A A A A A


Pencarian

Matius 7:21
”Lain anu ngan semet nyambat ka Kami: ʼGusti, Gusti!ʼ anu bakal asup ka sawarga teh, tapi anu ngalampahkeun pangersa Ama Kami nu di sawarga.


Matius 7:22
Dina Poe Kiamat loba nu bakal ngaromong ka Kami, ʼGusti, Gusti! Ku pajenengan Gusti abdi parantos ngadongkapkeun amanat Allah. Ku pajenengan Gusti abdi nundung setan-setan sareng ngayakeun mujijat-mujijat!ʼ


Matius 8:25
Yesus ku murid-murid-Na digugahkeun, ”Gusti tulungan! Abdi-abdi bade tiwas!”


Matius 11:25
Harita Yesus terus sasauran, ”Nun Ama, Gustina langit sareng bumi! Abdi ngahaturkeun nuhun, reh perkawis ieu ku Ama dirasiahkeun ka anu palinter sareng garaduh elmu, dupi ka anu teu garaduh katerang mah parantos ditembrakkeun.


Matius 12:8
Karana Anak Manusa teh Gustina poe Sabat.”


Matius 14:30
Tapi barang aya angin ngahiuk jadi kacida sieuneunana, seug bae tikerelep meh laput. Petrus ngagero, ”Gusti, tulungan!”


Matius 14:33
Murid-murid nyarembah ka Yesus tuluy arunjukan, ”Leres Gusti teh Putra Allah!”


Matius 16:22
Yesus ku Petrus ditarik ka sisi tuluy diemutan, pokna, ”Gusti! Mugi eta hal ditebihkeun ku Allah. Gusti ulah dugi ka nyorang kitu!”


Matius 17:4
Pok bae Simon Petrus unjukan kieu, ”Gusti, ku raraos urang di dieu teh! Manawi karujukan abdi bade ngadamel tilu kemah, kangge Gusti, kangge Musa, sareng kangge Elias.”


Matius 18:21
Petrus unjukan ka Yesus, ”Gusti, upami pun dulur gaduh lepat ka abdi, sabaraha kali abdi kedah ngahampurana? Tujuh kali?”


Matius 21:3
Mun aya anu ngomong kitu kieu bejakeun, ʼRek dianggo heula ku Gusti,ʼ harita keneh ge tangtu mikeun eta kalde dibawa.”


Matius 21:16
Tuluy maranehna negor ka Yesus, ”Kadenge ku Anjeun kecapna eta barudak?” ”Puguh bae,” waler-Na. ”Na aranjeun tacan maraca ayat Kitab Suci anu kieu: ʼBarudak sareng orok ku Gusti diajar ngucapkeun pamuji anu sampurna.ʼ ”


Matius 22:43
”Lamun kitu,” saur Yesus, ”ku naon Roh Allah maparin ilham ka Daud supaya nyebut ʼGustiʼ ka Kristus? Geuning saur Daud oge:


Matius 22:44
ʼPangeran ngadawuh ka Gusti kaula: Calik di dieu, katuhueun Kami, nepi ka sakabeh musuh Hidep taraluk nyaruuh ka Hidep.ʼ


Matius 22:45
Kumaha nu matak Kristus disebut turunan Daud, sabab Daud nyebut ka Anjeunna teh ʼGustiʼ?”


Matius 24:42
Ku sabab eta sing iyatna, sabab maraneh teu nyaho iraha pisumpingeunana Gusti maraneh.


Matius 25:37
Jawab nu balener, ʼGusti, waktos Gusti lapar teh iraha abdi-abdi ngahaturanan tuang, atanapi waktos Gusti hanaang iraha abdi-abdi ngahaturanan ngaleueut?


Matius 25:38
Waktos Gusti jadi semah asing, iraha abdi-abdi nganjrekkeun?


Matius 25:39
Waktos Gusti teu diraksukan iraha abdi-abdi ngahaturanan raksukan? Waktos Gusti teu damang, waktos Gusti dipanjara, iraha abdi-abdi mulasara, iraha abdi-abdi ngalayad?ʼ


Matius 25:44
Maranehna bakal ngajarawab kieu, ʼGusti! Iraha abdi-abdi ningal Gusti lapar, hanaang, jadi semah asing, teu kagungan raksukan, teu damang, dipanjara, lajeng abdi-abdi teu nulungan?ʼ


Matius 26:22
Murid-murid mani tingrarenjag. ”Tangtos sanes abdi nu dimaksad ku Gusti teh?” ceuk maranehna naranyakeun silihgenti.


Markus 2:28
Ku sabab kitu Putra Manusa teh jadi Gustina poe Sabat ongkoh.”


Markus 11:3
Lamun aya anu nanyakeun maraneh keur naon, bejakeun rek dianggo heula ku Gusti, engke dipulangkeun deui.”


Markus 12:36
Padahal Daud kalawan ilham ti Roh Suci nyebutkeun kieu: ’Pangeran ngadawuh ka Gusti kaula: Calik di dieu, katuhueun Kami, nepi ka sakabeh musuh Hidep taraluk nyaruuh ka Hidep.’


Markus 12:37
Daud sorangan nyebut ka Anjeunna teh ’Gusti’; jadi mana bisa Kristus teh putrana?” Jalma rea kacida raresepeunana ngabarandungan kasauran Yesus teh.


Markus 16:19
Tutup Gusti Yesus ngalahir-Na ka maranehna, Anjeunna terus diangkat ka sawarga, terus linggih di tengeneun Allah.


Markus 16:20
Murid-murid-Na tuluy ariang nyiarkeun Injil Kasalametan ka suklakna ka siklukna, tur Gusti oge ngiring barangdamel nyarengan maranehna, ngayakeun kaajaiban-kaajaiban geusan ngabuktikeun yen hal anu disiarkeun ku maranehna teh sayaktina.] [ AHIR NASKAH KUNO SEJENNA Eta wanita-wanita tuluy nepungan Petrus jeung batur-baturna, sarta kalawan ringkes nyaritakeun anu dipesenkeun ka maranehna tea. Sanggeus eta mah Yesus ku Anjeun ku jalan murid-murid-Na ngawawarkeun eta amanat suci tur abadi, ti masrik nepi ka magrib, ngeunaan kasalametan anu langgeng.]


Lukas 1:43
Karah naon ieu Ibu dugi ka kenging nugraha disumpingan ku Ibuna Gusti sembaheun Ibu?


Lukas 2:11
Sabab poe ieu Jurusalamet maraneh, nya eta Gusti Kristus, geus medal di kota Daud.


Lukas 2:29
”Nun Pangeran, ayeuna jangji Gusti parantos buktos. Mangga ayeuna mah nyawa abdi candak, abdi Gusti senang ati.


Lukas 2:30
Reh parantos ningal pribadi Jurusalamet ti Gusti.


Lukas 2:31
Nya Jurusalamet anu ku Gusti digadangkeun keur sakumna manusa:


Lukas 2:32
Lir cahaya anu bakal ngebrehkeun pangersa Gusti ka bangsa-bangsa lian. Sareng nu bakal ngangkat harkat Israil umat Gusti.”


Lukas 5:8
Nenjo kitu, brek bae Simon mendek payuneun Yesus tuluy miunjuk, ”Gusti, enggal abdi kantunkeun. Abdi teh jalmi gede dosa!”


Lukas 5:12
Hiji mangsa Yesus aya di hiji kota. Di dinya aya hiji jelema, awakna ruksak ku lepra. Barang breh nenjo Yesus brek mendek tuluy ngalengis, ”Gusti, upami Gusti kersa, Gusti tangtos iasa nyageurkeun kasakit abdi!”


Lukas 6:5
Geus kitu saur-Na deui, ”Putra Manusa teh Gustina poe Sabat.”


Lukas 6:46
”Naha nyambat ka Kami, ʼGusti, Gusti,ʼ tapi piwuruk Kami teu dilampahkeun?


Lukas 7:13
Barang Gusti Yesus ningali ka eta randa, kacida welaseuna-Na, tuluy ngalahir ka manehna, saur-Na, ”Ulah ceurik.”


Lukas 7:19
Yohanes tuluy nyaur muridna duaan terus diutus ka Gusti Yesus, mawa pihatur kieu, ”Naha leres Juragan teh anu bakal sumping tea sakumaha anu disaurkeun ku Yohanes? Atanapi abdi-abdi kedah ngantos keneh anu sanes?”


Lukas 9:20
Yesus mariksa deui, ”Ari ceuk maraneh, Kami teh saha?” Ceuk Petrus, ”Bapa teh Kristus anu dijangjikeun ku Gusti Allah.”


Lukas 9:54
Dua murid, nya eta Yakobus jeung Yohanes, sanggeus tarerangeun kitu teh mihatur ka Yesus, ”Gusti, kumaha pangersa teh, naha kenging abdi-abdi nyambat seuneu turun ti langit sina ngalebur eta jalmi-jalmi?”


Lukas 10:1
Sanggeus sasauran kitu Gusti Yesus milih tujuh puluh dua deui jelema sejen, diutus duaan-duaan ka kota-kota jeung tempat-tempat anu bakal disumpingan ku Anjeunna.


Lukas 10:17
Tujuh puluh dua jelema anu diarutus tea geus marulang semu anu kacida barungaheunana. ”Gusti,” pihaturna, ”roh-roh jahat oge diparentah ku abdi-abdi kalayan nyebat jenengan Gusti teh tarunduk!”


Lukas 10:21
Waktu eta manah Yesus pinuh ku kabungah ti Roh Suci, pok ngalahir, ”Nun Ama Gustina langit sareng bumi! Abdi muji sukur, reh perkawis ieu ku Ama dirasiahkeun ka anu palinter sareng garaduh elmu, dupi ka anu teu garaduh katerang mah parantos ditembrakkeun. Leres, ieu anu nyukakeun manah Ama teh.”


Lukas 10:39
Marta boga dulur awewe hiji ngaranna Maria, anu terus emok deukeut dampal sampean Gusti, ngaregepkeun cariosana-Na.


Lukas 10:40
Ari Marta pakepuk sorangan keur nyayagikeun. Tungtungna marek unjukan, ”Gusti, eta pun dulur ngeunah-ngeunah, abdi diantep pakepuk digawe sorangan bae. Piwarang mantuan atuh!”


Lukas 10:41
Ku Gusti diwaler, ”Marta, Marta! Hidep ngariripuh maneh mikiran itu mikiran ieu.


Lukas 11:1
Dina hiji poe sabada Yesus neneda di hiji tempat, disampeurkeun ku murid-Na saurang anu unjukan kieu, ”Gusti, abdi-abdi wulang neneda. Yohanes oge ngawulang neneda ka murid-muridna.”


Lukas 12:41
Petrus unjukan, ”Gusti, ieu piwulang teh keur abdi-abdi bae atanapi keur sadayana?”


Lukas 12:42
Waler Gusti, ”Cik gandek nu disebut gandek satia jeung bijaksana teh nu kumaha? Tangtu ku dununganana baris dipercaya ngurus rumah tanggana jeung ngurus dahar gandek-gandek lianna saban-saban geus waktuna.


Lukas 13:15
Ku Gusti diwaler, ”Anjeun munapek! Geuning dina poe Sabat oge jelema-jelema sok ngalaleupaskeun cangcangan sapina atawa kaldena ti jero kandang, tuluy digiring rek diinuman.


Lukas 17:5
Rasul-rasul mihatur ka Yesus, ”Gusti, kiatkeun kapercayaan abdi-abdi.”


Lukas 17:6
Waler Gusti, ”Lamun maraneh boga kapercayaan sagede siki sasawi bae, maraneh bisa nitah ieu tangkal bebesaran, ʼGeura nyabut maneh katut akar, tuluy melak maneh di laut!ʼ tangtu eta parentah diturut.”


Lukas 17:37
Murid-murid nararos ka Anjeunna, ”Di mana bakal kajadian kitu teh, Gusti?” Waler Yesus, ”Di mana aya bangke, di dinya kumpulna manuk bangke.”


Lukas 20:42
Padahal Daud ku anjeun dina Kitab Jabur nyaurkeun kieu: ʼPangeran ngadawuh ka Gusti kaula: Calik di dieu, katuhueun Kami,


Lukas 20:44
Daud nyebatna ka Kristus teh ʼGustiʼ; ku sabab kitu, kumaha bisana jadi turunan anjeunna?”


Lukas 22:33
Jawab Petrus, ”Gusti, abdi mah sanaos kedah dipanjara atanapi maot sareng Gusti oge wantun!”


Lukas 22:38
”Gusti,” piunjuk murid-murid, ”pedang parantos aya, dua!” ”Cukup eta ge!” waler-Na.


Lukas 22:49
Ari murid-murid narenjo kajadian kitu teh tuluy naranya ka Yesus, ”Kumaha Gusti, urang lawan bae ku pedang?”


Lukas 22:61
Gusti nyoreang, neuteup ka Petrus. Ras Petrus ingeteun yen Gusti geus nyaurkeun perkara manehna, yen, ”Peuting ieu, memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali nyebutkeun teu wawuh ka Kami.”


