A A A A A
×

Alkitab Suci

1 Korintus 12

1
Ayeuna sual kurnia-kurnia ti Roh Suci anu ditanyakeun ku aranjeun tea. Memang aranjeun kudu terang kana hal eta, dulur-dulur!
2
Waktu tacan jadi umat Kristus, aranjeun nyarembah ka brahala anu bisu taya hirupna. Tangtu ayeuna karasa eta teh salah.
3
Aranjeun kudu tarerang, jelema anu diaping ku Roh Suci moal sanggupeun nyumpahan ”Yesus sing disapa!” jeung moal aya anu bisa ngaku ”Yesus teh Gusti”, lamun henteu ditungtun ku Roh Suci.
4
Kurnia anu sipatna rohani teh rupa-rupa, tapi kabeh asal ti Roh anu hiji.
5
Carana ngabdi rupa-rupa, ari nu diabdianana mah Gusti anu hiji.
6
Jelema anu ngabdi ka Gusti boga kamampuh masing-masing, eta kamampuh asalna ti Allah anu hiji.
7
Urang masing-masing ku Roh Suci anu nyicingan diri urang dipaparin kamampuh anu mandiri, tapi kabeh pikeun pimangpaʼateun jalma rea.
8
Ku eta Roh aya anu dipaparin kamampuh pinter nyarita, aya anu dipaparin kamampuh bisa nerangkeun maksud dawuhan Allah.
9
Ku eta Roh aya anu dipaparin kayakinan anu luar biasa, aya anu dipaparin kamampuh bisa nyageurkeun kasakit.
10
Ku eta Roh aya anu dipaparin kamampuh bisa nyieun kaajaiban-kaajaiban, aya anu dipaparin kamampuh bisa ngawejang, aya anu dipaparin kamampuh bisa ngabedakeun kamampuh anu asal ti eta Roh jeung anu asalna lain ti eta Roh. Aya anu dipaparin kamampuh bisa nyarita dina basa-basa anu ajaib, aya anu dipaparin kamampuh bisa nerangkeun hartina eta basa-basa.
11
Eta kamampuh-kamampuh kabeh asalna ti Roh eta keneh. Maparinna ka masing-masing beda-beda, kumaha kersana eta Roh.
12
Kristus teh lir hiji badan rupa-rupa bagianana, sanajan babagianana rupa-rupa, wujud badanna mah hiji.
13
Urang oge kitu, nu Yahudi, nu lain Yahudi, nu kumawula, nu merdeka, ku eta Roh geus dibaptis dijadikeun sabadan jeung Kristus, sarta urang kabeh geus dibere nginum Roh nu hiji tea.
14
Badan anu hiji teh henteu ngan hiji bagian bae, tapi babagianana teh loba.
15
Ku sabab kitu sanajan upamana ceuk suku, ”Kami mah teu kaasup badan da lain leungeun,” teu bisa dilain-lain yen suku lain bagian badan.
16
Sanajan upamana ceuk ceuli, ”Kami mah teu kaasup badan da lain mata,” teu bisa disebutkeun yen ceuli lain babagian badan.
17
Lamun rupa sakujur awak ngan panon bae hiji, kumaha rek bisaeun ngadenge? Atawa ngan ceuli bae hiji, kumaha rek bisaeun ngambeu?
18
Memang kitu mistina, tiap babagian badan anu rupa-rupa teh ku pangersa Allah ditempatkeun samistina.
19
Lain ge awak ari ngan sabagian mah!
20
Nya kitu, babagianana loba, awakna mah hiji.
21
Ku sabab kitu panon moal bisaeun ngomong ka leungeun, ”Kami teu butuh ku maneh!” Sirah moal bisaeun ngomong ka suku, ”Kami teu butuh ku maneh!”
22
Sabalikna lamun babagian anu sigana teu pira teh teu aya, urang moal bisa kua-kieu.
23
Jeung eta babagian-babagian anu jigana teu pira teh dipalirena ku urang leuwih ti nu sejen. Kitu deui babagian anu katembongna kurang alus, ku urang leuwih diurus.
24
Babagian-babagian anu bangunna geus alus mah henteu mikabutuh perhatian deui. Badan teh geus kitu disusunna ku Allah, nepi ka babagian anu sigana teu pira teh meunang panghargaan anu layak.
25
Ku sabab kitu disusunna badan teh henteu misah-misah, sakabeh babagianana nu hiji ka nu hiji deui aya pakuat-pakaitna.
26
Upama aya hiji bagian anu nyeri, kabeh bagian ngarasa nyeri. Upama nu hiji didama-dama, nu sejenna oge milu ngarasa genah.
27
Aranjeun teh kabeh Salira Kristus, masing-masing jadi babagianana.
28
Di jero jamaah, Allah nempatkeun umat-Na nurutkeun kumaha layakna. Di nu kahiji rasul-rasul, di nu kadua nabi-nabi, di nu katilu guru-guru, ti dinya terus jelema-jelema anu barisa nyieun kaajaiban, terus anu barisa nyageurkeun kasakit, terus anu barisa mere pitulung, anu barisa nungtun ka nu sejen, anu barisa nyarita ku basa-basa anu ajaib, anu barisa nerangkeun hartina eta basa-basa.
29
Henteu kabeh jadi rasul, henteu kabeh jadi guru, henteu kabeh jadi nabi, henteu kabeh bisa nyieun kaajaiban,
30
henteu kabeh bisa nyageurkeun kasakit, henteu kabeh bisa nyarita make basa-basa anu ajaib, henteu kabeh bisa nerangkeun hartina eta basa-basa.
31
Ihtiarkeun supaya meunang anu leuwih ti eta. Tapi pangutamana mah turutkeun ieu papatah sim kuring.
1 Korintus 12:1
1 Korintus 12:2
1 Korintus 12:3
1 Korintus 12:4
1 Korintus 12:5
1 Korintus 12:6
1 Korintus 12:7
1 Korintus 12:8
1 Korintus 12:9
1 Korintus 12:10
1 Korintus 12:11
1 Korintus 12:12
1 Korintus 12:13
1 Korintus 12:14
1 Korintus 12:15
1 Korintus 12:16
1 Korintus 12:17
1 Korintus 12:18
1 Korintus 12:19
1 Korintus 12:20
1 Korintus 12:21
1 Korintus 12:22
1 Korintus 12:23
1 Korintus 12:24
1 Korintus 12:25
1 Korintus 12:26
1 Korintus 12:27
1 Korintus 12:28
1 Korintus 12:29
1 Korintus 12:30
1 Korintus 12:31
1 Korintus 1 / 1Kor 1
1 Korintus 2 / 1Kor 2
1 Korintus 3 / 1Kor 3
1 Korintus 4 / 1Kor 4
1 Korintus 5 / 1Kor 5
1 Korintus 6 / 1Kor 6
1 Korintus 7 / 1Kor 7
1 Korintus 8 / 1Kor 8
1 Korintus 9 / 1Kor 9
1 Korintus 10 / 1Kor 10
1 Korintus 11 / 1Kor 11
1 Korintus 12 / 1Kor 12
1 Korintus 13 / 1Kor 13
1 Korintus 14 / 1Kor 14
1 Korintus 15 / 1Kor 15
1 Korintus 16 / 1Kor 16