1 |
Dulur-dulur! Waktu sim kuring datang ka aranjeun mawa warta maksad Allah anu tacan kabuka, henteu make kecap-kecap anu laluhur, halna henteu digede-gedekeun. |
2 |
Anu jadi tekad sim kuring salila di aranjeun lain rek nyaritakeun nu sejen, salian ti arek ngenalkeun Kristus, pangpangna hal pupus-Na lantaran disalib. |
3 |
Waktu datang ka aranjeun, sim kuring teh mani asa taya tangan pangawasa, awak ngadegdeg sieun. |
4 |
Sim kuring bisa nerangkeun hal eta teh lain tina kapinteran sorangan, tapi yakin tina kakawasaan Roh Allah. |
5 |
Jadi ku sabab kitu, pang aranjeun bisa percaya oge lain ku tina pinter-pinterna jelema anu nerangkeun, tapi ku karana kakawasaan Allah. |
6 |
Tapi ka jelema-jelema anu geus asak sual karohanianana mah sim kuring nerangkeun oge hal kabijaksanaan. Ngan lain kabijaksanaan urang dunya, lain kabijaksanaan anu karawasa di ieu dunya — kakawasaan-kakawasaan anu bakal leungit kakawasaanana. |
7 |
Anu disodorkeun ka maranehanana teh kabijaksanaan Allah anu gaib, anu can kabuka ku manusa, tapi ku Allah geus ditangtukeun ti memeh aya dunya, disadiakeun pikeun ngabagjakeun urang. |
8 |
Anu karawasa di ieu dunya taya saurang-urang acan anu nyahoeun kana eta kabijaksanaan. Mun geus nyarahoeun ge sageuy maranehanana nyalibkeun Gusti nu maha agung. |
9 |
Tina hal eta, kieu ceuk Kitab Suci, ”Hal anu tacan katenjo, tacan kadenge, anu tacan kapikir-pikir acan ku manusa, malah hal eta anu ku Allah geus disadiakeun pikeun ngabagjakeun sakur anu nyaah ka Mantenna.” |
10 |
Tapi ka urang mah hal eta teh geus dinyatakeun ku Allah, ku Roh-Na. Sabab sagala rupa, nepi ka maksad-maksad Allah anu pangbunina oge ku eta Roh bisa kabuka. |
11 |
Kapan di manusa oge anu bisa nyaho kana kereteg hatena teh rohna sorangan keneh. Nya kitu, anu uninga kana sagala hal Allah teh ngan Roh Allah bae. |
12 |
Ari anu dipaparinkeun ka urang lain roh dunya ieu, tapi Roh asal ti Allah, supaya urang bisa terang kana sagala hal anu ku Allah geus dikurniakeun ka urang. |
13 |
Ku sabab kitu, ari sim kuring nerangkeun hal-hal Allah ka jelema-jelema anu geus baroga Roh Allah teh henteu nurutkeun pikiran sorangan, tapi nurutkeun pituduh Roh Allah. |
14 |
Jelema anu teu ngabogaan Roh Allah mah moal bisa narima hal anu dinyatakeun ku eta Roh. Ku jelema anu kitu mah hal eta teh moal kahartieun, dianggap taya paedahna. Hal-hal rohani saperti kitu, ditimbangna ge kudu ku rohani deui. |
15 |
Tapi jelema anu ngabogaan Roh Allah mah bisa neuleuman harti jeung maksud saniskara, sabalikna dirina sorangan moal kateuleuman ku nu sejen. |
16 |
Sakumaha ceuk Kitab Suci, ”Saha anu bisa neuleuman manah Pangeran? Saha anu bisa mere nasehat ka Mantenna?” Tapi urang mah kapan geus kaserepan ku panggalih Kristus. |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
1 Korintus 2:1 |
1 Korintus 2:2 |
1 Korintus 2:3 |
1 Korintus 2:4 |
1 Korintus 2:5 |
1 Korintus 2:6 |
1 Korintus 2:7 |
1 Korintus 2:8 |
1 Korintus 2:9 |
1 Korintus 2:10 |
1 Korintus 2:11 |
1 Korintus 2:12 |
1 Korintus 2:13 |
1 Korintus 2:14 |
1 Korintus 2:15 |
1 Korintus 2:16 |
1 Korintus 1 / 1Kor 1 |
1 Korintus 2 / 1Kor 2 |
1 Korintus 3 / 1Kor 3 |
1 Korintus 4 / 1Kor 4 |
1 Korintus 5 / 1Kor 5 |
1 Korintus 6 / 1Kor 6 |
1 Korintus 7 / 1Kor 7 |
1 Korintus 8 / 1Kor 8 |
1 Korintus 9 / 1Kor 9 |
1 Korintus 10 / 1Kor 10 |
1 Korintus 11 / 1Kor 11 |
1 Korintus 12 / 1Kor 12 |
1 Korintus 13 / 1Kor 13 |
1 Korintus 14 / 1Kor 14 |
1 Korintus 15 / 1Kor 15 |
1 Korintus 16 / 1Kor 16 |
|
|
|
|
|