A A A A A
Facebook Instagram Twitter
Alkitab Suci

Matius 22



1
Yesus nyarioskeun deui misil ka jalma rea.
2
”Karajaan Sawarga teh saperti ieu misil. Aya hiji raja rek nikahkeun putra pamegetna.
3
Miwarangan badega-badegana nyusulan ondangan sina geura daratang kana hajatna. Tapi nu disusulan arembungeun datang.
4
Raja miwarangan badega-badega sejenna, nepikeun amanat ka para ondangan, ʼHajat geus tarapti, geus mencitan sapi jeung anak sapi nu pangalusna, geus sadia sagala rupa. Mangga sarumping nungkulan hajat nikah.ʼ
5
Tapi nu diarondang teh arapi lain bae, tinglaleos ka pagaweanana, aya nu ka kebon, nu ka toko.
6
Malah aya nu terus ngarejeng ka badega-badega teh, terus ditareunggeulan, diparaehan.
7
Raja kacida benduna, tuluy ngirim balad numpes jelema-jelema nu maraehan, padumukanana dihuru.
8
Tuluy nimbalan ka badega-badega, ʼIeu hajat geus sakieu sadiana, tapi nu diarondang teh ayeuna mah geus teu layak ka darieu.
9
Ku sabab eta pegat ka jalan-jalan gede, nu laliwat saha bae ajak ka dieu, sing loba.ʼ
10
Badega-badega arindit, sakur nu liwat, nu bageur nu jahat kabeh diajak kana pesta, balandongan hajat pinuh.
11
Raja lebet ka balandongan ningalian. Ret katingalieun aya semah saurang anu henteu make pakean pesta,
12
tuluy dipariksa, ʼKi Sanak, ku naon henteu make pakean pesta?ʼ Jelemana ngabetem bae.
13
Raja nimbalan ka abdi-abdina, ʼBarogod ieu jelema leungeunna jeung sukuna, alungkeun ka nu poek, sina ceurik nandangan sangsara.ʼ ”
14
Saur Yesus deui, ”Anu disaur mah loba, tapi anu kapilih ngan saeutik.”
15
Urang Parisi ngalaleos, tuluy badami rek ngajiret Yesus ku pertanyaan-pertanyaan.
16
Ti dinya nitah murid-muridna nemonan Yesus dibarengan ku jelema-jelema golongan Herodes. ”Pa Guru,” ceuk maranehna, ”abdi terang Bapa jalmi jujur. Bapa ngawurukkeun pangersa Allah ka manusa kalayan satarabasna, henteu inggis ku pamanggih nu sanes, margi Bapa mah henteu pandang harkat.
17
Ku margi kitu, kumaha pamendak Bapa perkawis mayar pajeg ka Prabu Rum, ngarempak Hukum Agama urang atanapi henteu?”
18
Yesus, anu uningaeun kana eta maksud julig ngawaler, ”Eh, anu marunapek! Rek mancing kasalahan Kami maraneh teh?
19
Coba kadieukeun duit anu ku maraneh sok dipake mayar pajeg!” Maranehna ngarasongkeun duit.
20
”Gambar jeung jenengan saha ieu?” Yesus mariksa.
21
”Prabu,” jawab maranehna. Saur Yesus, ”Bayarkeun ka Prabu nu kagungan Prabu, bayarkeun ka Allah nu kagungan Allah.”
22
Diwaler kitu maranehna ngaharuleng tuluy arindit.
23
Dina poe eta keneh aya deui anu daratang ka Yesus, urang Saduki. Ieu golongan henteu percaya yen jelema bakal harudang deui tina maotna.
24
”Guru,” carekna, ”Musa ngajarkeun, upama hiji jelema maot teu gaduh anak, randana kudu dikawin ku dulur nu maot supaya gaduh anak anu bakal diakukeun ka nu parantos maot tea.
25
Kapungkur di dieu kantos aya tujuh jalmi adi lanceuk. Nu cikal kawin tuluy maot, urut bojona dikawin ku nu kadua.
26
Nu kadua maot, awewena dikawin ku nu katilu, kitu bae saterusna nepi ka maraot tujuhanana.
27
Ahirna awewena oge maot.
28
Tah dina waktos nu maraot teh dihirupkeun deui, bojo saha eta awewe teh? Margi tujuhanana parantos ngawin manehna.”
29
Waler Yesus, ”Aranjeun kacida kaliruna, lantaran tacan ngalarti kana Kitab Suci jeung kana kakawasaan Allah.
30
Jelema sanggeus hirup deui tina paehna, kaayaanana bakal saperti malaikat di sawarga jeung moal kawin deui.
31
Kumaha aranjeun tacan maca timbalan Allah ngeunaan dihirupkeunana deui anu maraot? Dawuhan Allah kieu,
32
ʼKami teh Allahna Ibrahim, Allahna Ishak, jeung Allahna Yakub.ʼ Allah teh Allahna anu harirup, lain Allah pikeun nu paraeh.”
33
Jalma rea mah ngadenge eta piwulang teh kacida raresepeunana, mani arolohok.
34
Barang urang Parisi meunang beja yen Yesus geus ngabungkem urang Saduki, tuluy bareng ngadatangan ka Anjeunna.
35
Nu saurang guru agama Yahudi, nyual ka Anjeunna rek ngadoja,
36
pokna, ”Guru, parentah nu mana dina Hukum Agama anu pangutamana?”
37
Waler-Na, ” ʼMasing nyaah ka Pangeran Allah maneh terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta terus jeung budi akal.ʼ
38
Ieu parentah anu pangutamana jeung pangpentingna.
39
Nu kadua sarua pentingna, nya eta: ʼMasing nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.ʼ
40
Sakabeh eusi Hukum Musa jeung pangajaran nabi-nabi lianna, gumantungna ka ieu dua parentah.”
41
Sabot urang Parisi di darinya keneh ku Yesus dipariksa,
42
”Kumaha ari ceuk aranjeun, turunan saha ari Kristus?” ”Turunan Daud,” tembalna.
43
”Lamun kitu,” saur Yesus, ”ku naon Roh Allah maparin ilham ka Daud supaya nyebut ʼGustiʼ ka Kristus? Geuning saur Daud oge:
44
ʼPangeran ngadawuh ka Gusti kaula: Calik di dieu, katuhueun Kami, nepi ka sakabeh musuh Hidep taraluk nyaruuh ka Hidep.ʼ
45
Kumaha nu matak Kristus disebut turunan Daud, sabab Daud nyebut ka Anjeunna teh ʼGustiʼ?”
46
Maranehna teu bisa ngajawab sakecap-kecap acan ka Yesus. Ti semet harita teu aya anu wanieun deui nyual ka Anjeunna.











