1 |
Pesta Roti Teu Diragian anu disebutna Paska, geus deukeut. |
2 |
Para imam kapala jeung guru-guru agama keur nareangan jalan sangkan bisa maehan Yesus, tapi hayangeun rerencepan lantaran sarieuneun ku jalma rea. |
3 |
Ti dinya Iblis nyurup ka hiji murid anu ngaran Yudas Iskariot, nya eta salah sahiji murid ti nu dua welas tea. |
4 |
Tuluy Yudas indit nepungan imam-imam kapala jeung kapala-kapala pangawal Bait Allah, nerangkeun akal hianatna rek nyerenkeun Yesus ka maranehna. |
5 |
Maranehanana kacida aratoheunana, sarta jangji rek mere duit ka Yudas. |
6 |
Yudas mupakat, tuluy neangan kasempetan rek nyerenkeun Yesus ka maranehanana bari ulah kanyahoan ku jalma rea. |
7 |
Pesta Roti Teu Diragian tea geus mimiti; domba keur jamuan Paska kudu dipeuncit. |
8 |
Yesus miwarangan Petrus jeung Yohanes pikeun nyayagikeun eta kaperluan, saur-Na, ”Geura arindit ka kota nyadiakeun kaperluan dahar Paska.” |
9 |
”Kapalay Bapa disayagikeun di mana?” pihatur maranehna. |
10 |
Waler-Na, ”Engke, barang maraneh asup ka kota, bakal papanggih jeung jelema anu mawa wadah cai. Tuturkeun nepi ka manehna asup ka imahna. |
11 |
Kieu maraneh kudu ngomong ka nu boga imah, ʼPa Guru miwarang mariksakeun, saur-Na: Mana kamar pikeun Kami dahar Paska jeung murid-murid teh?ʼ |
12 |
Maraneh bakal dituduhan hiji kamar di loteng, lega jeung sagala paparabotanana geus sadia.” |
13 |
Maranehna tuluy arindit; sakur anu disaurkeun ku Yesus teh kapanggih, tuluy maranehna nyadiakeun tuangeun keur jamuan Paska. |
14 |
Nepi kana waktu tuang, Yesus calik tuang jeung rasul-rasul-Na. |
15 |
Anjeunna ngalahir, ”Geus lila Kami hayang dahar Paska cara ayeuna bareng jeung maraneh teh, samemeh Kami dikaniaya. |
16 |
Sabab sabalakana mah Kami moal ngadahar deui jamuan Paska, nepi ka mangsa harti tina ieu jamuan teh engke kabuka di Karajaan Allah.” |
17 |
Geus kitu Anjeunna nyandak hiji lumur anggur, muji sukur ka Allah, tuluy ngalahir, ”Ieu tampanan, bagikeun. |
18 |
Ari Kami ti semet ieu moal nginum deui ieu anggur nepi ka waktu ngadegna Karajaan Allah.” |
19 |
Geus kitu Yesus nyandak roti, sarta sanggeusna muji sukur ka Allah, rotina disemplekan tuluy dipasihkeun ka murid-murid bari lahir-Na, ”Ieu teh badan Kami, nu dipasrahkeun pikeun maraneh. Lalampahkeun cara kieu, pikeun pangeling-eling ka Kami.” |
20 |
Rengse tuang Anjeunna ngasongkeun lumur anggur ka maranehna cara tadi. Lahirana-Na, ”Ieu lumur teh perjangjian Allah anu anyar anu disahkeun ku getih Kami anu dikucurkeun, pikeun kasalametan maraneh. |
21 |
Tapi, tenjo! Di dieu, sameja jeung Kami, aya jelema anu arek ngahianat ka Kami! |
22 |
Putra Manusa teh memang geus dipastikeun ku Allah kudu pegat nyawa-Na, tapi cilaka temen engke eta jelema anu ngahianat ka Anjeunna!” |
23 |
Murid-murid jadi silih tanya jeung batur, saha di antara maranehna anu bakal migawe kitu teh. |
24 |
Murid-murid parebut omong, murid anu mana anu bisa dianggap pangpunjulna. |
25 |
Yesus ngalahir, ”Raja-raja bangsa anu anutna lain ka Allah mah ka rahayatna teh nindes, ari para pangereh marenta disebut ʼSobat Rahayatʼ. |
26 |
Maraneh mah ulah kitu; benerna, anu pangpunjulna di maraneh kudu saperti anu panghandapna, nu jadi pamingpin kudu saperti anu ngawula. |
27 |
Cik luhur mana harkatna, anu diuk dahar dilaladenan atawa anu ngalaladenanana? Tangtu anu dilaladenan. Tapi Kami mah ka maraneh teh cara anu laladen bae. |
28 |
Maraneh teu kendat ngabaturan Kami dina sagala cocoba anu kasorang ku Kami. |