Lukas 24:3
Tuluy bae ka jarero guha, tapi layon Gusti Yesus teu aya.


Lukas 24:34
keur nyarita kieu, ”Gusti teh enya geus tanghi! Geus nembongan ka Simon!”


Lukas 24:36
Sabot eta anu duaan keur cacarita kitu, jleg bae Gusti ku anjeun geus ngadeg di tengah-tengah riungan, pok ngalahir, ”Bagea!”


Yohanes 6:23
Sabot kitu aya sababaraha parahu daratang ti kota Tiberias, balabuh deukeut tempat kamari maranehna dalahar roti tina berkah pamuji sukurna Gusti tea.


Yohanes 6:68
”Gusti,” ceuk Simon Petrus, ”ka saha abdi-abdi kedah indit upami ngantunkeun? Gusti nu kagungan pangandika nu maparin hirup langgeng.


Yohanes 6:69
Abdi-abdi percanten, sareng yakin Gusti teh Utusan Suci ti Allah.”


Yohanes 9:38
”Gusti, abdi percanten!” walonna bari terus sideku payuneun Yesus.


Yohanes 11:3
Maria jeung Marta ngajurungan jelema ka Yesus, mawa pihatur: ”Gusti, sobat Gusti udur.”


Yohanes 11:12
Piunjuk murid-murid-Na, ”Gusti, upami parantos tiasaeun sare mah tangtos tereh sae.”


Yohanes 11:21
Piunjuk Marta ka Yesus, ”Upami waktos eta Gusti aya di dieu, pun dulur moal dugi ka maot!


Yohanes 11:22
Nanging sanaos ayeuna ge upami Gusti mundut naon bae ka Allah tangtos dikabul, abdi yakin.”


Yohanes 11:27
”Sumuhun, Gusti!” walon Marta. ”Abdi percanten pisan Gusti teh Kristus, Putra Allah anu lungsur ka alam dunya.”


Yohanes 11:32
Datang-datang Maria terus ngarumpuyuk kana sampean Yesus, pok unjukan, ”Gusti, upami Gusti waktos eta aya di dieu, pun dulur moal dugi ka maot!”


Yohanes 11:34
Tuluy mariksa, ”Di mana dimakamkeunana?” ”Mangga tingalian, Gusti,” jawab jalma-jalma anu dipariksa.


Yohanes 11:39
Yesus ngalahir, ”Singkirkeun batuna!” Marta, dulurna almarhum, unjukan, ”Gusti, tangtos bau, margi parantos opat dinten!”


Yohanes 12:38
Harita memang kudu laksana pilahir Nabi Yesaya anu kieu: ”Nun Pangeran, saha nu bade percaya kana uaran abdi sadaya? Ka saha Gusti bade nembongkeun kawasa?”


Yohanes 13:6
Barang nepi ka giliran Petrus, manehna mihatur, ”Gusti! Bade ngumbah suku abdi?”


Yohanes 13:8
Piunjuk Petrus, ”Ulah, Gusti! Abdi henteu iklas Gusti dugi ka ngumbah suku abdi!” Waler Yesus, ”Lamun suku maneh henteu dikumbah ku Kami, maneh moal jadi murid Kami deui.”


Yohanes 13:13
Maraneh ka Kami nyarebut Guru jeung Gusti. Bener eta teh.


Yohanes 13:14
Kami, Guru jeung Gusti maraneh, bieu ngumbahan suku maraneh. Nya kitu maraneh oge, kudu daraek silih kumbah suku jeung babaturan.


Yohanes 13:25
Eta murid diukna ngised ngeser ka Yesus, tuluy mihatur, ”Saha jalmina, Gusti?”


Yohanes 13:36
”Dupi Gusti bade ka mana?” Simon Petrus nanya. Waler Yesus, ”Ka mana Kami rek indit, ayeuna mah maneh moal bisa milu. Tapi engke maneh bisa nuturkeun.”


Yohanes 13:37
”Naon margina moal tiasa ngiring ayeuna teh, Gusti?” Petrus nanya deui. ”Sawios abdi mah kedah paeh oge demi Gusti!”


Yohanes 14:5
”Gusti,” ceuk Tomas, ”abdi-abdi teu terang Gusti bade ka mana, bade terang kumaha jalan ka ditu?”


Yohanes 14:6
Waler Gusti ka Tomas, ”Kami jalanna, Kami kayaktian, Kami sumberna hirup. Ku sabab eta, lamun henteu ku jalan Kami, moal aya anu bisa datang ka Rama.”


Yohanes 14:8
”Gusti,” ceuk Pilipus, ”tingalikeun Rama teh ka abdi-abdi, supados abdi-abdi teu panasaran.”


Yohanes 14:22
”Gusti,” piunjuk Yudas (lain Yudas Iskariot), ”ku naon margina ka abdi-abdi mah Gusti kersa nganyatakeun salira, dupi ka dunya mah henteu?”


Yohanes 16:29
Pihatur murid-murid, ”Ayeuna Gusti ngalahir teh parantos sageblasna, henteu ku ibarat deui.


Yohanes 16:30
Abdi-abdi nembe terang yen Gusti uninga kana sagala rupi. Gusti teu perlu ku jalmi anu nyual, sareng ku margi kitu abdi-abdi percanten, Gusti teh asal ti Allah.”


Yohanes 20:2
Maria Magdalena lumpat manggihan Simon Petrus jeung murid anu dipikaasih ku Yesus, hariweusweus pokna, ”Gusti urang aya nu maling ti kuburan, duka dibawa ka mana!”


Yohanes 20:13
”Ku naon Nyai ceurik?” malaikat mariksa. ”Gusti abdi aya nu maling, duka dibantun ka mana,” walon Maria.


Yohanes 20:18
Maria Magdalena indit ti dinya, pupulih ka murid-murid Anjeunna yen manehna geus nenjo Gusti, jeung nepikeun pilahir-Na.


Yohanes 20:20
Geus kitu Anjeunna nembongkeun panangan jeung angkeng-Na. Sanggeus tetela Anjeunna teh Gusti, murid-murid kacida aratoheunana.


Yohanes 20:25
seug dibarejaan ku murid-murid sejen, ”Urang mah geus panggih deui jeung Gusti!” Tembal Tomas, ”Kuring mah mun can nenjo jeung can ngusapkeun ramo kana tapak paku dina panangana-Na, jeung can nyabakkeun leungeun kana angkeng-Na, moal percaya!”


Yohanes 20:28
”Gusti sim abdi, Allah sim abdi!” walon Tomas.


Yohanes 21:7
”Geuning Gusti!” ceuk murid anu dipikaasih ku Yesus ka Petrus. Dibejaan yen Gusti, rap bae Petrus make baju (sabab keur teu make baju), tuluy luncat kana cai.


Yohanes 21:12
Yesus ngalahir, ”Ka darieu, dalahar.” Murid-murid teu aya anu wanieun nanya, ”Dupi Bapa saha?” da geus nyarahoeun yen Anjeunna teh Gusti.


Yohanes 21:15
Sanggeus dalahar, Yesus mariksa ka Simon Petrus, ”Simon anak Yonas, enya hidep nyaah ka Kami leuwih ti nu sejen?” ”Sumuhun Gusti,” walon Petrus, ”Gusti uninga yen abdi teh nyaah ka Gusti.” Saur Yesus, ”Panguruskeun anak-anak domba Kami.”


Yohanes 21:16
Geus kitu mariksa deui kadua kalina, ”Simon anak Yonas, enya hidep nyaah ka Kami?” Walon Petrus, ”Sumuhun Gusti, Gusti uninga yen abdi nyaah ka Gusti.” Saur Yesus, ”Panguruskeun domba-domba Kami.”


Yohanes 21:17
Katilu kalina Anjeunna mariksa deui, ”Simon anak Yonas, enya hidep nyaah ka Kami?” Dipariksa nepi ka tilu kali, ”Enya hidep nyaah ka Kami?” Petrus jadi nalangsa, tuluy unjukan, ”Gusti, Gusti uninga kana saniskanten perkawis, tangtos uninga yen abdi nyaah ka Gusti.” Saur Yesus, ”Panguruskeun domba-domba Kami.


Yohanes 21:20
Petrus ngalieuk ka tukang, sihoreng dituturkeun ku murid anu dipikaasih ku Yesus, anu keur basa tuang peuting diukna nepi ka ngalendean ka Anjeunna jeung nanya kieu, ”Saha jalmina anu bade ngahianat teh, Gusti?”


Yohanes 21:21
Barang Petrus nenjoeun ka manehna, tuluy nanya ka Yesus, ”Gusti, dupi manehna kumaha?”


Kisah Para Rasul 1:6
Dina hiji waktos nuju karempel, rasul-rasul nararos ka Anjeunna, ”Gusti, dupi Karajaan Israil teh bade ayeuna diadegkeunana deui ku Gusti?”


Kisah Para Rasul 1:21
Ku margi kitu, urang butuh saurang deui keur gentosna, anu kedah jadi saksi perkawis gugahna deui Gusti Yesus tina pupusna. Jalmina kedah anu parantos ngahiji sareng urang salami Gusti Yesus angkat-angkatan ka mana-mana sareng urang, ti semet Yohanes ngawulangkeun baptisan dugi ka Yesus dicandak ka sawarga.”


Kisah Para Rasul 1:24
Seug diunjukkeun dina paneda, ”Nun Gusti anu uninga kana eusi sanubari jalmi-jalmi! Mugi maparin terang anu mana ti antawis ieu pun dulur duaan anu kamanah ku Gusti,


Kisah Para Rasul 2:20
Panonpoe bakal jadi poek, bulan jadi beureum kawas getih. Kitu, samemeh datang mangsa rawuhna Gusti, Poe anu agung jeung mulya.


Kisah Para Rasul 2:21
Sing saha anu nyambat pitulung Gusti, tangtu disalametkeun.ʼ


Kisah Para Rasul 2:25
Hal ieu sapagodos jeung anu disaurkeun ku Daud kieu: ʼAbdi ningal Gusti saban wanci, nu mawi moal galideur, reh ku Anjeunna diaping.


Kisah Para Rasul 2:27
Reh ku Gusti moal diantep di dunyana anu maraot; Gusti moal ngantep raga abdi-Na nu satia reksak binasa.


Kisah Para Rasul 2:28
Abdi dituduhan jalan kana hirup, nu sajati, diliputan kabagjaan, reh ku Gusti disarengan.ʼ


Kisah Para Rasul 2:34
Daud ku anjeun henteu munggah ka sawarga, tapi iasaeun nyaurkeun kieu: ʼPangeran ngadawuh ka Gusti kaula: Geura calik di katuhueun Kami,


Kisah Para Rasul 2:36
Ku sabab kitu sakumna urang Israil perlu terang enya-enya, yen anu ku Allah geus dijenengkeun Gusti jeung Jurusalamet teh nya eta Yesus anu disalibkeun ku aranjeun tea.”


Kisah Para Rasul 4:24
Geus kitu pakumpulan teh samiuk neneda ka Allah, kieu panedana, ”Nun Pangeran, Gusti nu ngadamel langit, bumi, laut sareng saniskanten eusina!


Kisah Para Rasul 4:25
Gusti kapungkur ngandika ku Roh Suci ka Daud kawula Gusti karuhun abdi sadaya. Ku anjeunna disaurkeun kieu, ʼEta jelema-jelema anu henteu nyarembah ka Allah, ku naon amarah? Eta bangsa-bangsa, ku naon ngareka perkara anu mubadir?


Kisah Para Rasul 4:27
Margi saleresna Herodes, Pontius Pilatus, sareng jalmi-jalmi anu henteu nyarembah ka Allah kitu deui urang Israil, di ieu kota parantos karumpul bade ngalawan ka Yesus, Abdi Suci Gusti, anu ku Gusti dijenengkeun Jurusalamet.


Kisah Para Rasul 4:28
Maranehna parantos rempug bade ngahalang-halang perkawis anu ku Gusti parantos ditangtos baris kajadian.


Kisah Para Rasul 4:29
Nun Pangeran, tingali kumaha ngancamna maranehna ka abdi sadaya. Mugi abdi-abdi sadaya para kawula Gusti dikersakeun taya kasieun nyanggemkeun pangandika Gusti.


Kisah Para Rasul 4:30
Mugi ku pitulung Gusti abdi-abdi tiasa nyageurkeun anu aludur, sareng ku kawasana jenengan Yesus Kristus Abdi Suci Gusti, tiasa ngayakeun hal-hal anu ajaib sareng mujijat-mujijat anu luar biasa.”


Kisah Para Rasul 4:33
Ari rasul-rasul mertelakeun hal gugahna Gusti Yesus tina pupus teh gede pisan pangaruhna sarta kacida diberkahanana ku Allah.


Kisah Para Rasul 5:14
Tapi anu palercaya ka Gusti saban poe nambahan bae awewe lalaki.


Kisah Para Rasul 7:59
Stepanus anu teu eureun-eureun pada maledogan sasambat, ”Nun Gusti Yesus, tampi ieu nyawa abdi!”


