1 |
Di Bait Allah Yesus ningali jelema-jelema anu baleunghar keur ngarasupkeun duit kana kotak derma. |
2 |
Katingalieun oge aya hiji randa anu kacida miskinna, ngasupkeun duit tambaga dua gebleg. |
3 |
Anjeunna ngalahir, ”Ceuk Kami, dermana eta randa miskin leuwih gede ti batan nu sejen. |
4 |
Sabab nu sejen mah dermana lantaran duitna leuwih, ari eta randa mah mikeun sakabeh balanja hirupna.” |
5 |
Murid-murid Yesus sawareh keur ngaromongkeun eta Bait Allah anu sakitu endahna, dipapaes ku batu-batu perhiasan jeung barang-barang pangbakti ka Allah anu kacida aralusna. Yesus ngalahir, |
6 |
”Eta kabeh, anu ayeuna katarenjo ku maraneh, engke mah aya mangsana diruntuhkeun, nepi ka batu-batuna moal aya anu angger nyusun, kabeh bakal diburubutkeun kana taneuh.” |
7 |
Murid-murid naranyakeun, ”Iraha bakal kajadianana, Pa Guru? Sareng upami mangsana parantos dongkap bakal aya kajadian naon?” |
8 |
Waler Yesus, ”Maraneh masing waspada, ulah beunang kasasabkeun. Loba jelema anu engke bakal make ngaran Kami, ngaku-ngaku, ʼIeu Kami, Anjeunna tea!ʼ jeung ʼNya ayeuna waktuna!ʼ Ulah digugu. |
9 |
Lamun maraneh ngadarenge peperangan jeung huru-hara, ulah reuwas-reuwas. Eta kabeh pasti bakal kajadian samemeh eta waktu datang, tapi eta lain tanda yen geus tereh panungtungan.” |
10 |
Saur-Na deui, ”Bakal aya jaman, bangsa ieu merangan bangsa itu, nagara ieu merangan nagara itu. |
11 |
Bakal sering aya lini kacida galedena, bahla kalaparan, jeung pagebug di mana-mana, di langit bakal tembong galagat-galagat aneh jeung pikasieuneun. |
12 |
Tapi memeh eta kajadian, maraneh bakal ditangkep jeung dikaniaya, dipariksa di imah-imah ibadah terus dipanjara, dijagragkeun ka raja-raja jeung ka para pangereh ku karana Kami. |
13 |
Tapi eta teh kasempetan pikeun maraneh pikeun nguarkeun Injil Kasalametan ti Allah. |
14 |
Tekadkeun dina hate ti samemehna, yen maraneh moal rek salempang ku piomongeun pikeun ngabela diri, |
15 |
sabab ku Kami bakal dibere piomongeun supaya maraneh perceka jeung bijaksana, nepi ka omongan maraneh moal aya anu bisa ngalawan atawa ngabantah. |
16 |
Maraneh bakal diserenkeun ku kolot sorangan, ku dulur sorangan, ku baraya sorangan, ku babaturan sorangan, malah maraneh sawareh bakal diparaehan. |
17 |
Maraneh bakal pada mikageuleuh ku karana Kami. |
18 |
Tapi maraneh najan buuk salambar oge moal aya nu murag. |
19 |
Lamun maraneh tabah tangtu baris rahayu.” |
20 |
”Lamun maraneh nenjo Yerusalem dikepung ku musuh, maraneh kudu nyaraho eta kota geus tereh rugrug. |
21 |
Jelema-jelema nu araya di Yudea kudu kalabur ka pasir-pasir, nu araya di jero kota kudu kalaluar ti kota, nu araya di pasisian ulah arasup ka kota. |
22 |
Sabab eta teh galagat datangna ʼPoe-poe Hukumanʼ, ngalaksanakeun sakur anu geus kaungel dina Kitab Suci. |
23 |
Pikeun awewe-awewe anu harita keur kakandungan jeung anu keur nyarusuan orok, poe-poe eta teh kacida matak paurna! Ieu tanah bakal katarajang ku kasukeran anu kacida bangetna, jelema-jelemana bakal nandangan hukuman ti Allah. |
