A A A A A


Pencarian

Matius 1:21
Mariam bakal ngalahirkeun anak lalaki, ku maneh kudu dijenenganan Yesus — sabab bakal ngabebaskeun umat-Na tina dosa-dosana.”


Matius 3:6
Maranehanana ngarakukeun dosa-dosana, tuluy ku anjeunna dibaptis di Walungan Yordan.


Matius 4:17
Ti semet eta Yesus mimiti ngahutbahkeun amanat-Na, ”Geura tarobat tina dosa, sabab Karajaan Sawarga geus meh ngadeg!”


Matius 5:29
Nu matak lamun panon katuhu pidosaeun, cokel, piceun! Mending lapur panon hiji tinimbang sakujur awak dipiceun ka naraka.


Matius 5:30
Lamun leungeun katuhu pidosaeun, teukteuk, piceun! Mending lapur leungeun hiji tinimbang awak sakujur nyemplung ka naraka.”


Matius 9:2
Sanggeus sumping, aya anu lumpuh dibawa ka Anjeunna, digotong dina bale-bale. Jelema-jelema teh ku Anjeunna dipeleng, katingali yen kacida palercayaeunana ka Anjeunna. Seug Anjeunna ngadawuh ka eta nu lumpuh, ”Sing gede hate anaking! Dosa-dosa hidep geus dihampura.”


Matius 9:5
Babari mana nyebutkeunana, ʼDosa-dosa hidep dihampura,ʼ atawa, ʼGeura hudang tuluy leumpangʼ?


Matius 9:6
Tapi ayeuna ku Kaula rek dibuktikeun yen Putra Manusa teh di ieu dunya kawasa ngahampura dosa.” Ti dinya Anjeunna ngadawuh ka nu lumpuh tea, ”Geura hudang, bale-balena angkat, jung geura balik!”


Matius 11:21
”Cilaka maneh Korasin! Cilaka maneh oge, Betsaida! Lamun heug mujijat-mujijat anu ditembongkeun ka maraneh teh ditembongkeunana ka urang Tirus jeung Sidon, tangtu geus lila deui maranehna mah bakal marake baju karung jeung ngawuran awakna ku lebu, nyirikeun tobat tina dosa-dosana.


Matius 12:31
Ku sabab eta Kaula mere terang, jelema anu nyieun dosa jeung anu omonganana jahat bisa dihampura. Tapi anu ngagogoreng Roh Suci mah teu bisa dihampura.


Matius 13:41
Anak Manusa bakal miwarang para malaikat-Na nyabutan sakur anu ngalantarankeun manusa jadi dosa, jeung sakur anu garoreng lampah, dicabutan ti Karajaana-Na,


Matius 18:8
Leungeun atawa suku maraneh lamun nu hiji pidosaeun mah teukteuk bae, piceun! Mending ngan boga leungeun ngan hiji atawa suku ngan hiji tapi salamet, ti batan leungeun suku jangkep tapi diri sakujur dialungkeun kana seuneu langgeng.


Matius 18:9
Panon lamun nu hiji pidosaeun mah cokel bae, piceun! Mending ngan boga panon sabeulah tapi salamet, ti batan panon lengkep tapi diri sakujur dicemplungkeun kana seuneu naraka!”


Matius 18:15
”Dulur anu boga dosa ka maraneh kudu dipepelingan, tapi paduduaan bae. Mun daekeun narima salah, maneh untung bisa ngahiji deui jeung dulur.


Matius 23:28
Aranjeun oge kitu; ti luar katembongna ku jalma rea mah hade, padahal di jerona pinuh ku kapalsuan jeung dosa.”


Matius 26:28
”ieu teh getih Kami anu neguhkeun perjangjian Allah, getih anu dikucurkeun pikeun jalma rea geusan ngahampura dosa-dosana.


Matius 27:4
”Kuring dosa, geus ngahianat ka jelema nu taya salahna nepi ka diragragan hukum pati!” pokna. Dijawab, ”Sabodo teuing, eta mah urusan maneh!”


Markus 1:4
Nya bukti di gurun keusik aya nu muncul, ngabaptis jeung ngawulang, nya eta Yohanes. Piwulangna kieu, ”Geura tarobat, geura dibaptis, geus tangtu dosa maraneh dihampura ku Allah.”


Markus 1:5
Mangpirang-pirang jelema ti Yudea jeung ti kota Yerusalem daratang ngabarandungan piwulangna, terus ngaraku dosana, sarta tuluy ku anjeunna dibaptis di Walungan Yordan.


Markus 2:5
Ningali kapercayaan maranehna sakitu mantepna, Yesus ngalahir ka eta nu lumpuh, saur-Na, ”Anaking, dosa-dosa hidep geus dihampura.”


Markus 2:7
”Lancang temen ieu jelema ngomong kitu! Ngahina ka Allah! Ngan Allah anu wenang ngahampura dosa mah!”


Markus 2:9
Mana nu leuwih babari ngomongkeunana ka ieu nu lumpuh, ’Dosa-dosa hidep dihampura,’ atawa, ’Geura hudang, angkat samak hidep tuluy leumpang’?


Markus 2:10
Tapi ayeuna ku Kaula rek dibuktikeun yen Putra Manusa di ieu dunya kawasa ngahampura dosa.”


Markus 3:28
Kaula mere terang, jelema anu nyieun dosa jeung anu omonganana jahat bisa dihampura.


Markus 3:29
Tapi anu ngagogoreng Roh Suci mah teu bisa dihampura, sabab nu kitu mah dosana teh langgeng.” (


Yohanes 1:29
Poe isukna Yohanes ningali Yesus anu rek ka anjeunna. Yohanes ngalahir, ”Tuh itu Anjeunna, Anak Domba Allah, anu bakal ngaleungitkeun dosa ti alam dunya!


Yohanes 5:14
Sanggeus kitu Yesus papendak deui jeung manehna di Bait Allah. ”Kieu dengekeun,” saur-Na ka manehna, ”maneh ayeuna geus cageur. Ulah nyieun deui dosa, bisi matak leuwih cilaka.”


Yohanes 8:7
Maranehna maksa marenta diwaler. Yesus cengkat ajeg, tuluy ngalahir, ”Saha anu teu boga dosa, nu mana bae, pek maledog pangheulana ka eta awewe.”


Yohanes 8:11
”Sumuhun teu aya, Juragan,” walonna. ”Kami oge moal ngahukum,” saur Yesus, ”jig geura mulang, tapi ulah deui-deui nyieun dosa.”]


Yohanes 8:21
Yesus ngalahir deui, ”Upama Kaula geus mulang, ku aranjeun bakal ditareangan, tapi moal kapanggih sabab aranjeun moal bisa ka tempat Kaula, bakal maraot ku dosa sorangan.”


Yohanes 8:24
Anu matak ceuk Kaula tadi aranjeun bakal maraot dina dosa. Tangtu aranjeun teh bakal maraot dina dosa, lamun teu palercaya yen ’Kami teh Anu Jumeneng’.”


Yohanes 8:34
Waler Yesus, ”Kieu saenyana: Sing saha anu migawe dosa, ngawula kana dosa.


