1 |
Ti Bait Allah aya gentra handaruan nimbalan ka malaikat nu tujuh, ”Geura indit, tamplokkeun eusi pinggan bebendu Allah ka bumi!” |
2 |
Malaikat nu kahiji namplokkeun pingganna ka bumi. Seug jelema-jelema anu marake tanda sato jeung nyarembah kana arcana teh awakna pinuh ku bisul jahat anu kacida nyerina. |
3 |
Malaikat kadua namplokkeun pingganna ka laut. Seug cai laut barobah jadi kawas getih jalma paeh. Mahluk-mahluk laut paraeh. |
4 |
Malaikat nu katilu namplokkeun pingganna ka walungan-walungan jeung sumber-sumber cai, bruy caina jadi getih. |
5 |
Malaikat nu ngajaga cai nyoara, ”Hukuman ti Gusti teh cocog, nun Anu Maha Suci, Gustina kiwari Gustina bihari! |
6 |
Layak pisan jalmi-jalmi nu ngocorkeun getih umat Allah sareng nabi-nabi teh ku Gusti diinuman getih!” |
7 |
Tina altar oge aya soara, ”Ya Allah Nu Maha Kawasa! Hukuman-hukuman ti Gusti adil, cocog sakumaha kedahna!” |
8 |
Malaikat nu kaopat namplokkeun pingganna ka panonpoe. Sebret panonpoe ngaluarkeun panas luar biasa, ngarerab manusa. |
9 |
Jelema-jelema direrab ku panasna, seug nyarumpahan ka pajenengan Allah anu ngawasaan eta balahi-balahi. Maranehna teu eureun tina dosana, ulah-bon muji kana kaagungan Allah. |
10 |
Malaikat nu kalima namplokkeun pingganna kana tahta sato tea. Reup wilayah kakawasaanana jadi poek, sarta jelema-jelema katarajang kanyeri luar biasa, tingpereket nepi ka huntuna nyareblok kana letahna. |
11 |
Seug nyarumpahan ka Allah sawarga, aral ku bisul-bisulna, teu tahan ku kanyerina. Maranehna teu daraekeun tobat tina kalakuan jahatna. |
12 |
Malaikat nu kagenep namplokkeun pingganna ka Walungan Eprat, walungan gede tea. Set caina saat ngoletrak, keur pijalaneun raja-raja ti tatar wetan. |
13 |
Geus kitu aya tilu roh najis bangunna jiga bangkong, kaluarna tina sungut naga, tina sungut sato, jeung tina sungut nabi palsu. |
14 |
Eta teh roh-roh jahat anu nyieun kaahengan-kaahengan, tuluy ngulayab ka dunya ngadatangan raja-raja, rek dibawa sakait perang dina poe agung, Poena Allah Nu Maha Kawasa. |
15 |
”Regepkeun! Kami datang mo kasangka-sangka ibarat datangna bangsat. Salamet nu nyaring ngajaga pakeanana, moal taranjang leumpangna di tengah umum sarta moal nandangan kaera!” |
16 |
Tilu roh tea ngerid raja-raja ka tempat anu dina basa Ibrani disebut Armagedon. |
17 |
Malaikat katujuh namplokkeun pingganna ka awang-awang. Tina tahta di Bait Allah aya gentra handaruan ungelna, ”Geus tinekanan!” |
18 |
Tuluy aya kilat tingbaranyay, guludug tingjalegur, jeung lini kacida gedena. Ti barang manusa dijadikeun can aya lini anu sakitu hebatna. Panghebat-hebatna lini! |
19 |
Kota nu gede tea nepi ka beulah tilu. Kota-kota sakabeh nagara di sadunya burak-barik. Allah emut ka Babul raya, seug eta nagara teh diinuman ku anggur tina lumur Mantenna, anggur bebendu-Na anu ngentab-ngentab. |
20 |
Pulo-pulo, gunung-gunung, kabeh musna. |
21 |
Breg hujan es batu anu pohara baradagna nepi ka beuratna masing-masing lima puluh kilogram, ngaburubut ninggangan manusa. Seug maranehna nyarumpahan ka Allah dumeh dibahlakeun ku hujan es anu sakitu hebatna. |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Wahyu 16:1 |
Wahyu 16:2 |
Wahyu 16:3 |
Wahyu 16:4 |
Wahyu 16:5 |
Wahyu 16:6 |
Wahyu 16:7 |
Wahyu 16:8 |
Wahyu 16:9 |
Wahyu 16:10 |
Wahyu 16:11 |
Wahyu 16:12 |
Wahyu 16:13 |
Wahyu 16:14 |
Wahyu 16:15 |
Wahyu 16:16 |
Wahyu 16:17 |
Wahyu 16:18 |
Wahyu 16:19 |
Wahyu 16:20 |
Wahyu 16:21 |
Wahyu 1 / Wah 1 |
Wahyu 2 / Wah 2 |
Wahyu 3 / Wah 3 |
Wahyu 4 / Wah 4 |
Wahyu 5 / Wah 5 |
Wahyu 6 / Wah 6 |
Wahyu 7 / Wah 7 |
Wahyu 8 / Wah 8 |
Wahyu 9 / Wah 9 |
Wahyu 10 / Wah 10 |
Wahyu 11 / Wah 11 |
Wahyu 12 / Wah 12 |
Wahyu 13 / Wah 13 |
Wahyu 14 / Wah 14 |
Wahyu 15 / Wah 15 |
Wahyu 16 / Wah 16 |
Wahyu 17 / Wah 17 |
Wahyu 18 / Wah 18 |
Wahyu 19 / Wah 19 |
Wahyu 20 / Wah 20 |
Wahyu 21 / Wah 21 |
Wahyu 22 / Wah 22 |
|
|
|
|
|