A A A A A
×

Alkitab Suci

Ulangan 9

1
”Eh urang Israil, maraneh ayeuna tereh meuntasan Walungan Yordan, bakal ngarebut tanah bogana bangsa-bangsa anu leuwih gede leuwih kuat ti batan maraneh. Nagara-nagarana lalega, kuta-kutana laluhur nepi ka langit,
2
jelemana jarangkung gede, baredas, bangsa raksasa, pan aya bejana ka maraneh ge, cenah moal aya anu kuat ka maranehna.
3
Tapi engke ku maraneh katenjo, PANGERAN Allah maraneh bakal majeng ti heula lir seuneu anu ngalebur. Ana maraneh geus maju, musuh ku Mantenna bakal diusir sarta gancang dibasmi. Kitu timbalana-Na.
4
Tapi lamun musuh geus disingkirkeun ku PANGERAN Allah maraneh, ulah boga rasa yen pangna ku Mantenna diasupkeun ka eta tanah jeung ngamilikna teh pedah geus pantesna kitu. Lain kitu! Eta musuh nu matak ku PANGERAN disingkirkeun teh lantaran daroraka.
5
PANGERAN Allah maraneh, nu matak ngawidian eta tanah dicokot ku maraneh teh lain ku sabab maraneh bageur jeung bener. Musuh anu matak disingkirkeun teh lantaran kalakuanana garoreng, jeung ku sabab Mantenna rek ngabuktikeun jangji anu diikrarkeun ka karuhun maraneh, Ibrahim, Ishak, jeung Yakub.
6
Kanyahokeun, PANGERAN maparinkeun eta tanah anu sakitu alusna teh lain ku sabab maraneh hade lampah. Lain! Da maraneh teh tetep tukang murugul.
7
Sing aringet, kumaha bareto maraneh di gurun keusik nyieun pibendueun PANGERAN Allah maraneh. Ti barang budal ti Mesir nepi ka ayeuna di dieu, maraneh ngan ngalawan bae ka Mantenna.
8
Malah di Gunung Sinai maraneh dibenduan ku PANGERAN. Harita Mantenna kacida benduna nepi ka meh ngabasmi.
9
Harita Bapa keur aya di puncak eta gunung, rek narima papan batu anu ditulisan ku perjangjian ti Allah pikeun maraneh. Opat puluh poe opat puluh peuting Bapa di dinya, teu dahar teu nginum.
10
Sanggeus kitu Bapa narima eta papan batu ti Mantenna, geus ditulisan ku timbalan-timbalan anu diandikakeun ti jero seuneu tea, basa maraneh kumpul di suku eta gunung. Anu nyeratna ge PANGERAN ku manten.
11
Sanggeus opat puluh poe opat puluh peuting, kakara PANGERAN masihkeun eta dua papan batu ka Bapa, geus dieusi ku perjangjian anu diserat ku Mantenna.
12
Harita PANGERAN ngadawuh kieu ka Bapa, ’Geuwat geura turun gunung, jelema-jelema anu ku maneh dibudalkeun ti Mesir teh geus nyarieun lampah goreng, marigawe dosa. Geus alingkar tina timbalan-timbalan Kami, jeung geus nyarieun aallahan keur sembaheunana.’
13
Dawuhanana deui, ’Tetela eta jelema-jelema teh kacida mantangulna.
14
Maneh ulah ngahalang-halang ka Kami, eta jelema-jelema ku Kami arek dibasmi, sing ulah aya anu nginget-nginget deui. Sanggeus kitu maneh ku Kami arek dijadikeun karuhun hiji bangsa anu leuwih gede jeung leuwih kuat batan eta.’
15
Bapa turun ti eta gunung, mawa dua papan batu anu dieusi perjangjian tea. Gebur aya seuneu ti luhur gunung.
16
Maraneh ku Bapa kasampak geus alingkar tina timbalan PANGERAN, geus marigawe dosa ka Mantenna, nyieun hiji brahala sasapian tina logam.
