1 |
Sanggeus eta, Yesus angkat ka Yerusalem, sabab di ditu aya pesta kaagamaan. |
2 |
Di Yerusalem, deukeut ”Gapura Domba” aya hiji kulah anu ngaranna dina basa Ibrani Betesda. Eta kulah make lima tepas, |
3 |
unggal tepasna pinuh ku nu garering keur ngaredeng, nu lolong, nu deog, jeung nu lumpuh, [keur ngadarago obahna cai eta kulah. |
4 |
Sabab sakapeung sok aya malaikat Pangeran lungsur ka eta kulah ngobah-ngobah caina; lamun geus kitu, anu pangheulana ancrub kana eta kulah, gering naon bae oge tangtu cageur.] |
5 |
Di dinya aya hiji jelema anu geringna geus tilu puluh dalapan taun; |
6 |
katingalieun ku Yesus keur ngedeng ngagoler jeung kauninga yen geringna geus sakitu lilana. Tuluy dipariksa, ”Maneh hayang cageur?” |
7 |
Walonna, ”Sumuhun, Juragan! Mung upami cai kulah obah, abdi teu aya anu ngabantuan ngancrubkeun, nembe oge nyobi-nyobi parantos kapiheulaan ku nu sanes.” |
8 |
Pilahir Yesus, ”Heug, geura nangtung, samakna pulung, tuluy leumpang.” |
9 |
Sapada harita eta jelema ngadadak cageur, jung nangtung, samakna dipulung, tuluy mimiti leumpang. Harita kajadianana teh dina poe Sabat, |
10 |
ku sabab kitu gegeden-gegeden Yahudi ngomong kieu ka eta jelema anu kakara dicageurkeun, ”Ayeuna poe Sabat! Eta maneh mawa samak, ngarempak Hukum Agama.” |
11 |
Walonna, ”Abdi mah dipiwarang ku anu nyageurkeun, saur-Na geura nangtung, samakna bawa tuluy leumpang.” |
12 |
”Saha anu nitahna?” para gegeden mariksakeun. |
13 |
Tapi eta jelema nu anyar cageur teh teu wawuheun ka Yesus, turug-turug Yesus kahalangan ku nu loba sarta tuluy angkat ti eta tempat. |
14 |
Sanggeus kitu Yesus papendak deui jeung manehna di Bait Allah. ”Kieu dengekeun,” saur-Na ka manehna, ”maneh ayeuna geus cageur. Ulah nyieun deui dosa, bisi matak leuwih cilaka.” |
15 |
Eta jelema tuluy bebeja ka para gegeden Yahudi, yen anu nyageurkeun manehna teh Yesus. |
16 |
Ku sabab kitu Yesus ku para gegeden teh mimiti disusahkeun lantaran nyageurkeun dina poe Sabat. |
17 |
Tapi pilahir Yesus, ”Rama Kaula teu kendat barangdamel nepi ka ayeuna, Kaula oge kudu kitu.” |
18 |
Diwaler kitu maranehna beuki geregeteun, beuki harayangeun maehan ka Anjeunna, sabab ceuk maranehna Anjeunna teh lain ngan ngalanggar hukum Sabat, tapi katambah ku ngangkenkeun anjeun sarua jeung Allah dumeh saur-Na Allah teh Rama-Na. |
19 |
Yesus ngalahir deui, ”Kaula rek ngabejakeun hal anu saenyana: Ari Putra mah moal bisa kua-kieu karep-Na sorangan. Anu dipilampah ku Putra teh anu ku Anjeunna katembong dipidamel ku Rama. Rama midamel kitu, Putra oge milampah kitu. |
20 |
Ku sabab Rama teh mikaasih ka Putra, sagala rupa padamelana-Na teh dipintonkeun ka Putra-Na. Malah Mantenna bakal mintonkeun anu leuwih ajaib deui, nepi ka aranjeun ngarasa helok. |
21 |
Sakumaha Rama ngahudangkeun nu paraeh sina harirup deui, Putra Manusa oge bakal ngahirupkeun saha bae anu dikersakeuna-Na. |
22 |
Rama ku manten moal ngahukum ka saha-saha, sabab hak ngahukum sagemblengna geus diserenkeun ka Putra, |
23 |
supaya jalma-jalma kabeh ajrih ka Putra sakumaha ka Rama. Anu henteu ngajenan ka Putra henteu ngajenan ka Rama anu ngutus- Na. |
24 |
Kaula ngomong saenyana: Sing saha anu ngaregepkeun omongan Kaula jeung percaya ka anu ngutus Kaula, tinangtu hirup langgeng, moal dihukum, malah ucul tina paeh sarta asup kana hirup. |
25 |
Sing percaya lamun ceuk Kaula bakal aya mangsa anu paraeh bakal ngadarenge soara Putra Allah. Eta mangsa ayeuna oge geus mimiti. Anu ngadarenge kana soara-Na tinangtu hirup. |
26 |
Sakumaha Rama sumberna hirup, Putra Manusa oge ku Rama dijadikeun sumberna hirup. |
27 |
Rama ka Putra-Na geus nyerenkeun hak pikeun ngahukum, sabab Putra-Na teh Putra Manusa. |
28 |
