1 |
”Upamana, hiji lalaki ngawin hiji awewe tuluy beak kasukaan lantaran pamajikanana nyieun teu pikaresepeun, seug bojona teh dibere surat talak sarta diusir ti imahna. |
2 |
Upamakeun eta awewe boga salaki deui ka nu sejen, |
3 |
tapi ku nu ieu ge diserahkeun sarta diusir ti imahna dumeh geus beak duriat. Atawa, upamana bae salakina anu pandeuri teh tilar dunya. |
4 |
Eta awewe anu pisah ti salakina anu pandeuri teh boh ku sabab diserahkeun, boh ku sabab katilar maot, teu meunang diruju ku salakina anu ti heula, kudu dianggap awewe anu geus ceda. Mun dibalikan deui matak cua ka PANGERAN. Peupeujeuh ulah nyieun kanistaan kawas kitu di tanah anu bakal dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh.” |
5 |
”Lalaki anu anyar kawin ulah diwajibkeun jadi serdadu atawa tugas-tugas umum lianna, kudu diluginakeun nepi ka sataun, sina ngurus rumah tanggana jeung nyenangkeun pamajikanna. |
6 |
Lamun maraneh mere nginjeum naon bae ka batur, ulah nyokot batu panggilingan gandumna keur jadi tandon. Lamun nyokot eta batu, maraneh teh ngarampas parabot tatali hurip eta kulawarga. |
7 |
Anu nyulik sasama urang Israil keur pibadegaeun atawa keur jualeun ka pasar, kudu dipaehan, sangkan eta kajahatan ulah aya di Israil. |
8 |
Anu katerap panyakit kulit anu banget, kudu enya-enya nurut kana kasauran imam-imam ahli Lewi. Turut sagala katangtuan anu ku Bapa geus dipapatahkeun ka aranjeunna. |
9 |
Sing aringet ka Miryam dikumahakeun bareto ku PANGERAN Allah maraneh, keur di tengah jalan basa tas budal ti Mesir. |
10 |
Lamun mere nginjeum ka batur sarta tandonna arek ku baju, bajuna ulah dicokot sorangan ka jero imah. |
11 |
Dagoan di luar bae nepi ka diserenkeun ku nu bogana sorangan. |
12 |
Lamun anu ngagadekeunana teh jalma balangsak, bajuna ulah disimpen nepi ka peuting, |
13 |
unggal-unggal pabuburit kudu dianteurkeun ka imahna sina dipake sare. Tangtu manehna nganuhunkeun, sarta maneh oge ku PANGERAN Allah maraneh bakal kamanah. |
14 |
Ulah teungteuingeun ka nu miskin jeung balangsak, anu ngadon buburuh ka maraneh, boh eta teh urang Israil boh urang asing anu nyiruruk di kota maraneh. |
15 |
Unggal poe memeh surup panonpoe buruhanana kudu dibayar, sabab kacida dipikabutuhna jeung geus kaciptaeun bakal katarima. Mun nepi ka teu dibayar, mana teuing lumengisna ka PANGERAN, sarta maraneh jadi dosa. |
16 |
Kolot teu meunang dipaehan ku lantaran kajahatan anakna. Kitu deui anak teu meunang dipaehan ku karana kajahatan kolot. Jalma kudu dipaehan teh ngan ku karana kajahatanana sorangan. |
17 |
Ulah ngaleungitkeun hak jalma ngumbara atawa jalma pahatu; ulah nyokot papakean randa keur tandon injeumanana. |
18 |
Sing aringet maraneh bareto keur jadi badega di Mesir geuning ku PANGERAN Allah maraneh dijait. Eta sababna nu matak Bapa menta ka maraneh kudu kitu. |
19 |
Lamun keur dibuat di lahan sorangan aya ranggeuyan-ranggeuyan anu tinggaleun, ulah diimeutan. Keun bae jang nu keur ngalumbara, jang para pahatu, jang randa-randa, sangkan sagala usaha maraneh meunang berkah ti PANGERAN Allah maraneh. |
20 |
Sanggeus buah jetun jeung buah anggur maneh dipupu sakali, enggeus bae ulah diala deui, keun nu tacan kaala mah keur urang asing, keur para pahatu, keur randa-randa. |
21 |
*** |
22 |
Ulah paroho maraneh teh kungsi kumawula di Mesir. Eta sababna nu matak Bapa nitah kitu teh.” |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Ulangan 24:1 |
Ulangan 24:2 |
Ulangan 24:3 |
Ulangan 24:4 |
Ulangan 24:5 |
Ulangan 24:6 |
Ulangan 24:7 |
Ulangan 24:8 |
Ulangan 24:9 |
Ulangan 24:10 |
Ulangan 24:11 |
Ulangan 24:12 |
Ulangan 24:13 |
Ulangan 24:14 |
Ulangan 24:15 |
Ulangan 24:16 |
Ulangan 24:17 |
Ulangan 24:18 |
Ulangan 24:19 |
Ulangan 24:20 |
Ulangan 24:21 |
Ulangan 24:22 |
Ulangan 1 / Ula 1 |
Ulangan 2 / Ula 2 |
Ulangan 3 / Ula 3 |
Ulangan 4 / Ula 4 |
Ulangan 5 / Ula 5 |
Ulangan 6 / Ula 6 |
Ulangan 7 / Ula 7 |
Ulangan 8 / Ula 8 |
Ulangan 9 / Ula 9 |
Ulangan 10 / Ula 10 |
Ulangan 11 / Ula 11 |
Ulangan 12 / Ula 12 |
Ulangan 13 / Ula 13 |
Ulangan 14 / Ula 14 |
Ulangan 15 / Ula 15 |
Ulangan 16 / Ula 16 |
Ulangan 17 / Ula 17 |
Ulangan 18 / Ula 18 |
Ulangan 19 / Ula 19 |
Ulangan 20 / Ula 20 |
Ulangan 21 / Ula 21 |
Ulangan 22 / Ula 22 |
Ulangan 23 / Ula 23 |
Ulangan 24 / Ula 24 |
Ulangan 25 / Ula 25 |
Ulangan 26 / Ula 26 |
Ulangan 27 / Ula 27 |
Ulangan 28 / Ula 28 |
Ulangan 29 / Ula 29 |
Ulangan 30 / Ula 30 |
Ulangan 31 / Ula 31 |
Ulangan 32 / Ula 32 |
Ulangan 33 / Ula 33 |
Ulangan 34 / Ula 34 |
|
|
|
|
|