29 |
Ku sabab eta, sakumaha Kami ku Rama Kami geus dipaparin hak marentah, maraneh oge ku Kami bakal dibere hak saperti kitu. |
30 |
Maraneh bakal dahar nginum sameja jeung Kami di Karajaan Kami, jeung bakal dariuk dina singgasana, marentah dua welas kaom Israil.” |
31 |
”Simon, Simon! Dengekeun! Setan geus meunang idin ngagoda ka maraneh kabeh, pikeun misahkeun nu hade ti nu goreng, cara gandum dipisahkeun tina kulitna. |
32 |
Tapi maneh ku Kami geus dipangnedakeun, Simon, supaya iman maneh ulah nepi ka luntur. Upama maneh geus ngaku deui ka Kami, kudu nguatkeun batur-batur.” |
33 |
Jawab Petrus, ”Gusti, abdi mah sanaos kedah dipanjara atanapi maot sareng Gusti oge wantun!” |
34 |
Saur Yesus, ”Petrus, Kami ngabejaan, peuting ieu memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali nyebutkeun teu wawuh ka Kami.” |
35 |
”Basa maraneh ku Kami diutus jeung teu meunang mawa loket, kantong, atawa tarumpah tea, kumaha ngarasa kakurangan?” Yesus mariksa ka murid-murid. ”Henteu,” jawab maranehna. |
36 |
Saur Yesus, ”Tapi ayeuna mah lamun aya anu boga loket atawa kantong kudu dibawa; jeung anu teu boga pedang jual bae baju beulikeun pedang. |
37 |
Sabab anu disebutkeun dina Kitab Suci ngeunaan diri Kami, anu ungelna, ʼAnjeunna disaruakeun jeung bangsat,ʼ tangtu kajadian; eta anu ditulis ngeunaan diri Kami teh ayeuna bakal kajadianana.” |
38 |
”Gusti,” piunjuk murid-murid, ”pedang parantos aya, dua!” ”Cukup eta ge!” waler-Na. |
39 |
Yesus kaluar ti kota, sakumaha biasa angkatna ka Gunung Jetun, diiring ku murid-murid. |
40 |
Sasumpingna ka dinya Anjeunna ngalahir, ”Maraneh kudu neneda supaya ulah beunang ku panggoda.” |
41 |
Sanggeus ngalahir kitu tuluy mencilkeun anjeun ti maranehna, anggangna kira-kira sapamaledog, brek tapak deku jeung neneda. Paneda-Na, |
42 |
”Nun Ama, upami kenging, mugi ditebihkeun ieu lumur kasangsaraan ti Abdi. Nanging ulah numutkeun kahoyong Abdi, mung pangersa Ama bae anu kedah laksana.” |
43 |
Tuluy aya hiji malaikat ti sawarga nembongan, maparin kakuatan ka Anjeunna. |
44 |
Manah Yesus pinuh ku kaketir, nenedana beuki mantep; karinget-Na mani kawas getih nyakclakan kana taneuh. |
45 |
Tas neneda Anjeunna ngilik murid-murid, kasampak keur sarare, geus carapeeun ku kasedih. |
46 |
Anjeunna ngalahir ka maranehna, ”Ku naon sarare? Harudang, jeung kudu neneda, supaya ulah beunang ku panggoda.” |
47 |
Sabot Anjeunna sasauran keneh, burudul jalma loba, diluluguan ku Yudas, hiji ti antara dua belas murid. Manehna nyampeurkeun ka Yesus, rek nyium. |
48 |
Tapi saur Yesus, ”Yudas, maneh teh rek ngahianat Putra Manusa ku cium?” |
49 |
Ari murid-murid narenjo kajadian kitu teh tuluy naranya ka Yesus, ”Kumaha Gusti, urang lawan bae ku pedang?” |
50 |
Aya hiji murid anu terus ngadek ka badega Imam Agung nepi ka rampung ceulina nu katuhu. |
51 |
Tapi Yesus ngalahir, ”Geus, cukup!” Seug eta badega teh ku Anjeunna dicabak ceulina, sarta dicageurkeun. |
52 |
Ti dinya Anjeunna ngalahir ka imam-imam kapala jeung kapala-kapala pangawal Bait Allah jeung para kokolot anu rek narangkep, saur-Na, ”Aranjeun murubul ka dieu marawa pedang jeung gegendir, na Kami teh penjahat? |
53 |
Padahal Kami unggal-unggal poe oge sok reureujeungan jeung aranjeun di Bait Allah, geuning ku aranjeun teu ditangkep. Tapi memang nya ayeuna waktuna pikeun aranjeun ngalaksanakeun pakarepan, waktuna kakuatan poek nyekel kawasa.” |
54 |
Yesus geus ditangkep, seug diiringkeun ka bumi Imam Agung; Petrus nuturkeun ti kaanggangan. |
