A A A A A
×

Alkitab Suci

Markus 10

1
Yesus angkat deui ti eta tempat ka daerah Yudea, meuntasan Walungan Yordan. Di dinya ge dirubung-rubung deui ku jalma rea, sarta saperti biasana Anjeunna terus maparin piwulang.
2
Urang Parisi ge aya nu daratang, niatna rek ngadoja ka Anjeunna. ”Kumaha Hukum Agama urang ngidinan lalaki nyerahkeun pamajikanana?” maranehna nyual.
3
Ku Yesus diwaler ku sual deui, ”Parentah Musa ka aranjeun kumaha?”
4
Jawabna, ”Musa ngidinan lalaki nyerahkeun pamajikan, asal mere surat talak.”
5
Saur Yesus, ”Musa pang ngayakeun aturan kitu ka aranjeun teh lantaran aranjeun hese pisan diajar.
6
Sabab dina jaman mimiti mah, nya eta waktu Allah ngajadikeun manusa, ku Kitab Suci disebutkeun yen, ’Allah ngadamel manusa teh lalaki jeung awewe.
7
Ku hal eta, lalaki bakal ninggalkeun indung bapana, tuluy ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana jadi satunggal.’
8
Ku sabab kitu duanana geus lain dua deui, tapi hiji.
9
Ku lantaran kitu anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.”
10
Sanggeus araya di imah, hal eta ku murid-murid ditanyakeun ka Anjeunna.
11
Ari saur-Na, ”Lalaki anu nyerahkeun pamajikanana tuluy kawin deui ka awewe sejen, eta lalaki teh ngaranyed ti pamajikanana.
12
Kitu keneh awewe anu ninggalkeun salakina tuluy kawin ka lalaki sejen, eta awewe teh ngaranyed ti salakina.”
13
Aya nu marawa barudak leutik ka Yesus, sina ditumpangan panangan ku Anjeunna, tapi ku murid-murid dicarekan.
14
Kauninga ku Yesus, seug murid-murid teh diseuseul, sarta saur-Na deui, ”Ingkeun eta barudak teh sina ka Kami, ulah dipegatan, sabab Karajaan Allah teh nya pikeun jelema-jelema anu hatena saperti hate ieu barudak.
15
Inget, jelema anu henteu narima kana Karajaan Allah saperti budak leutik, moal bisa asup ka eta Karajaan.”
16
Geus kitu eta barudak teh dirangkulan, ditumpangan panangan, diberkahan.
17
Barang Yesus rek angkat neruskeun perjalanan, aya nu lumpat nyampeurkeun, terus deku di payuneuna-Na. ”Pa Guru nu sae,” carekna, ”kedah kumaha lampah abdi supados kenging hirup langgeng?”
18
Waler Yesus, ”Ku naon Kami disebut hade? Jelema mah taya nu hade, ngan Allah bae.
19
Hidep tangtu nyaho parentah-parentah anu kieu: Ulah maehan; ulah ngaranyed; ulah maling; ulah jadi saksi bohong; ulah nipu; sing hormat ka indung bapa.”
20
”Pa Guru,” jawabna, ”eta ku abdi parantos dilakonan ti aalit.”
21
Eta jelema ku Yesus dipeleng bangun nyaah. ”Tinggal sarupa deui,” saur-Na, ”jualan kabeh babandaan hidep, duitna serenkeun ka kaom miskin supaya hidep beunghar di sawarga. Geus kitu ka dieu, tuturkeun Kami.”
22
Diwaler kitu teh beungeutna mani alum, terus undur bangun nalangsa, kawantu kacida beungharna.
23
Yesus neuteup ka murid-murid, tuluy sasauran, ”Hese naker jelema beunghar mah asup ka Karajaan Allah teh!”
24
Murid-murid tingrarenjag. Tapi Yesus sasauran deui, ”Barudak! Kacida hesena asup ka Karajaan Allah teh!
25
Leuwih hese jelema beunghar asup ka Karajaan Allah ti batan onta moncor kana liang jarum.”
26
Murid-murid beuki arolohok, tuluy patanya-tanya, ”Lamun kitu, saha nu bisa salamet?”
27
Ku Yesus diteuteup kabeh. ”Memang, sual eta pikeun jelema mah mustahil, tapi di Allah mah henteu. Allah mah sagala rupa ge iasa.”
28
”Pa Guru,” ceuk Petrus, ”abdi-abdi parantos ngantunkeun sagala rupi, teras ngiring ka Bapa.”
29
”Bener!” waler-Na. ”Jeung saha- saha anu iklas ninggalkeun rumah tanggana atawa ninggalkeun dulurna nu lalaki, nu awewe, atawa ninggalkeun indung atawa bapa atawa anak atawa pakaya lantaran beurat ka Kami jeung kana Injil Kasalametan ti Allah,
30
