1 |
Ieu kitab medar wahyu ti Allah ka Yesus Kristus ngeunaan perkara-perkara anu geus meh kajadian, supaya ku Anjeunna ditembongkeun ka abdi-abdi-Na. Kristus ngutus malaikat-Na nembongkeun ieu wahyu ka Yohanes, abdi-Na. |
2 |
Yohanes medar sagala titingalianana anu diebrehkeun ku Yesus Kristus, nya eta amanat Allah jeung perkara-perkara anu sayaktina. |
3 |
Bagja anu maca ieu kitab, anu ngadenge ieu ucapan nubuat sabda Allah, jeung ngimankeun ka sakur anu ditulis dina ieu kitab! Sabab sakur anu diwahyukeunana teh geus tereh bukti. |
4 |
Dulur-dulur di tujuh jamaah di wilayah Asia! Kaula Yohanes. Mugia dulur-dulur dipaparin rahmat rahayu ti Allah, Allah nu keur aya, nu geus aya, jeung nu aya saterusna, jeung ti tujuh roh anu aya di hadirat tahta Allah, |
5 |
jeung ti Yesus Kristus, Saksi anu satia, Putra cikal, anu pangheulana digugahkeun tina maot, panguasa raja-raja saalam dunya. Kristus teh asih ka urang, pupus-Na teh ngajait urang tina dosa, |
6 |
sarta urang dijadikeun hiji karajaan imam-imam anu kumureb ka Allah, Panutan jeung Rama Anjeunna. Kaagungan, kakawasaan, kasanggakeun ka Yesus Kristus salalanggengna! Amin. |
7 |
Tenjo, Kristus geus sumping dina mega! Bakal katembong ku saban jalma, kaasup jalma-jalma anu numbak ka Anjeunna. Jelema saalam dunya bakal tingkoceak nenjo Anjeunna. Geus pasti! |
8 |
”Kami teh Nu Awal jeung Nu Panutup,” dawuhan Pangeran, Allah Nu Maha Kawasa, nu aya, nu geus aya, nu aya saterusna. |
9 |
Kaula Yohanes dulur aranjeun, panganut Yesus, batur tabah dina kasangsaraan anu kasorang ku sakabeh warga Pamarentahan Allah. Kaula aya di pulo Patmos keur dibuang, lantaran ngembarkeun sabda Allah jeung perkara-perkara anu sayaktina anu diebrehkeun ku Yesus. |
10 |
Dina Poean Gusti, kaula kapurba ku Roh Allah, ngadenge anu sasauran ti tukangeun, gentrana tarik kawas sora tarompet, kieu: |
11 |
”Tetenjoan maneh tuliskeun, bukuna kirimkeun ka tujuh jamaah di Epesus, Semirna, Pergamus, Tiatira, Sardis, Piladelpia, jeung Laodikea.” |
12 |
Kaula malik hayang nenjo anu sasauranana. Kaula ningal tujuh suku lampu emas. |
13 |
Di antara eta barang aya hiji wujud anu siga manusa, nganggo jubah panjang ngangsar kana sampeana-Na, harigu-Na nganggo beulitan emas. |
14 |
Rambut-Na bodas kawas kapas atawa kawas salju, soca-Na hurung siga seuneu, |
15 |
sampeana-Na gilap kawas tambaga beunang nyaling, gentra-Na sada guruhna curug. |
16 |
Panangan tengen-Na nyepeng tujuh bentang, tina baham-Na bijil pedang anu dua seuseukeutna. Raray-Na moncorong lir srangenge keur manceran. |
17 |
Bruk kaula ngarumpuyuk kana sampeana-Na, ngalumbuk kawas nu paeh. Anjeunna nyabak ka kaula ku panangan tengen bari ngalahir, ”Ulah sieun! Ieu Kami, Nu Awal jeung Nu Panutup. |
18 |
Kami teh anu jumeneng. Kami geus paeh, tapi ayeuna Kami hirup salalanggengna. Kami kawasa kana paeh jeung ka tempat nu paraeh. |
19 |
Tuliskeun sakur anu katenjo, boh nu ayeuna boh nu bakal kajadian sanggeusna. |
20 |
Kieu harti rasiah ieu tujuh bentang dina leungeun katuhu Kami jeung ieu tujuh suku lampu emas: Tujuh bentang hartina tujuh malaikat ti tujuh jamaah, tujuh suku lampu hartina tujuh jamaah.” |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Wahyu 1:1 |
Wahyu 1:2 |
Wahyu 1:3 |
Wahyu 1:4 |
Wahyu 1:5 |
Wahyu 1:6 |
Wahyu 1:7 |
Wahyu 1:8 |
Wahyu 1:9 |
Wahyu 1:10 |
Wahyu 1:11 |
Wahyu 1:12 |
Wahyu 1:13 |
Wahyu 1:14 |
Wahyu 1:15 |
Wahyu 1:16 |
Wahyu 1:17 |
Wahyu 1:18 |
Wahyu 1:19 |
Wahyu 1:20 |
Wahyu 1 / Wah 1 |
Wahyu 2 / Wah 2 |
Wahyu 3 / Wah 3 |
Wahyu 4 / Wah 4 |
Wahyu 5 / Wah 5 |
Wahyu 6 / Wah 6 |
Wahyu 7 / Wah 7 |
Wahyu 8 / Wah 8 |
Wahyu 9 / Wah 9 |
Wahyu 10 / Wah 10 |
Wahyu 11 / Wah 11 |
Wahyu 12 / Wah 12 |
Wahyu 13 / Wah 13 |
Wahyu 14 / Wah 14 |
Wahyu 15 / Wah 15 |
Wahyu 16 / Wah 16 |
Wahyu 17 / Wah 17 |
Wahyu 18 / Wah 18 |
Wahyu 19 / Wah 19 |
Wahyu 20 / Wah 20 |
Wahyu 21 / Wah 21 |
Wahyu 22 / Wah 22 |
|
|
|
|
|