Yohanes 8:46
Cik ti maraneh, saha anu bisa ngabuktikeun yen Kami boga dosa? Anu diomongkeun ku Kami kabeh saestuna, ku naon teu dipercaya?


Yohanes 9:2
Murid-murid naranya ka Anjeunna, ”Pa Guru, dosa saha dugi ka eta jalmi teh lolong bawa ngajadi? Dosana sorangan atanapi dosa kolotna?”


Yohanes 9:3
Waler Yesus, ”Lolongna lain ku karana dosana sorangan atawa dosa kolotna, tapi supaya jalma-jalma narenjo kakawasaan Allah barangdamel dina diri manehna.


Yohanes 9:16
Ceuk sawareh urang Parisi, ”Mustahil jelema kitu utusan Allah, geuning henteu tunduk kana aturan Sabat!” Ceuk urang Parisi sawareh deui, ”Tapi piraku jelema dosa mah bisaeun nyieun kaajaiban sarupa kitu!” Tungtungna maranehna jadi pabentar.


Yohanes 9:24
Seug jelema anu asalna lolong teh dicalukan deui, tuluy diancam kieu, ”Maneh kudu sumpah demi Allah baris ngomong bener! Kami nyaho, jelema anu nyageurkeun maneh teh jelema dosa.”


Yohanes 9:25
”Anjeunna jalmi dosa atanapi sanes, abdi teu terang,” walonna. ”Terang soteh abdi tadina lolong, ayeuna parantos tiasa ningal.”


Yohanes 9:34
Walon para gegeden, ”Naon? Si gede dosa ti barang borojol! Arek mapatahan ka kami?” Ti semet harita eta jelema teh dilarang asup ka imah ibadah.


Yohanes 9:41
Waler Yesus, ”Upama aranjeun lolong, tandaning teu boga dosa. Tapi ku sabab ngakukeun barisa nenjo, tetela aranjeun masih keneh dosa.”


Yohanes 15:22
Saupama maranehna ku Kami henteu didatangan, henteu diwurukan, moal baroga dosa; tapi ayeuna geus kitu kaayaanana, maranehna geus moal bisa mungkiran dosana.


Yohanes 15:24
Saupama ku Kami henteu ditembongan perkara-perkara anu can kungsi dipigawe ku jelema, maranehna moal baroga dosa. Tapi eta perkara-perkara teh geus katarenjoeun, nu matak maranehna teh ka Kami mikageuleuh, ka Rama mikageuleuh.


Yohanes 16:8
Lamun geus sumping, Anjeunna bakal ngabuktikeun ka nu di dunya tina hal naon dosa maranehna, tina hal naon nu bener, jeung tina hal hukuman ti Allah.


Yohanes 16:9
Tina hal dosana, lantaran maranehna henteu palercayaeun ka Kami;


Yohanes 19:11
Waler Yesus, ”Juragan iasa kawasa ka Kaula mung ku margi aya widi ti Allah. Ku margi kitu jalmi anu nyerenkeun Kaula ka Juragan dosana langkung abot.”


Yohanes 20:23
”Saha-saha anu ku maraneh dihampura dosana, ku Allah oge bakal dihampura; upama ku maraneh henteu dihampura, ku Allah oge moal dihampura.”


Kisah Para Rasul 2:38
Saur Petrus, ”Kudu tarobat, jeung kudu dibaptis kalawan asmana Yesus Kristus, tangtu dosa-dosa aranjeun dihampura sarta bakal narampa sih kurnia Allah, nya eta Roh Suci.


Kisah Para Rasul 5:31
Anjeunna ku Allah parantos dijungjung, dijenengkeun Pamingpin sareng Jurusalamet, baris mingpin urang Israil kana pertobat supados kenging panghampura dosa.


Kisah Para Rasul 8:23
Sabab katilikna ku kaula anjeun teh pinuh ku kasirik, jadi budakna dosa.”


Kisah Para Rasul 10:43
Nabi-nabi sadayana anu nyaurkeun perkawis Anjeunna netelakeun yen anu percaya ka Anjeunna bakal dihampura dosana ku kakawasaan jenengana-Na.”


Kisah Para Rasul 13:38
Ku margi kitu mugia aruninga, perkawis panghampura dosa anu diwawarkeun ka aranjeun teh jalanna ti Yesus. Sakur anu percaya ka Anjeunna bakal dileupaskeun tina dosa-dosa, anu moal bisa dileungitkeun ku Hukum Musa.


Kisah Para Rasul 15:9
Urang sareng bangsa sejen ku Mantenna henteu dibeda-beda. Bangsa sejen oge ku Mantenna dihampura dosana, lantaran maranehna oge palercaya.


Kisah Para Rasul 17:30
Jaman manusa teu terang ka Allah ku Allah parantos teu diemut-emut. Ayeuna Mantenna mundut supaya manusa di mana-mana tarobat tina dosana.


Kisah Para Rasul 22:16
Mangga ayeuna urang baptis, bade ngantosan naon deui? Geura sasambat ka pajenengan Gusti, nyuhunkeun dihapunten sagala dosa.ʼ ”


Kisah Para Rasul 23:29
Anu kapendak ku sim kuring, asalna teh tina papaduan perkawis hukum maranehna. Teu aya dosana anu manjing hukum pati atanapi manjing hukum panjara.


Kisah Para Rasul 24:20
Atanapi ieu anu parantos araya di dieu sina nerangkeun, naon dosa jisim abdi anu ku maranehna kapendak numutkeun pamariksaan Mahkamah Agama Yahudi.


Kisah Para Rasul 25:8
Ku Paulus diwaler kieu, ”Sim kuring teu gaduh dosa boh kana Hukum Musa, boh kana Bait Allah, boh ka Prabu Rum.”


Kisah Para Rasul 26:18
Bareuntakeun panonna, tarobatkeun tina poek kana caang, tina pangawasa Iblis kana kakawasaan Allah, sina palercaya ka Kami supaya dosa-dosana bisa dihampura, jeung mareunang tempat di kalangan umat Allah.ʼ ”


Kisah Para Rasul 26:20
Parentahna dilakonan, ngawitanana ka nu di Damsik sareng nu di Yerusalem, salajengna ka sakuliah Yudea sareng ka bangsa sanes. Maranehna sina garanti pikir sareng tarobat tina dosa-dosana, kedah tarobat ka Allah, sareng hirupna kedah nembongkeun yen parantos tarobat.


Kisah Para Rasul 28:4
Narenjo oray ngambay dina panangan Paulus, pribumi ngaromong jeung babaturanana, ”Eta jelema tangtu boga dosa maehan, luput ti laut tuluy dibales pati ku Dewi Kaadilan.”


Kisah Para Rasul 28:17
Sanggeus meunang tilu poe, Paulus ngahaturanan pamingpin-pamingpin bangsa Yahudi di dinya supaya caralik ka anjeunna. Sanggeus karumpul anjeunna sasauran, ”Saderek-saderek bangsa Israil! Kaula teh boh ka bangsa boh kana adat istiadat karuhun teu gaduh dosa naon-naon. Nanging di Yerusalem kaula teh dipanjara, diserenkeun ka urang Rum.


