A A A A A
×

Alkitab Suci

Ulangan 5

1
Musa ngumpulkeun sakumna bangsa Israil, seug dilahiran kieu, ”Eh urang Israil! Barandungan ieu pikukuh-pikukuh anu ku Bapa rek diwurukkeun ka maraneh ayeuna. Arapalkeun, gumatikeun.
2
Gusti PANGERAN di Gunung Sinai ngadamel perjangjian.
3
Eta perjangjian lain keur kolot-kolot urang bae, tapi keur urang ongkoh anu hirup ayeuna.
4
Mantenna nimbalan ka maraneh ti luhur gunung, ti jero seuneu, hareupeun maraneh.
5
Bapa harita nangtung di antara maraneh jeung Mantenna, neruskeun timbalan-timbalana-Na, da maraneh sieun ku eta seuneu, jeung henteu arunggah ka gunung. Timbalan PANGERAN kieu,
6
’Ieu Kami, PANGERAN Allah maraneh, anu ngajait maraneh ti Mesir, tempat maraneh dijieun badega.
7
Maraneh ulah ngabakti ka aallahan, kudu ngabakti ka Kami.
8
Maraneh ulah nyieun sesembahan rupa naon bae ti nu aya di langit atawa di bumi, atawa di cai sahandapeun bumi.
9
Poma ulah nyembah atawa ngabakti ka nu karitu. Karana Kami, PANGERAN Allah maraneh, embung disaruakeun jeung naon bae. Kami tangtu nyiksa ka anu mikageuleuh ka Kami, kitu deui ka turunanana, nepi ka turunan katilu jeung kaopat.
10
Sabalikna deui, Kami mikaheman nepi ka rebuan turunan, ka sakur anu nyaah ka Kami sarta ngestukeun timbalan Kami.
11
Ulah nyebut jenengan Kami dipake teu puguh, karana Kami PANGERAN Allah maraneh, moal teu nyiksa ka sakur anu sambarangan nyebut jenengan Kami.
12
Masing gumati kana poe Sabat, kudu disucikeun salalawasna sakumaha anu diparentahkeun ku Kami, PANGERAN Allah maraneh.
13
Genep poe pikeun maraneh migawe sagala pagawean,
14
ari poe nu katujuh poe reureuh, kudu dipake ngabakti ka Kami. Dina poe eta teu meunang aya anu digawe, boh maraneh, boh anak, boh badega, boh sasatoan, kitu deui sakur anu ngumbara di tanah maraneh. Badega-badega oge kudu sina reureuh sakumaha maraneh.
15
Sing aringet, maraneh oge bareto jadi badega di Mesir, nepi ka Kami PANGERAN Allah maraneh metakeun pangawasa jeung kadigjayaan anu taya bandingna, ngajait maraneh. Kitu sababna maraneh ku Kami ditimbalan ngestokeun kana poe Sabat.
16
Kudu masing hormat ka bapa jeung ka indung, sakumaha anu diparentahkeun ku Kami, PANGERAN Allah maraneh, supaya maraneh jamuga jeung panjang umur di tanah anu bakal dipaparinkeun ku Kami.
17
Maraneh ulah maehan.
18
Maraneh ulah ngaranyed.
19
Maraneh ulah maling.
20
Maraneh ulah jadi saksi palsu.
21
Maraneh ulah bogoh ka pamajikan batur, ulah mikahayang imahna, tanahna, badega-badegana, sapina, kaldena, atawa naon bae pangaboga batur.’
22
Kitu ungelna eta pikukuh-pikukuh ti PANGERAN anu ditimbalkeun ka maraneh basa maraneh karumpul di eta gunung. Kalawan gentra anu ngageleger ti jero seuneu jeung tina mega anu kandel, nya pikukuh-pikukuh ieu anu ku Mantenna diandikakeun teh, lain nu sejen. Geus kitu ieu pikukuh-pikukuh teh ku Mantenna diseratkeun dina dua papan batu, tuluy diserenkeun ka Bapa.”
