:12
Eta nugraha Mantenna teh ngadidik sangkan urang miceun kabiasaan anu doraka jeung napsu kadunyaan, malar hirup di alam dunya teh bisa ngadalian diri, jujur, ibadah,


Ibrani 9:1
Perjangjian anu kahiji ngabogaan aturan-aturan ibadah, jadi kudu aya tempat ibadah anu dijieun ku manusa.


Ibrani 13:10
Imam-imam anu naretepan kawajiban di tempat ibadahna urang Yahudi teu meunang ngadahar daging kurban tina altar pangurbanan.


Yakobus 1:26
Jelema anu carekna ibadah tapi henteu nyandet letahna, ibadahna teh cumah bae, sarua jeung ngabobodo maneh.


Yakobus 1:27
Ibadah anu beresih, anu taya kuciwana di payuneun Allah, nya eta anu rumawat ka nu yatim pahatu, sarta mitulung ka randa nu kasusahan, jeung nyandet diri malar henteu kagendam ku pangajak napsu dunya.


1 Petrus 3:5
Istri-istri jaman baheula anu aribadah sumerah ka Allah, ngageulisna teh ku ngesto ka salakina.


2 Petrus 1:3
Ku kawasaning Allah ku manten, urang geus dipaparin sakur nu perlu, supaya bisa hirup kalawan saregep ibadah, tina sabab geus terang ka Yesus Kristus anu nyaur urang supaya kamulyaan jeung kasaeana-Na tumerap ka urang.


2 Petrus 1:6
pangarti deudeul ku ngawasaan diri; ngawasaan diri deudeul ku katabahan; katabahan deudeul ku ibadah, hirup numutkeun pangersa Allah;


2 Petrus 1:7
ibadah tambah ku nyaah ka batur sakapercayaan; kanyaah eta deudeul ku kanyaah ka sakabeh jelema.


2 Petrus 2:7
Allah ngarahayukeun Elut ti eta nagri, sabab Elut ibadah, ngerik ningali kadorakaan urang dinya.


Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society