1 |
Dina jaman eta keneh, Raja Herodes mimiti ngayakeun talajak keras ka sawatara anggota jamaah. |
2 |
Yakobus rakana Yohanes ku anjeunna dipaehan ku pedang. |
3 |
Ngaraos yen anjeunna kitu teh dipikaresep ku urang Yahudi, tuluy deui nangkep Petrus. (Kajadianana waktu keur Pesta Roti Teu Diragian.) |
4 |
Sanggeus ditangkep Petrus diasupkeun ka pangbuian, dipiwarang dijaga ku opat regu serdadu, sareguna opat-opat. Maksad Herodes, sabada Pesta Paska Petrus rek dipariksa ku anjeunna di hareupeun umum. |
5 |
Sabot Petrus ditahan di pangbuian, para anggota jamaah teu eureun-eureun sasambat ka Allah mangnedakeun anjeunna. |
6 |
Piisukaneun dipariksa ku Herodes di hareupeun umum, peutingna Petrus kulemna dihapit ku dua serdadu jeung dibarogod ku dua rante. Panto panjarana dijaraga. |
7 |
Ujug-ujug jleg bae aya malaikat Pangeran ngadeg, kamar anjeunna ditahan mani hibar ku cahayana. Eta malaikat ngaguyah-guyah ngagugahkeun Petrus, saurna, ”Geuwat hudang!” Harita keneh rante barogod panangan Petrus lesot. |
8 |
Malaikat ngalahir deui, ”Kencengkeun sabuk, pake tarumpah.” Petrus ngencengan sabuk, tarumpahna dianggo. Malaikat ngalahir deui, ”Harudumkeun jubah, hayu tuturkeun kami.” |
9 |
Petrus nuturkeun, kaluar ti jero panjara bari asa samar, eta teh naha malaikat saenyana atawa ngan titingalian bae. |
10 |
Pos jaga kahiji jeung kadua geus kaliwat, jol ka panto beusi lawang kaluar. Bray pantona muka sorangan, Petrus jeung malaikat kaluar. Sanggeus nepi ka tungtung jalan les malaikat teh ngantunkeun. |
11 |
Petrus teu samar deui kana eta kajadian, terus ngagereyem, ”Ayeuna aing yakin ieu teh saenyana. Gusti ngutus malaikat-Na nyalametkeun aing tina genggeman Herodes jeung tina maksud jahatna urang Yahudi.” |
12 |
Sanggeus ngamanah-manah tuluy anjeunna ngajugjug ka bumi Maria, ibuna Yohanes anu katelah Markus. Di dinya keur loba jelema anu neneda. |
13 |
Petrus ngetrokan panto. Hiji gandek awewe ngaran Rode nyampeurkeun rek mangmukakeun. |
14 |
Manehna ujug-ujug wawuheun kana soanten Petrus. Bakating ku atoh lain buru-buru muka panto, tapi kalah ka lumpat balik deui hariweusweus yen anu keketrok teh Petrus. |
15 |
Ceuk nu sejen, ”Boa maneh gundam!” Rode keukeuh ngaenyakeun, tapi dijarawab, ”Meureun eta mah malaikatna.” |
16 |
Petrus haben bae keketrok. Tungtungna panto dibuka. Ari bray, maranehna kacida karageteunana. |
17 |
Ku Petrus diisarahan supaya jarempe, ti dinya anjeunna nerangkeun hal anjeunna dikaluarkeun ku Gusti ti jero panjara. ”Pangbejakeun bae ka Yakobus jeung ka nu sejen,” saurna ka maranehna. Geus kitu angkat ti dinya ka tempat sejen. |
18 |
Sanggeus bray isuk, serdadu-serdadu anu ngajaraga gehger, baringungeun aya kajadian naon ka Petrus. |
