A A A A A
Facebook Instagram Twitter
Alkitab Suci

Lukas 6



1
Dina hiji poe Sabat Yesus angkat, jalanna ngalangkung kebon gandum. Murid-murid-Na maripit gandum sababaraha ranggeuy, digarelang tuluy didalahar.
2
Sawatara urang Parisi naranya, pokna, ”Ku naon maraneh ngalanggar Hukum Agama urang, migawe anu dilarang dina poe Sabat?”
3
Diwaler ku Yesus, ”Tacan ngaos kitu carita Daud, kumaha waktu anjeunna jeung pangiringna lapar?
4
Anjeunna lebet ka Bait Allah nyandak roti pangbakti ka Allah, sarta terus dituang pangiringna. Padahal nurutkeun Hukum Agama mah eta roti teu meunang didahar ku sambarang jelema, ngan imam bae anu meunang ngadahar.”
5
Geus kitu saur-Na deui, ”Putra Manusa teh Gustina poe Sabat.”
6
Dina poe Sabat deui Yesus lebet ka imah ibadah, ngawulang. Di dinya aya hiji jelema, leungeun katuhuna kemper.
7
Sawatara guru agama jeung urang Parisi kacida harayangeunana sangkan Yesus midamel kasalahan, ambeh bisa didakwakeun. Ku sabab kitu maranehna kacida ngarawaskeunana, sugan bae Anjeunna nyageurkeun dina poe Sabat.
8
Tapi Yesus uninga kana palikiranana, tuluy ngalahir ka nu kemper tea, ”Ka dieu, nangtung di hareup!” Eta jelema nangtung tuluy nyampeurkeun.
9
Yesus mariksa ka maranehna, ”Kaula rek nanya: Pagawean naon anu diidinan ku Hukum Agama urang dina poe Sabat? Nulungan atawa nyilakakeun? Ngarahayukeun nyawa jelema atawa ngabinasa?”
10
Jalma-jalma ku Anjeunna diteuteup, soca-Na nguriling. Geus kitu ngalahir ka eta nu kemper, ”Angkatkeun eta leungeun, lempengkeun!” Manehna nurut, sarta leungeunna tuluy cageur.
11
Guru-guru agama jeung urang Parisi kacida arambekeunana, tuluy baradami kudu dikumahakeun Yesus teh.
12
Ari Yesus terus angkat ka hiji pasir seja sembahyang. Sapeupeuting Anjeunna di eta pasir neneda ka Allah.
13
Sanggeus bray beurang, murid-murid-Na disalaur, tuluy dipilih dua welas urang. Eta anu dua welas ku Anjeunna disebut rasul, nya eta:
14
Simon (ku Anjeunna dilandi Petrus) jeung Andreas dulurna, Yakobus jeung Yohanes, Pilipus jeung Bartolomeus,
15
Mateus jeung Tomas, Yakobus anak Alpeus, jeung Simon anu disarebut Selotes (anu disebut Patriot),
16
Yudas anak Yakobus, jeung Yudas Iskariot anu engkena ngahianat.
17
Yesus lungsur ti pasir jeung rasul-rasul, reg liren tuluy ngadeg di nu datar jeung murid-murid-Na anu loba. Jelema-jelema geus ngagimbung daratang ti sakuliah Yudea, ti Yerusalem, jeung ti kota-kota basisir Tirus jeung Sidon.
18
Maksudna rek ngarupingkeun Anjeunna jeung harayangeun dicageurkeun kasakitna. Anu kasarurupan roh jahat oge daratang, tuluy dicalageurkeun.
19
Jalma-jalma tingseleke rek nyarabak ka Anjeunna, sabab tina salira-Na mencar pangawasa anu matak cageur ka anu nyabak.
20
Yesus neuteup ka murid-murid-Na, pok sasauran, ”Bagja maraneh anu mariskin, sabab maraneh jadi anggota Karajaan Allah!
21
Bagja maraneh anu ayeuna kalaparan, sabab bakal diseubeuhan. Bagja maraneh anu ayeuna ceurik, sabab engke bakal suka seuri!
22
Bagja maraneh lamun ku karana Putra Manusa, maraneh ku jalma-jalma pada mikageuleuh, pada miceun, pada ngahina jeung pada nyebutkeun doraka.
23
Nabi-nabi oge di jaman baheula ku karuhun maranehna dikitu-kitu. Jadi lamun maraneh ngalaman dikitu-kitu kudu atoh, kudu igel-igelan, sabab gede piganjaraneunana di sawarga.
24
Sabalikna, cilaka anu ayeuna baleunghar, sabab senangna enggeus ayeuna.
25
Cilaka anu ayeuna enggeus sareubeuh, sabab engke tinggal laparna! Cilaka anu ayeuna sareuri, sabab engke tinggal nguyungna jeung ceurikna!
26
Cilaka maraneh lamun jelema-jelema pada maruji ka maraneh, sabab eta anu maruji teh teu beda ti karuhunna anu maruji ka nabi-nabi palsu.”
27
”Ka maraneh, anu ayeuna ngadarengekeun piwuruk Kami, Kami meupeujeuhan: Kudu nyaah ka musuh, kudu nyieun kahadean ka nu mikageuleuh.
28
Kudu ngaberkahan ka nu nyumpahan, kudu mangnedakeun ka nu neungteuinganan.
29
Lamun aya jalma nampiling pipi maraneh sabeulah, keun sina nampiling nu sabeulah deui; lamun jubah maraneh aya nu nyokot, bikeun jeung bajuna.
30
Anu barang penta kudu dibere, jeung lamun kaboga maraneh naon bae aya nu nyokot, ulah dipenta deui.
31
Pilampah ka batur lampah anu ku maraneh diharep malar batur oge milampah kitu ka maraneh.
32
Sabab ari ngan mikanyaah ka nu nyaaheun deui ka maraneh mah naon jasa maraneh? Jelema dosa ge ari ka nu mikanyaah mah nyaaheun!
33
Jeung ari nyieun kahadean ngan ka jelema anu nyieun kahadean ka maraneh bae mah, naon jasa maraneh? Jalma dosa ge osok kitu mah!
34
Jeung lamun daek mere nginjeum ngan ka nu pibisaeun mulangkeun bae mah naon jasa maraneh? Jelema dosa ge ari nginjeumkeun ka jelema dosa deui teh bari ngarep-ngarep pulang sajinisna!
35
Ulah kitu! Ka musuh kudu nyaah, kudu daek mere kahadean ka maranehna; ari mere nginjeum ulah bari ngarep-ngarep pulang deui. Lamun barisa kitu, gede piganjaraneun maraneh, tur bakal pijadieun putra-putra Allah Nu Maha Agung. Sabab Mantenna mah ka nu teu boga panarima jeung ka nu jahat oge tetep bae sae manah.
36
Kudu boga sipat welas, sabab Rama maraneh oge sipat welas.”
37
”Ulah ngahukuman batur, supaya maraneh ulah dihukuman ku Allah; ulah nyapa ka batur, supaya maraneh oge ulah disapa ku Allah; kudu daek ngahampura ka batur, supaya maraneh oge dihampura ku Allah.
38
Ka batur sing daek mere, supaya Allah ge kersaeun maparinan maraneh, tur maparin-Na teh sapinuhna takeran, diborolokeun sabisana maraneh nyangga. Ukuran maraneh ka batur, ku Allah bakal dianggo ngukur maraneh.”
39
Jeung Yesus maparin ibarat kieu ka maranehna: ”Jelema lolong moal bisaeun nungtun anu lolong deui, sabab tangtu duanana bakal tigebrus ka solokan.
40
Murid moal ngaleuwihan guruna, tapi lamun diajarna geus tamat bakal sarua jeung guruna.
41
Ku naon ari tatal dina panon dulur diawas-awas, ari balok dina panon sorangan teu dirasa?
42
Na bisa maraneh ngomong kieu ka dulur maraneh, ʼCik, eta tatal dina panon teh urang pangnyabutkeun ku kuring,ʼ ari balok dina panon sorangan teu katenjo? Eh jelema munapek! Piceun heula balok tina panon sorangan, geus kitu kakara bisa awas kana tatal dina panon dulur jeung bisa mangnyabutkeun.”
43
”Tangkal anu sehat, buahanana moal goreng, nya kitu deui tangkal anu teu sehat, buahanana moal alus.
44
Unggal tangkal bisa dikanyahokeunana teh tina buahna. Sabab pasti tangkal cucuk moal buahan kondang, rungkun cucuk moal buahan anggur.
45
Jelema anu hade ngabijilkeun anu hade, sabab eusi hatena oge hararade; jelema jahat ngabijilkeun anu jahat, sabab eusi hatena oge jarahat. Sabab mudalna omongan tina sungut teh lantaran hate geus leber.”
46
”Naha nyambat ka Kami, ʼGusti, Gusti,ʼ tapi piwuruk Kami teu dilampahkeun?
47
Anu datang ka Kami terus nurut kana piwuruk Kami, ibaratna ku Kami rek dicaritakeun.
48
Nya eta ibarat jalma nu nyieun imahna, galianana jero, masang pademenna dina luhur batu. Ana katarajang banjir, imahna henteu inggeung-inggeung acan lantaran pademenna weweg.
49
Sabalikna anu ngan semet ngadengekeun piwuruk Kami tapi henteu jeung dilampahkeun, nu kitu mah ibarat nu nyieun imah henteu make pademen; ana katarajang banjir brug imahna runtuh, rugrug amburadul!”











