A A A A A
×

Alkitab Suci

Ulangan 29

1
Kitu ungelna perjangjian anu ku PANGERAN ditimbalkeun ka Musa pikeun urang Israil, waktu maranehna aya di tanah Moab. Eta perjangjian teh panambah tina perjangjian PANGERAN ka maranehna anu dijieun di Gunung Sinai.
2
Musa miwarang supaya sakumna urang Israil kumpul. Ti dinya sasauran ka maranehna, ”Maraneh geus narenjo sorangan sagala kajadian ti PANGERAN anu dikeunakeun ka raja Mesir, ka para gegedenna, jeung ka sakuliah tanahna.
3
Eta sagala balahi jeung kaahengan-kaahengan ti PANGERAN ku maraneh geus kasaksian.
4
Tapi nepi ka ayeuna maraneh ku Mantenna tacan diparengkeun ngaharti kana sagala perkara anu geus kasorang.
5
Opat puluh taun maraneh ku Mantenna dicandak ngambah gurun keusik, parandene pake teu datang ka butut, tarumpah pon kitu keneh.
6
Maraneh teu boga roti keur dahareun, teu boga cianggur atawa inuman keras, tapi ku PANGERAN teu burung dipaparin sakur nu perlu, supaya maraneh nyaho yen Mantenna teh Allah maraneh.
7
Kitu deui basa urang mimiti datang ka dieu, urang geus bisa ngelehkeun Raja Sihon ti Hesbon jeung Raja Og ti Basan anu ngahaja mapag merangan.
8
Tanahna ku urang bisa direbut, tuluy dibikeun ka kaom Rubin, ka kaom Gad, jeung ka satengah kaom Menase.
9
Anu matak supaya maraneh lulus saterusna, kudu ngestokeun sagala rupa anu kaungel dina perjangjian Mantenna.
10
Ayeuna maraneh jaronghok di dieu di payuneun PANGERAN. Kabeh araya, para pamingpin, para gegeden, lalaki,
11
awewe, barudak, pon kitu jalma lianna bangsa batur, purah mangalakeun suluh jeung cai.
12
Poe ieu maraneh bakal dibawa kana eta perjangjian katut sagala katangtuanana anu dipidamel ku PANGERAN Allah maraneh, sangkan dilampahkeun.
13
Maraneh rek diteguhkeun ngajadi umat PANGERAN, sarta Mantenna jadi Allah maraneh, sakumaha anu dijangjikeuna-Na ka maraneh jeung karuhun maraneh Ibrahim, Ishak jeung Yakub.
14
Eta perjangjian jeung pikukuh-pikukuh, dipidamelna ku PANGERAN lain ngan pikeun maraneh wungkul.
15
Tegesna pikeun kabeh, pikeun urang anu ayeuna di dieu jeung pikeun turunan urang nu bakal gumelar.”
16
”Maraneh tangtu aringet keneh kana sagala hal anu kasorang di Mesir, jeung anu kalakon di jalan waktu nyorang wewengkon bangsa-bangsa sejen.
17
Arca-arca sesembahanana anu pikagirukeun, tina kayu, tina batu, tina perak, tina emas, ku maraneh geus katenjo.
18
Pacuan ti anu karumpul di dieu aya jelema, warga, kaom, lalaki atawa awewe, anu rek ingkar ti PANGERAN hayang nyembah ka allah-allah maranehna, sabab matak jadi mamala, cara akar anu jadi tangkal anu pait jeung ngandung racun.
19
Pacuan maraneh anu ngadarenge ieu parentah angker aya anu rek ngayakin-yakin maneh, boga rasa najan mawa karep sorangan ge mo burung salamet. Tan wande matak cilaka sarerea, nu balageur, nu jarahat.
