A A A A A
Facebook Instagram Twitter
Alkitab Suci

Markus 12



1
Yesus sasauran deui ka maranehna, ku misil. Saur-Na, ”Aya hiji jelema muka kebon anggur. Kebonna dipager, terus nyieun liang pikeun bak pameresan anggur jeung nyieun munara jaga. Sanggeus beres tuluy disewakeun ka sababaraha urang, ari manehna terus nyaba.
2
Sanggeus datang usum mupu tuluy nitah bujangna saurang menta hasil sewaan kebonna.
3
Tapi bujangna ku nu nyarewa teh dironom pada neunggeulan, tuluy disina balik lengoh.
4
Dununganana nitahan deui saurang. Tapi ku nu nyarewa teh pada neunggeulan sirahna jeung diwiwirang.
5
Nitahan deui saurang deui, tapi nu ieu mah malah dipaehan. Sanggeus eta loba deui anu dititah, tapi ku nu nyarewa teh ditareunggeulan, aya oge anu diparaehan.
6
Tinggal hiji-hijina deui anu can dijurung, anakna, anu dipikanyaah. Ahirna anakna teh dijurungkeun. Ceuk pikiranana, ’Ku anak aing mah tangtu sarieuneun.’
7
Tapi ceuk nu nyarewa teh, ’Ieu mah anakna! Urang paehan, sangkan warisanana beunang ku urang.’
8
Geus kitu eta anak nu boga kebon teh ku maranehna dicerek, tuluy dipaehan, mayitna dialungkeun ka luareun kebon.
9
Cik, eta nu boga kebon teh rek kumaha?” saur Yesus. ”Tangtu datang sorangan numpes eta jelema-jelema, ari kebonna disewakeun ka nu sejen.
10
Aranjeun tangtu geus maraca ayat Kitab Suci anu kieu: ’Batu anu teu kapake ku tukang ngadegkeun, ngajadi batu anu pangutamana.
11
Kitu dipidamel-Na ku Pangeran, endahna kabina-bina!’ ”
12
Karasaeun ku eta para pamingpin Yahudi yen eta misil teh nyindiran maranehna, tuluy bae arek nangkep. Tapi teu waranieun prak, sarieuneun ku nu rea. Tungtungna tinglaleos arindit.
13
Geus kitu maranehna ngutus urang Parisi jeung anggota kaom Herodes, dititah nyual ka Yesus neangan kasalahan Anjeunna.
14
Maranehna daratang ka Yesus, tuluy ngaromong kieu, ”Guru, kaula terang yen Guru nyaurkeun anu bener, kalawan teu salempang ku anggapan nu sejen. Guru ngajarkeun anu bener hal pangersa Allah ka manusa kalawan teu mandang harkat jalma. Ku margi kitu cobi saurkeun nu sayaktosna, upami urang mayar pajeg ka Prabu Rum ngarempak Hukum Agama urang atanapi henteu? Kedah mayar atanapi henteu?”
15
Tapi Yesus uningaeun yen maranehna rek merdaya, tuluy ngawaler, ”Ku naon aranjeun rek merdaya ka Kaula? Tembongkeun ka Kaula duit perakna sagebleg.”
16
Maranehna ngasongkeun sagebleg. Yesus mariksa, ”Gambar jeung jenengan saha ieu?” ”Prabu,” tembalna.
17
Saur Yesus, ”Bayarkeun ka Prabu nu kagungan Prabu, bayarkeun ka Allah nu kagungan Allah.” Diwaler kitu teh maranehna ngaharuleng.
18
Aya deui anu daratang ka Yesus, nya eta urang Saduki, golongan anu nganggap yen anu geus maraot moal harudang deui.
19
”Guru,” ceuk maranehna, ”Musa nyeratkeun hukum kieu lampahkeuneun urang, ’Salaki anu maotna teu boga anak, dulurna kudu ngawin randana, supaya lamun boga anak, anakna diakukeun ka nu geus maot.’
20
Di dieu kantos aya tujuh jalmi padudulur. Nu cikal gaduh bojo tuluy maot tacan gaduh anak.
21
Randana ditikah ku nu kadua, nanging nu kadua ge maot tacan gaduh anak. Diteraskeun ku nu katilu.
22
Kitu sareng kitu bae dugi ka nu katujuh, sadayana maraot sareng teu nurunkeun anak. Tungtungna awewena oge maot.
23
Sualna, dina waktos nu maraot harirup deui dina poe kiamat, eta awewe teh bojo anu mana? Margi parantos kapibojo ku tujuhanana.”
24
Waler Yesus, ”Aranjeun kacida kaliruna! Terang, naon sababna nu matak salah? Sababna, lantaran aranjeun teu terang kana Kitab Suci atawa kana kakawasaan Allah.
25
Sanggeus anu paraeh harirup deui, kaayaanana bakal saperti malaikat jeung moal karawin.
26
Perkara harirupna deui anu maraot, naha aranjeun tacan maraca Kitab Musa tina hal rungkun cucuk anu hurung? Dina eta kitab ditulis yen Allah nimbalan kieu ka Musa, ’Kami teh Allahna Ibrahim, Allahna Ishak, jeung Allahna Yakub.’
27
Allah teh Allahna anu harirup, lain Allahna anu maraot. Pikiran aranjeun sasar!”
28
Aya hiji guru agama milu ngadengekeun eta sual jawab. Ceuk anggapanana waleran Yesus ka urang Saduki teh keuna pisan. Pok manehna nanya kieu, ”Dupi parentah anu pangutamana, anu mana?”
29
Waler Yesus, ”Ieu anu pangutamana: ’Darengekeun, eh Israil! Pangeran Allah urang teh Pangeran anu tunggal.
30
Masing nyaah ka Pangeran Allah maraneh, terus jeung hate, terus jeung nyawa, terus jeung budi akal, sarta sing sakuat-kuat.’
31
Parentah pangutamana anu kadua: ’Kudu nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.’ Taya deui parentah anu pangutamana salian ti ieu dua parentah.”
32
Ceuk eta guru agama ka Anjeunna, ”Sae pisan Pa Guru! Leres saur Pa Guru, Allah teh ngan Pangeran. Allah teh ngan Mantenna, teu aya deui.
33
Leres, nyaah ka Allah teh kedah terus sareng hate, terus sareng budi akal, sarta sing sakuat-kuat. Jabi ti kitu kedah nyaah ka batur sapertos ka diri sorangan. Ngajalankeun ieu dua parentah langkung utami ti batan nyanggakeun kurban ka Allah, boh kurban sato boh kurban naon bae.”
34
Jawabanana ku Yesus dianggap kacida bijaksanana, nu matak saur-Na ka manehna, ”Anjeun teu jauh ti Karajaan Allah.” Ti semet harita teu aya deui anu wani nyual ka Anjeunna.
35
Waktu Yesus ngawulang di Bait Allah, Anjeunna nyual kieu, ”Ku naon guru-guru agama bisa nyebutkeun Kristus Jurusalamet teh turunan Daud?
36
Padahal Daud kalawan ilham ti Roh Suci nyebutkeun kieu: ’Pangeran ngadawuh ka Gusti kaula: Calik di dieu, katuhueun Kami, nepi ka sakabeh musuh Hidep taraluk nyaruuh ka Hidep.’
37
Daud sorangan nyebut ka Anjeunna teh ’Gusti’; jadi mana bisa Kristus teh putrana?” Jalma rea kacida raresepeunana ngabarandungan kasauran Yesus teh.
38
Ku Anjeunna tuluy dipaparin pepeling, saur-Na, ”Sing waspada ka guru-guru agama. Karesepna nguriling di pasar-pasar make jubah ngangsar, malar pada ngabageakeun jeung pada ngahormat.
39
Di imah-imah ibadah jeung dina pesta-pesta, marilihna tempat anu pangutamana.
40
Randa-randa ku maranehna dipacikeuh, imahna dirampas, tuluy ngadaroa panjang naker nyimbutan kajahatanana. Hukuman maranehna engke kacida beuratna!”
41
Waktu Yesus calik deukeut peti derma di Bait Allah, Anjeunna ningalikeun anu ngarasupkeun duit kana eta peti. Loba anu baleunghar marerena teh galede.
42
Tuluy aya hiji randa miskin ngasupkeun dua uang tambaga, duit receh anu pangajina panghandapna.
43
Yesus nyaur murid-murid-Na tuluy sasauran, ”Randa anu bieu dermana panggedena ti batur.
44
Sabab nu sejen mah dermana lantaran duitna leuwih, ari randa nu bieu mah sanajan kacida miskinna, merena teh sakabeh kabogana, pikeun kaperluan hirupna teh diasupkeun kabeh kana ieu peti.”