Lukas 6:1

Lukas 6:2

Lukas 6:3

Lukas 6:4

Lukas 6:5

Lukas 6:6

Lukas 6:7

Lukas 6:8

Lukas 6:9

Lukas 6:10

Lukas 6:11

Lukas 6:12

Lukas 6:13

Lukas 6:14

Lukas 6:15

Lukas 6:16

Lukas 6:17

Lukas 6:18

Lukas 6:19

Lukas 6:20

Lukas 6:21

Lukas 6:22

Lukas 6:23

Lukas 6:24

Lukas 6:25

Lukas 6:26

Lukas 6:27

Lukas 6:28

Lukas 6:29

Lukas 6:30

Lukas 6:31

Lukas 6:32

Lukas 6:33

Lukas 6:34

Lukas 6:35

Lukas 6:36

Lukas 6:37

Lukas 6:38

Lukas 6:39

Lukas 6:40

Lukas 6:41

Lukas 6:42

Lukas 6:43

Lukas 6:44

Lukas 6:45

Lukas 6:46

Lukas 6:47

Lukas 6:48

Lukas 6:49







Lukas 1 / Luk 1

Lukas 2 / Luk 2

Lukas 3 / Luk 3

Lukas 4 / Luk 4

Lukas 5 / Luk 5

Lukas 6 / Luk 6

Lukas 7 / Luk 7

Lukas 8 / Luk 8

Lukas 9 / Luk 9

Lukas 10 / Luk 10

Lukas 11 / Luk 11

Lukas 12 / Luk 12

Lukas 13 / Luk 13

Lukas 14 / Luk 14

Lukas 15 / Luk 15

Lukas 16 / Luk 16

Lukas 17 / Luk 17

Lukas 18 / Luko 18

Lukas 19 / Luko 19

Lukas 20 / Luko 20

Lukas 21 / Luko 21

Lukas 22 / Luko 22

Lukas 23 / Luko 23

Lukas 24 / Luko 24