1 |
Sakur imam agung dipilihna ti sasama manusa, diangkat pikeun jadi wawakil sasamana manusa ngalalayanan Allah, kapapancenan ngahaturkeun pangbakti-pangbakti jeung kurban-kurban panebus dosa. |
2 |
Ku sabab dirina oge rea kalemahanana, imam agung bisa lemah lembut ka jelema anu taya kanyaho jeung rea salahna. |
3 |
Ku sabab dirina ge sipat lemah, ngurbanna teh lain ngan pikeun nebus dosa jalma rea bae, tapi keur dirina oge. |
4 |
Imam agung teu aya anu ngajenengkeun maneh, sabab kudu aya panyaur heula ti Allah, saperti Harun contona. |
5 |
Kristus oge kitu, jadi Imam Agung teh henteu ngangkat anjeun, tapi dijenengkeun ku Allah. Kieu dawuhan Allah ka Anjeunna, ”Hidep Putra Ama, poe ieu Ama jadi Rama Hidep.” |
6 |
Dina kasempetan sejen kieu dawuhan Allah, ”Hidep jadi Imam langgeng saperti Imam Melkisidik.” |
7 |
Waktu keur jumeneng keneh di ieu bumi, Yesus sasambat bari medal cisoca ka Allah, anu iasa ngaluputkeun Anjeunna tina ancaman pati. Ku sabab rendah manah jeung ajrih, paneda-Na ku Allah dikabul. |
8 |
Yesus sanajan Putra Allah, tumut sarta sadrah nandangan sangsara. |
9 |
Ku sabab kitu sanggeus dijadikeun sampurna, Yesus teh jadi sumber kasalametan jelema-jelema anu aranut ka Anjeunna, |
10 |
sarta ku Allah diembarkeun jadi Imam Agung golongan Melkisidik. |
11 |
Hal Yesus jadi Imam Agung, loba anu perlu diterangkeun, tapi hese nerangkeunana, lantaran aranjeun kendor kana ngarti. |
12 |
Geus sakitu lilana dialajar dina hambalan kahiji pangajaran-pangajaran ti Allah, kuduna mah ayeuna geus jaradi guru tina hal eta. Ari pek masih keneh kudu diajar ku batur, can bisa meuweung anu teuas-teuas, kakara bisa kana susu. |
13 |
Anu disusuan keneh mah orok, anu tacan boga pangalaman, tacan nyaho salah jeung bener. |
14 |
Kadaharan anu teuas-teuas mah ngan pikeun anu geus cukup umur, anu geus boga pangalaman bisa ngabedakeun mana nu hade mana nu jahat. |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Ibrani 5:1 |
Ibrani 5:2 |
Ibrani 5:3 |
Ibrani 5:4 |
Ibrani 5:5 |
Ibrani 5:6 |
Ibrani 5:7 |
Ibrani 5:8 |
Ibrani 5:9 |
Ibrani 5:10 |
Ibrani 5:11 |
Ibrani 5:12 |
Ibrani 5:13 |
Ibrani 5:14 |
Ibrani 1 / Ibr 1 |
Ibrani 2 / Ibr 2 |
Ibrani 3 / Ibr 3 |
Ibrani 4 / Ibr 4 |
Ibrani 5 / Ibr 5 |
Ibrani 6 / Ibr 6 |
Ibrani 7 / Ibr 7 |
Ibrani 8 / Ibr 8 |
Ibrani 9 / Ibr 9 |
Ibrani 10 / Ibr 10 |
Ibrani 11 / Ibr 11 |
Ibrani 12 / Ibr 12 |
Ibrani 13 / Ibr 13 |
|
|
|
|
|