Kisah Para Rasul 28:18
Ku urang Rum dipariksa, ti dinya bade dibebaskeun, lantaran beresih tina dosa anu manjing hukum paeh.


Roma 1:18
Allah ti sawarga nembongkeun bendu-Na kana sakabeh dosa jeung kajahatan manusa, sabab kajahatanana teh ngahalangan maranehna pikeun nyaho ka nu bener.


Roma 2:12
Nu lain bangsa Yahudi henteu barogaeun Hukum Musa, hukuman dosana di luareun eta. Urang Yahudi barogaeun Hukum Musa, hukuman dosana saluyu jeung eta.


Roma 3:7
Tapi upama sim kuring teu bener, tapi matak leuwih nganyatakeun agungna kaadilan Allah, naha eta dosa sim kuring teh tetep bakal disalahkeun?


Roma 3:9
Anu matak, urang jadi urang Yahudi teh naon leuwihna ti anu sejen? Taya leuwihna naon-naon. Ku sim kuring geus disebutkeun yen boh urang Yahudi boh nu lain, kabeh oge sarua papada dikungkung ku dosa.


Roma 3:20
Sabab di payuneun Allah mah saurang oge moal aya anu dibenerkeun dumeh geus nedunan Hukum Agama. Sabab eta mah maksudna keur mere terang yen manusa teh geus dosa.


Roma 3:23
kabeh geus dosa, jarauh ti Allah anu iasa nyalametkeun.


Roma 3:25
Yesus ku Allah didamel kurban, supaya ku karana pupus-Na, manusa bisa dinyatakeun bebas tina dosa jeung dihampura, asal percaya ka Anjeunna. Ku jalan kieu Allah teh kersa-Na rek mintonkeun sipat adil-Na. Di jaman-jaman anu geus kaliwat, dosa manusa teh ku Allah disabaran bae henteu dihukum.


Roma 3:26
Tapi ayeuna dosa teh ku Mantenna dibalitungkeun, pikeun netelakeun yen Mantenna adil. Ku jalan kieu Mantenna netelakeun yen Mantenna sipat bener, sarta kersa ngangken bener deui ka sing saha anu percaya ka Yesus.


Roma 4:7
”Bagja jelema anu geus dihampura kasalahanana, anu geus dileungitkeun dosa-dosana.


Roma 4:8
Bagja jelema anu dosa-dosana ku Allah henteu dibalitungkeun!”


Roma 4:25
Ku karana dosa urang, Yesus diserenkeun sina ditelasan, ti dinya dihirupkeun deui ku Allah, supaya ku jalan kitu urang bisa diangken jelema bener ku Allah.


Roma 5:8
Tapi Allah mah geus nembongkeun asih-Na ka urang. Kristus pupus ngaganti urang sajeroning urang keur hirup keneh dina dosa.


Roma 5:12
Dosa asup ka dunya ku lantaran jelema saurang. Eta dosa mawa maot. Balukarna, maot teh sumebar sarta tumerap ka sakumna manusa, sabab sakabeh manusa geus keuna ku dosa.


Roma 5:13
Dosa geus aya di dunya samemeh aya Hukum Agama Yahudi diturunkeun. Harita dosa acan dibalitungkeun, lantaran can aya palanggaran hukum, sarta hukumna oge tacan aya.


Roma 5:14
Tapi maot mah ti jaman Adam keneh nepi ka jaman Musa, geus ngawasaan sakumna manusa. Malah jelema-jelema anu henteu migawe dosa saperti dosa Adam oge anu ngalanggar parentah Allah, kabeh kapurba ku maot. Adam jadi gambar-Na hiji manusa anu bakal sumping di jaman sejen.


Roma 5:15
Tapi sipatna mah teu sarua, sabab eta kurnia Allah teh sipatna kacida bedana ti dosa Adam. Memang, ku dosa hiji jelema, balukarna kudu maot sarerea. Tapi sabalikna kurnia Allah mah sipatna leuwih jembar, anu dipaparinkeunana ku lantaran kamulyaan manah hiji manusa, Yesus Kristus.


Roma 5:16
Kurnia Allah mah sabalikna pisan ti dosa manusa anu saurang tea. Sanggeus eta nu saurang tea migawe dosa, seug diputus yen ”Salah!” Sabalikna, sanggeus loba anu marigawe dosa malah meunang kurnia, diputus yen ”Teu salah!”


Roma 5:17
Ku lantaran dosa anu saurang, maot terus murba, balukar tina palanggaran jelema anu saurang tea. Tapi anu dilampahkeun ku manusa anu saurang deui, nya eta Yesus Kristus, berkahna pikeun jelema loba teh leuwih jembar deui. Kabeh, sakur anu narima rahmat Allah anu taya watesna, sakur anu geus dirapihkeun deui jeung Allah, hirupna bakal murba ku karana Kristus.


Roma 5:18
Jadi sakumaha halna dosa jelema anu saurang ngalantarankeun sakabeh jelema dihukum, nya kitu keneh ku lampah hiji manusa anu tumut kana pangersa Allah ngalantarankeun sakabeh jelema dileupaskeun tina hukum sarta mareunang hirup.


Roma 5:19
Jeung sakumaha halna kabeh jelema keuna ku dosa ku lantaran henteu ta’atna jelema anu saurang, nya kitu keneh maranehanana bakal diangken bener deui ku lantaran ta’atna manusa anu saurang deui.


Roma 5:20
Sanggeus Hukum Agama Yahudi diturunkeun, beuki loba anu nyarieun kasalahan. Tapi beuki nemen jelema-jelema nyarieun dosa, Allah beuki tambah mikaasihna.


Roma 5:21
Jadi, sakumaha urang kapurba ku maot ku lantaran dosa, nya kitu keneh urang bakal kapurba ku sih kurnia Allah, diangken bener deui, urang teh dituyun kana hirup anu langgeng ku jalan Yesus Kristus, Gusti urang.


Roma 6:1
Ari geus kitu urang rek kumaha? Arek terus hirup dina dosa supaya sih kurnia Allah tambah-tambah?


Roma 6:2
Tangtu bae moal kitu! Kapan urang teh geus maot tina dosa, piraku bisa keneh hirup dina dosa.


Roma 6:6
Sarta urang terang yen hirup urang anu heubeul geus paeh bareng jeung Kristus dina salib-Na, eta hirup anu pinuh ku dosa teh dilebur supaya henteu kajajah deui ku dosa.


Roma 6:7
Kapan ari geus maot mah jelema teh leupas tina pangaruh dosa.


Roma 6:10
Maot anu disorang ku Kristus teh nya eta maot tina dosa, dosa moal kawasa deui ka Anjeunna; ayeuna Anjeunna hirup, jumeneng jeung Allah.


Roma 6:11
Aranjeun oge nya kitu, kudu ngarasa yen diri geus maot tina dosa, tapi geus hirup deui jeung Allah ku jalan Kristus Yesus.


Roma 6:12
Hirup aranjeun di ieu dunya ulah nepi ka kajajah deui ku dosa, anu temahna matak eleh ku hawa napsu sorangan.