Kisah Para Rasul 7:60
Brek tapak deku, sasambat ngajerit, ”Gusti! Mugi ieu jalmi-jalmi ulah dibales!” Geus kitu Stepanus maot.


Kisah Para Rasul 8:25
Sanggeus maparin panyaksi hal Yesus Kristus jeung ngawulangkeun pangandika Gusti, Petrus jeung Yohanes marulih deui ka Yerusalem, bari nguarkeun Injil Kasalametan ti Allah di kampung-kampung Samaria anu kaliwatan.


Kisah Para Rasul 9:1
Saulus ngentab-ngentab keneh napsuna hayang maehan para panganut Gusti Yesus nepi ka tumpur. Tuluy ngadeuheus ka Imam Agung,


Kisah Para Rasul 9:10
Di Damsik aya hiji panganut Yesus, jenenganana Ananias, meunang dawuhan Gusti dina hiji tetenjoan. ”Ananias!” dawuhan Gusti. ”Nun, Gusti!” wangsulna.


Kisah Para Rasul 9:11
Dawuhan Gusti, ”Ayeuna maneh kudu indit ka imah Yudas di Jalan Lempeng, tanyakeun jelema anu ngaran Saulus urang Tarsus. Eta jelema ayeuna keur neneda.


Kisah Para Rasul 9:13
Waler Ananias, ”Gusti, eta jalmi teh seueur kawartoskeunana yen kalintang jahatna ka umat Gusti di Yerusalem.


Kisah Para Rasul 9:14
Nu mawi ka Damsik oge bade nangkepan umat Gusti, malah ngabantun serat kawasa ti imam-imam kapala.”


Kisah Para Rasul 9:15
Dawuhan Gusti, ”Teang bae! Sabab manehna ku Kami geus dijadikeun pangbantu anu bakal ngamashurkeun jenengan Kami ka luareun bangsa Yahudi anu teu anut agama Yahudi, ka raja-rajana, jeung ka urang Israil oge.


Kisah Para Rasul 9:17
Ananias angkat terus lebet ka panganjrekan Saulus. ”Saderek Saulus, Gusti Yesus anu katingali ku Saderek di perjalanan, ngutus sim kuring ka dieu, supados Saderek iasa deui ningali sareng nampi panuyunna Roh Suci,” saur Ananias bari numpangkeun panangan ka Saulus.


Kisah Para Rasul 9:26
Sanggeus sumping ka Yerusalem, Saulus ihtiar nyaketan para panganut Gusti, tapi maranehna sarieuneun lantaran teu palercayaeun.


Kisah Para Rasul 9:27
Geus kitu anjeunna dibantu dikenalkeun ku Barnabas ka rasul-rasul, diterangkeun hal anjeunna ditembongan jeung didawuhan ku Gusti di jalan ka Damsik, jeung hal kateuneunganana mertelakeun Yesus di Damsik.


Kisah Para Rasul 9:28
Sanggeus ku rasul-rasul ditampi, Saulus ngider di Yerusalem, ngawulang ku pajenengan Gusti kacida ludeungna.


Kisah Para Rasul 9:30
Kanyahoan ku para panganut Gusti, anjeunna tuluy dicandak ka Kesarea, ti dinya terus ka Tarsus.


Kisah Para Rasul 9:31
Ti harita kaayaan jamaah di sakuliah Yudea, Galilea, jeung Samaria tuluy aman jeung tengtrem. Kalawan pitulung Roh Suci jamaah beuki kuat, anu palercaya beuki loba, harirupna alajrih ka Gusti.


Kisah Para Rasul 9:32
Ari Petrus damelna ka ditu ka dieu ngalayad jamaah-jamaah. Dina hiji poe anjeunna ngalayad umat Gusti di Lida.


Kisah Para Rasul 9:35
Urang Lida jeung urang Saron narenjo Eneas cageur teh tuluy palercaya ka Gusti.


Kisah Para Rasul 9:38
Ku sabab Yopa teu sabaraha jauhna ti Lida, para panganut Gusti di Yopa ngadarenge beja yen Petrus aya di Lida, tuluy ngajurungan dua jelema ngangkir Petrus, ”Mugi Bapa enggal-enggal sumping ka Yopa.”


Kisah Para Rasul 9:42
Beja perkara eta terus kagurnitakeun ka sakuliah Yopa, nepi ka loba anu palercaya ka Gusti.


Kisah Para Rasul 10:14
Waler Petrus, ”Paliyas, Gusti! Abdi mah tara neda barang haram atanapi najis.”


Kisah Para Rasul 10:36
Aranjeun tangtos parantos aruninga kana embaran ti Allah anu diembarkeun ka urang Israil, nya eta Injil Kasalametan anu nengtremkeun jiwa sakur anu anut ka Yesus Kristus, Gusti sakumna manusa.


Kisah Para Rasul 11:8
Walon kaula, ʼPaliyas, Gusti! Abdi tara neda barang haram atanapi anu najis!ʼ


Kisah Para Rasul 11:16
Ras kaula inget ka anu dilahirkeun ku Gusti, nya eta, ʼYohanes ngabaptisna ku cai, ari maraneh mah bakal ngabaptis ku Roh Suci.ʼ


Kisah Para Rasul 11:17
Tetela Allah ku manten anu maparinkeun eta kurnia ka maranehna teh, cara ka urang bareto basa urang mimiti percaya ka Gusti Yesus Kristus. Ku sabab kitu pimanaeun kaula bisa nyegah pangersa Allah!”


Kisah Para Rasul 11:20
Tapi aya anu asalna ti Siprus jeung Kirena daratang ka Antioki nguarkeun Injil Kasalametan hal Gusti Yesus ka nu lain urang Yahudi,


Kisah Para Rasul 11:21
tur disarengan ku kakawasaan Gusti, nepi ka loba pisan anu tuluy palercaya, aranut ka Anjeunna.


Kisah Para Rasul 11:23
Barnabas kacida bingaheunana ningali maranehanana sakitu diberkahanana ku Gusti. Maranehna ku anjeunna dipeupeujeuhan supaya enya-enya satia satuhu ka Gusti.


Kisah Para Rasul 11:24
Barnabas jalma berbudi, manahna pinuh ku Roh Suci, kacida percayana ka Gusti, nepi ka loba anu katarik aranut ka Gusti.


Kisah Para Rasul 12:11
Petrus teu samar deui kana eta kajadian, terus ngagereyem, ”Ayeuna aing yakin ieu teh saenyana. Gusti ngutus malaikat-Na nyalametkeun aing tina genggeman Herodes jeung tina maksud jahatna urang Yahudi.”


Kisah Para Rasul 12:17
Ku Petrus diisarahan supaya jarempe, ti dinya anjeunna nerangkeun hal anjeunna dikaluarkeun ku Gusti ti jero panjara. ”Pangbejakeun bae ka Yakobus jeung ka nu sejen,” saurna ka maranehna. Geus kitu angkat ti dinya ka tempat sejen.


Kisah Para Rasul 13:2
Hiji mangsa waktu aranjeunna keur ngalakonan ibadah ka Gusti jeung paruasa, Roh Suci nimbalan, ”Kami menta Barnabas jeung Saulus, pikeun ngajalankeun pagawean ti Kami pribadi.”


Kisah Para Rasul 13:10
tuluy ngalahir kieu, ”Anak Iblis! Maneh satruna sakur nu hade, pinuh ku sagala tipu daya, purah ngabohongkeun kayaktian-kayaktian ti Gusti!


Kisah Para Rasul 13:11
Ayeuna rasakeun ieu panangan Gusti! Maneh bakal lolong, sababaraha lilana moal nenjo-nenjo panonpoe.” Sapada harita keneh reup Elimas ngarasa poek, panonna katutup ku pepedut hideung, tuluy uyup-ayap neangan nu pinungtuneun.


Kisah Para Rasul 13:12
Ningali kajadian kitu, gupernur jadi percaya ka Yesus, sabab anjeunna kacida katarikna ku pangajaran hal Gusti.


Kisah Para Rasul 13:35
Dina bagian sejen aya deui, ungelna: ʼGusti moal ngantep abdi-Na nu satia ajur di jero kuburanana.ʼ


Kisah Para Rasul 14:3
Rasul-rasul teh di dinyana rada lila, beuki ludeung ngawulangkeun hal Gusti, tur ku Gusti dipaparin kawasa ngadamel mujijat-mujijat aheng, anu ngabantu netelakeun yen sih kurnia Gusti anu diwulangkeun ku aranjeunna teh sayaktina.


Kisah Para Rasul 14:23
Di unggal jamaah aranjeunna ngangkat pamingpin; sanggeus dipuasaan jeung dipangnedakeun, eta pamingpin-pamingpin dititipkeun ka Gusti anu jadi pananggeuhanana.


Kisah Para Rasul 15:11
Urang percaya yen boh urang, boh bangsa sejen, pang salamet teh ngan ku karana sih kurnia Gusti Yesus bae.”


Kisah Para Rasul 15:26
anu parantos naruhkeun jiwana demi Gusti urang Yesus Kristus.


Kisah Para Rasul 15:35
Paulus jeung Barnabas rada lila nganjrekna di Antioki, ngajarkeun jeung nguarkeun pangandika Gusti jeung urang dinyana.


Kisah Para Rasul 15:36
Sanggeus rada lila, Paulus sasauran ka Barnabas, ”Urang ngalongok dulur-dulur ka tempat-tempat urang bareto nguarkeun pangandika Gusti, hayang terang kumaha kaayaanana.”


Kisah Para Rasul 15:40
Ari Paulus nyandak Silas; sabada ku jamaah dipasrahkeun kana rahmat Gusti terus angkat,


Kisah Para Rasul 16:1
Paulus neruskeun angkatna ka Derbe, tuluy ka Listra. Di dinya aya hiji panganut Yesus ngaranna Timoteus. Indung Timoteus urang Yahudi anu percaya ka Gusti, ari bapana mah urang Yunani.


Kisah Para Rasul 16:14
Di antarana aya anu ngaranna Lidia, tukang dagang lawon wungu, asalna ti Tiatira. Lidia ibadah ka Allah, harita hatena digerakkeun ku Gusti, kacida ngaregepkeunana ka anu dilahirkeun ku Paulus.


Kisah Para Rasul 16:15
Tungtungna Lidia katut saeusi imahna, dibaptis. Anggeus dibaptis manehna ngondang ka sim kuring tiluan pokna, ”Upami ku aranjeun parantos kagalih yen abdi leres-leres parantos percaya ka Gusti, aranjeun mugi kersa linggih ka abdi,” kitu pokna mani maksa.


Kisah Para Rasul 16:31
Waler aranjeunna, ”Kudu percaya ka Gusti Yesus, tangtu anjeun salamet, anjeun sakulawarga.”


Kisah Para Rasul 17:24
Mantenna teh nya eta Allah anu parantos ngajadikeun alam dunya sareng eusina, nu jadi Gustina langit jeung bumi, anu linggihna sanes di jero gedong buatan manusa.


Kisah Para Rasul 18:8
Tapi Krispus, kapala eta imah ibadah jeung saeusi imahna percaya ka Gusti Yesus. Urang Korinta sejenna oge sanggeus ngabarandungan pertelaan Paulus loba anu palercaya, terus kabeh dibaptis.


Kisah Para Rasul 18:9
Dina hiji peuting Gusti ngalahir ka Paulus dina hiji titingalian, saur-Na, ”Ulah sieun mertelakeun pangandika teh, teruskeun,


Kisah Para Rasul 18:26
Apolos mimiti ngajar di tempat ibadah, kacida wanina. Barang halna kadenge ku Priskila jeung Akwila tuluy diaraku dibawa ka imahna. Di dinya kanyahona kana perkara rancangan Allah enggoning nyalametkeun manusa ku jalan Gusti Yesus ditambah.


Kisah Para Rasul 19:5
Sanggeus meunang katerangan kitu, seug maranehna kabeh dibaptis ku pajenengan Gusti Yesus.


Kisah Para Rasul 19:9
Tapi aya anu baredegong jeung arembungeun percaya, ngagogoreng kana ajaran rancangan Allah enggoning nyalametkeun manusa ku jalan Gusti Yesus ka jalma rea. Anu matak Paulus terus nyingkah ti maranehna, nyandak anu geus palercaya, ngawulangna ngalih ka rohangan perpustakaan Tiranus. Saban poe


Kisah Para Rasul 19:13
Aya sawatara dukun urang Yahudi anu sok ngider ka ditu ka dieu, wawanianan nyebut jenengan Gusti Yesus ka anu kasurupan roh jahat, pokna, ”Demi jenengan Yesus anu diuarkeun ku Paulus, maneh setan geura nyingkah!”


Kisah Para Rasul 19:20
Pangandika Gusti gancang pisan nerekabna jeung nepi ka nyilepkeun nu sejen-sejen.


Kisah Para Rasul 19:23
Nya dina mangsa eta di Epesus aya huru-hara gede tina sabab pangajaran hal Gusti Yesus.


Kisah Para Rasul 20:19
Sim kuring ngawula ka Gusti teh teu weleh eling kana kalaipan diri, sering ragragan cipanon, nyorang mangsa cocoba diarah-arah ku urang Yahudi.