20
Jelema nu kitu ku PANGERAN moal dihampura, malah bakal kahuru ku bebendu-Na, ditarajang ku balahi-balahi anu kaungel dina eta kitab, ahirna ditumpes pisan,
21
pikeun conto ti PANGERAN ka kaom-kaom Israil, diterapan sagala panyapa anu kaungel dina perjangjian anu aya dina buku pikukuh PANGERAN tea.
22
Tanah maraneh ku PANGERAN bakal diruksak, pinuh ku kasangsaraan, tur bakal katarenjo ku turunan maraneh nu bakal datang, kitu deui ku jalma-jalma ti nagara nu jarauh.
23
Lahan-lahan raruksak pinuh ku walirang jeung uyah, taya pisan anu jadi, henteu jukut-jukut acan. Tanah maraneh bakal saperti kaayaan nagara Sadumu jeung Gomora, saperti nagara Adma jeung Seboim, anu dibasmi ku PANGERAN tea, awahing Mantenna bendu.
24
Jalma sajagat bakal silih tanya, ’Ku naon tanah eta bangsa teh ku PANGERAN nepi ka dikitu-kitu? Ku naon nu matak PANGERAN sakitu benduna?’
25
Jawabna, ’Eta umat PANGERAN teh ingkar tina perjangjian Allah karuhunna anu diikrarkeun waktu maranehna budal ti Mesir.
26
Maranehna ngabarakti ka allah-allah sejen anu tadi-tadina tacan disembah lantaran dilarang ku PANGERAN.
27
Kitu sababna PANGERAN bendu ka eta umat-Na, tanahna disina cilaka, keuna ku panyapa anu aya dina kitab pikukuh Mantenna.
28
Mantenna jadi kacida benduna nepi ka maranehna dirabut ti tanahna sorangan, dibuang ka nagara batur nepi ka ayeuna.’
29
Aya keneh perkara-perkara anu ku PANGERAN Allah maraneh dirasiahkeun. Tapi ieu Hukum Mantenna anu enggeus dinyatakeun ka urang, ku urang jeung ku turunan urang kudu diestokeun salalawasna.”
Ulangan 29:1
Ulangan 29:2
Ulangan 29:3
Ulangan 29:4
Ulangan 29:5
Ulangan 29:6
Ulangan 29:7
Ulangan 29:8
Ulangan 29:9
Ulangan 29:10
Ulangan 29:11
Ulangan 29:12
Ulangan 29:13
Ulangan 29:14
Ulangan 29:15
Ulangan 29:16
Ulangan 29:17
Ulangan 29:18
Ulangan 29:19
Ulangan 29:20
Ulangan 29:21
Ulangan 29:22
Ulangan 29:23
Ulangan 29:24
Ulangan 29:25
Ulangan 29:26
Ulangan 29:27
Ulangan 29:28
Ulangan 29:29
Ulangan 1 / Ula 1
Ulangan 2 / Ula 2
Ulangan 3 / Ula 3
Ulangan 4 / Ula 4
Ulangan 5 / Ula 5
Ulangan 6 / Ula 6
Ulangan 7 / Ula 7
Ulangan 8 / Ula 8
Ulangan 9 / Ula 9
Ulangan 10 / Ula 10
Ulangan 11 / Ula 11
Ulangan 12 / Ula 12
Ulangan 13 / Ula 13
Ulangan 14 / Ula 14
Ulangan 15 / Ula 15
Ulangan 16 / Ula 16
Ulangan 17 / Ula 17
Ulangan 18 / Ula 18
Ulangan 19 / Ula 19
Ulangan 20 / Ula 20
Ulangan 21 / Ula 21
Ulangan 22 / Ula 22
Ulangan 23 / Ula 23
Ulangan 24 / Ula 24
Ulangan 25 / Ula 25
Ulangan 26 / Ula 26
Ulangan 27 / Ula 27
Ulangan 28 / Ula 28
Ulangan 29 / Ula 29
Ulangan 30 / Ula 30
Ulangan 31 / Ula 31
Ulangan 32 / Ula 32
Ulangan 33 / Ula 33
Ulangan 34 / Ula 34