Roma 6:13
Jeung ulah mikeun babagian diri jadi pakakasna dosa pikeun migawe kajahatan. Diri urang anu ku Allah geus dipindahkeun tina maot kana hirup teh anggur pasrahkeun ka Allah, sangkan dianggo pikeun ngalaksanakeun tujuan anu mulya.


Roma 6:14
Ulah ngadunungan kana dosa, sabab hirup aranjeun lain dibawah ku Hukum Agama Yahudi, tapi dibawah ku kurnia Allah.


Roma 6:15
Saterusna kudu kumaha? Naha meunang urang nyieun dosa deui pedah geus diereh ku sih kurnia Allah, lain diereh ku Hukum Agama deui? Ulah!


Roma 6:16
Urang terang, jelema anu kumawula kudu ngawula kana parentah nu dikawulaan, boh ngawula kana dosa anu temahna maot, boh ngawula ka Allah anu ngalantarankeun bisa diangken deui ku Mantenna.


Roma 6:17
Puji sukur ka Allah! Aranjeun anu bareto ngawula kana dosa, ayeuna geus narima sarta ngajaralankeun eusi pangajaran anu bener.


Roma 6:18
Aranjeun geus dileupaskeun tina dosa, geus jaradi kawula perkara nu bener. (


Roma 6:20
Keur waktu jadi kawula dosa, aranjeun henteu ngawula kana pangersa Allah.


Roma 6:22
Ayeuna aranjeun geus leupas tina dosa, geus ngawula ka Allah. Kauntunganana nya eta ayeuna mah hirup aranjeun diabdikeunana ngan ka Mantenna, anu bakal mawa kana hirup anu langgeng.


Roma 6:23
Upahna dosa teh maot, sabalikna ari kurnia Allah mah nya eta hirup langgeng sarta ngahiji jeung Kristus Yesus Gusti urang.


Roma 7:7
Lamun kitu, naha ceuk urang Hukum Agama Yahudi teh jahat? Henteu, atuh! Tapi pang sim kuring terang naon ari dosa teh, nya Hukum eta lantaranana. Lamun Hukum Agama henteu nyebutkeun, ”Ulah bogoh ka barang batur,” sim kuring moal boga pikiran kitu.


Roma 7:8
Tapi ku lantaran aya parentah kitu, dosa teh meunang jalan pikeun ngahudang napsu kasarakahan dina hate sim kuring. Da lamun hukum teu aya mah dosa teh teu leuwih ti barang paeh.


Roma 7:9
Tadina hirup sim kuring tanpa eta hukum; sanggeus aya eta hukum, dosa jadi hirup,


Roma 7:11
Nya ku eta hukum dosa teh meunang jalan pikeun nipu jeung maehkeun sim kuring.


Roma 7:13
Naha eta kitu anu hade tea anu maehkeun sim kuring teh? Tangtu lain! Anu maehkeun sim kuring teh dosa tea. Eta anu hade teh ku dosa dipake jalan maehkeun sim kuring, supaya tembong kumaha saenyana sipat dosa. Ku ayana eta parentah-parentah Allah, tembong kumaha jahatna dosa.


Roma 7:14
Urang terang, Hukum Agama Yahudi teh sipatna rohani, ari sim kuring, manusa anu sipat jasmani geus dijual jadi kawula dosa.


Roma 7:17
Ana kitu atuh lain sim kuring, anu ngalampahkeunana teh saenyana mah dosa anu murba dina diri sim kuring.


Roma 7:20
Ku sabab anu dilampahkeun teh lain anu panuju jeung hate, ieu nandakeun yen anu ngalampahkeunana teh lain sim kuring, tapi dosa anu ngancik dina diri.


Roma 7:23
tapi ngarasa dina diri aya deui pangaruh hukum sejen, anu pasalingsingan jeung hukum anu diaku ku budi rasa. Ku sabab kitu sim kuring jadi kabeungkeut ku hukum dosa anu mangaruhan diri sim kuring.


Roma 7:25
Rebu laksa nuhun ka Allah, Mantenna kersa nyalametkeun sim kuring ku jalan Gusti urang Yesus Kristus. Kieu kaayaan sim kuring teh: Ari batin tunduk kana Hukum Allah, ari tabeat taluk kana hukum dosa.


Roma 8:2
sabab geus dileupaskeun tina hukum dosa jeung maot ku Roh Allah, nya eta anu ngalantarankeun urang ngahiji jeung Kristus Yesus.


Roma 8:3
Anu henteu bisa dilakonan ku Hukum Agama lantaran manusa mah sipat lemah, dilaksanakeun ku Allah. Mantenna geus ngelehkeun dosa anu aya dina tabeat manusa, ku jalan ngutus Putra-Na ku manten, anu sumping-Na nganggo kaayaan anu sarua jeung kaayaan manusa anu dosa, pikeun ngaleungitkeun dosa.


Roma 8:10
Sabalikna lamun Kristus aya di jero hate aranjeun, najan ari badan jasmani mah baris maot ku lantaran dosa, tapi Roh Allah anu aya jumeneng dina hate aranjeun baris maparin hirup ka aranjeun, lantaran aranjeun geus diangken bener ku Allah.


Roma 8:13
Sabab lamun nurutkeun eta mah aranjeun tangtu maraot. Sabalikna lamun, ku karana pitulung Roh Allah, aranjeun maehkeun kalakuan-kalakuan anu dosa, aranjeun tangtu hirup.


Roma 11:12
Dosa urang Yahudi ngalantarankeun dunya meunang rahmat sakitu poharana; miskinna rohani urang Yahudi ngalantarankeun bangsa-bangsa sejen meunang kurnia sakitu jembarna. Komo lamun sakabeh urang Yahudi diarangken ku Allah, nugraha anu bakal katarima bakal leuwih ti kitu.


Roma 11:22
Dina hal ieu nyata, Allah teh manah-Na kacida leuleuyna, tapi oge kacida kerasna. Ka anu dosa Mantenna keras, tapi ka aranjeun mah tangtu ngaleuleuyan, lamun aranjeun tetep tigin kana welas asih-Na. Lamun teu kitu aranjeun oge tangtu ditilas.


Roma 11:27
Kitu jangji Kami ka maranehna, mangsa Kami ngaleungitkeun dosa-dosana.”


Roma 13:14
Cekel pakarang ti Gusti Yesus Kristus, ulah ngumbar pidosaeun ngalajur napsu.


Roma 14:13
Ku sabab kitu enggeus urang teh ulah silih cawad deui. Anggur sabalikna sing sabisa-bisa ulah nyieun lantaran dulur tikosewad labuh kana dosa.


Roma 14:20
Ulah ku lantaran sual kadaharan hal anu geus dipidamel ku Allah jadi ruksak. Kadaharan naon bae kabeh ge meunang, tapi lamun matak ngalantarankeun batur labuh kana dosa, salah lamun didahar teh!


Roma 14:21
Ti batan matak ngalantarankeun dulur sakapercayaan dosa, leuwih hade ulah ngadahar daging, atawa nginum anggur.