Kisah Para Rasul 20:21
Sim kuring, nya ka urang Yahudi, nya ka bangsa lianna, geus kacida mepelinganana supaya tarobat ka Allah jeung palercaya ka Yesus Gusti urang.


Kisah Para Rasul 20:24
Najan kitu sim kuring moal rek lebar ku nyawa. Cita-cita taya deui lian ti hayang nganggeuskeun kawajiban jeung pagawean ti Gusti Yesus, nya eta mertelakeun Injil hal sih kurnia Allah.


Kisah Para Rasul 20:35
Dina sagala hal kaula nyontoan ka aranjeun yen kudu getol baranggawe, jeung kudu nalang ka nu walurat, ngingetkeun pilahir Gusti Yesus anu kieu, ʼLeuwih bagja mere ti batan nampa.ʼ ”


Kisah Para Rasul 21:13
Tapi anjeunna ngawaler, ”Kumaha ari dulur-dulur, anggur careurik matak seber kana hate kaula? Kaula mah ulah mun dibarogod, demi Gusti Yesus sanajan nepi ka dipaehan oge di Yerusalem suka lilah.”


Kisah Para Rasul 21:14
Ku sabab anjeunna teu beunang dihalang-halang, tungtungna sarerea pasrah bari ngomong kieu, ”Dalah di kumaha, urang sumerah kana pangersa Gusti bae.”


Kisah Para Rasul 22:10
Kaula unjukan deui, ʼKedah kumaha abdi teh, Gusti?ʼ Waler-Na, ʼGeura hudang, teruskeun ka Damsik. Engke di dinya bakal aya anu ngabejaan pilampaheun maneh sakumaha pangersa Allah.ʼ


Kisah Para Rasul 22:16
Mangga ayeuna urang baptis, bade ngantosan naon deui? Geura sasambat ka pajenengan Gusti, nyuhunkeun dihapunten sagala dosa.ʼ ”


Kisah Para Rasul 22:18
ningal Gusti. ʼManeh,ʼ lahirana-Na, ʼkudu buru-buru ingkah ti Yerusalem, sabab urang dieu moal daraekeun narima pertelaan maneh tina hal Kami.ʼ


Kisah Para Rasul 22:19
Piunjuk kaula, ʼGusti, kapan eta teh tarerangeun yen abdi tukang ngagerebeg tempat-tempat ibadah, nangkepan sareng mergasa jalmi-jalmi anu palercaya ka Gusti.


Kisah Para Rasul 22:20
Sareng tangtos tarerangeun abdi kantos nyaksian saksi Gusti pun Stepanus dipaehan, tur nyatujuan. Malah papakean anu maraehanana oge abdi anu mangjagakeun.ʼ


Kisah Para Rasul 23:11
Peutingna Gusti ngadeg nembongan ka Paulus, terus ngalahir, ”Ulah sieun! Maneh geus mertelakeun hal Kami di dieu, di Yerusalem. Engke di Rum oge kudu kitu.”


Kisah Para Rasul 28:31
Kabeh diwurukan hal Karajaan Allah jeung hal Gusti Yesus Kristus. Sasauranana teu risi-risi sarta lugina.


Roma 1:3
Eusina ngeunaan Putra-Na, Gusti urang Yesus Kristus, turunan Daud dina kaayaan kamanusaana-Na mah,


Roma 1:7
Ieu sababna pang sim kuring nyuratan ka aranjeun anu maratuh di Rum, anu dipikaasih sarta geus disalaur supaya jaradi umat-Na. Mugi-mugi Allah Rama urang, jeung Gusti Yesus Kristus, maparin nugraha ka aranjeun.


Roma 4:24
tapi pikeun urang oge. Sabab urang oge, anu percaya ka Mantenna anu ngagugahkeun Kristus Gusti urang tina maot, bakal diangken jelema bener.


Roma 5:1
Sanggeus urang diangken bener deui ku Allah ku jalan percaya, urang teh ku Allah dirapihan deui ku jalan Yesus Gusti urang.


Roma 5:11
Leuwih ti sakitu pikabungaheunana teh, sabab Allah geus nembongkeun kasaean manah-Na ku jalan Gusti Yesus Kristus, anu ngalantarankeun urang ayeuna dirapihkeun deui jeung Allah.


Roma 5:21
Jadi, sakumaha urang kapurba ku maot ku lantaran dosa, nya kitu keneh urang bakal kapurba ku sih kurnia Allah, diangken bener deui, urang teh dituyun kana hirup anu langgeng ku jalan Yesus Kristus, Gusti urang.


Roma 6:23
Upahna dosa teh maot, sabalikna ari kurnia Allah mah nya eta hirup langgeng sarta ngahiji jeung Kristus Yesus Gusti urang.


Roma 7:25
Rebu laksa nuhun ka Allah, Mantenna kersa nyalametkeun sim kuring ku jalan Gusti urang Yesus Kristus. Kieu kaayaan sim kuring teh: Ari batin tunduk kana Hukum Allah, ari tabeat taluk kana hukum dosa.


Roma 8:36
Hal eta dina Kitab Suci kaungel kieu, ”Ku karana Gusti, abdi-abdi salamina aya dina bahya pati, dijieun sapertos ka domba peunciteun.”


Roma 8:39
nu di langit, nu di bumi — cindekna sagala ciciptan moal aya anu bisa megatkeun asihna Allah ka urang, sakumaha anu geus diterapkeun ka urang ku jalan Kristus Yesus Gusti urang.


Roma 10:9
Lamun aranjeun ngaku jeung percaya yen Yesus teh Gusti, anu ku Allah geus digugahkeun tina maot, tangtu aranjeun salamet.


Roma 10:16
Tapi anu daek narima eta Injil Kasalametan teh henteu kabeh. Saur Yesaya ge, ”Gusti, saha nu bade percaya kana warta anu diwawarkeun ku abdi-abdi?”


Roma 11:3
”Gusti, maranehanana parantos maehan nabi-nabi Gusti, sareng ngaruntuh-runtuhkeun altar paranti ngurban ka Gusti. Anu hirup keneh kantun abdi, keur diarah bade dipaehan.”


Roma 13:14
Cekel pakarang ti Gusti Yesus Kristus, ulah ngumbar pidosaeun ngalajur napsu.


Roma 14:9
Kapan Kristus pupus jeung gugah hirup deui teh supaya jadi Gustina anu harirup jeung nu geus maraot.


Roma 14:14
Tina ngahiji jeung Gusti Yesus teh sim kuring meunang kayakinan, yen dasarna mah kadaharan teh teu aya anu najis. Tapi pikeun jelema anu nganggap aya sawatara kadaharan anu najis, tangtu bae pikeun manehna mah eta kadaharan teh jadi najis.


Roma 15:6
supaya bisa ragem sasora enggoning muji ka Allah, Ramana Gusti urang Yesus Kristus.


Roma 15:9
jeung supaya bangsa-bangsa sejen oge ngamulyakeun ka Allah, muji welas asih-Na. Sakumaha ungel Kitab Suci, ”Ku margi kitu abdi bade muji ka Gusti di kalangan bangsa lian, bade nganyanyikeun pupujian ka pajenengan Gusti.”


Roma 15:30
Demi Gusti urang Yesus Kristus, jeung demi kanyaah anu asal ti Roh Allah, mugi-mugi aranjeun oge sing cara sim kuring, neneda ka Allah, mugi-mugi sim kuring ku Mantenna disarengan.


Roma 16:2
Muga ditarima demi pajenengan Gusti, da urang teh umat Allah. Bisi aya kabutuhna bantu. Manehna sorangan kacida tutulungna ka nu sejen, nya kitu deui ka sim kuring.


Roma 16:8
Salam ka Ampliatus, anu rapet jeung sim kuring dina ngahiji jeung Gusti.


Roma 16:12
Salam ka Tripena jeung Triposa anu digarawe pikeun Gusti, jeung ka Persis kanyaah sim kuring, anu loba pisan cabakeunana dina ngawula ka Gusti.


Roma 16:13
Salam ka Rupus, jelema pujieun kumawulana ka Gusti. Jeung ka ibuna, anu pikeun sim kuring mah lir indung sorangan.


Roma 16:18
Kalakuan maranehanana lain kalakuan pikeun Gusti, tapi pikeun muaskeun karepna sorangan. Omonganana ngareunah, barisa ngolo, matak sasab jelema anu pikiranana bolostrong.


Roma 16:20
Allah, sumber kabagjaan urang, bakal gancang-gancang ngaremukkeun Iblis, pikeun idekeun aranjeun. Mugia aranjeun disarengan ku berkah ti Yesus Gusti urang.


Roma 16:24
Mugia Gusti urang Yesus Kristus ngaberkahan ka aranjeun.


1 Korintus 1:2
Kahatur jamaah Allah di Korinta, ka sakur anu geus disaur dijadikeun umat suci Allah, geus jadi kagungana-Na ku jalan ngahiji jeung Kristus Yesus, babarengan jeung anu di mana-mana anu nyarembah ka Kristus Yesus Gusti urang, Gusti maranehanana oge.


1 Korintus 1:3
Sim kuring, jeung oge Sostenes, ngadoakeun mugia Allah Rama urang, jeung Gusti Yesus Kristus maparin rahmat salamet ka aranjeun.


1 Korintus 1:7
nepi ka teu aya hiji berkah anu leupas ti aranjeun sajeroning ngadago-dago Gusti urang Yesus Kristus ebreh sumping.


1 Korintus 1:10
Kalawan jenengan Gusti urang Yesus Kristus sim kuring meredih, aranjeun sing saluyu samupakat, ulah nepi ka pagetreng. Sing raket ngahiji, sahate jeung sapikir.


1 Korintus 1:31
Ku sabab eta, ”Lamun urang arek agul, kudu agul teh ngan ku anu geus dipidamel ku Gusti pikeun urang.” Kitu ceuk Kitab Suci.


1 Korintus 2:8
Anu karawasa di ieu dunya taya saurang-urang acan anu nyahoeun kana eta kabijaksanaan. Mun geus nyarahoeun ge sageuy maranehanana nyalibkeun Gusti nu maha agung.


1 Korintus 3:5
Saha kitu ari Apolos, jeung saha ari Paulus? Duanana oge abdi Allah, anu ngajak aranjeun percaya ka Allah. Sim kuring jeung anjeunna pada-pada ngajalankeun kawajiban ti Gusti.


1 Korintus 4:5
Anu matak ari tacan waktuna mah ulah waka nangtukeun batur salah. Dago nepi ka Gusti sumping deui, Anjeunna nu bakal ngaguarkeun sakur anu ayeuna buni, jeung nembrakkeun sagala kereteg anu nyumput dina pikiran manusa. Nya dina waktu eta masing-masing jelema meunang pamuji anu layak ti Allah.


1 Korintus 4:17
Tumali jeung eta sim kuring ngutus Timoteus ka aranjeun. Dina hal anut ka Gusti, Timoteus bisa dipercaya, sim kuring mah geus asa ka anak teges. Ku sim kuring dititah ngingetan deui aranjeun hal jalan hirup sim kuring sanggeusna percaya ka Kristus, jalan anu ku sim kuring diajarkeun di unggal jamaah di mana-mana.


1 Korintus 4:19
Padahal geus tangtu sim kuring datang moal lila deui oge, lamun dipareng ku Gusti. Hayang nyoba naon kakuatanana pang karumaki teh, ulah ngan kalah ka omong.


1 Korintus 5:3
Sanajan raga sim kuring pajauh, ari lelembutan mah aya di aranjeun; jadi ayeuna oge moal beda ti upama jonghok di aranjeun, sim kuring kalawan nyebut jenengan Gusti Yesus rek ngaragragkeun hukuman ka jelema anu nyieun kalakuan sakitu aebna. Lamun aranjeun geus kumpul sarta dibarengan ku lelembutan sim kuring, kalawan kakawasaan Yesus Gusti urang,


1 Korintus 5:5
serenkeun eta jelema ka Iblis, kajeun ragana sina binasa, dapon rohna salamet engke dina Poean Gusti sumping.


1 Korintus 6:11
Bareto sabagian aranjeun aya anu hirupna kitu. Tapi ayeuna aranjeun geus dinyatakeun beresih tina dosa, geus jaradi kagungan Allah, geus diangken bener ku Allah, lantaran percaya ka Gusti Yesus Kristus, jeung ku karana kakawasaan Roh Allah urang.


1 Korintus 6:13
Aya anu ngomong, ”Dahareun keur eusi beuteung, beuteung eusianeun dahareun.” Bener, tapi duanana ku Allah bakal dieuweuhkeun. Raga lain pikeun sapatemon anu ingkar tina susila, tapi pikeun ngalalayanan Gusti, Gusti anu miara raga urang.


