1 |
Sanggeus eta, harita keneh aya titingalan sejen. Di sawarga aya panto muka, jeung aya nu ngagentra kawas sora tarompet, gentra-Na saperti anu ti heula sasauran ka kaula tea, saur-Na: ”Ka dieu unggah, Kami rek nembongkeun kajadian-kajadian saterusna!” |
2 |
Harita keneh kaula kapurba ku Roh Allah, ningal di sawarga aya anu keur linggih dina tahta. |
3 |
Pameunteu-Na mancur siga cahaya batu widuri pandan jeung permata dalima. Tahtana sakurilingna dikubengan ku katumbiri warna jambrut, |
4 |
diputer ku dua puluh opat tahta anu dicaralikan ku dua puluh opat sepuh anu anggoanana bodas jeung ngaranggo makuta emas. |
5 |
Tina tahta bijil kilat kekerelepan jeung sora gugur tinggulugur. Di hareupeun tahta aya anu hurung saperti obor reana tujuh, nya eta tujuh Roh Allah. |
6 |
Di hareupeun tahta keneh aya nu siga lautan kaca herang ngalenggang kawas kristal. Eta tahta opat sisina dilingkung ku opat mahluk hirup, anu awakna bagian tukang jeung hareup pinuh ku mata. |
7 |
Bangunna nu kahiji siga singa, nu kadua siga sapi jalu, nu katilu beungeutna siga beungeut jelema, nu kaopat siga manuk rajawali keur ngalayang. |
8 |
Opatanana baroga jangjang genep-genep anu luar jerona katutup ku mata. Beurang peuting eta opat mahluk hirup teh teu eureun-eureun mumuji: ”Suci-suci, suci Gusti Allah Nu Maha Kawasa, nu aya, nu geus aya, nu aya saterusna.” |
9 |
Kitu pupujianana, ngamulyakeun, ngahormat, jeung muji sukur ka nu linggih dina tahta, anu jumeneng salalanggengna. |
10 |
Waktu eta opat mahluk hirup maruji, sepuh-sepuh anu dua puluh opat teh bruk nyaruuh ka hadirat anu linggih dina tahta, ngabakti ka anu jumeneng salalanggengna, ari makuta-makutana digolosorkeun ka hareupeun tahta, tuluy nyembahkeun piunjuk: |
11 |
”Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa. Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara, nya ku karana pangersa Gusti eta sadaya kumelip hirup.” |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Wahyu 4:1 |
Wahyu 4:2 |
Wahyu 4:3 |
Wahyu 4:4 |
Wahyu 4:5 |
Wahyu 4:6 |
Wahyu 4:7 |
Wahyu 4:8 |
Wahyu 4:9 |
Wahyu 4:10 |
Wahyu 4:11 |
Wahyu 1 / Wah 1 |
Wahyu 2 / Wah 2 |
Wahyu 3 / Wah 3 |
Wahyu 4 / Wah 4 |
Wahyu 5 / Wah 5 |
Wahyu 6 / Wah 6 |
Wahyu 7 / Wah 7 |
Wahyu 8 / Wah 8 |
Wahyu 9 / Wah 9 |
Wahyu 10 / Wah 10 |
Wahyu 11 / Wah 11 |
Wahyu 12 / Wah 12 |
Wahyu 13 / Wah 13 |
Wahyu 14 / Wah 14 |
Wahyu 15 / Wah 15 |
Wahyu 16 / Wah 16 |
Wahyu 17 / Wah 17 |
Wahyu 18 / Wah 18 |
Wahyu 19 / Wah 19 |
Wahyu 20 / Wah 20 |
Wahyu 21 / Wah 21 |
Wahyu 22 / Wah 22 |
|
|
|
|
|