Matius 22:1
Matius 22:2
Matius 22:3
Matius 22:4
Matius 22:5
Matius 22:6
Matius 22:7
Matius 22:8
Matius 22:9
Matius 22:10
Matius 22:11
Matius 22:12
Matius 22:13
Matius 22:14
Matius 22:15
Matius 22:16
Matius 22:17
Matius 22:18
Matius 22:19
Matius 22:20
Matius 22:21
Matius 22:22
Matius 22:23
Matius 22:24
Matius 22:25
Matius 22:26
Matius 22:27
Matius 22:28
Matius 22:29
Matius 22:30
Matius 22:31
Matius 22:32
Matius 22:33
Matius 22:34
Matius 22:35
Matius 22:36
Matius 22:37
Matius 22:38
Matius 22:39
Matius 22:40
Matius 22:41
Matius 22:42
Matius 22:43
Matius 22:44
Matius 22:45
Matius 22:46






Matius 1 / Mat 1
Matius 2 / Mat 2
Matius 3 / Mat 3
Matius 4 / Mat 4
Matius 5 / Mat 5
Matius 6 / Mat 6
Matius 7 / Mat 7
Matius 8 / Mat 8
Matius 9 / Mat 9
Matius 10 / Mat 10
Matius 11 / Mat 11
Matius 12 / Mat 12
Matius 13 / Mat 13
Matius 14 / Mat 14
Matius 15 / Mat 15
Matius 16 / Mat 16
Matius 17 / Mat 17
Matius 18 / Mat 18
Matius 19 / Mat 19
Matius 20 / Mat 20
Matius 21 / Mat 21
Matius 22 / Mat 22
Matius 23 / Mat 23
Matius 24 / Mat 24
Matius 25 / Mat 25
Matius 26 / Mat 26
Matius 27 / Mat 27
Matius 28 / Mat 28