Roma 14:23
Sabalikna lamun hamham ku anu rek didahar tapi tetep bae didahar, tangtu ku Allah disalahkeun, lantaran ngadaharna teh pasalingsingan jeung kayakinan imanna. Sagala rupa anu henteu make dasar iman, eta dosa.


1 Korintus 5:7
Piceun ragi dosa anu bulukan teh, supaya aranjeun mulus beresih lir adonan anyar anu bebas ragi. Sabab Pesta Paska urang geus mimiti: Kristus anu diibaratkeun domba Paska geus dikurbankeun.


1 Korintus 5:8
Hayu Paska teh urang pestakeun ku roti anu bebas ragi, anu ngalambangkeun kamulusan hirup anu kamanah ku Allah, ulah dipestakeun ku roti anu make ragi bulukan, ragi dosa jeung kadorakaan.


1 Korintus 6:11
Bareto sabagian aranjeun aya anu hirupna kitu. Tapi ayeuna aranjeun geus dinyatakeun beresih tina dosa, geus jaradi kagungan Allah, geus diangken bener ku Allah, lantaran percaya ka Gusti Yesus Kristus, jeung ku karana kakawasaan Roh Allah urang.


1 Korintus 6:18
Pahing lacur! Dosa-dosa sejen anu dipigawe ku jelema, dosana ka nu aya di luareun ragana sorangan. Tapi dosa tina lacur mah dosa ka ragana sorangan.


1 Korintus 7:28
Tapi kawin oge teu naon-naon, henteu dosa. Awewe ge nya kitu keneh, anu tadina lengoh tuluy kawin teu naon-naon, henteu dosa. Ngan kawin teh loba karepot, unggal poe loba uruseun. Karunya sim kuring mah, hayang aranjeun ulah boga karidu.


1 Korintus 7:36
Lamun aya lalaki anu mutuskeun moal tulus kawin padahal eukeur tunangan, kieu: Lamun eta lalaki ngarasa putusanana kitu teh ngaraheutan hate kakasihna, tur manehna ge geus teu kuat hayang kawin, ngarasa wajib ngawin kakasihna, kawin bae. Eta lain dosa.


1 Korintus 8:7
Henteu kabeh jelema nyaho kana hal ieu. Jelema anu baretona nyembah ka brahala, nepi ka ayeuna oge masih keneh percaya susuguh anu disuguhkeun ka brahala teh ngan dahareun brahala. Jadi lamun ngadahar eta manehna ngarasa dosa. Pang kitu teh lantaran kayakinanana tacan ajeg.


1 Korintus 8:9
Tapi omat, najan aranjeun geus nyaho yen meunang ngadahar eta, ulah matak batur anu kayakinanana tacan ajeg labuh kana dosa.


1 Korintus 8:12
Sarta ku lantaran kitu aranjeun oge jadi dosa, geus ngalantaran batur sasama Kristen labuh kana dosa jeung ngaraheutan kayakinanana anu kurang ajeg.


1 Korintus 8:13
Nu matak sim kuring mah lamun nyaho aya kadaharan atawa daging anu matak ngaraheutan hate batur, atawa matak ngalantarankeun batur dosa, saumur hirup ge moal ngadahar.


1 Korintus 10:32
Ku jalan kitu urang moal nepi ka ngalantarankeun batur labuh kana dosa, boh urang Yahudi, boh nu lain urang Yahudi, kitu deui jamaah Allah.


1 Korintus 11:27
Ku sabab kitu, anu dahar roti ti Gusti jeung nginum anggur ti Gusti ku cara anu teu pantes, eta jelema teh dosa kana salira jeung getih Gusti.


1 Korintus 14:24
Sabalikna lamun aranjeun keur ngawejangkeun dawuhan Allah, eta anu keur diwejangkeun teh bisa ngageuing nepi ka manehna ngarasa kana dosana. Anu kadenge ku ceulina teh


1 Korintus 15:3
Hal anu katampa ku sim kuring teh diwartakeunana ka aranjeun sakumaha anu kaungel dina Kitab Suci, pangpangna hal pupusna Kristus ku karana dosa urang.


1 Korintus 15:17
Lamun Kristus henteu dihirupkeun deui, kapercayaan aranjeun ngan sakadar panglamunan, sarta aranjeun tetep bakal cilaka ku dosa.


1 Korintus 15:56
Peurah maot asalna tina dosa, ari kakawasaan dosa asalna tina Hukum Agama.


2 Korintus 2:5
Mun aya jelema anu nyusahkeun, nyusahkeunana teh lain ka sim kuring, tapi ka aranjeun, sakurang-kurangna ka sabagian. (Nyebutkeun kieu soteh supaya sim kuring ulah nemen teuing nyalahkeunana ka nu boga dosana),


2 Korintus 5:19
Tah anu diwartakeun ku sim kuring teh nya eta, Allah ku jalan Kristus ngayakeun damel supaya sakumna manusa dalit jeung Mantenna, dosa jeung kasalahanana ku Allah geus henteu diemut-emut deui, sarta sim kuring ku Mantenna dipiwarang ngawartakeun hal eta.


2 Korintus 5:21
Pikeun kasalametan urang, Kristus anu tanpa dosa teh ku Allah disina nanggung dosa urang, sangkan dina kasatunggalan jeung Anjeunna urang bisa diangken bener ku Allah.


2 Korintus 7:11
Pek inget-inget berkahna aranjeun meunang kanalangsaan ti Allah teh. Geuning aranjeun jadi sakitu enya-enyana, sakitu sumangetna memener nu salah, jengkel ka nu migawe dosa, paur, jeung sono kana kahadean sarta teu asa-asa ngahukum anu salahna. Geus tetela nu salah dina eta perkara teh lain aranjeun.


2 Korintus 11:29
Mun aya dulur anu jadi leutik hate, sim kuring nu ngaleketey, mun aya dulur anu nyieun dosa, sim kuring anu nalangsa.


2 Korintus 13:2
Basa sim kuring nganjang kadua kalina, jelema-jelema anu bareto baroga dosa teh kitu deui nu sejen-sejenna geus diwawadian. Ayeuna ge sabot keur pajauh kieu sim kuring rek ngawawadian deui. Sabab engke mah ari sim kuring ka dieu deui, anu saralah teh hiji ge moal aya anu luput tina hukuman.


Galatia 1:4
Kristus teh bawaning ku hawatoseun ka urang anu dosa, jeung bawaning ku tumut kana pangersa Allah Rama urang, nepi ka ngurbankeun salira-Na, supaya urang bisa leupas tina ieu jaman anu jahat.


Galatia 2:15
Nurutkeun kalahiran mah memang sim kuring teh bangsa Yahudi, lain bangsa sejen anu ceuk bangsa sim kuring mah ”Jelema umat dosa”.


Galatia 2:17
Ayeuna, upama bangsa sim kuring sanggeus ihtiar supaya diangken bener ku Allah ku jalan hirup ngahiji jeung Kristus, tapi masih keneh jadi jelema-jelema dosa, saperti jelema-jelema lain Yahudi, naha eta dosana teh dilantarankeun ku Kristus? Lain!


Galatia 3:22
Padahal ceuk Kitab Suci, saalam dunya geus katalikung ku kawasa dosa. Ku lantaran kitu, sih kurnia anu dijangjikeun ku Allah teh kakara bisa katampa lamun geus percaya ka Kristus.


