1 |
”Ari imam-imam kaom Lewi, ku sabab henteu meunang bagian tanah milik, mareunangna pangasilan teh tina kurban-kurban jeung pangbakti-pangbakti anu dihaturkeun ka PANGERAN. |
2 |
Maranehna teu meunang aya anu boga tanah milik cara kaom-kaom sejen, tapi dibere hak jaradi imam PANGERAN, sakumaha pangandika Mantenna tea. |
3 |
Tiap-tiap aya kurban, sapi atawa domba, suku hareup ti semet walikat, cacapek, jeung kekemplong, kudu dibikeun ka para imam. |
4 |
Hasil gandum munggaran, cianggur, minyak jetun jeung bulu domba, eta ge jang bagian maranehna. |
5 |
Pangna kudu kitu, lantaran ti sakabeh kaom, kaom Lewi mah ku PANGERAN geus dibakukeun salawasna kudu ngimaman ngalalayanan Mantenna. |
6 |
Upama aya urang Lewi asal ti kota mana bae di Israil datang ka tempat ngabakti anu dipilih ku PANGERAN, sarta hayangeun cicing di dinya, |
7 |
manehna meunang ngalakonan tugas imamna ngalalayanan PANGERAN Allahna, cara urang Lewi lianna anu tugas di eta tempat. |
8 |
Eta oge kudu dibere bagian dahareun hakna, sing sarua jeung nu sejen sasamana imam. Kitu deui naon bae pangirim ti kulawargana, eta ge keur manehna.” |
9 |
”Saupama geus maratuh di tanah anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh, peupeujeuh ulah nurutan kalakuan bangsa-bangsa urang ditu. |
10 |
Ulah ngaduruk anak dijieun kurban dina altar. Ulah aya bangsa maraneh anu metangan atawa nujum, ngajampe, |
11 |
atawa neangan tanda-tanda galagat, atawa ngumaha ka arwah jelema anu geus paraeh. |
12 |
PANGERAN Allah maraneh mikaijid ka jelema anu kalakuanana sarupa kitu. Eta sababna bangsa-bangsa itu ku Mantenna diusir, disingkahkeun ti hareupeun maraneh. |
13 |
Hirup maraneh kudu satia tuhu ka PANGERAN.” |
14 |
Saur Musa deui, ”Bangsa-bangsa di tanah anu rek direbut tea, laku lampahna nuturkeun pituah tukang-tukang nujum jeung tukang-tukang ramal. Maraneh mah teu meunang kitu, dilarang ku PANGERAN Allah maraneh. |
15 |
Sabalikna Mantenna baris ngutus hiji nabi ka maraneh, ti bangsa urang keneh, cara Bapa ayeuna. Ku maraneh kudu diturut. |
16 |
Basa maraneh kumpul di Gunung Sinai, maraneh mani menta-menta ka Bapa supaya ulah dibere deui ngadenge gentra PANGERAN, ulah dibarere nenjo deui seuneu kamulyaana-Na, tina ku bawaning sarieun paeh. |
17 |
Dawuhan PANGERAN ka Bapa harita kieu, ’Alus eta jelema-jelema marenta kitu, bener. |
18 |
Lamun kitu engke ku Kami dibere nabi bae, anu cara maneh sarta anu asal ti maranehna keneh. Naon-naon anu kudu dipicatur ku eta nabi tangtu engke ku Kami dipapatahkeun. Nya manehna anu bakal nyaturkeun timbalan-timbalan Kami ka eta jelema-jelema. |
19 |
Cacaturna kudu mawa jenengan Kami. Jalma anu teu nurut kana omonganana ku Kami tangtu dihukum. |
20 |
Tapi sabalikna deui, upama aya nabi anu lancang nyaturkeun amanat mawa jenengan Kami, padahal Kami henteu ngadawuhkeun naon-naon, eta nabi tangtu tiwas. Kitu keneh nabi anu micatur make ngaran allah-allah sejen.’ |
21 |
Meureun ceuk maraneh, ’Kumaha rek kanyahoanana yen anu diucapkeun ku eta nabi teh lain asal ti PANGERAN?’ |
22 |
Najan mawa jenengan PANGERAN, ari omonganana henteu bukti mah lain asal ti PANGERAN, asal tina karepna sorangan bae, ulah dipikasieun.” |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Ulangan 18:1 |
Ulangan 18:2 |
Ulangan 18:3 |
Ulangan 18:4 |
Ulangan 18:5 |
Ulangan 18:6 |
Ulangan 18:7 |
Ulangan 18:8 |
Ulangan 18:9 |
Ulangan 18:10 |
Ulangan 18:11 |
Ulangan 18:12 |
Ulangan 18:13 |
Ulangan 18:14 |
Ulangan 18:15 |
Ulangan 18:16 |
Ulangan 18:17 |
Ulangan 18:18 |
Ulangan 18:19 |
Ulangan 18:20 |
Ulangan 18:21 |
Ulangan 18:22 |
Ulangan 1 / Ula 1 |
Ulangan 2 / Ula 2 |
Ulangan 3 / Ula 3 |
Ulangan 4 / Ula 4 |
Ulangan 5 / Ula 5 |
Ulangan 6 / Ula 6 |
Ulangan 7 / Ula 7 |
Ulangan 8 / Ula 8 |
Ulangan 9 / Ula 9 |
Ulangan 10 / Ula 10 |
Ulangan 11 / Ula 11 |
Ulangan 12 / Ula 12 |
Ulangan 13 / Ula 13 |
Ulangan 14 / Ula 14 |
Ulangan 15 / Ula 15 |
Ulangan 16 / Ula 16 |
Ulangan 17 / Ula 17 |
Ulangan 18 / Ula 18 |
Ulangan 19 / Ula 19 |
Ulangan 20 / Ula 20 |
Ulangan 21 / Ula 21 |
Ulangan 22 / Ula 22 |
Ulangan 23 / Ula 23 |
Ulangan 24 / Ula 24 |
Ulangan 25 / Ula 25 |
Ulangan 26 / Ula 26 |
Ulangan 27 / Ula 27 |
Ulangan 28 / Ula 28 |
Ulangan 29 / Ula 29 |
Ulangan 30 / Ula 30 |
Ulangan 31 / Ula 31 |
Ulangan 32 / Ula 32 |
Ulangan 33 / Ula 33 |
Ulangan 34 / Ula 34 |
|
|
|
|
|