1 |
”Ieu papakon-papakon anu ku Bapa diwurukkeun ayeuna gumatikeun, supaya maraneh harirup, ngalobaan, jeung laksana engke nya ngancik di tanah anu ku PANGERAN geus dijangjikeun ka karuhun pikeun maraneh. |
2 |
Sing aringet, PANGERAN Allah maraneh sakitu ngapingna, nuyun ngambah tanah gurun geus opat puluh taun ieu. Mantenna sok maparin kasukeran-kasukeran, mecak hate maraneh daraek henteuna anut kana sagala timbalana-Na. |
3 |
Maraneh disina kalempohan taya dahareun, geus kitu dipaparin manna. Eta kadaharan tacan aya anu enggeus ngadahar. Maraneh tacan, kolot-kolot maraneh tacan. Maksud Mantenna supaya maraneh nyaho yen anu nunjang hirup manusa teh lain ngan dahareun wungkul, saenyana mah saniskara anu ditimbalkeun ku PANGERAN. |
4 |
Di jero opat puluh taun ieu, pake maraneh teu datang ka butut, dampal suku teu datang ka maropog. |
5 |
Kanyahokeun, PANGERAN Allah maraneh meperihna ka maraneh teh lir bapa ngadidik anak. |
6 |
Mana oge lalampahkeun sagala timbalana-Na teh, tuturkeun sagala pikukuh-Na, jeung masing sieun ku Mantenna. |
7 |
Ayeuna maraneh ku PANGERAN Allah maraneh keur dicandak ka hiji tanah anu kacida suburna, walungan-walungan cur-cor, cinyusu pating burial, ti jero taneuh cai tinggolontor mapay lebak mipir pasir, |
8 |
tanahna pinuh ku gandum, jawawut, anggur, kondang, dalima, jetun, jeung madu, |
9 |
taya bahan kalaparan atawa kurang dahar. Gunung-gunung cadasna ngandung beusi, tambaga di pasir-pasir bisa diala. |
10 |
Sagala dahareun ge aya. Nu matak abong lamun teu nepi ka maruji sukur teh ka PANGERAN Allah maraneh, dumeh geus dipaparin tanah anu sakitu alusna.” |
11 |
”Peupeujeuh, ulah nepi ka poho ka PANGERAN Allah maraneh. Peupeujeuh, ulah nepi ka ingkar tina sagala papakon anu ku Bapa diwurukkeun poe ieu. |
12 |
Mun enggeus loba hakaneun, enggeus baroga imah alus, |
13 |
enggeus loba boga sapi, domba, perak, emas, jeung sajaba ti eta, |
14 |
peupeujeuh ulah nepi ka ujub ria terus poho ka PANGERAN Allah maraneh anu ngajait ti Mesir, tempat maraneh diperbudak. |
15 |
Mantenna teh enggeus nuyun maraneh ngambah gurun anu nya lega nya pinuh ku nu matak paur, enggon oray nu maratih jeung kalajengking. Di tanah anu garing ngentak-ngentak teu aya cai, Mantenna ngabijilkeun cai tina batu cadas, supaya maraneh bisa ngarinum saseubeuhna. |
16 |
Di satengahing jalan maraneh dipaparin Manna, kadaharan anu iraha teh teuing aya anu geus ngadahar, maraneh tacan, kolot-kolot maraneh tacan. Maraneh ku Mantenna sok disusuker, anu maksud-Na mecak kasatiaan maraneh, anu engkena bakal diganjar ku nu pisenangeun. |
17 |
Jadi, poma ulah dir, boga pikir beunghar beunang sorangan, kuat kawasa beunang sorangan. |
18 |
Sing aringet nu matak barisa usaha nepi ka jadi baleunghar teh saenyana mah paparin ti PANGERAN. Kawantu Mantenna mah nepi ka waktu ieu ge tetep satia kana jangji-Na anu bareto diikrarkeun ka karuhun maraneh. |
19 |
Peupeujeuh, ulah nepi ka poho ka PANGERAN Allah maraneh. Ulah nepi ka ingkar tuluy nyembah ngabakti ka allah-allah sejen. |
20 |
Lamun nepi ka kitu, Bapa ngingetan ti ayeuna keneh, maraneh tangtu dibasmi. |
21 |
Teu narurut ka PANGERAN tangtu ditumpurkeun cara bangsa-bangsa anu ku Mantenna geus digempur hareupeun panon maraneh.” |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Ulangan 8:1 |
Ulangan 8:2 |
Ulangan 8:3 |
Ulangan 8:4 |
Ulangan 8:5 |
Ulangan 8:6 |
Ulangan 8:7 |
Ulangan 8:8 |
Ulangan 8:9 |
Ulangan 8:10 |
Ulangan 8:11 |
Ulangan 8:12 |
Ulangan 8:13 |
Ulangan 8:14 |
Ulangan 8:15 |
Ulangan 8:16 |
Ulangan 8:17 |
Ulangan 8:18 |
Ulangan 8:19 |
Ulangan 8:20 |
Ulangan 8:21 |
Ulangan 1 / Ula 1 |
Ulangan 2 / Ula 2 |
Ulangan 3 / Ula 3 |
Ulangan 4 / Ula 4 |
Ulangan 5 / Ula 5 |
Ulangan 6 / Ula 6 |
Ulangan 7 / Ula 7 |
Ulangan 8 / Ula 8 |
Ulangan 9 / Ula 9 |
Ulangan 10 / Ula 10 |
Ulangan 11 / Ula 11 |
Ulangan 12 / Ula 12 |
Ulangan 13 / Ula 13 |
Ulangan 14 / Ula 14 |
Ulangan 15 / Ula 15 |
Ulangan 16 / Ula 16 |
Ulangan 17 / Ula 17 |
Ulangan 18 / Ula 18 |
Ulangan 19 / Ula 19 |
Ulangan 20 / Ula 20 |
Ulangan 21 / Ula 21 |
Ulangan 22 / Ula 22 |
Ulangan 23 / Ula 23 |
Ulangan 24 / Ula 24 |
Ulangan 25 / Ula 25 |
Ulangan 26 / Ula 26 |
Ulangan 27 / Ula 27 |
Ulangan 28 / Ula 28 |
Ulangan 29 / Ula 29 |
Ulangan 30 / Ula 30 |
Ulangan 31 / Ula 31 |
Ulangan 32 / Ula 32 |
Ulangan 33 / Ula 33 |
Ulangan 34 / Ula 34 |
|
|
|
|
|