1 |
Ti dinya kaula nenjo hiji deui malaikat anu gagah lungsur ti sawarga, salirana diharudum ku halimun, mastakana dikukudung kuwung-kuwung, rarayna lir panonpoe, sampeanana kawas tihang seuneu, |
2 |
nyepeng gulungan kitab leutik anu muka. Sampeanana nu katuhu napak ka laut, nu kenca napak ka darat. |
3 |
Anjeunna nyoara, ngagaur kawas gaurna singa, ditembalan ku gulugurna tujuh guludug. |
4 |
Barang gulugur, geuwat ku kaula rek dituliskeun. Tapi kaburu aya gentra ti sawarga, dawuhanana, ”Anu diucapkeun ku eta tujuh guludug ulah dicatet, kudu dirasiahkeun!” |
5 |
Geus kitu malaikat anu ngadegna napak ka laut jeung napak ka darat teh ngacungkeun panangan katuhu ka langit, |
6 |
tuluy sumpah nyambat jenengan Allah anu jumeneng salalanggengna, anu ngajadikeun langit, bumi, jeung laut, katut sagala eusina. Saurna, ”Geus teu bisa dilila-lila deui! |
7 |
Tapi lamun malaikat anu katujuh geus niup tarompetna, Allah bakal ngalaksanakeun pangrancang-Na anu rasiah keneh, sakumaha anu geus diandikakeun ka nabi-nabi, abdi-abdi Mantenna!” |
8 |
Gentra anu tadi kadenge ti sawarga teh ngagentra deui ka kaula, ”Cokot itu gulungan kitab anu muka teh, anu keur dicekel ku malaikat anu napak ka laut jeung ka darat!” |
9 |
Kaula indit, nyuhunkeun eta kitab leutik ka eta malaikat. Ari saurna, ”Heh tampanan terus hakan, dina sungut rasana amis asa madu, geus dina beuteung rasana haseum.” |
10 |
Ku kaula ditampanan tuluy didahar. Enya amis asa madu, tapi barang geus di jero beuteung bet haseum. |
11 |
Ti dinya saurna ka kaula, ”Embarkeun sakali deui amanat Allah perkara bangsa-bangsa, nagara-nagara, basa-basa, jeung raja-raja.” |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Wahyu 10:1 |
Wahyu 10:2 |
Wahyu 10:3 |
Wahyu 10:4 |
Wahyu 10:5 |
Wahyu 10:6 |
Wahyu 10:7 |
Wahyu 10:8 |
Wahyu 10:9 |
Wahyu 10:10 |
Wahyu 10:11 |
Wahyu 1 / Wah 1 |
Wahyu 2 / Wah 2 |
Wahyu 3 / Wah 3 |
Wahyu 4 / Wah 4 |
Wahyu 5 / Wah 5 |
Wahyu 6 / Wah 6 |
Wahyu 7 / Wah 7 |
Wahyu 8 / Wah 8 |
Wahyu 9 / Wah 9 |
Wahyu 10 / Wah 10 |
Wahyu 11 / Wah 11 |
Wahyu 12 / Wah 12 |
Wahyu 13 / Wah 13 |
Wahyu 14 / Wah 14 |
Wahyu 15 / Wah 15 |
Wahyu 16 / Wah 16 |
Wahyu 17 / Wah 17 |
Wahyu 18 / Wah 18 |
Wahyu 19 / Wah 19 |
Wahyu 20 / Wah 20 |
Wahyu 21 / Wah 21 |
Wahyu 22 / Wah 22 |
|
|
|
|
|