Ef 1:7
Sabab ku pupusna Kristus teh urang jadi leupas tina dosa, tegesna dosa-dosa urang dihampura. Maha agung rahmat Allah


Ef 2:1
Bareto, mungguh rohani mah aranjeun teh paeh ku karana dosa, baha ka Allah.


Ef 4:26
Lamun aya kaambek ulah katalanjuran nepi ka jadi dosa, jeung ari ambek ulah nepi ka sapoe jeput teu eureun-eureun.


Filipi 2:15
Tembongkeun yen aranjeun mulus laku beresih hate, sampurna taya kuciwa, sakumaha layakna anu jadi putra Allah di tengah jelema-jelema nu teu balener di ieu dunya nu pinuh ku dosa. Enggoning ngawartakeun wawaran perkara hirup ka nu sejen, kudu jadi saibarat bentang-bentang anu nyaangan langit. Lamun kitu, munasabah mun dina poean Kristus sumping sim kuring agul ku aranjeun teh, da bukti usaha jeung pagawean sim kuring henteu mubadir.


Kolose 1:14
anu geus ngabebaskeun urang, tegesna ngahampura dosa-dosa urang.


Kolose 2:11
Ku ngahiji jeung Anjeunna, aranjeun teh geus disunat. Lain sunat anu dijieun ku manusa, tapi sunat padamelan Kristus anu ngabebaskeun aranjeun tina tabeat anu pinuh ku dosa.


Kolose 2:13
Tadina saenyana aranjeun teh maot, maot rohani, ku karana dosa jeung ku karana jadi jelema anu teu disunat sacara lahir. Tapi ayeuna ku Allah geus dihirupkeun bareng jeung Kristus. Dosa-dosa urang ku Allah dihampura kabeh.


Kolose 2:14
Daptar hutang dosa-dosa urang anu sarat rukun-rukunna kacida beuratna teh ku Mantenna dipareuman kabeh, daptar catetanana dipiceun, dipaku dina kayu salib.


1 Tesalonika 2:16
Malah anu ngawawarkeun eta Injil Kasalametan ka bangsa sejen supaya bangsa sejen oge salamet, kacida dihalang-halangna. Dosa urang Yahudi anu sakitu gedena beuki gede bae. Ahirna, ayeuna maranehna keuna ku murka Allah.


2 Tesalonika 2:12
Temahna, sakur anu henteu percaya kana eta warta sayakti, malah misuka kana dosa, pinasti bakal dihukum.


1 Timotius 1:15
Kalimah, ”Kristus Yesus sumping ka dunya pikeun nyalametkeun jalma dosa” teh memang wajib dipercaya sabab enya. Geuning bapa, sangkilang pangjahatna ge ti sakur anu doraka,


1 Timotius 5:20
Lamun tetela aya dosana, tegor di hareupeun umum, supaya anu sejen sarieuneun.


2 Timotius 3:6
Aya anu nyulusup ka imah batur, mikat awewe hengker anu beurat ku dosa jeung kasalahan sarta diudag-udag ku rupa-rupa kahayang,


Titus 3:11
sabab tetela ana kitu mah geus ingkar. Ciri yen manehna salah, kapan eta kalakuanana kitu teh dosa.


Ibrani 1:3
anu nyumiratkeun cahaya gumilang kamulyaan Mantenna, sarta anu kaayaana-Na nyeples Allah ku manten. Anjeunna murba ka sajagat raya ku kakawasaan pangandika-Na. Sanggeus nyucikeun manusa tina dosana, Anjeunna linggih di sawarga, di tengeneun Allah Nu Maha Kawasa.


Ibrani 2:11
Yesus nyucikeun manusa tina dosa-dosana, ku jalan kitu Anjeunna jeung sakur anu disucikeun dosana jadi sa-Rama, sarta ku lantaran geus sa-Rama, Yesus henteu lingsemeun ngangken saderek ka maranehna.


Ibrani 2:17
Ieu hartina dina sagala hal Anjeunna kudu jadi sarua jeung saderek-saderek-Na tea, supaya iasa jadi Imam Agung anu satia jeung pinuh ku sipat welas asih, anu ngalalayanan Allah pikeun mangpaʼat maranehanana, sangkan dosa-dosa maranehna dihampura.


Ibrani 3:13
Sabalikna, supaya ulah nepi ka aya anu kabengbat ku dosa nepi ka jadi jelema jahat, kudu silih tulungan unggal-unggal poe, salila hirup di jaman anu dina Kitab Suci disebut ”Poe ieu”.


Ibrani 4:15
Imam Agung urang teh lain imam anu tara ngaraskeun kahengkeran-kahengkeran urang. Sabalikna malah, lantaran Anjeunna ge geus nyorang nandangan sagala dodoja cara urang, ngan ari Anjeunna mah teu kagungan dosa.


Ibrani 5:1
Sakur imam agung dipilihna ti sasama manusa, diangkat pikeun jadi wawakil sasamana manusa ngalalayanan Allah, kapapancenan ngahaturkeun pangbakti-pangbakti jeung kurban-kurban panebus dosa.


Ibrani 5:3
Ku sabab dirina ge sipat lemah, ngurbanna teh lain ngan pikeun nebus dosa jalma rea bae, tapi keur dirina oge.


Ibrani 7:26
Nya Yesus Imam Agung anu dipikabutuh ku urang teh. Anjeunna mah suci, tanpa cela, tanpa dosa, geus dipisahkeun ti manusa anu dosa, sarta geus diangkat ka tempat luhureun sakabeh langit.


Ibrani 7:27
Anjeunna teu cara imam-imam agung sejen anu kudu nyieun kurban pikeun nebus heula dosana sorangan terus nebus dosa jalma rea. Ngan sakali bae Yesus ngahaturkeun kurban teh, nya eta waktu ngurbankeun salira-Na ku anjeun.


Ibrani 8:12
Dosa-dosana bakal dihampura, sagala kasalahanana moal diinget-inget deui.”


Ibrani 9:5
Di luhur eta peti aya tiruan dua mukarabin, nya eta mahluk jangjangan, pikeun ngalambangkeun kahadiran Allah, jangjangna sina meber mayungan tempat paranti ngahampura dosa. Sakitu bae kateranganana, moal diwincik terus.


Ibrani 9:7
Anu meunang asup ka bagian pangjerona ngan Imam Agung, eta ge ngan sataun sakali. Asupna mawa getih sanggakeuneun ka Allah, pikeun nebus dosana heula terus nebus dosa jalma rea anu dilampahkeun teu karasa.


Ibrani 9:22
Memang, nurutkeun Hukum Agama Yahudi, meh sagala rupa disucikeun ku getih, dosa oge bisa dihampura lamun geus aya getih anu ngocor kaluar.


Ibrani 9:26
sabab lamun kitu, atuh ti sajleg aya dunya teh tangtu geus kacida seringna nandang kasangsaraan. Kapan geus bukti ayeuna, dina jaman ieu anu tereh beak, Anjeunna sumpingna teh ngan sakali jeung keur salalanggengna, nyingkirkeun dosa ku jalan ngurbankeun salira-Na ku anjeun.