1 Korintus 6:14
Allah geus ngahirupkeun deui Gusti tina maot, kakawasaana-Na bakal ngahirupkeun urang oge.


1 Korintus 6:17
Tapi saha-saha anu nyatunggalkeun diri ka Gusti, rohna jeung Roh Anjeunna jadi ngahiji.


1 Korintus 7:10
Pikeun anu eukeur laki rabi, ieu aya nasehat. Lain ti sim kuring, tapi nasehat ti Gusti. Pamajikan teu meunang ninggalkeun salaki.


1 Korintus 7:12
Nasehat ka anu sejenna (ieu mah nasehat ti sim kuring, lain ti Gusti): Lamun salakina Kristen, pamajikanana lain tapi daek hirup babarengan, ulah diserahkeun.


1 Korintus 7:22
Sabab hiji abdi anu geus disaur ku Gusti, tanda yen jelema bebas kagungan Gusti. Kitu keneh jelema bebas anu geus disaur ku Kristus, dirina teh abdi Anjeunna.


1 Korintus 7:25
Ayeuna sual nu tacan karawin. Tina sual ieu sim kuring teu meunang pituduh naon-naon ti Gusti. Tapi ku karana rahmat Gusti, sim kuring bisa bae dipercaya, rek mere nasehat.


1 Korintus 7:32
Kahayang sim kuring aranjeun ulah aya karidu naon-naon. Lalaki anu teu kawin tangtu bisa museurkeun pikiran kana hal-hal anu tumali jeung Gusti, pikeun nyenangkeun manah-Na.


1 Korintus 7:34
pikiranana jadi ngarancabang. Awewe anu teu kawin atawa parawan, bisa laluasa ngawulakeun diri ka Gusti, ngabaktikeun jiwa ragana. Ari boga salaki mah tangtu moal kaur kitu, repot ku urusan rumah tanggana, malar kapake ku salakina.


1 Korintus 7:35
Nganasehatan soteh hayang ngentengkeun. Lain ngalarang kitu ngalarang kieu, hayang memener hirup aranjeun, supaya aranjeun bisa museurkeun pikiran ka Gusti.


1 Korintus 8:5
Memang aya anu disebut ”allah-allah”, aya nu di langit, aya nu di bumi. Malah nu disebut ”allah” jeung ”gusti” teh loba.


1 Korintus 8:6
Tapi pikeun urang mah tetep Allah teh hiji, anu jumeneng Rama, anu ngajadikeun saniskara, tempat ngabaktikeun hirup urang; jeung ngan hiji Gusti, nya eta Yesus Kristus, anu jadi lantaran ayana saniskara, anu ngalantarankeun urang hirup.


1 Korintus 9:1
Ari sim kuring naha lain jelema bebas? Naha lain rasul? Naha sim kuring tacan kungsi ningal Yesus Gusti urang? Ari aranjeun lain bukti pagawean sim kuring pikeun Gusti?


1 Korintus 9:2
Sanajan upama ku nu sejen sim kuring teu diaku rasul, ku aranjeun mah tangtu diaku! Hirup aranjeun ngahiji jeung Gusti, kapan eta teh hiji bukti yen sim kuring enya rasul.


1 Korintus 9:5
Naha teu meunang sim kuring nurutan rasul-rasul sejen jeung saderek-saderek Gusti kitu deui Petrus, indit-inditan dibaturan ku pamajikan sasama Kristen?


1 Korintus 10:16
Waktu urang nginum anggur tina lumur dina Jamuan Gusti anu ku urang disukurkeun ka Allah, eta ciri urang kaserepan ku getih Kristus. Roti anu ku urang dipecah-pecah didahar dina eta Jamuan, ciri diri urang ngahiji jeung salira Kristus.


1 Korintus 10:21
Sabab lamun aranjeun nginum tina lumur pikeun roh jahat, teu meunang nginum tina lumur Gusti; lamun aranjeun ngadahar susuguh pikeun roh jahat, teu meunang ngadahar Jamuan Gusti.


1 Korintus 10:22
Kajaba ari rek mapanas ka Gusti mah! Lamun kitu, naha manusa teh leuwih kuat ti batan Anjeunna?


1 Korintus 11:11
Tapi sanajan kitu ge pikeun urang mah anu hirup di Gusti, awewe henteu lesot ti lalaki, lalaki henteu lesot ti awewe.


1 Korintus 11:20
Waktu aranjeun kumpul bareng, eta anu didalahar ku aranjeun teh saenyana lain Jamuan Gusti.


1 Korintus 11:23
Sabab kieu conto ti Gusti anu katampa ku sim kuring mah: Gusti Yesus dina peutingan dihianat, nyandak roti hiji,


1 Korintus 11:26
Jadi saban aranjeun dahar roti ieu jeung nginum anggur ieu, tanda aranjeun ngamashurkeun pupusna Gusti nepi ka mangsa Anjeunna sumping deui.


1 Korintus 11:27
Ku sabab kitu, anu dahar roti ti Gusti jeung nginum anggur ti Gusti ku cara anu teu pantes, eta jelema teh dosa kana salira jeung getih Gusti.


1 Korintus 11:29
Sabab milu dahar eta roti jeung nginum eta anggur tapi henteu ngarasa yen eta teh salira jeung getih Gusti, sarua jeung nangtang hukuman ti Allah.


1 Korintus 11:33
Ku sabab kitu dulur-dulur, dina Perjamuan Gusti teh urang kudu silih dagoan.


1 Korintus 12:3
Aranjeun kudu tarerang, jelema anu diaping ku Roh Suci moal sanggupeun nyumpahan ”Yesus sing disapa!” jeung moal aya anu bisa ngaku ”Yesus teh Gusti”, lamun henteu ditungtun ku Roh Suci.


1 Korintus 12:5
Carana ngabdi rupa-rupa, ari nu diabdianana mah Gusti anu hiji.


1 Korintus 12:6
Jelema anu ngabdi ka Gusti boga kamampuh masing-masing, eta kamampuh asalna ti Allah anu hiji.


1 Korintus 14:37
Jelema anu ngarasa kailhaman warta ti Allah, atawa ngarasa meunang kurnia anu sipatna rohani, kudu ngaku yen ieu anu dituliskeun ku sim kuring dina ieu surat teh estu parentah ti Gusti.


1 Korintus 15:31
Unggal poe sim kuring nyanghareupan bahya pati teh, dulur-dulur! Tapi teu nanaon, lantaran aranjeun enggeus ngahiji jeung Kristus Yesus Gusti urang.


1 Korintus 15:57
Tapi puji sukur ka Allah! Mantenna geus maparin kaunggulan ka urang ku jalan Gusti urang Yesus Kristus.


1 Korintus 15:58
Ku sabab kitu dulur-dulur kudu teger jeung pengkuh, kudu garetol, rajin ngalakonan kawajiban pikeun Gusti. Sabab aranjeun nyaho yen sakur lampah aranjeun pikeun Gusti moal aya anu mubadir.


1 Korintus 16:10
Lamun Timoteus datang aku sing bener supaya betaheun, sabab manehna oge digawe pikeun Gusti cara sim kuring.


1 Korintus 16:22
Saha-saha anu teu nyaaheun ka Gusti, mugia sing meunang hukuman ti Allah! Maranata — Gusti, geura sumping!


1 Korintus 16:23
Mugi-mugi aranjeun dirahmat ku Gusti Yesus.


2 Korintus 1:2
mugia aranjeun dipaparin rahmat salamet ti Allah Rama urang jeung ti Gusti Yesus Kristus.


2 Korintus 1:3
Puji kasanggakeun ka Allah, Ramana Gusti urang Yesus Kristus, Rama anu maha welas, sarta anu maparin kategeran hate ka manusa.


2 Korintus 1:13
Ieu anu ditulis ku sim kuring ngan hal-hal anu baris bisa kabaca jeung kaharti ku aranjeun. Ayeuna-ayeuna mah peta sim kuring teh ku aranjeun moal pati kaharti. Tapi muga-muga engke mah kaharti enya-enya, sangkan engke ari Yesus Gusti urang sumping, aranjeun bisa agul ku sim kuring cara sim kuring mikaagul aranjeun.


2 Korintus 2:12
Sanggeus sim kuring datang ka Troas rek ngawawarkeun Injil Kristus, Gusti maparin pijalaneun ka sim kuring pikeun baranggawe di Troas.


2 Korintus 3:6
Nya Mantenna anu ngalantarankeun sim kuring sanggup jadi palayan tina perjangjian anyar, anu eusina lain hukum-hukum anu beunang nulis, tapi eusina teh nya eta Roh Gusti. Sabab hukum-hukum anu beunang nulis tea mah maehkeun, sabalikna Roh Gusti mah ngahirupkeun.


2 Korintus 3:8
atuh komo anu meunang ngadamel Roh Gusti, cahayana tangtu leuwih mulya!


2 Korintus 4:5
Sim kuring lain rek ngamashurkeun diri sorangan, tapi rek ngamashurkeun Yesus Kristus anu jumeneng Gusti, da ari sim kuring mah kitu deui batur-batur kapan palayan aranjeun ku karana Kristus.


2 Korintus 4:14
Sim kuring percaya yen Allah anu ngahirupkeun deui Gusti Yesus teh baris ngahirupkeun sim kuring oge bareng jeung Yesus, tuluy dicandak bareng jeung aranjeun ka payuneuna-Na.


2 Korintus 5:6
Eta sababna pangna hate sim kuring salawasna reugreug. Sim kuring terang yen sapanjang make keneh badan nu ayeuna mah urang teh jauh ti tempat Gusti linggih.


2 Korintus 5:8
Nya ieu anu ngalantarankeun hate sim kuring teteg teh. Anu matak sim kuring mah mending ucul tina badan nu ayeuna, supaya bisa cicing ngahiji jeung Gusti.


2 Korintus 8:5
Teu nyana nepi ka kitu! Geus ngabdi ka Gusti teh, ku kersaning Allah make jeung nawarkeun tanaga ka sim kuring sabatur-batur.


2 Korintus 8:9
Aranjeun geus terang kumaha murah asihna Gusti urang Yesus Kristus. Anjeunna teh sugih, tapi iklas hirup miskin, supaya kasugihan Anjeunna ngabeungharkeun aranjeun.


2 Korintus 10:8
Sim kuring, sanajan upama nepi ka agul leuwih ti misti oge ku kakawasaan ti Gusti, henteu era, da eta kakawasaan teh dipake ngadegkeun aranjeun, lain dipake ngarubuhkeun.


2 Korintus 11:17
Tangtu bae ieu mah lain ucapan anu dipiwarang ku Gusti. Ngomong hayang bisa agul kitu teh ceuk sim kuring bae, si bodo.


2 Korintus 11:31
Lain bohong, saksina ge Allah Ramana Gusti Yesus; puji kasangggakeun ka pajenengana-Na salalanggengna.


2 Korintus 12:1
Saenyana agul teh taya untungna. Tapi teu rek agul kumaha, sabab sim kuring kungsi meunang tetenjoan jeung wahyu ti Gusti.


2 Korintus 12:8
Tilu kali sim kuring nunuhun ka Gusti, nyuhunkeun supaya eta kanyeri dileungitkeun.


2 Korintus 12:9
Tapi waler-Na, ”Kurnia Kami ka maneh geus cukup, sabab kakawasaan Kami paling matih ana maneh keur lembek.” Ku sabab kitu sim kuring mah lembek oge agul, bungah pisan, da bakal bisa ngarasa kana panangtayungan kakawasaan Gusti.


2 Korintus 12:21
Inggis ari jol teh engke sim kuring ku Gusti Allah diparengkeun apes di hareupeun aranjeun, sieun meunang kasedih, bisi jelema-jelema anu bareto nyieun kadorakaan teh loba keneh anu tacan robah, masih rujit kalakuan, masih keneh sok rarucah jeung lalacur.


2 Korintus 13:10
Eta sababna samemeh urang pajonghok sim kuring nyuratan heula, supaya engke mun sim kuring datang, ulah nepi ka kudu keras ngagunakeun kakawasaan anu ti Gusti, da eta kakawasaan teh dipasihkeunana ka sim kuring pikeun ngadegkeun aranjeun, lain pikeun ngarubuhkeun.


2 Korintus 13:13
Mugi-mugi aranjeun ginanjar sih kurnia Gusti Yesus Kristus, ginanjar asihing Allah, diaping ku Roh Suci.


Galatia 1:3
Mugi-mugi Allah Rama urang jeung Gusti Yesus Kristus maparin berkah jeung kasantosaan ka aranjeun.


Galatia 1:19
Jeung rasul-rasul sejenna mah teu kungsi tepung, salian ti jeung Yakobus saderek Gusti Yesus.


Galatia 5:10
Tapi sim kuring percaya keneh aranjeun moal nepi ka robah pamadegan, moal udar tina hirup ngahiji jeung Gusti. Jeung sim kuring yakin, jelema anu ngusutkeun kapercayaan aranjeun, saha bae, tangtu dihukum ku Allah.


Galatia 6:14
Ari kaagul sim kuring mah ngan Gusti urang Yesus Kristus anu geus pupus disalib. Sabab ku pupusna Anjeunna disalib teh pikeun sim kuring mah dunya geus teu aya hartina, nya kitu deui sim kuring pikeun dunya lir geus maot.


