A A A A A
×

Alkitab Suci

Ibrani 4

1
Tempat reureuh anu dijangjikeun ku Allah teh pikeun urang oge. Urang oge bakal dipaparin tempat reureuh. Anu matak kudu ati-ati ulah aya ti aranjeun anu kasampak henteu layak asup ka eta tempat reureuh.
2
Sabab urang oge geus ngadarenge wawaran Injil Kasalametan saperti maranehna. Ngan pikeun maranehna mah eta wawaran teh teu jadi mangpaʼat, lantaran ngan dapon didarenge, henteu dipercaya.
3
Sabalikna ku urang mah reureuh anu dijangjikeun ku Allah teh bakal kasorang, sabab urang mah percaya. Ieu cocog jeung dawuhan Allah anu kieu tea, ”Awahing ku bendu Kami sumpah: ʼMaranehna moal jadi diasupkeun ka tanah anu ku Kami dijangjikeun teh, ku Kami moal dibere reureuh!ʼ ” Kitu dawuhana-Na, sanajan padamelana-Na mah geus rengse ti barang Mantenna ngajadikeun alam dunya.
4
Ngeunaan hal poe nu katujuh aya kateranganana dina Kitab Suci, kieu, ”Dina poe nu katujuh Allah liren tina sagala padamelana-Na.”
5
Tina hal ieu disebutkeun deui kieu, ”Maranehna moal jadi diasupkeun ka tanah anu ku Kami dijangjikeun teh, ku Kami moal dibere reureuh.”
6
Maranehna, anu pangheulana ngadarenge wawaran Injil Kasalametan teu kungsi arasup ka tempat reureuh tea, lantaran teu palercayaeun. Jadi eces, aya jelema-jelema sejen anu diidinan arasup ka dinya.
7
Sabab Allah geus ngayakeun hiji poe deui anu disebut ”Poe ieu”. Sanggeus mangalam-alam, hal ieu ku Allah diandikakeun deui ku perantaraan Daud, ayat Kitab Sucina sakumaha anu tadi dipetik, ”Lamun poe ieu maraneh ngadarenge gentra Allah, ulah basangkal.”
8
Upama baheula Yosua kungsi mah mawa maranehna reureuh di tanah anu dijangjikeun tea, Allah moal nyebat-nyebat deui hal poe anu hiji deui.
9
Jadi eces aya keneh poe reureuh anu dijangjikeun pikeun umat Allah, saperti Allah liren dina poe nu katujuh.
10
Sabab saha-saha anu geus asup ka tempat reureuh anu dijangjikeun ku Allah, bakal reureuh tina sagala pagaweanana, saperti Allah oge liren tina sakabeh padamelana-Na.
11
Ku sabab kitu urang kudu enya-enya, supaya bisa asup ka eta tempat, ulah nepi ka gagal lantaran wangkelang cara maranehna.
12
Pangandika Allah teh nya hirup, nya kuat, tur leuwih seukeut ti batan pedang nu seukeut kenca katuhu, sanggup nusuk nepi kana nyawa jeung jiwa, tembus kana tulang sandi jeung sungsum, bisa maca pikiran jeung angen-angen manusa.
13
Taya hiji hal anu bisa nyamuni ti Allah, kabeh mahluk eces nonggerak katingalieun. Ka Mantenna urang kabeh kudu nyanggakeun tanggung jawab kalakuan.
14
Ku sabab kitu sing pageuh urang nyekel pangakuan yen percaya. Sabab urang boga Imam Agung anu luhur, anu geus lebet nepi ka payuneun Allah pisan, nya eta Yesus, Putra Allah.
15
Imam Agung urang teh lain imam anu tara ngaraskeun kahengkeran-kahengkeran urang. Sabalikna malah, lantaran Anjeunna ge geus nyorang nandangan sagala dodoja cara urang, ngan ari Anjeunna mah teu kagungan dosa.
16
Ku sabab eta hayu urang ngadeuheus bari reugreug hate ka Allah anu sipat kurnia. Mantenna tangtu mikawelas jeung maparin rahmat pitulung samangsa urang perlu ku pitulung Mantenna.
Ibrani 4:1
Ibrani 4:2
Ibrani 4:3
Ibrani 4:4
Ibrani 4:5
Ibrani 4:6
Ibrani 4:7
Ibrani 4:8
Ibrani 4:9
Ibrani 4:10
Ibrani 4:11
Ibrani 4:12
Ibrani 4:13
Ibrani 4:14
Ibrani 4:15
Ibrani 4:16
Ibrani 1 / Ibr 1
Ibrani 2 / Ibr 2
Ibrani 3 / Ibr 3
Ibrani 4 / Ibr 4
Ibrani 5 / Ibr 5
Ibrani 6 / Ibr 6
Ibrani 7 / Ibr 7
Ibrani 8 / Ibr 8
Ibrani 9 / Ibr 9
Ibrani 10 / Ibr 10
Ibrani 11 / Ibr 11
Ibrani 12 / Ibr 12
Ibrani 13 / Ibr 13