23
”Barang maraneh ngadarenge eta gentra ti lebah nu poek tur eta gunung ngagedur ku seuneu, maraneh kitu deui para pamingpin kaom daratang ka Bapa,
24
sarta ngaromong kieu, ’PANGERAN Allah kuring mintonkeun kaagungan sareng kamulyaana-Na, gentrana disina kakuping ku kuring ti jero seuneu! Dinten ieu kaalaman ku kuring sadaya, yen najan manusa teh ngadenge sorangan timbalan Allah, geuning tiasa keneh hirup.
25
Parandene kitu, keur naon kuring sadaya nyampeurkeun ajal? Da tangtu kuring sadaya lebur ku eta seuneu anu sakitu ngagedurna. Upami kedah nguping deui gentra-Na tangtos kuring sarerea tiwas.
26
Iraha aya jelema anu tahan ngareungeu gentra Allah anu jumeneng, tur bijilna ti jero seuneu?
27
Ku margi kitu, anu ka ditu deui teh Bapa bae, tampi sagala rupi anu bakal didawuhkeun ku PANGERAN Allah kuring, nembe engke mulih ngawartoskeun timbalana-Na. Kuring sadaya sumeja tumut.’
28
Ana PANGERAN ngadangu hal ieu, Mantenna ngadawuh ka Bapa, ’Kami geus ngadangu omongan eta jelema-jelema. Bener kudu kitu.
29
Lamun heug hatena kitu salalawasna! Lamun heug ngajenanana ka Kami jeung narurutna kana papakon-papakon Kami teh kawas kitu salilana, sangkan jaramuga turun-tumurun!
30
Tepungan ku maneh, titah baralik ka kemah-kemahna.
31
Tapi maneh, Musa, kudu ka dieu deui. Kami ka maneh rek ngandikakeun sakabeh papakon jeung pikukuh Kami. Wurukkeun engke ku maneh ka eta jelema-jelema, estokeuneun maranehna engke di tanah anu ku Kami geus diajangkeun keur maranehna.’
32
Ku sabab kitu eh urang Israil, peupeujeuh, tiginkeun eta sagala timbalan PANGERAN Allah maraneh teh. Ulah aya papakon Mantenna anu henteu diturut.
33
Kabeh estokeun, sangkan maraneh jamuga jeung bisa tetep renggenek di eta tanah.”
Ulangan 5:1
Ulangan 5:2
Ulangan 5:3
Ulangan 5:4
Ulangan 5:5
Ulangan 5:6
Ulangan 5:7
Ulangan 5:8
Ulangan 5:9
Ulangan 5:10
Ulangan 5:11
Ulangan 5:12
Ulangan 5:13
Ulangan 5:14
Ulangan 5:15
Ulangan 5:16
Ulangan 5:17
Ulangan 5:18
Ulangan 5:19
Ulangan 5:20
Ulangan 5:21
Ulangan 5:22
Ulangan 5:23
Ulangan 5:24
Ulangan 5:25
Ulangan 5:26
Ulangan 5:27
Ulangan 5:28
Ulangan 5:29
Ulangan 5:30
Ulangan 5:31
Ulangan 5:32
Ulangan 5:33
Ulangan 1 / Ula 1
Ulangan 2 / Ula 2
Ulangan 3 / Ula 3
Ulangan 4 / Ula 4
Ulangan 5 / Ula 5
Ulangan 6 / Ula 6
Ulangan 7 / Ula 7
Ulangan 8 / Ula 8
Ulangan 9 / Ula 9
Ulangan 10 / Ula 10
Ulangan 11 / Ula 11
Ulangan 12 / Ula 12
Ulangan 13 / Ula 13
Ulangan 14 / Ula 14
Ulangan 15 / Ula 15
Ulangan 16 / Ula 16
Ulangan 17 / Ula 17
Ulangan 18 / Ula 18
Ulangan 19 / Ula 19
Ulangan 20 / Ula 20
Ulangan 21 / Ula 21
Ulangan 22 / Ula 22
Ulangan 23 / Ula 23
Ulangan 24 / Ula 24
Ulangan 25 / Ula 25
Ulangan 26 / Ula 26
Ulangan 27 / Ula 27
Ulangan 28 / Ula 28
Ulangan 29 / Ula 29
Ulangan 30 / Ula 30
Ulangan 31 / Ula 31
Ulangan 32 / Ula 32
Ulangan 33 / Ula 33
Ulangan 34 / Ula 34