Galatia 6:18
Mugi-mugi Gusti urang Yesus Kristus maparin rahmat salamet ka aranjeun, dulur-dulur! Amin.


Ef 1:1
Dumateng sakumna umat Allah di Epesus anu pengkuh satunggal jeung Kristus Yesus. Sim kuring, Paulus, anu ku Allah dijadikeun rasulna Kristus Yesus nyuratan, mugia aranjeun ginanjar rahmat rahayu ti Allah Rama urang jeung ti Gusti urang Yesus Kristus.


Ef 1:3
Urang ngahaturkeun nuhun ka Allah Ramana Gusti urang Yesus Kristus! Sabab urang anu geus jadi hiji jeung Kristus dipaparin sagala berkah rohani ti sawarga.


Ef 1:15
Barang terang aranjeun geus percaya ka Gusti Yesus jeung mikanyaah ka sakumna umat Allah,


Ef 1:17
dipangnyuhunkeun sing dipaparin Roh Allahna Gusti urang Yesus Kristus, Rama nu agung. Sabab Roh Mantenna teh bakal minterkeun aranjeun, bakal nerangkeun hal Allah nepi ka aranjeun terang ka Mantenna.


Ef 1:22
Saniskara ku Allah ditalukkeun ka Kristus anu jadi sirah gareja, jadi Gustina saniskara.


Ef 3:11
Hal eta ku Allah geus dilaksanakeun, saluyu jeung tujuan Mantenna anu sipatna langgeng. Ari anu ngajalankeunana nya eta Kristus Yesus, Gusti urang.


Ef 4:1
Sim kuring, anu keur dipanjara lantaran ngabdi ka Gusti meredih, hirup aranjeun sing sakumaha layakna anu geus disaur ku Allah.


Ef 4:5
Ngan hiji nu jadi Gusti, hiji iman kapercayaan, hiji baptisan,


Ef 4:6
ngan hiji Allah, anu jadi Rama sakumna manusa, Gusti sakabeh, anu barangdamel di sakabeh jeung aya di sakabeh.


Ef 4:17
Kalawan pajenengan Gusti, sim kuring mepelingan ka aranjeun. Ulah marake deui adat kalakuan jelema-jelema anu teu palercaya ka Allah. Nu karitu mah pikiranana minculak,


Ef 5:8
Aranjeun oge tadina hirup teh di nu poek. Tapi ayeuna mah geus aya di nu caang lantaran geus jaradi umat Gusti. Ku sabab eta kalakuan oge kudu layak sakumaha kalakuan jelema-jelema anu caricing di nu caang.


Ef 5:17
Nu matak ulah bodo, sing awas kana pangersa Gusti.


Ef 5:19
Nyarita jeung pada batur kudu make kecap-kecap tina jabur, tina pupujian, jeung tina kidung-kidung rohani. Pujikeun ka Gusti pupujian jeung jabur reujeung gumbira hate.


Ef 5:20
Tina hal naon bae kudu muji sukur ka Allah Rama, bari nyebut pajenengan Gusti urang Yesus Kristus.


Ef 6:5
Aranjeun, gandek-gandek, kudu ngesto ka dunungan aranjeun anu di dunya, kudu ngadegdeg sieun. Pigawe parentahna sing iklas lir ngesto ka Gusti.


Ef 6:7
Lampahkeun kawajiban reujeung hate senang lir ngalampahkeun kawajiban ti Gusti ongkoh, lain ti jelema bae.


Ef 6:8
Inget, saha-saha ge ari hade gawe mah aya ganjaranana ti Gusti, boh gandek boh lain gandek.


Ef 6:10
Ahirna, dina ngahiji jeung Gusti teh upayakeun diri supaya kuat, tegesna supaya dikuatkeun ku kakawasaan Anjeunna.


Ef 6:21
Hal kaayaan sim kuring ayeuna, aranjeun engke terang ti Tihikus, dulur urang anu satia kana gawe pikeun Gusti.


Ef 6:23
Mugi-mugi Allah Rama jeung Gusti Yesus maparin kakertaan, jeung rasa kanyaah dina kapercayaan ka sakumna dulur-dulur Kristen.


Ef 6:24
Mugia sih kurnia Allah nyarengan ka sakur anu nyaah ka Gusti urang Yesus Kristus ku kanyaah anu teu pareum-pareum.


Filipi 1:2
Mugia aranjeun ginanjar rahmat rahayu ti Allah Rama jeung ti Gusti Yesus Kristus.


Filipi 1:6
Ku hal eta sim kuring yakin ieu pagawean anu diawitan ku Allah teh bakal tumuluy jeung bisa anggeus dina poean Gusti sumping.


Filipi 1:10
supaya terang ka anu panghadena. Lamun kitu, engke dina poean Gusti sumping teh aranjeun mulus beresih taya cawadeunana,


Filipi 1:14
Jeung ku hal sim kuring dipanjara teh karereaanana dulur-dulur jadi leuwih yakin percayana ka Gusti, jeung jadi leuwih warani nguarkeun eta amanat Allah, teu risi-risi.


Filipi 1:23
Dina hal ieu sim kuring asa dipagorenyangkeun ku dua kahayang. Aya hayang geura maot tuluy ngahiji jeung Gusti nu bakal leuwih nyenangkeun,


Filipi 2:11
Kabeh bakal ngaku Yesus Kristus teh Gusti. Ku hal eta Allah Rama dimulyakeun.


Filipi 2:19
Lamun aya widi Gusti, sim kuring ngaharep bisa buru-buru ngutus Timoteus ka aranjeun, hayang meunang bejana supaya teteg.


Filipi 2:24
Sim kuring pribadi mun geus aya widi Gusti rek buru-buru nepungan ka aranjeun.


Filipi 3:1
Cindekna dulur-dulur teh kudu suka ngahiji jeung Gusti. Sim kuring teu hoream malikan tulisan anu ti heula supaya aranjeun tambah jamuga.


Filipi 3:8
Lain eta bae, da nu karitu teh saenyana mah kabeh ge taya hargana. Ayeuna sim kuring geus meunang nu leuwih ti kitu, nya eta terang ka Kristus Yesus, Gusti sim kuring. Sanggeus terang ka Anjeunna, nu karitu teh dipiceun kabeh, dijieun runtah, supaya sim kuring bisa narima


Filipi 3:20
Urang mah warga sawarga, ngadago-dago pisan kana pisumpingeuna-Na anu nyalametkeun urang, Gusti Yesus Kristus.


Filipi 4:1
Ku sabab kitu dulur-dulur, sing parengkuh ka Gusti. Sim kuring ka aranjeun teh nyaah jeung nineung. Asa bagja jeung agul ku aranjeun teh.


Filipi 4:2
Nyi Eodia jeung Nyi Sintika, bapa meredih, sing alakur dina sakapercayaan ka Gusti, sing silih pidulur.


Filipi 4:4
Salilana sing saruka hirup ngahiji jeung Gusti. Sakali deui: Sing saruka!


Filipi 4:5
Kudu someah ka unggal jelema. Gusti urang tereh sumping.


Filipi 4:10
Sajeroning hirup ngahiji jeung Gusti, sim kuring kacida bagjana, lantaran meunang deui perhatian ti aranjeun sanggeus kaheuleutan sakitu lilana. Di jero sakitu lilana ingetna mah tangtu inget ka sim kuring teh, ngan can bisa nembongkeunana, lain geus mopohokeun.


Filipi 4:23
Mugi-mugi sih kurnia Gusti Yesus Kristus nyarengan ka aranjeun.


Kolose 1:3
Keur waktu mangnedakeun aranjeun, sim kuring muji sukur dina paneda ka Allah, Rama-Na Gusti urang Yesus Kristus,


Kolose 2:6
Ku lantaran aranjeun geus narima yen Kristus Yesus teh Gusti, aranjeun geus ngahiji jeung Kristus.


Kolose 3:13
Kudu daek silih eledan, lamun pareng pasendatan jeung batur kudu daek silih hampura. Ngahampura teh wajib, sakumaha Gusti oge ngahampura ka aranjeun.


Kolose 3:17
Lamun aranjeun keur nganuhunkeun ka Allah Rama, boh nu dilampahkeun boh nu diucapkeun, kudu kalawan asmana Gusti.


Kolose 3:22
Para badega dina sagala rupa kudu ngesto ka dunungan anu di dunya, saregep teh ulah ngan keur di hareupeunana pedah hayang kaalem. Ngawula teh kudu ku karana iklas jeung ku karana isin ku Gusti.


Kolose 3:23
Ngalampahkeun parentah dunungan kudu enya-enya, lir gawe keur Gusti lain keur jelema.


Kolose 3:24
Inget, Gusti kagungan ganjaran keur umat-Na, keur aranjeun. Sabab anu saenyana jadi dunungan aranjeun mah Kristus.


Kolose 4:7
Hal kaayaan sim kuring bakal dicaritakeun ka aranjeun ku saderek Tihikus, anu satia maturan sim kuring ngalakonan gawe ti Gusti.


Kolose 4:17
Pangnepikeun amanat sim kuring ka Arsipus: ”Laksanakeun padamelan ti Gusti nepi ka rengse.”


Kolose 4:18
Salam sono sim kuring, Paulus. (Ieu ditulisna ku leungeun sorangan.) Ulah paroho, sim kuring teh dipanjara keneh! Mugi Gusti maparinkeun sih kurnia-Na.


1 Tesalonika 1:1
Kahatur dumateng dulur-dulur di Jamaah Tesalonika, umat kagungan Allah Rama jeung Gusti Yesus Kristus. Ieu surat ti Paulus, Silas, jeung Timoteus. Mugia aranjeun marendak rahmat rahayu ti Allah.


1 Tesalonika 1:3
Saban-saban neneda ka Allah Rama urang, sim kuring teh inget ka aranjeun, anu sakitu percayana ka Kristus, nyata dina hirup aranjeun. Aranjeun sakitu mikahemanna ka nu sejen, nepi ka daek nyorang hese cape, jeung teguh mantengkeun harepan ka Gusti urang Yesus Kristus.


1 Tesalonika 1:6
Aranjeun ayeuna geus nulad ka sim kuring jeung ka Gusti urang. Sakitu disusahkeunana oge aranjeun teh daek tur kacida sukana narima warta perkara eta. Eta kasukaan aranjeun teh paparin ti Roh Suci.


1 Tesalonika 2:15
anu geus maehan Gusti Yesus jeung nabi-nabi-Na, jeung nganiaya rasul-rasul-Na. Urang Yahudi geus nyieun anu matak cua ka Allah, jeung kacida ngamusuhanana ka saban jalma.


1 Tesalonika 2:19
Nya aranjeun anu bisa ngabungahkeun hate jeung ngagedekeun harepan sim kuring, jeung anu bisa diagulkeun ku sim kuring ka payuneun Yesus Gusti urang, engke ari Anjeunna geus sumping.


1 Tesalonika 3:8
Enyaan asa hirup ngadenge aranjeun pengkuh ka Gusti teh.


1 Tesalonika 3:11
Mugi-mugi Allah Rama urang jeung Yesus Gusti urang maparin jalan nepi ka urang bisa papanggih deui.


1 Tesalonika 3:13
Lamun kitu, aranjeun bakal meunang kakuatan ti Mantenna, datang ka jadi sampurna jeung suci di payuneun Allah Rama urang engke, ari Yesus Gusti urang geus sumping diiring ku sakabeh umat kagungana-Na.


1 Tesalonika 4:1
Saterusna dulur-dulur, aranjeun geus diajar kumaha kuduna hirup anu sapuk jeung pangersa Allah, sarta ku aranjeun geus dilakonan. Parandene kitu kalayan asmana Gusti sim kuring menta supaya sing leuwih gumati ngalakonanana.


1 Tesalonika 4:2
Pituduh-pituduhna aranjeun geus terang, geus dibere ku sim kuring ku kakawasaanana Gusti Yesus.


1 Tesalonika 4:6
Tumali jeung hirup suci tea, kade ulah aya anu salah pameta ka sasama sakapercayaan atawa ngarah kauntunganana. Ngeunaan ieu hal aranjeun geus diomongan, jeung geus diomat-omatan pisan yen sakur anu milampah kitu teh bakal nandang panyiksa ti Gusti.


1 Tesalonika 4:15
Sim kuring ngabejaan, kieu piwulang Gusti tina hal eta: Sakur anu hirup keneh dina wanci Gusti sumping, moal diheulakeun ti nu geus maraot ti heula.


1 Tesalonika 4:16
Engke bakal aya sora tarik aba-aba ti malaikat utama, jeung sora tarompet Allah, geus kitu Gusti ku anjeun bakal lumungsur ti sawarga. Anu bakal dihirupkeun ti heula teh anu maraotna percaya ka Kristus.


1 Tesalonika 4:17
Ari anu harita harirup keneh bakal dikumpulkeun jeung eta, dibawa bareng kana mega ngadeuheus ka Gusti di awang-awang, saterusna hirup reureujeungan jeung Gusti.