55 |
Di tengah buruan jero aya anu ngadurukan, seuneuna dirariung; Petrus oge milu ngariung di dinya. |
56 |
Aya hiji gandek awewe, mureleng ka Petrus anu keur siduru, tuluy ngomong kieu, ”Ieu jelema tadi bareng jeung Yesus!” |
57 |
Tapi Petrus ngangles, pokna, ”Nyi, wawuh ge henteu kuring mah ka Manehna teh!” |
58 |
Teu lila deui, aya hiji lalaki, barang ret ka Petrus tuluy ngomong, ”Andika ge salah sahiji batur Itu!” Tapi jawab Petrus, ”Paman! Kaula mah lain!” |
59 |
Kira-kira heuleut sajam, aya deui anu nuding ka Petrus nemen pisan, pokna, ”Geus teu sak deui ieu jelema teh sok jeung Yesus, sabab manehna oge urang Galilea keneh!” |
60 |
Tapi jawab Petrus, ”Paman! Ngomong naon Paman teh, kuring teu ngarti!” Sabot Petrus ngomong keneh, kadenge hayam kongkorongok. |
61 |
Gusti nyoreang, neuteup ka Petrus. Ras Petrus ingeteun yen Gusti geus nyaurkeun perkara manehna, yen, ”Peuting ieu, memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali nyebutkeun teu wawuh ka Kami.” |
62 |
Petrus kaluar ti dinya, tuluy ceurik nalangsa kabina-bina. |
63 |
Yesus ku nu ngajaraga pada moyokan, pada neunggeul. |
64 |
Soca-Na dipeungpeunan ku lamak sarta ceuk maranehna, ”Teguh, saha eta anu neunggeul ka Maneh?” |
65 |
Rupa-rupa deui pisan ngahinakeunana ka Anjeunna. |
66 |
Barang bray beurang, para kokolot, imam-imam kapala, jeung guru-guru agama geus karumpul. Yesus tuluy dibawa ka Mahkamah Agama. |
67 |
Tuluy dipariksa, ”Jawab, enya Maneh teh Kristus?” Anjeunna ngawaler, ”Sanajan upama ku Kaula disebutkeun, aranjeun moal percaya; |
68 |
kitu deui upama Kaula nanya, ku aranjeun moal diwalon. |
69 |
Tapi ti semet ayeuna Putra Manusa teh bakal calik di tengeneun Allah Nu Maha Kawasa.” |
70 |
Ceuk maranehna, ”Jadi enya Maneh teh Putra Allah?” Waler Yesus, ”Sakumaha saur aranjeun.” |
71 |
Ceuk maranehna, ”Urang teu perlu deui saksi! Ku urang geus kadenge kitu pangakuana-Na!”
|
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
|
|
|
|
|
|
|
|
|
|
Lukas 22:1 |
Lukas 22:2 |
Lukas 22:3 |
Lukas 22:4 |
Lukas 22:5 |
Lukas 22:6 |
Lukas 22:7 |
Lukas 22:8 |
Lukas 22:9 |
Lukas 22:10 |
Lukas 22:11 |
Lukas 22:12 |
Lukas 22:13 |
Lukas 22:14 |
Lukas 22:15 |
Lukas 22:16 |
Lukas 22:17 |
Lukas 22:18 |
Lukas 22:19 |
Lukas 22:20 |
Lukas 22:21 |
Lukas 22:22 |
Lukas 22:23 |
Lukas 22:24 |
Lukas 22:25 |
Lukas 22:26 |
Lukas 22:27 |
Lukas 22:28 |
Lukas 22:29 |
Lukas 22:30 |
Lukas 22:31 |
Lukas 22:32 |
Lukas 22:33 |
Lukas 22:34 |
Lukas 22:35 |
Lukas 22:36 |
Lukas 22:37 |
Lukas 22:38 |
Lukas 22:39 |
Lukas 22:40 |
Lukas 22:41 |
Lukas 22:42 |
Lukas 22:43 |
Lukas 22:44 |
Lukas 22:45 |
Lukas 22:46 |
Lukas 22:47 |
Lukas 22:48 |
Lukas 22:49 |
Lukas 22:50 |
Lukas 22:51 |
Lukas 22:52 |
Lukas 22:53 |
Lukas 22:54 |
Lukas 22:55 |
Lukas 22:56 |
Lukas 22:57 |
Lukas 22:58 |
Lukas 22:59 |
Lukas 22:60 |
Lukas 22:61 |
Lukas 22:62 |
Lukas 22:63 |
Lukas 22:64 |
Lukas 22:65 |
Lukas 22:66 |
Lukas 22:67 |
Lukas 22:68 |
Lukas 22:69 |
Lukas 22:70 |
Lukas 22:71 |
|
|
|
|
|
|
Lukas 1 / Luk 1 |
Lukas 2 / Luk 2 |
Lukas 3 / Luk 3 |
Lukas 4 / Luk 4 |
Lukas 5 / Luk 5 |
Lukas 6 / Luk 6 |
Lukas 7 / Luk 7 |
Lukas 8 / Luk 8 |
Lukas 9 / Luk 9 |
Lukas 10 / Luk 10 |
Lukas 11 / Luk 11 |
Lukas 12 / Luk 12 |
Lukas 13 / Luk 13 |
Lukas 14 / Luk 14 |
Lukas 15 / Luk 15 |
Lukas 16 / Luk 16 |
Lukas 17 / Luk 17 |
Lukas 18 / Luk 18 |
Lukas 19 / Luk 19 |
Lukas 20 / Luk 20 |
Lukas 21 / Luk 21 |
Lukas 22 / Luk 22 |
Lukas 23 / Luk 23 |
Lukas 24 / Luk 24 |