Ulah hareran, pasti datang mangsa anu paraeh bakal ngadarenge soara Anjeunna, |
29 |
tuluy kalaluar ti jero kuburna. Anu keur hirupna hade, harudangna bakal terus kana hirup langgeng, anu keur hirupna jahat harudangna pikeun narima hukumanana.” |
30 |
”Kumaha hukumanana, Kaula henteu kawasa nangtukeun sorangan, kumaha ditimbalkeunana ku Rama bae. Eta sababna hukuman ti Kaula bakal adil, lain ngahukum sakarep-karep, tapi ngajalankeun pangersa nu ngutus. |
31 |
Hal ihwal Kaula nu saenyana, ari diomongkeunana ku Kaula keneh mah teu bisa dipercaya benerna. |
32 |
Tapi anu mere panyaksi tina hal Kaula teh jalma sejen, sarta Kaula terang yen panyaksina bener. |
33 |
Aranjeun geus ngirim utusan ka Yohanes; nya Yohanes anu mertelakeun hal ihwal Kaula teh, sarta pertelaan anjeunna bener. |
34 |
Kaula nyabit hal ieu lain ku sabab butuh ku pertelaan ti manusa, tapi ku sabab hayang supaya aranjeun salamet. |
35 |
Yohanes teh lir lampu anu hurung caang ngempray, saharitaeun mah aranjeun raresep kana caangna. |
36 |
Tapi Kaula sorangan bisa mere pertelaan anu leuwih jembar ti batan anu dipertelakeun ku Yohanes; anu dilampahkeun ayeuna ku Kaula teh papancen ti Rama, jadi bukti yen Kaula teh diutus ku Rama. |
37 |
Sarta Rama oge, anu ngutus Kaula, maparin panyaksi tina hal Kaula. Aranjeun can ngadarenge soanten-Na, can naringal kana pameunteu-Na, |
38 |
timbalana-Na ku aranjeun henteu disimpen dina hate, lantaran aranjeun henteu percaya ka Kaula, utusan Mantenna. |
39 |
Aranjeun ngarulik Kitab Suci, sabab ceuk pikiran aranjeun baris manggihkeun hirup langgeng ti dinya. Tah eta Kitab Suci teh mere pertelaan hal Kaula! |
40 |
Tapi aranjeun embung datang ka Kaula, ari hirup langgeng hayang! |
41 |
Kaula lain rek malar pamuji ti manusa, |
42 |
Kaula terang aranjeun jalma kumaha, hate aranjeun taya kanyaah ka Allah. |
43 |
Kaula, anu datang make kakawasaan Rama, ku aranjeun teu ditarima, ari anu datang make kakawasaanana sorangan ditarima. |
44 |
Aranjeun resep dipuji ku pada jalma, henteu ihtiar sangkan meunang pamuji ti Allah Nu Maha Esa. Atuh rek percaya ka Kaula kumaha? |
45 |
Tapi ulah nyangka Kaula bakal ngadakwakeun aranjeun ka Allah Rama. Anu bakal ngadakwakeun aranjeun teh malah Musa, anu ku aranjeun dijieun harepan. |
46 |
Lamun enya ge aranjeun percaya kana pilahir Musa tangtu percaya ka Kaula, sabab anu diserat ku Musa teh pertelaan hal Kaula. |
47 |
Tapi ku sabab aranjeun teu percaya ka anu dipertelakeun ku Musa, rek percaya ka Kaula kumaha?” |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Yohanes 5:1 |
Yohanes 5:2 |
Yohanes 5:3 |
Yohanes 5:4 |
Yohanes 5:5 |
Yohanes 5:6 |
Yohanes 5:7 |
Yohanes 5:8 |
Yohanes 5:9 |
Yohanes 5:10 |
Yohanes 5:11 |
Yohanes 5:12 |
Yohanes 5:13 |
Yohanes 5:14 |
Yohanes 5:15 |
Yohanes 5:16 |
Yohanes 5:17 |
Yohanes 5:18 |
Yohanes 5:19 |
Yohanes 5:20 |
Yohanes 5:21 |
Yohanes 5:22 |
Yohanes 5:23 |
Yohanes 5:24 |
Yohanes 5:25 |
Yohanes 5:26 |
Yohanes 5:27 |
Yohanes 5:28 |
Yohanes 5:29 |
Yohanes 5:30 |
Yohanes 5:31 |
Yohanes 5:32 |
Yohanes 5:33 |
Yohanes 5:34 |
Yohanes 5:35 |
Yohanes 5:36 |
Yohanes 5:37 |
Yohanes 5:38 |
Yohanes 5:39 |
Yohanes 5:40 |
Yohanes 5:41 |
Yohanes 5:42 |
Yohanes 5:43 |
Yohanes 5:44 |
Yohanes 5:45 |
Yohanes 5:46 |
Yohanes 5:47 |
Yohanes 1 / Yoh 1 |
Yohanes 2 / Yoh 2 |
Yohanes 3 / Yoh 3 |
Yohanes 4 / Yoh 4 |
Yohanes 5 / Yoh 5 |
Yohanes 6 / Yoh 6 |
Yohanes 7 / Yoh 7 |
Yohanes 8 / Yoh 8 |
Yohanes 9 / Yoh 9 |
Yohanes 10 / Yoh 10 |
Yohanes 11 / Yoh 11 |
Yohanes 12 / Yoh 12 |
Yohanes 13 / Yoh 13 |
Yohanes 14 / Yoh 14 |
Yohanes 15 / Yoh 15 |
Yohanes 16 / Yoh 16 |
Yohanes 17 / Yoh 17 |
Yohanes 18 / Yoh 18 |
Yohanes 19 / Yoh 19 |
Yohanes 20 / Yoh 20 |
Yohanes 21 / Yoh 21 |
|
|
|
|
|