1 Tesalonika 5:2
Aranjeun sorangan geus terang yen Poe sumpingna Gusti teh taya nu nyaho, cara paling ti peuting.


1 Tesalonika 5:9
Allah milih urang teh lain pikeun nadahan bendu-Na, tapi supaya ngamilik kasalametan ku jalan Gusti urang Yesus Kristus,


1 Tesalonika 5:12
Pamerih sim kuring, muga aranjeun sing ngahargaan ka anu keur digarawe nungtun jeung ngatik aranjeun dina sual hirupna anu anut ka Gusti.


1 Tesalonika 5:23
Mugia Allah anu maparin katengtreman ka urang sing nyucikeun tingkah laku aranjeun, sangkan suci sakujur diri, jiwa, nyawa, jeung raga, sing ulah aya celana dina waktu sumping Gusti urang Yesus Kristus.


1 Tesalonika 5:27
Ieu surat, demi Gusti, pangmacakeun ka sakabeh dulur sakapercayaan.


1 Tesalonika 5:28
Mugia dulur-dulur ginanjar rahmatna Gusti urang Yesus Kristus.


2 Tesalonika 1:1
Kahatur dumateng dulur-dulur di Jamaah Tesalonika, umat kagungan Allah Rama jeung Gusti Yesus Kristus. Ieu surat ti Paulus, Silas, jeung Timoteus.


2 Tesalonika 1:2
Mugia aranjeun dikurniaan rahmat rahayu ti Gusti Allah Rama jeung ti Gusti Yesus Kristus.


2 Tesalonika 1:7
Aranjeun anu ayeuna lara balangsak, kitu deui sim kuring, bakal diluginakeun ku Allah, ari Gusti Yesus sumping ti sawarga diiring ku para malaikat anu garagah,


2 Tesalonika 1:8
sumping dina gedurna seuneu. Anjeunna bakal ngahukum sakur anu nolak ka Allah jeung ka anu embung narima Injil Kasalametan hal Yesus Gusti urang.


2 Tesalonika 1:9
Maranehna bakal ngarasa hukumanana, binasa salalanggengna, dipeclengkeun ti payuneun Gusti jeung ti lingkungan kakawasaana-Na anu agung.


2 Tesalonika 1:12
Lamun kitu, eta hirup aranjeun teh matak mulya ka pajenengan Yesus Gusti urang, sarta aranjeun oge mareunang kamulyaan ti Anjeunna, ku berkah sih kurnia Allah, jeung ku rahmatna Gusti Yesus Kristus.


2 Tesalonika 2:1
Ngeunaan pisumpingeunana Gusti urang Yesus Kristus, jeung hal urang bakal kumpul di Anjeunna, sim kuring ngelingan ka aranjeun, dulur-dulur!


2 Tesalonika 2:2
Poma ulah bingung pipikiran, ulah gugup ku nu nyebutkeun magar poe sumpingna Gusti teh geus nitih wanci. Bisa jadi kabarna asal tina ramalan atawa hutbah, atawa majar asal tina surat sim kuring.


2 Tesalonika 2:8
geus kitu kakara eta Manusa Jahat teh datang nembongkeun maneh. Tapi dina mangsa Gusti Yesus sumping, manehna bakal paeh ditiup ku napas anu ngahebos tina baham Gusti, lebur ku kilat tina salira-Na.


2 Tesalonika 2:13
Saban waktu sim kuring wajib muji sukur ka Allah ku hal aranjeun, dulur-dulur, anu diasih ku Gusti. Sabab aranjeun ku Allah dipilih pangheulana pikeun disalametkeun, lantaran percaya kana eta warta anu sayakti, disalametkeun ku pangawasa Roh, sangkan jaradi umat suci kagungana-Na.


2 Tesalonika 2:14
Aranjeun ku Allah disaur kana ieu kaayaan ku jalan Injil Kasalametan anu diwawarkeun ku sim kuring, disaur supaya narima jeung ngamilik kamulyaan Gusti urang Yesus Kristus.


2 Tesalonika 2:16
Mugi-mugi Gusti urang Yesus Kristus, kitu deui Allah Rama urang anu mikawelas mikaasih, maparin panglilipur, katabahan jeung kamantepan,


2 Tesalonika 3:1
Doakeun sim kuring dulur-dulur. Pangnedakeun sing bisa neruskeun nyebarkeun amanat Gusti, sing gancang hasil reujeung gumilang kawas di aranjeun.


2 Tesalonika 3:3
Tapi aranjeun bakal dikuatkeun ku Gusti anu sipat satuhu, diraksa ti si Jahat.


2 Tesalonika 3:4
Sim kuring diyakinkeun ku Gusti, percaya yen aranjeun keur ngalakonan hal anu dipapatahkeun ku sim kuring, sarta bakal pengkuh saterusna kana hal eta.


2 Tesalonika 3:5
Mugia aranjeun ku Gusti dikersakeun tambah ngarti kana kaasih Allah sarta tahan uji saperti Kristus.


2 Tesalonika 3:6
Dulur-dulur! Kalawan nyambat jenengan Gusti urang Yesus Kristus, sim kuring meredih ka aranjeun, jauhkeun diri ti jelema anu kedul, jeung ti anu teu daek ngagugu kana papatah sim kuring.


2 Tesalonika 3:12
Ka jelema anu kitu, kalawan asmana Gusti Yesus Kristus sim kuring meredih jeung ngelingan kudu hirup tartib jeung kudu daek baranggawe keur kipayah hirupna.


2 Tesalonika 3:16
Mugia Gusti ku anjeun anu jadi sumber katengtreman urang, saban-saban waktu nengtremkeun ka aranjeun dina sagala perkara. Mugia Mantenna nyarengan ka aranjeun.


2 Tesalonika 3:18
Mugia Gusti urang Yesus Kristus maparinkeun sih kurnia-Na ka aranjeun.


1 Timotius 1:1
Timoteus, anak bapa ku karana anut ka Kristus! Ieu bapa, Paulus, anu jadi rasulna Kristus Yesus, ngemban parentah Allah, nu nyalametkeun urang, jeung ngemban dawuhan Kristus Yesus nu jadi pangharepan urang, nyuratan ka hidep. Mugia hidep meunang sih kurnia rahmat rahayu ti Allah Rama jeung ti Kristus Yesus Gusti urang.


1 Timotius 1:12
Bapa muji sukur ka Kristus Yesus Gusti urang, sabab ku berkah Anjeunna bapa kuat ngajalankeun kawajiban. Nganunuhunkeun reh ku Anjeunna dilayakkeun ngawulaan.


1 Timotius 1:14
Ku Gusti nu sipat welas bapa malah dilimpahan ku sih kurnia, dipaparin hate percaya jeung rasa kanyaah, anu ayeuna mah geus jadi sipat urang ku lantaran anut ka Kristus.


1 Timotius 5:22
Jaba ti kitu hidep ulah gampang numpangkeun leungeun ngangkat jalma dikawulakeun ka Gusti. Ulah kalibet ku kajahatan batur, jaga diri sangkan tetep murni.


1 Timotius 6:3
Anu papatahna papalingpang jeung eta, ngalawan pangandika sayakti Gusti urang Yesus Kristus jeung kana pangajaran agama urang,


1 Timotius 6:11
Tapi hidep mah milik Allah ulah kitu. Sing jadi jelema bener, ibadah, percaya ka Gusti, nyaahan, tabah, someah.


1 Timotius 6:14
Gumatikeun ieu parentah-parentah, pupusti, nepi ka sumpingna Gusti urang Yesus Kristus,


1 Timotius 6:15
anu wancina geus dipastikeun ku Allah sumberna berkah, Panguasa esa, Rajaning sakabeh raja, Gustining sakabeh gusti.


2 Timotius 1:1
Timoteus anaking, Ieu bapa, Paulus, anu ku Allah dikersakeun jadi rasulna Kristus Yesus, anu diutus ngembarkeun hal hirup anu dijangjikeun, anu geus beunang ku urang sanggeus urang ngahiji jeung Kristus Yesus. Mugia hidep ginanjar kurnia rahmat rahayu ti Allah Rama jeung ti Gusti urang, Kristus Yesus.


2 Timotius 1:8
Ku sabab kitu tong era-era ku perkara Gusti urang atawa ku hal bapa dipanjara ku karana Kristus, anggur milu ancrub sangsara ku karana Injil Kasalametan tea, da geus dibere kakuatan ku Allah.


2 Timotius 1:18
Di Epesus ge sering pisan nulunganana, hidep ge nyaho. Mugi-mugi dina Poean Gusti sumping anjeunna meunang piwelas Allah.


2 Timotius 2:7
Lenyepan ieu omongan bapa, engke ku kersaning Gusti ku hidep bakal kaharti.


2 Timotius 2:21
Jalma anu beresih tina kajahatan bakal dipake pikeun pagawean anu penting, husus keur Gustina baris dianggo ngajalankeun pagawean-pagawean mulya.


2 Timotius 2:22
Hidep ulah nurutkeun perbawa kangoraan. Hirup teh pake ibadah, percaya ka Allah, nyaahan, tiis pikiran, barengan dulur-dulur nu aralus hate, anu ngarepna pitulung ka Gusti.


2 Timotius 2:24
Abdina Gusti mah ulah pasea, ka itu ka ieu kudu someah, ngajar kudu bageur jeung sabar.


2 Timotius 3:11
Geus nenjo bapa dikaniaya, geus nenjo bapa sangsara. Geus nyaho kumaha bapa dikaniaya di Antioki, di Ikonium, jeung di Listra, estu matak ginggiapeun! Tapi Gusti geus ngajait bapa tina eta panganiayaan-panganiayaan.


2 Timotius 4:8
geus didagoan ku hadiah kaunggulan, pahla pikeun nu hirupna bener, anu bakal dipasrahkeun dina Poe Kiamat ku Gusti Hakim nu adil, ganjaran anu bakal katarima ku sakur anu nyaah ka Anjeunna jeung ngarep-ngarep kana pisumpingeuna-Na.


2 Timotius 4:14
Aleksander, paledang tea kacida jahatna ka bapa. Sing aya wawalesna anu satimpal ti Gusti.


2 Timotius 4:17
Tapi Gusti tetep nyarengan ka bapa, nguatkeun hate bapa, nepi ka bapa sanggup ngawurukkeun eta Injil Kasalametan sagemblengna ka nu lain bangsa Yahudi. Gusti geus ngaleupaskeun bapa tina hukum pati,


2 Timotius 4:22
Mugia Gusti nyarengan ka hidep. Mugia hidep jeung anu di darieu mendak sih kurnia ti Allah.


Filemon 1:3
Mugi di dieu sadayana aya rahmat rahayu ti Allah Rama sareng ti Gusti Yesus Kristus.


Filemon 1:5
reh kaula nguping yen anjeun estu percaya ka Gusti Yesus, sareng mikanyaah ka sadaya umat Allah.


Filemon 1:16
mung ayeuna mah sanes sapertos bujang deui, harkatna parantos langkung ti bujang. Tegesna parantos pantes jadi dulur kanyaah lantaran percaya ka Kristus, anu ageung tulungna ka kaula! Parantos puguh deui ari pikeun anjeun mah, engke bakal ageung tulungna teh, boh saperti bujang boh saperti dulur anu tunggal percaya ka Gusti!


Filemon 1:20
Demi Gusti, tulungan kaula dina perkawis ieu, senangkeun hate kaula, dulur anjeun saiman dilebet Kristus!


Filemon 1:25
Mugia aranjeun di dieu ginanjar rahmat Gusti Yesus Kristus.


Ibrani 2:3
Jadi, lamun urang henteu malire kana eta pisalameteun anu luhur ajenna, kumaha rek bisa lolos tina hukuman? Anu mimiti ngembarkeun hal eta teh Gusti ku anjeun, geus kitu ku anu ngadarengena ditepikeun ka urang bari ditetelakeun yen bener.


Ibrani 2:6
sabab ceuk ungel salah sahiji bagian Kitab Suci kieu, ”Manusa teh naon, nun Allah, nu mawi dipikaemut? Manusa teh mung manusa, ku Gusti dugi ka diperhatoskeun!


Ibrani 2:7
Mung sakedap ku Gusti disina langkung handap ti batan para malaikat. Saparantos kitu mah dimakutaan ku kamulyaan sareng kaagungan,


Ibrani 2:8
ku Gusti disina murba kana saniskara.” Disebutkeun yen manusa ku Allah disina ”murba kana saniskara”; eta tetela nuduhkeun yen anu dipurba ku manusa teh sagala rupa. Ngan ayeuna mah urang tacan ningal manusa murba kana saniskara teh.


Ibrani 7:13
Anu dimaksud di dieu nya eta Gusti urang. Anjeunna ti kaom sejen. Ti kaom Anjeunna teu aya anu kungsi jadi imam.


Ibrani 7:14
Geus teu aya nu bireuk deui, Gusti urang mah ti kaom Yuda, kaom anu dina hal kaimaman ku Musa henteu disabit-sabit.


Ibrani 10:25
Ulah bosen-bosen kumpulan, ulah cara anu lian. Sabalikna anggur sing silih gedekeun hate, sabab Poe pisumpingeunana Gusti geus beuki deukeut.