Markus 12:1
Markus 12:2
Markus 12:3
Markus 12:4
Markus 12:5
Markus 12:6
Markus 12:7
Markus 12:8
Markus 12:9
Markus 12:10
Markus 12:11
Markus 12:12
Markus 12:13
Markus 12:14
Markus 12:15
Markus 12:16
Markus 12:17
Markus 12:18
Markus 12:19
Markus 12:20
Markus 12:21
Markus 12:22
Markus 12:23
Markus 12:24
Markus 12:25
Markus 12:26
Markus 12:27
Markus 12:28
Markus 12:29
Markus 12:30
Markus 12:31
Markus 12:32
Markus 12:33
Markus 12:34
Markus 12:35
Markus 12:36
Markus 12:37
Markus 12:38
Markus 12:39
Markus 12:40
Markus 12:41
Markus 12:42
Markus 12:43
Markus 12:44






Markus 1 / Mar 1
Markus 2 / Mar 2
Markus 3 / Mar 3
Markus 4 / Mar 4
Markus 5 / Mar 5
Markus 6 / Mar 6
Markus 7 / Mar 7
Markus 8 / Mar 8
Markus 9 / Mar 9
Markus 10 / Mar 10
Markus 11 / Mar 11
Markus 12 / Mar 12
Markus 13 / Mar 13
Markus 14 / Mar 14
Markus 15 / Mar 15
Markus 16 / Mar 16