1 |
Geus kitu di langit aya hiji tetenjoan luar biasa, kacida ahengna: Aya hiji awewe, pakeanana panonpoe, sukuna napak kana bulan, sirahna make makuta anu make dua welas bentang, |
2 |
rek ngajuru geus sabroleun, ngoceak nyantekkeun brolna. |
3 |
Aya deui tetenjoan aheng di langit: aya naga beureum kacida gedena, huluna tujuh, kabeh marake makuta, tandukna sapuluh. |
4 |
Buntutna ngadudut sapertilu bentang-bentang, dibalangkeun ti langit ka bumi. Seug eta naga ngadangong hareupeun eta awewe, rek nyaplok orokna lamun geus kaluar. |
5 |
Brol awewe teh ngajuru, orokna lalaki, anu bakal murba bangsa-bangsa, marentahna make iteuk beusi. Orokna harita keneh aya anu ngejatkeun ka Allah, kana tahta-Na. |
6 |
Ari indungna ngejat ka gurun keusik, di ditu tempatna geus aya ti Allah, sarta bakal diurus di dinya lilana 1.260 poe. |
7 |
Geus kitu aya perang di sawarga. Mikail jeung para malaikatna merangan naga jeung para malaikatna. Naga eleh, teu meunang deui ngancik di sawarga. |
8 |
Naga sakitu gedena teh dibalangkeun ka luar ti sawarga. |
9 |
Eta oray kahot ti jaman purba teh disebutna Iblis atawa Setan, tukang nyasarkeun saalam dunya. Manehna ditotogkeun ka bumi jeung para malaikatna. |
10 |
Sawarga ngaguruh ku anu ngarucap, ”Geus datang kasalametan kagungan Allah! Allah geus nembongkeun kakawasaan yen Mantenna Raja. Ayeuna Kristus-Na geus nembongkeun kakawasaana-Na. Si tukang ngadakwa, anu beurang peuting ngadakwakeun dulur-dulur urang ka Allah geus dibuang ti sawarga. |
11 |
Dulur-dulur urang enggeus tarung paeh-paeh hirup-hirup nepi ka bisa unggul ngelehkeun manehna, ku karana getih Anak Domba, jeung ku karana kayaktian anu diuarkeunana. |
12 |
Ku sabab kitu eh sawarga, eh anu ngarancik di sawarga, sing barungah! Sabalikna, cilaka bumi jeung laut! Sabab Iblis geus turun bari napsu ngagugudug, da nyahoeun geus deukeut kana panungtunganana.” |
13 |
Barang naga teh eling yen dirina geus ditotogkeun ka bumi, tuluy ngudag ka awewe anu tas ngajurukeun budak lalaki tea. |
14 |
Tapi eta awewe ku Allah dibere jangjang rajawali sapasang sina hiber ka tanah gurun urut bareto, bakal diurus di dinya tilu satengah taun lilana, aman tina panarajang naga. |
15 |
Naga murakeun cai tina sungutna ngajadi banjir rek malidkeun eta awewe. |
16 |
Tapi bumi nulungan, seug calangap nyedot cai anu diburakeun ku naga. |
17 |
Bawaning ku gemes ka eta awewe, naga indit rek ngabasmi turunanana, nya eta jelema-jelema anu tigin kana timbalan-timbalan Allah, jeung gumati kana kayaktian anu dipertelakeun ku Yesus. |
18 |
Gen naga ngajanteng di sisi basisir. |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Wahyu 12:1 |
Wahyu 12:2 |
Wahyu 12:3 |
Wahyu 12:4 |
Wahyu 12:5 |
Wahyu 12:6 |
Wahyu 12:7 |
Wahyu 12:8 |
Wahyu 12:9 |
Wahyu 12:10 |
Wahyu 12:11 |
Wahyu 12:12 |
Wahyu 12:13 |
Wahyu 12:14 |
Wahyu 12:15 |
Wahyu 12:16 |
Wahyu 12:17 |
Wahyu 12:18 |
Wahyu 1 / Wah 1 |
Wahyu 2 / Wah 2 |
Wahyu 3 / Wah 3 |
Wahyu 4 / Wah 4 |
Wahyu 5 / Wah 5 |
Wahyu 6 / Wah 6 |
Wahyu 7 / Wah 7 |
Wahyu 8 / Wah 8 |
Wahyu 9 / Wah 9 |
Wahyu 10 / Wah 10 |
Wahyu 11 / Wah 11 |
Wahyu 12 / Wah 12 |
Wahyu 13 / Wah 13 |
Wahyu 14 / Wah 14 |
Wahyu 15 / Wah 15 |
Wahyu 16 / Wah 16 |
Wahyu 17 / Wah 17 |
Wahyu 18 / Wah 18 |
Wahyu 19 / Wah 19 |
Wahyu 20 / Wah 20 |
Wahyu 21 / Wah 21 |
Wahyu 22 / Wah 22 |
|
|
|
|
|