Ibrani 12:14
Sing akur jeung pada batur, kudu dialajar hirup suci, sabab lamun teu kitu pamohalan bisa patenjo jeung Gusti.


Ibrani 13:20
Yesus, Gusti urang, ku Allah geus digugahkeun, hirup deui. Ku lantaran geus nyorang pupus, ayeuna Anjeunna jadi lir pangangon, Pangangon Agung urang, ari urang lir domba-domba-Na. Sarta ku jalan pupusna Anjeunna geus ngukuhkeun jeung ngalanggengkeun eusi perjangjian Allah.


Yakobus 1:1
Sim kuring Yakobus, abdi Allah, abdi Gusti Yesus Kristus. Hatur salamet ka sakumna umat Allah anu sumebar di saalam dunya.


Yakobus 1:3
sabab aranjeun tarerang, yen lamun aranjeun tetep palercaya ka Gusti dina sajeroning nandangan cocoba, aranjeun bakal leuwih tabah sarta mantep dina iman.


Yakobus 2:1
Dulur-dulur, anu percaya ka Yesus Kristus Gusti anu mulya mah, ulah sok ngabeda-beda jelema nilik kaayaan lahirna.


Yakobus 3:9
Ku urang sok dipake muji sukur ongkoh ka Gusti jeung Rama urang, tapi sok dipake oge nyumpahan ka sasama manusa anu dijadikeunana ngala kana kanyataan Allah.


Yakobus 5:7
Sing salabar dulur-dulur, ngadago Gusti sumping. Pek tengetkeun patani, sakitu sabarna ngadago hasil pepelakanana, sakitu sabarna ngadago hujan munggaran jeung hujan panganggeusan.


Yakobus 5:8
Dulur-dulur oge kudu kitu, kuatkeun hate, moal lila deui ge Gusti sumping.


Yakobus 5:14
Kumaha lamun aya anu gering? Pangneangkeun kokolot jamaah sina mangnedakeun, sina mangurutkeun make minyak jetun, bari nyambat jenengan Gusti.


Yakobus 5:15
Paneda anu saestu dibarengan ku percaya tan wande bisa nyageurkeun, anu gering teh ku Gusti dikersakeun cageur deui, jeung dosana dihampura.


1 Petrus 1:3
Puji jeung sukur kasanggakeun ka Allah, Ramana Gusti urang Yesus Kristus! Allah teh ku bawaning mikawelas geus midamel urang jadi manusa anu anyar dina hirup anu anyar, anu geus boga hiji pangharepan anu moal pareum-pareum, ku jalan Mantenna ngahirupkeun deui Yesus Kristus tina pupus-Na.


1 Petrus 2:4
Mana geura daratang ka Gusti. Anjeunna saibarat batu hirup anu geus dipiceun ku manusa lantaran teu kapake, tapi ku Allah mah malah dipeting dianggap batu nu gede pangajina.


1 Petrus 2:13
Ku sabab kitu, demi keur kamulyaan Gusti, aranjeun kudu tunduk ka unggal panguasa nagara: ka Prabu, reh eta nu pangkawasana,


1 Petrus 3:1
Ari aranjeun, istri-istri, kudu ngesto ka salaki. Malakmandar lamun salaki tacan percaya ka Gusti bisa kabawa percaya, ari aranjeun ngesto mah. Teu kudu diajak-ajak deui,


1 Petrus 3:15
Anggur masing sumujud ka Kristus, Gusti teh pikaajrih! Lamun aya anu menta katerangan perkara nu jadi pangharepan aranjeun, iraha-iraha ge jawab sing bener,


1 Petrus 5:4
Engke di mana Gusti Pangangon Agung sumping, aranjeun bakal narima makuta anu kamulyaanana moal susut moal aya sudana.


1 Petrus 5:14
Sing silih pikasono, silih rangkul anu kajurung ku kanyaah iman Kristen. Mugia Gusti maparin katengtreman batin ka aranjeun nu jadi milik Kristus.


2 Petrus 1:2
Mugia aranjeun ginanjar rahmat rahayu, rehna geus terang ka Allah jeung ka Yesus, Gusti urang.


2 Petrus 1:8
Aranjeun perlu ngabogaan ieu sipat-sipat. Lamun ieu sipat-sipat geus kapiboga tur beuki hirup, tangtu aranjeun bakal leuwih rajin jeung leuwih terang ka Gusti urang Yesus Kristus, sarta tangtu hasil.


2 Petrus 1:11
Ku jalan kieu aranjeun bakal dibere hak asup ka Karajaan anu langgeng, Karajaan Yesus Kristus, Gusti jeung Jurusalamet urang.


2 Petrus 1:14
Sabab sim kuring geus dibere terang eces pisan ku Gusti urang Yesus Kristus yen sim kuring bakal tereh ninggalkeun ieu dunya,


2 Petrus 1:16
Kamulyaan Gusti urang Yesus Kristus anu dicaritakeun ku sim kuring teh lain asal tina carita-carita beunang nganggit, sabab kasaksian pisan ku sorangan kamulyaana-Na teh.


2 Petrus 2:20
Lamun jelema geus leupas tina pangaruh perbawa dunya anu ngaruksak lantaran geus wanoh ka Gusti, Jurusalamet urang Yesus Kristus, heug kapuket deui ku eta nepi ka eleh, kaayaanana leuwih cilaka ti batan tadina.


2 Petrus 3:2
Sing aringet salawasna kana pilahir nabi-nabi saruci baheula, kitu deui kana timbalan Gusti Jurusalamet anu ditepikeun ku rasul-rasul.


2 Petrus 3:10
Poe pisumpingeuna-Na Gusti teh hamo kataksir iraha, cara urang teu bisa ngira-ngira iraha pidatangeunana bangsat. Dina Poe eta langit bakal leungit, sorana ngagulugur, sarta barang-barang langit bakal lebur ku seuneu, bumi katut saeusina musna kahuru.


2 Petrus 3:18
Sing terus mekar dina sih kurnia jeung pangarti kana hal Gusti jeung Jurusalamet urang Yesus Kristus. Sanggakeun puji ka Anjeunna, ayeuna, salalanggengna! Amin.


Yudas 1:4
Urang teh geus kaasupan sawatara jelema anu teu percaya ka Allah, anu muter balik wawaran hal sih kurnia Allah urang, ngarah maranehna laluasa ngalampahkeun kagorenganana. Eta teh henteu ngaraku ka Yesus Kristus anu jadi Panguasa tunggal, Gusti urang. Hukuman pikeun jelema-jelema karitu ti baheula keneh geus disebut-sebut dina Kitab Suci.


Yudas 1:17
Tapi dulur-dulur sing aringet kana kasauran rasul-rasulna Gusti urang Yesus Kristus, bareto.


Yudas 1:21
Sing hirup nyalindung kana asihing Allah, sapanjang aranjeun ngaharepkeun nugraha Gusti urang Yesus Kristus, anu baris nyandak urang kana hirup anu sayakti jeung langgeng.


Yudas 1:25
ka Mantenna, Allah nu jadi Jurusalamet urang ku karana Yesus Kristus Gusti urang, kasanggakeun kamulyaan, kaagungan, kadigjayaan jeung kakawasaan, ti baheula-baheula, nepi ka ayeuna, nepi ka engke, salalanggengna! Amin.


Wahyu 1:10
Dina Poean Gusti, kaula kapurba ku Roh Allah, ngadenge anu sasauran ti tukangeun, gentrana tarik kawas sora tarompet, kieu:


Wahyu 4:8
Opatanana baroga jangjang genep-genep anu luar jerona katutup ku mata. Beurang peuting eta opat mahluk hirup teh teu eureun-eureun mumuji: ”Suci-suci, suci Gusti Allah Nu Maha Kawasa, nu aya, nu geus aya, nu aya saterusna.”


Wahyu 4:11
”Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa. Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara, nya ku karana pangersa Gusti eta sadaya kumelip hirup.”


Wahyu 6:10
Nyawa para sahid teh nyoara tarik pisan, pokna, ”Nun Gusti Nu Maha Kawasa, anu suci sareng sipat saestu! Iraha Gusti bade mariksa sareng ngahukum jalmi-jalmi nu di bumi, nu parantos maehan ka abdi-abdi?”


Wahyu 11:4
Eta dua saksi teh nya eta dua tangkal jetun jeung dua lampu anu aya di payuneun Gustina sakuliah bumi.


Wahyu 11:8
Mayitna ngalalumbuk di jalan raya di hiji nagara urut Gustina disalib. Eta nagara ngaran kiasanana Sadumu, atawa Mesir.


Wahyu 11:17
tuluy ngarucap kieu, ”Sewu nuhun nun Pangeran, Allah Nu Maha Kawasa, nu jumeneng ayeuna, nu jumeneng ti jaman baheula! Gusti parantos kersa nyangking kawasa rongkah, ngawitan kersa marentah.


Wahyu 11:18
Umat brahala amarah, margi wawales ti Gusti parantos nitih kana wanci: Nerapkeun hukuman ka nu parantos paraeh, ngaganjar ka para abdi, ka nabi-nabi, sareng ka sugri anu ngabakti ka Gusti, ageung alit sami. Ayeuna mangsana ngabasmi maranehna, anu ngaruksak sakuliah bumi.”


Wahyu 14:13
Geus kitu kaula ngadenge aya nu nyoara di sawarga, ungelna, ”Tulis kieu: Bagja jelema-jelema, anu ti semet waktu ieu paehna keur ngawula ka Gusti!” Diwaler ku Roh Allah, ”Saestuna! Maranehna bakal eureun tina gawe beurat, sabab hasil panglayananana salilana bakal ngareujeungan ka maranehna.”


Wahyu 14:15
Aya hiji malaikat deui kaluar ti Bait Allah, nyoara tarik ka nu keur calik dina mega, ”Babadkeun arit Gusti kana pibuateun, bumi parantos asak, meujeuhna dipibuatan!”


Wahyu 15:3
sarta nganyanyikeun pupujian Musa abdi Allah jeung pupujianana Anak Domba, kieu: ”Nun Gusti, Allah Nu Maha Kawasa, estu agung tur aheng dadamelan Gusti! Nun Raja sagala bangsa, jalan Gusti adil sareng sayaktosna!


Wahyu 15:4
Saha anu teu bade gimir ka Gusti? Saha anu moal ngaku kana kaagungan Gusti? Mung Gusti bae nu suci. Bangsa-bangsa bakal darongkap sadaya, sembah sujud ka pangersa, wireh tindakan-tindakan Gusti nu adil, kasaksi ku sadayana.”


Wahyu 16:5
Malaikat nu ngajaga cai nyoara, ”Hukuman ti Gusti teh cocog, nun Anu Maha Suci, Gustina kiwari Gustina bihari!


Wahyu 16:6
Layak pisan jalmi-jalmi nu ngocorkeun getih umat Allah sareng nabi-nabi teh ku Gusti diinuman getih!”


Wahyu 16:7
Tina altar oge aya soara, ”Ya Allah Nu Maha Kawasa! Hukuman-hukuman ti Gusti adil, cocog sakumaha kedahna!”


Wahyu 17:14
sarta bakal merangan ka Anak Domba. Tapi bakal eleh ku Anak Domba jeung para panganutna nu saratia nu disalaur jeung dipilih, sabab Anjeunna teh Gustina sakabeh gusti, Rajana sakabeh raja.”


Wahyu 18:8
Ku sabab kitu rek ditinggangan ku pagebug, panyakit, kalaraan, kalaparan, disapoekeun. Rek digebruskeun kana seuneu, sabab Gusti Allah nu ngahukumna maha digjaya.”


Wahyu 19:16
Dina jubah jeung paha-Na aya tulisan hiji gelaran, ungelna: ”Rajana para raja, Gustina para gusti”.


Wahyu 21:6
Pok deui ngadawuh, ”Geus rengse! Kami teh Nu Awal jeung Nu Ahir, Kami teh Gusti ti mimiti nepi ka panganggeusan. Nu halabhab ku Kami rek dibere hak nginum tina cinyusu sumberna hirup, teu kudu mayar.


Wahyu 22:5
Di dinya geus taya peuting, teu perlu lampu atawa cahaya panonpoe, geus caang ku cahaya kamulyaan Gusti Allah. Para wargana bakal marentah kawas raja-raja, salalanggengna.


Wahyu 22:6
Saur malaikat ka kaula, ”Ieu ucapan teh saestuna, layak dipercaya. Gusti Allah anu maparin Roh-Na ka para nabi geus ngutus malaikat-Na sina nembongkeun ka abdi-abdi-Na perkara anu bakal tereh kajadian.”


Wahyu 22:13
Kami teh Nu Awal jeung Nu Ahir, Kami teh Gusti ti mimiti nepi ka panganggeusan.”


Wahyu 22:20
Anjeunna, anu nyaksian ieu sakabeh perkara ngadawuh, ”Kitu saestuna! Kami tereh datang!” Leres! Sumangga sumping nun Gusti Yesus!


Wahyu 22:21
Mugia sakumna umat Allah ginuluran sih kurnia Gusti Yesus.


Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society