1 |
Yesus jeung murid-murid-Na geus narepi ka peuntaseun Talaga Galilea beulah ditu, di wewengkon Gerasa. |
2 |
Barang Anjeunna lungsur tina parahu, papanggih jeung hiji jelema anu datangna ti pakuburan di dinya. Eta jelema diraksuk ku roh-roh jahat, |
3 |
cicingna di kuburan-kuburan. Eta jelema geus teu bisa ditalian sanajan ku rante. |
4 |
Geus sababaraha kali suku jeung leungeunna ditalian, tapi rantena dipegatkeun deui, dipegatkeun deui, beusi bangkol sukuna dibubukkeun. Taya nu bisa nalukkeun ku bedas-bedasna. |
5 |
Beurang peuting ngaprak di kuburan-kuburan jeung di pasir-pasir, ceuceuleuweungan bari nurihan maneh ku batu seukeut. |
6 |
Sanggeus nenjoeun ka Yesus ti nu rada anggang, tuluy lumpat nyampeurkeun, brek bae deku di payuneuna-Na, |
7 |
tuluy ngagorowok, ”Yesus, Putra Allah Nu Maha Agung! Aya pikersaeun naon ka kuring? Demi Allah, kuring ulah disiksa!” ( |
8 |
Nu matak sasambat kitu sabab ku Yesus ditimbalan kieu, ”Eh, roh jahat, kaluar maneh ti eta jelema!”) |
9 |
Ku Yesus dipariksa, ”Maneh saha ngaran?” Jawabna, ”Ngaran kuring ’Legiun’ sabab kacida lobana!” |
10 |
Manehna terus nunuhun supaya ku Yesus ulah diusir ti eta daerah. |
11 |
Teu jauh ti dinya aya babi sabubuhan keur nyaratuan di lamping pasir. |
12 |
Roh-roh jahat teh nunuhun ka Yesus, ”Kuring idinan nyurup ka itu babi-babi.” |
13 |
Sanggeus diidinan, eta roh-roh jahat teh kalaluar tuluy nyarurup ka eta babi-babi. Babi-babina anu kabehna aya dua rebu tuluy laluncatan ka talaga tina hiji gawir, kabeh titeuleum. |
14 |
Anu ngajaragana tingbalecir ka kota jeung desa-desa sakurilingna, nyebarkeun beja. Tuluy jalma-jalma kalaluar rek narenjo eta kajadian. |
15 |
Barang daratang, jelema anu tas kasurupan teh aya, keur diuk jeung geus make pakean, ingetanana geus waras. Maranehna kacida sarieuneunana ku Yesus. |
16 |
Anu nyaraksian sorangan nu kajadian ka eta jelema jeung ka babi-babi tea tuluy nyaritakeun deui ka nu sejen. |
17 |
Geus kitu urang dinya nunuhun ka Yesus supaya Anjeunna buru-buru ngantunkeun daerah maranehna. |
18 |
Waktu Yesus naek deui kana parahu, jelema anu tas kasurupan teh hayangeun milu. ”Mugi abdi dicandak,” carekna. |
19 |
Tapi ku Anjeunna teu diidinan, saur-Na, ”Mending balik. Caritakeun ka kulawarga pitulung Pangeran anu geus mikaheman ka maneh.” |
20 |
Manehna nurut, tuluy indit ngider ka sakuliah wilayah Sapuluh Kota, nyaritakeun pitulung Yesus ka dirina. Urang dinya kacida hareraneunana. |
21 |
Yesus mulih deui ka peuntaseun eta talaga. Sasumpingna, jelema-jelema tuluy tumplek ka Anjeunna di sisi talaga. |
22 |
Sabot kitu, datang pangurus imah ibadah di dinya, ngaranna Yairus, terus sujud ka Yesus, |
23 |
tuluy ngalengis ka Anjeunna, pokna, ”Pun anak awewe udur, mugi ku Bapa ditumpangan panangan, tangtos cageur sareng tiasa hirup teras.” |
24 |
Yesus angkat ti dinya jeung manehna. Sapanjang jalan jelema-jelema anu marilu laleumpangna mani padeukeut-deukeut jeung Anjeunna. |
25 |
Aya hiji awewe boga kasakit haid, ngagetih terus geus dua welas taun teu cageur-cageur, |
26 |
tabib-tabib taya nu sanggup. Duitna geus beak dipake tatamba, tapi kasakitna teu cageur-cageur, malah tambah parna. |