19 |
Herodes nimbalan supaya Petrus disaksrak, tapi lebeng teu kapanggih. Ku sabab kitu serdadu-serdadu jaga teh ku anjeunna dipariksa terus diparaehan. Geus kitu Herodes angkat ti Yudea, ngadon calik di Kesarea rada lila. |
20 |
Herodes kacida benduna ka urang Tirus jeung urang Sidon. Ku sabab kitu maranehna ngadareuheus ka anjeunna, tapi ngabadamian heula kawasa karaton anu ngaranna Blastus, menta dibelaan. Geus kitu kakara ngadareuheus ka Herodes, marenta karapihan, sabab bahan dahareun nagrina gumantung ka nagri cangkingan Herodes. |
21 |
Dina hiji poe beunang milih, Herodes dangdos ku anggoan karajaan, linggih dina tahta terus pidato. |
22 |
Rahayatna surak, pokna, ”Ieu gentra dewa, lain sora manusa!” |
23 |
Tapi sapada harita keneh Herodes digebug ku malaikat Pangeran, lantaran kacida heunteu hormatna ka Allah, salirana dihakanan ku bilatung tuluy pupus. |
24 |
Pangandika Allah beuki sumebar ka mana-mana, beuki nyerep. |
25 |
Barnabas jeung Saulus sanggeusna beres ngalaksanakeun kawajibanana, tuluy marulih ti Yerusalem bari nyandak Yohanes Markus. |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Kisah Para Rasul 12:1 |
Kisah Para Rasul 12:2 |
Kisah Para Rasul 12:3 |
Kisah Para Rasul 12:4 |
Kisah Para Rasul 12:5 |
Kisah Para Rasul 12:6 |
Kisah Para Rasul 12:7 |
Kisah Para Rasul 12:8 |
Kisah Para Rasul 12:9 |
Kisah Para Rasul 12:10 |
Kisah Para Rasul 12:11 |
Kisah Para Rasul 12:12 |
Kisah Para Rasul 12:13 |
Kisah Para Rasul 12:14 |
Kisah Para Rasul 12:15 |
Kisah Para Rasul 12:16 |
Kisah Para Rasul 12:17 |
Kisah Para Rasul 12:18 |
Kisah Para Rasul 12:19 |
Kisah Para Rasul 12:20 |
Kisah Para Rasul 12:21 |
Kisah Para Rasul 12:22 |
Kisah Para Rasul 12:23 |
Kisah Para Rasul 12:24 |
Kisah Para Rasul 12:25 |
Kisah Para Rasul 1 / KiRa 1 |
Kisah Para Rasul 2 / KiRa 2 |
Kisah Para Rasul 3 / KiRa 3 |
Kisah Para Rasul 4 / KiRa 4 |
Kisah Para Rasul 5 / KiRa 5 |
Kisah Para Rasul 6 / KiRa 6 |
Kisah Para Rasul 7 / KiRa 7 |
Kisah Para Rasul 8 / KiRa 8 |
Kisah Para Rasul 9 / KiRa 9 |
Kisah Para Rasul 10 / KiRa 10 |
Kisah Para Rasul 11 / KiRa 11 |
Kisah Para Rasul 12 / KiRa 12 |
Kisah Para Rasul 13 / KiRa 13 |
Kisah Para Rasul 14 / KiRa 14 |
Kisah Para Rasul 15 / KiRa 15 |
Kisah Para Rasul 16 / KiRa 16 |
Kisah Para Rasul 17 / KiRa 17 |
Kisah Para Rasul 18 / KiRa 18 |
Kisah Para Rasul 19 / KiRa 19 |
Kisah Para Rasul 20 / KiRa 20 |
Kisah Para Rasul 21 / KiRa 21 |
Kisah Para Rasul 22 / KiRa 22 |
Kisah Para Rasul 23 / KiRa 23 |
Kisah Para Rasul 24 / KiRa 24 |
Kisah Para Rasul 25 / KiRa 25 |
Kisah Para Rasul 26 / KiRa 26 |
Kisah Para Rasul 27 / KiRa 27 |
Kisah Para Rasul 28 / KiRa 28 |
|
|
|
|
|