Ibrani 9:28
Kristus oge kitu, ngan sakali pupus, ngurbankeun salira-Na pikeun nebus dosa-dosa manusa. Anjeunna bakal sumping deui kadua kalina, lain rek nanggung deui dosa, tapi rek nyalametkeun jelema-jelema anu keur ngadarago sumping-Na.


Ibrani 10:2
Upama enya eta anu ngabarakti teh dosana geus disucikeun, piraku terus bae ngarasa dosa, ngurbanna tangtu areureun.


Ibrani 10:4
Sabab memang getih sapi jeung getih embe jalu moal bisa dipake ngaleungitkeun dosa.


Ibrani 10:6
Ama henteu seneng dihaturanan kurban sato anu dibeuleum dina altar atanapi kurban-kurban panebus dosa.


Ibrani 10:8
Dina eta piunjuk, Kristus mimitina nyaurkeun, ”Ama henteu mikahoyong kurban-kurban sareng pangbakti-pangbakti; henteu seneng dihaturanan kurban sato anu dibeuleum dina altar atanapi kurban-kurban panebus dosa.” Kitu piunjuk-Na sanajan eta kurban-kurban anu dihaturkeun teh dikudukeun dina Kitab Hukum Agama.


Ibrani 10:10
Yesus Kristus geus ngajalankeun hal anu dipundut ku Allah, ku sabab kitu urang kabeh geus diberesihkeun tina dosa ku jalan kurban salira Kristus ku anjeun, anu dijalankeunana ngan sakali pikeun salalanggengna.


Ibrani 10:11
Sakur imam Yahudi netepan kawajiban imamna unggal-unggal poe, ngurban deui, ngurban deui, nu dikurbankeunana kitu-kitu keneh. Kurban-kurbanna sama sakali teu bisa dipake ngaleungitkeun dosa.


Ibrani 10:12
Tapi Kristus mah ngajalankeun kurbanna ngan sakali, kurban pamupus dosa, kurbanna laku pikeun salalawasna. Sanggeus ngajalankeun kurban Anjeunna linggih di tengeneun Allah,


Ibrani 10:14
Jadi Anjeunna mah ngan ku hiji kurban geus iasa nyampurnakeun manusa anu geus diberesihkeun tina dosa, keur salalanggengna.


Ibrani 10:17
Saur-Na deui, ”Dosa jeung kadorakaan-kadorakaanana ku Kami moal diinget-inget deui.”


Ibrani 10:18
Ku sabab geus dihampura, geus teu perlu ngayakeun deui kurban panebus dosa.


Ibrani 10:26
Sabab lamun urang geus dibere jalan anu bener tapi angger ngahajakeun dosa, geus moal aya deui kurban anu bisa mupus dosa.


Ibrani 10:29
Geus komo deui anu ngahinakeun ka Putra Allah, anu ngarerendah getih perjangjian Allah nya eta getih Kristus anu nyucikeun dirina tina dosa, anu ngahina ka Roh anu maparin rahmat! Pek gambarkeun, kumaha beuratna hukuman anu baris katampa!


Ibrani 11:25
Ti batan hirup dina kagenahan dosa anu umurna moal awet, Musa malah milih hirup sangsara babarengan jeung umat Allah.


Ibrani 12:1
Jadi urang teh disaksian ku anu sakitu lobana di sakurilingeun urang. Anu matak hayu sakur anu matak beurat jeung dosa anu napel pageuh dina diri urang teh urang piceun, supaya bisa nempuh pangbalapan nu keur dilakonan.


Ibrani 12:4
Aranjeun mah tarung jeung dosa teh teu nepi ka ngocorkeun getih.


Ibrani 13:11
Getih sato anu dikurbankeun ku Imam Agung dicandak ka Kamar Pangsucina, kurbankeuneun pikeun nebus dosa, ari awak satona dibeuleum di luareun pakemahan.


Ibrani 13:12
Eta sababna Yesus oge ditelasanana di luareun kota, getih Anjeunna nyucikeun umat-Na tina dosana.


Yakobus 1:15
Hawa napsu anu dijujur ngabalukarkeun dosa; lamun dosa geus meujeuhna gedena, bakal ngabalukarkeun maot.


Yakobus 2:9
Sabalikna, lamun ngabeda-beda jalma tina kaayaan lahirna, eta salah, dosa, ceuk Hukum Musa oge salah, lantaran ngalanggar hukumna.


Yakobus 3:14
Sabalikna, anu dengkian, nyerian hate, mentingkeun maneh, ulah ngagulkeun maneh bijaksana, sabab lamun kitu mah dosa sarta lalawanan jeung nu bener.


Yakobus 4:8
Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui. Beresihan leungeun, eh jalma-jalma dosa! Herangkeun hate, eh aranjeun anu marunapek!


Yakobus 4:17
Ku sabab kitu, saha-saha anu nyaho ka nu hade, anu wajib dilampahkeun tapi henteu dilampahkeun, eta teh dosa.


Yakobus 5:6
Aranjeun geus nyiksa, geus maehan ka jelema nu tanpa dosa, anu teu kuateun ngalawan!


Yakobus 5:15
Paneda anu saestu dibarengan ku percaya tan wande bisa nyageurkeun, anu gering teh ku Gusti dikersakeun cageur deui, jeung dosana dihampura.


Yakobus 5:16
Ku sabab eta ari aya dosa ka pada batur sing waraleh, sing silih doakeun supaya dicalageurkeun. Doa jelema nu tumut kana pangersa Allah mah gede maunatna.


Yakobus 5:20
Kieu, anu bisa mawa anu ingkar ka nu bener deui, eta teh nyalametkeun jelema nu tas ingkar, ngarebut nyawana tina maot, sarta dosana sakumaha lobana ge bisa dihampura.


1 Petrus 1:2
mugia aranjeun ginanjar rahmat rahayu ti Allah. Geus jadi pangersa Allah Rama aranjeun ku Mantenna dipilih dijadikeun umat-Na anu geus disucikeun ku Roh Mantenna sangkan aranut ka Yesus Kristus, supaya bebas tina dosa ku jalan disucikeun ku getih Anjeunna.


1 Petrus 2:22
Anjeunna henteu midamel dosa, jeung tacan aya anu ngadenge Anjeunna ngabohong, da tara ngabohong sakecap-kecap acan.


1 Petrus 2:24
Kristus ku anjeun geus ngabegbregan salira-Na dina kayu salib ku dosa-dosa urang, supaya urang bebas tina kakawasaan dosa, hirup nurutkeun pangersa Allah. Raheut-raheut salira-Na ngalantarankeun aranjeun cageur.


1 Petrus 3:18
Kristus oge nepi ka pupus teh lantaran dosa manusa kabeh. Anjeunna nu tanpa dosa nalangan nu daroraka, malar iasa ngadeuheuskeun manusa ka Allah. Anjeunna mungguhing badaniah ditelasan, tapi dihirupkeun deui dina kaayaan roh. Anjeunna nu tanpa dosa teh, cukup ngan ku sakali bae pikeun salalawasna, nalangan pati nu daroraka.