27 |
Sanggeus meunang beja hal Yesus, manehna tuluy milu seselendep jeung nu rea ka pungkureun Anjeunna. |
28 |
Ceuk pikiranana, ”Asal bisa nyabak jubah-Na bae tangtu aing cageur.” |
29 |
Tuluy manehna nyabak kana jubah Yesus. Harita keneh ngagetihna tuluy eureun, sarta karasaeun ku manehna yen panyakitna anu sakitu nyusahkeunana teh cageur. |
30 |
Bareng jeung eta ku Yesus karaoseun aya tanaga anu mencar ti salira-Na. Anjeunna luak-lieuk sarta mariksa, ”Saha anu nyabak ka Kami?” |
31 |
Ceuk murid-murid, ”Naha nganggo mariksakeun anu nyabak, pan kauninga jalmi sakieu nyedekna ka Bapa?” |
32 |
Tapi Anjeunna terus bae luak-lieuk milarian anu nyabak-Na. |
33 |
Ari awewe tea sanggeus nyaho anu kajadian ka dirina, nyampeurkeun terus sujud ka Anjeunna bari ngadegdeg sieuneun, sarta unjukan sabalakana. |
34 |
Saur Yesus, ”Anaking, ku sabab Nyai percaya, Nyai jadi cageur. Heug sing salamet. Panyakit anu nyusahkeun ka Nyai geus cageur pisan.” |
35 |
Sabot Yesus sasauran kitu aya jurungan ti imah Yairus, ngabejaan ka manehna, ”Tuang putra teh parantos teu aya, teu kedah ngarerepot deui ka Pa Guru.” |
36 |
Yesus teu malire kana ucapan maranehna, sarta ngalahir ka Yairus saur-Na, ”Ulah jadi pikir, percaya bae.” |
37 |
Jalma rea ku Anjeunna dilarang terus marilu salian ti Petrus, Yakobus jeung Yohanes. |
38 |
Sanggeus narepi ka imah Yairus, Yesus ningali kaayaan kacida ributna, sarta ngadangu aya anu ceurik jejeritan jeung anu midangdam. |
39 |
Yesus lebet tuluy ngalahir, ”Ku naon raribut? Ku naon careurik? Budak teh lain maot, keur sare!” |
40 |
Jelema-jelema anggur nyeungseurikeun ka Anjeunna, tapi ku Anjeunna dipiwarang kalaluar kabeh. Anjeunna lebet ka kamar nyandak indung bapana eta budak jeung murid anu tiluan. |
41 |
Budak teh leungeunna dicepeng tuluy dilahiran, ”Talita, kumi!” hartina, ”Nyai, Kami nitah: hudang!” |
42 |
Budak teh ngulisik cengkat terus turun leuleumpangan. (Umurna geus dua belas taun.) Jelema-jelema mani barengong. |
43 |
Tapi Yesus ngalarang keras maranehna nyaritakeun eta kajadian ka nu sejen. ”Budak teh bere dahar!” saur-Na.
|
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
|
|
|
|
|
|
|
|
|
|
Markus 5:1 |
Markus 5:2 |
Markus 5:3 |
Markus 5:4 |
Markus 5:5 |
Markus 5:6 |
Markus 5:7 |
Markus 5:8 |
Markus 5:9 |
Markus 5:10 |
Markus 5:11 |
Markus 5:12 |
Markus 5:13 |
Markus 5:14 |
Markus 5:15 |
Markus 5:16 |
Markus 5:17 |
Markus 5:18 |
Markus 5:19 |
Markus 5:20 |
Markus 5:21 |
Markus 5:22 |
Markus 5:23 |
Markus 5:24 |
Markus 5:25 |
Markus 5:26 |
Markus 5:27 |
Markus 5:28 |
Markus 5:29 |
Markus 5:30 |
Markus 5:31 |
Markus 5:32 |
Markus 5:33 |
Markus 5:34 |
Markus 5:35 |
Markus 5:36 |
Markus 5:37 |
Markus 5:38 |
Markus 5:39 |
Markus 5:40 |
Markus 5:41 |
Markus 5:42 |
Markus 5:43 |
|
|
|
|
|
|
Markus 1 / Mar 1 |
Markus 2 / Mar 2 |
Markus 3 / Mar 3 |
Markus 4 / Mar 4 |
Markus 5 / Mar 5 |
Markus 6 / Mar 6 |
Markus 7 / Mar 7 |
Markus 8 / Mar 8 |
Markus 9 / Mar 9 |
Markus 10 / Mar 10 |
Markus 11 / Mar 11 |
Markus 12 / Mar 12 |
Markus 13 / Mar 13 |
Markus 14 / Mar 14 |
Markus 15 / Mar 15 |
Markus 16 / Mar 16 |