17
Bapa ngabeubeutkeun eta dua papan batu nepi ka beulah.
18
Ti dinya Bapa ngadeuheus deui ka payuneun PANGERAN, bruk sujud kana taneuh, opat puluh poe opat puluh peuting deui teu dahar teu nginum. Bapa nepi ka kitu teh ku sabab eta dosa maraneh nu sakitu matak benduna ka PANGERAN.
19
Bapa kacida paurna ningal PANGERAN mani ngagidir bendu-Na, meh bae ngabasmi ka maraneh. Hadena PANGERAN kersaeun keneh ngadangu panuhun Bapa.
20
Jeung harita Bapa teh mangnedakeun Harun ongkoh, sabab harun oge dibenduan meh disina tiwas.
21
Barang anu doraka jijieunan maraneh nya eta sasapian beunang nyitak tea ku Bapa dicokot, dialungkeun kana seuneu tuluy diancurkeun jadi bubuk, tuluy diawurkeun ka susukan anu ngocor ti eta gunung.
22
Nya kitu keneh di Taberah, di Masa, jeung di Kibrot Taawa, maraneh nyieun pibendueun PANGERAN.
23
Jeung basa maraneh ti Kades Barnea dipiwarang ngarebut tanah anu geus diajangkeun pikeun maraneh, maraneh baha, teu percaya, teu narurut.
24
Ti barang Bapa mimiti wawuh ge maraneh teh geus ngaralawan ka PANGERAN.
25
Bapa nyuuh ka payuneun PANGERAN, opat puluh poe opat puluh peuting, sabab Mantenna geus meh bae ngabasmi ka maraneh.
26
Bapa sasambat, ’Nun PANGERAN Nu Maha Agung, mugi ulah ngabasmi ka eta jalmi-jalmi kenging Gusti ngajait ti Mesir nganggo kawasa rosa.
27
Sing emut ka abdi-abdi Gusti, Ibrahim, Ishak sareng Yakub. Mugi teu dianggo kekeling galih sanaos maranehna teh mantangul, arawon lampah, marigawe dosa.
28
Bilih Gusti ku urang Mesir dipajarkeun teu iasa ngalebetkeun eta umat ka tanah anu dijangjikeun tea. Bilih ceuk urang Mesir Gusti ngaluarkeun eta umat ti Mesir teh baris dibasmi di gurun keusik reh ku Gusti parantos dipikageuleuh.
29
Sanaos kumaha oge eta jalmi-jalmi teh ku Gusti parantos diunculkeun dijadikeun umat kagungan, tur kenging Gusti ngajait ti Mesir nganggo kawasa rosa.’ ”
Ulangan 9:1
Ulangan 9:2
Ulangan 9:3
Ulangan 9:4
Ulangan 9:5
Ulangan 9:6
Ulangan 9:7
Ulangan 9:8
Ulangan 9:9
Ulangan 9:10
Ulangan 9:11
Ulangan 9:12
Ulangan 9:13
Ulangan 9:14
Ulangan 9:15
Ulangan 9:16
Ulangan 9:17
Ulangan 9:18
Ulangan 9:19
Ulangan 9:20
Ulangan 9:21
Ulangan 9:22
Ulangan 9:23
Ulangan 9:24
Ulangan 9:25
Ulangan 9:26
Ulangan 9:27
Ulangan 9:28
Ulangan 9:29
Ulangan 1 / Ula 1
Ulangan 2 / Ula 2
Ulangan 3 / Ula 3
Ulangan 4 / Ula 4
Ulangan 5 / Ula 5
Ulangan 6 / Ula 6
Ulangan 7 / Ula 7
Ulangan 8 / Ula 8
Ulangan 9 / Ula 9
Ulangan 10 / Ula 10
Ulangan 11 / Ula 11
Ulangan 12 / Ula 12
Ulangan 13 / Ula 13
Ulangan 14 / Ula 14
Ulangan 15 / Ula 15
Ulangan 16 / Ula 16
Ulangan 17 / Ula 17
Ulangan 18 / Ula 18
Ulangan 19 / Ula 19
Ulangan 20 / Ula 20
Ulangan 21 / Ula 21
Ulangan 22 / Ula 22
Ulangan 23 / Ula 23
Ulangan 24 / Ula 24
Ulangan 25 / Ula 25
Ulangan 26 / Ula 26
Ulangan 27 / Ula 27
Ulangan 28 / Ula 28
Ulangan 29 / Ula 29
Ulangan 30 / Ula 30
Ulangan 31 / Ula 31
Ulangan 32 / Ula 32
Ulangan 33 / Ula 33
Ulangan 34 / Ula 34