1 |
Doakeun sim kuring dulur-dulur. Pangnedakeun sing bisa neruskeun nyebarkeun amanat Gusti, sing gancang hasil reujeung gumilang kawas di aranjeun. |
2 |
Doakeun oge, mugi sim kuring ku Allah dijaga ti jalma nu niat jahat, maʼlum moal unggal jalma percaya kana eta amanat teh. |
3 |
Tapi aranjeun bakal dikuatkeun ku Gusti anu sipat satuhu, diraksa ti si Jahat. |
4 |
Sim kuring diyakinkeun ku Gusti, percaya yen aranjeun keur ngalakonan hal anu dipapatahkeun ku sim kuring, sarta bakal pengkuh saterusna kana hal eta. |
5 |
Mugia aranjeun ku Gusti dikersakeun tambah ngarti kana kaasih Allah sarta tahan uji saperti Kristus. |
6 |
Dulur-dulur! Kalawan nyambat jenengan Gusti urang Yesus Kristus, sim kuring meredih ka aranjeun, jauhkeun diri ti jelema anu kedul, jeung ti anu teu daek ngagugu kana papatah sim kuring. |
7 |
Aranjeun pribadi terang kumaha kuduna nyonto kana lampah sim kuring. Waktu sim kuring di aranjeun keneh geuning jajauheun tina hirup kedul. |
8 |
Sagala anu katarima teu aya anu ku sim kuring teu dibayar. Beurang peuting digawe banting tulang, embung nyusahkeun ka aranjeun anu mana bae oge. |
9 |
Lain ku sabab sim kuring teu aya hak menta balanja, tapi maksud teh arek nyontoan ka aranjeun. |
10 |
Bareto basa keur di dieu keneh geuning sim kuring biasa sok ngomong kieu, ”Nu embung digawe mah tong dibere dahar!” |
11 |
Ngomong kitu soteh lantaran ngadenge carita yen di aranjeun aya jelema-jelema anu kedul, anu gawena taya lian ti ngan ngarerecok urusan batur. |
12 |
Ka jelema anu kitu, kalawan asmana Gusti Yesus Kristus sim kuring meredih jeung ngelingan kudu hirup tartib jeung kudu daek baranggawe keur kipayah hirupna. |
13 |
Ari aranjeun dulur-dulur, omat ulah bosen-bosen migawe anu hade. |
14 |
Tapi teu mustahil aya anu embung ngagugu kana ieu amanat anu ku sim kuring ditulis dina ieu surat. Lamun aya, cirian, tong dicampuran, sina eraeun. |
15 |
Tapi ulah dimusuhan, pepelingan bae sakumaha pantesna ka dulur. |
16 |
Mugia Gusti ku anjeun anu jadi sumber katengtreman urang, saban-saban waktu nengtremkeun ka aranjeun dina sagala perkara. Mugia Mantenna nyarengan ka aranjeun. |
17 |
Salam sono sim kuring, Paulus. Tah ieu mah tulisan sim kuring pribadi. Kitu tanda tangan sim kuring dina unggal-unggal surat. |
18 |
Mugia Gusti urang Yesus Kristus maparinkeun sih kurnia-Na ka aranjeun. |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
2 Tesalonika 3:1 |
2 Tesalonika 3:2 |
2 Tesalonika 3:3 |
2 Tesalonika 3:4 |
2 Tesalonika 3:5 |
2 Tesalonika 3:6 |
2 Tesalonika 3:7 |
2 Tesalonika 3:8 |
2 Tesalonika 3:9 |
2 Tesalonika 3:10 |
2 Tesalonika 3:11 |
2 Tesalonika 3:12 |
2 Tesalonika 3:13 |
2 Tesalonika 3:14 |
2 Tesalonika 3:15 |
2 Tesalonika 3:16 |
2 Tesalonika 3:17 |
2 Tesalonika 3:18 |
2 Tesalonika 1 / 2Tes 1 |
2 Tesalonika 2 / 2Tes 2 |
2 Tesalonika 3 / 2Tes 3 |
|
|
|
|
|