1 Petrus 4:1
Lahiriah Kristus geus nandang sangsara. Ku sabab kitu aranjeun kudu boga tekad anu kuat saperti Anjeunna. Sabab anu kuat nahan paneka lahiriah ku karana iman, eta nandakeun geus embung ancrub deui kana dosa.


1 Petrus 4:18
sabab ceuk Kitab Suci: ”Cacakan jelema hade geus seuseut salamet, komo jelema dosa doraka, kumaha teuing.”


2 Petrus 1:9
Tapi lamun teu ngabogaan sipat-sipat kieu mah pandanganana sempit, jeung tangtu poho yen diri geus diberesihkeun tina dosa-dosa nu bareto.


2 Petrus 2:14
Ari matana teu weleh ngulincer neangan awewe bangor, kana dosa teh resepna teu aya seubeuhna, jeung jadi tukang ngagendam ka nu lembek iman. Hatena sina tutur kana sarakah, jalma-jalma bangkawarah!


2 Petrus 2:15
Maranehna geus kasasar, naringgalkeun jalan anu bener saperti Balhum bin Beor baheula. Geuning Balhum nepi ka daek migawe nu matak dosa da kabita ku buruhan,


2 Petrus 3:9
Jeung deui Pangeran mah tara ngaengke-engke jangji cara ceuk panyangka sawareh jelema. Nu saenyana mah Mantenna teh nyabaran ka aranjeun, da kahoyong-Na manusa teh tarobat kabeh tina dosana, sabab Mantenna henteu hoyong aya jelema anu cilaka saurang-urang acan.


1 Yohanes 1:7
Lamun hirup urang geus di nu caang sakumaha Mantenna anu jadi Cahaya Caang, eta ciri diri urang geus beresih tina dosa ku karana getih Yesus Putra-Na, sarta bakal bisa hirup sabeungkeut jeung pada batur.


1 Yohanes 1:8
Lamun urang ngakukeun teu boga dosa, eta ngabobodo maneh, sarta Allah teu linggih di jero hate urang.


1 Yohanes 1:9
Sabalikna lamun ngakukeun dosa ka Allah, urang bakal dipaparin bukti tina hal jangji-Na, nya eta dihampura dosa, jeung disucikeun tina sagala lampah urang anu salah.


1 Yohanes 1:10
Lamun urang ngakukeun teu boga dosa, atuh urang teh sarua jeung nganggap Allah tukang bohong, sarta henteu kaancikan ku Sabda-Na.


1 Yohanes 2:1
Anaking! Bapa nulis ieu teh rek ngelingan, aranjeun ulah milampah dosa. Tapi mun nepi ka milampah dosa, bakal dibela ku Yesus Kristus anu berbudi ka payuneun anu jumeneng Rama.


1 Yohanes 2:2
Memang ku karana Yesus Kristus pisan pangna dosa urang dihampura teh. Tur lain dosa urang bae, dosa sakabeh jelema oge dihampura.


1 Yohanes 2:10
Sing saha anu nyaah ka dulur, eta ciri hirup di nu caang, jeung moal matak jadi pidosaeun batur.


1 Yohanes 2:12
Barudak, anaking! Bapa nulis ieu ka maraneh teh ku sabab dosa maraneh geus dihampura, ku karana Kristus.


1 Yohanes 2:16
Naon-naon anu aya di dunya, anu jadi panyileukan jelema dosa, anu narik ati jeung kahayang jelema, jeung saniskara bae anu aya di ieu dunya anu diugung-ugung ku jelema, sarupa ge taya anu asalna ti Rama, asal ti dunya keneh.


1 Yohanes 3:3
Sing saha anu ngaharep kitu ka Kristus, tangtu ngajaga dirina sangkan beresih tina dosa, sakumaha Kristus beresih tina dosa.


1 Yohanes 3:4
Sing saha anu ngarempak timbalan Allah, eta salah, dosa, sabab dosa teh nya eta ngalawan timbalan Allah.


1 Yohanes 3:5
Aranjeun geus terang yen Kristus ngajadi jalma teh pikeun nyingkirkeun dosa manusa; geus terang yen Kristus teh suci tina dosa.


1 Yohanes 3:6
Jadi sing saha anu hirupna ngahiji jeung Kristus ulah nyieun deui dosa, da ari nyieun keneh mah tandaning can nenjo jeung can terang ka Anjeunna.


1 Yohanes 3:8
Sing saha anu milampah keneh dosa eta teh biluk ka Iblis, sabab Iblis mah geus nyieun dosa ti barang mimiti. Tah Putra Allah ngajadi jalma teh ku karana eta, pikeun numpes gagawean Iblis.


1 Yohanes 3:9
Sing saha anu jadi putra Allah ulah migawe deui dosa, sabab geus kaancikan ku sipat Allah; jeung ku sabab Ramana teh Allah, tangtu moal bisa terus migawe dosa.


1 Yohanes 4:10
Sipat asih-Na teh buktina lain urang anu nyaah ka Mantenna, tapi Mantenna anu asih ka urang, nepi ka ngutus Putra-Na, sabab ngan ku jalan kitu Mantenna iasa ngahapunten dosa urang.


1 Yohanes 5:16
Upama aya dulur migawe dosa tapi dosana teu matak maehkeun, pangnedakeun ka Allah supaya dipaparin hirup. Ieu ngan pikeun anu dosana henteu matak maehkeun. Aya dosa anu matak maehkeun, tapi pikeun anu migawe dosa kitu mah bapa teu nitah mangnedakeun.


1 Yohanes 5:17
Kabeh lampah doraka dosa. Tapi aya dosa anu teu matak maehkeun.


1 Yohanes 5:18
Urang terang, yen anu geus jaradi putra Allah moal kateterusan migawe dosa, sabab diasuh ku Putra Allah, moal beunang dijailan ku si Jahat.


Wahyu 1:5
jeung ti Yesus Kristus, Saksi anu satia, Putra cikal, anu pangheulana digugahkeun tina maot, panguasa raja-raja saalam dunya. Kristus teh asih ka urang, pupus-Na teh ngajait urang tina dosa,


Wahyu 2:5
Maneh geus pohara tibeubeutna! Geura tobat, kudu milampah deui cara keur basa mimiti. Lamun teu tobat tina dosa, suku lampu anu di maneh ku Kami rek dicokot tina tempatna.


Wahyu 2:16
Eta dosa geura piceun! Lamun henteu, Kami arek buru-buru datang, numpes anu karitu ku pedang tina baham Kami.


Wahyu 16:9
Jelema-jelema direrab ku panasna, seug nyarumpahan ka pajenengan Allah anu ngawasaan eta balahi-balahi. Maranehna teu eureun tina dosana, ulah-bon muji kana kaagungan Allah.


Wahyu 18:4
Aya deui sora ti sawarga, ngandika, ”He umat Kami, geura budal ti dinya! Ulah kabawa ku dosana, ulah kabawa ku hukumanana.


Wahyu 18:5
Sabab dosana geus jujul ka langit, kajahatanana geus aya dina emutan Allah.


Sundanese Bible 1991
Indonesian Bible Society