24 |
Aya anu diparaehan ku pedang, aya anu diboyong sarta dipanjara di nagri-nagri sejen. Yerusalem bakal diidek-idek ku jelema-jelema anu anutna lain ka Allah, nepi ka waktu pikeun maranehna anu ditangtukeun ku Pangeran beak.” |
25 |
”Bakal tembong galagat-galagat aneh dina panonpoe, dina bulan, jeung dina bentang-bentang. Bangsa-bangsa di satonggong bumi pinuh ku kasieun jeung samar polah ku kaayaan laut anu ngamuk tingjalegur jeung caina naek. |
26 |
Jelema-jelema kalabur pangacianana awahing ku sieun ku anu bakal tumiba ka ieu bumi, sabab kakuatan-kakuatan langit genjlong, jalanna nyarimpang. |
27 |
Geus kitu breh Putra Manusa tembong, sumping dina mega, kacida kawasa-Na, kacida mulya-Na. |
28 |
Lamun hal-hal eta geus mimiti kajadian, ajegkeun awak, tanggahkeun sirah, sabab maraneh geus tereh disalametkeun.” |
29 |
Geus kitu Anjeunna nyarioskeun ieu misil: ”Tenget-tenget tangkal kondang atawa tatangkalan lianna. |
30 |
Lamun geus mimiti sarirungan, eta ciciren geus deukeut usum panas. |
31 |
Kitu keneh lamun maraneh geus narenjo kajadian-kajadian tea, eta ciciren yen Karajaan Allah geus tereh ngadeg. |
32 |
Maraneh perlu nyaraho, ieu sakabeh perkara bakal kajadian samemeh jelema-jelema anu ayeuna harirup paraeh kabeh. |
33 |
Langit jeung bumi bakal musna, tapi pangandika Kami mah moal datang ka musna.” |
34 |
”Jaga diri! Ulah beuki teuing pepestaan jeung nginum-nginum atawa mikiran teuing kipayah, bisi ujug-ujug kagubed ku eta Poe, |
35 |
anu lir pangringkus. Sabab eta Poe teh bakal narajang ka sakumna manusa di sakuliah bumi. |
36 |
Kudu sayaga jeung ulah tinggal ti neneda, malar kuat nandangan kajadian-kajadianana, malar lulus nepi ka bisa ngadeuheus ka payuneun Putra Manusa.” |
37 |
Yesus ngawulangna di Bait Allah teh saban pabeubeurang. Ari geus burit Anjeunna kaluar sarta ngawengi di Gunung Jetun. |
38 |
Unggal isuk jelema-jelema karumpul deui di Bait Allah rek ngadarengekeun piwulang-Na. |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Lukas 21:1 |
Lukas 21:2 |
Lukas 21:3 |
Lukas 21:4 |
Lukas 21:5 |
Lukas 21:6 |
Lukas 21:7 |
Lukas 21:8 |
Lukas 21:9 |
Lukas 21:10 |
Lukas 21:11 |
Lukas 21:12 |
Lukas 21:13 |
Lukas 21:14 |
Lukas 21:15 |
Lukas 21:16 |
Lukas 21:17 |
Lukas 21:18 |
Lukas 21:19 |
Lukas 21:20 |
Lukas 21:21 |
Lukas 21:22 |
Lukas 21:23 |
Lukas 21:24 |
Lukas 21:25 |
Lukas 21:26 |
Lukas 21:27 |
Lukas 21:28 |
Lukas 21:29 |
Lukas 21:30 |
Lukas 21:31 |
Lukas 21:32 |
Lukas 21:33 |
Lukas 21:34 |
Lukas 21:35 |
Lukas 21:36 |
Lukas 21:37 |
Lukas 21:38 |
Lukas 1 / Luk 1 |
Lukas 2 / Luk 2 |
Lukas 3 / Luk 3 |
Lukas 4 / Luk 4 |
Lukas 5 / Luk 5 |
Lukas 6 / Luk 6 |
Lukas 7 / Luk 7 |
Lukas 8 / Luk 8 |
Lukas 9 / Luk 9 |
Lukas 10 / Luk 10 |
Lukas 11 / Luk 11 |
Lukas 12 / Luk 12 |
Lukas 13 / Luk 13 |
Lukas 14 / Luk 14 |
Lukas 15 / Luk 15 |
Lukas 16 / Luk 16 |
Lukas 17 / Luk 17 |
Lukas 18 / Luk 18 |
Lukas 19 / Luk 19 |
Lukas 20 / Luk 20 |
Lukas 21 / Luk 21 |
Lukas 22 / Luk 22 |
Lukas 23 / Luk 23 |
Lukas 24 / Luk 24 |
|
|
|
|
|