dina jaman ieu bakal meunang gantina leuwih loba. Manehna bakal narima saratus kalieun: imah, dulur lalaki, dulur awewe, indung, anak, pakaya, nya kitu deui panganiayaan, sarta dina jaman nu bakal datang bakal narima hirup anu langgeng.
31
Tapi ti nu ayeuna geus ti hareula loba nu bakal jadi pandeuri, sabalikna anu ayeuna ti pandeuri loba nu bakal jadi pangheulana.”
32
Yesus jeung murid-murid-Na keur di jalan ka Yerusalem. Yesus angkatna hareupeun murid-murid anu keur pinuh ku kahariwang, kitu deui sakur anu naluturkeun di tukang oge kabeh ngarasa risi. Yesus nyaur dua welas murid-Na sina dareukeut, tuluy nyarioskeun hal anu bakal kasorang ku Anjeunna.
33
”Darengekeun,” saur-Na, ”urang ayeuna rek ka Yerusalem. Di ditu Putra Manusa teh bakal diserenkeun ka imam-imam kapala jeung ka guru-guru agama. Ku maranehna bakal diterapan hukum pati, tuluy diserenkeun ka bangsa nu lain Yahudi.
34
Ku eta bangsa bakal dipoyok, diciduhan, dirangket, ahirna dipaehan. Tapi sanggeus tilu poe bakal hirup deui.”
35
Geus kitu Yakobus jeung Yohanes, anak Sebedeus, ngadeukeutan ka Anjeunna tuluy mihatur, ”Pa Guru, abdi gaduh panuhun.”
36
”Naon,” Yesus mariksa.
37
Tembalna, ”Upami Bapa parantos linggih dina tahta Karajaan Bapa anu mulya, abdi duaan nyuhunkeun tempat gedengeun Bapa, tengeneun sareng kiwaeun.”
38
Waler-Na, ”Maraneh teu nyaho ka nu dipenta. Sanggup maraneh nginum lumur eusi kasangsaraan anu rek diinum ku Kami? Sanggup dibaptis ku baptisan anu rek dilakonan ku Kami?”
39
Jawabna, ”Sanggem.” Saur Yesus, ”Memang, maraneh ge bakal nginum eusi lumur anu ku Kami kudu diinum, jeung bakal dibaptis ku baptisan anu ku Kami kudu dilakonan.
40
Tapi Kami henteu wenang nangtukeun anu kudu diuk di kenca katuhueun Kami. Eta tempat disadiakeunana ku Allah, pikeun jelema-jelema anu geus dikersakeun ku Mantenna.”
41
Murid-murid sejen ngadarenge eta pamenta teh arambekeun ka Yakobus jeung Yohanes.
42
Ku sabab kitu Yesus ngalahir ka sarerea, ”Maraneh nyaho, bangsa anu teu wawuh ka Allah mah nu jadi pamarentahna sakawenang-wenang, nu jaradi pamingpin-pamingpinna sakama-kama ka rahayatna teh.
43
Maraneh mah ulah kitu. Lamun hayang jadi nu punjul kudu daek ngawula ka nu sejen,
44
lamun hayang jadi nomer hiji kudu ngawula ka nu rea.
45
Putra Manusa oge ka dunya teh lain hayang dikawulaan, malah rek ngawulaan jeung ngorbankeun nyawa-Na supaya loba jelema anu salamet.”
46
Sanggeus narepi ka Yeriho, sarta barang Yesus jeung murid-murid kitu deui jalma loba kaluar ti eta kota, aya nu lolong keur diuk baramaen sisi jalan, ngaranna Bartimeus, anak Timeus.
47
Sanggeus nyahoeun yen aya Yesus urang Nasaret, tuluy bae gegeroan, pokna, ”Yesus, Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”
48
Ku jalma rea disentak dititah jempe, tapi kalah ka beuki bedas, ”Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”
49
Yesus liren sarta ngalahir, ”Calukan ka dieu.” Tuluy eta nu lolong teh dicalukan. Ceuk nu nareangna, ”Sing senang! Maneh disaur ku Anjeunna!”
50
Bartimeus ngalungkeun jubahna, jung nangtung tuluy nyampeurkeun ka Yesus.
51
Yesus mariksa, ”Hayang dikumahakeun ku Kami teh?” ”Pa Guru,” jawabna, ”abdi hoyong tiasa deui ningal.”
52
”Heug, cageur! Sabab maneh percaya ka Kami,” saur-Na. Dadak sakala manehna bisaeun nenjo, tuluy milu ngiring Anjeunna.
Markus 10:1
Markus 10:2
Markus 10:3
Markus 10:4
Markus 10:5
Markus 10:6
Markus 10:7
Markus 10:8
Markus 10:9
Markus 10:10
Markus 10:11
Markus 10:12
Markus 10:13
Markus 10:14
Markus 10:15
Markus 10:16
Markus 10:17
Markus 10:18
Markus 10:19
Markus 10:20
Markus 10:21
Markus 10:22
Markus 10:23
Markus 10:24
Markus 10:25
Markus 10:26
Markus 10:27
Markus 10:28
Markus 10:29
Markus 10:30
Markus 10:31
Markus 10:32
Markus 10:33
Markus 10:34
Markus 10:35
Markus 10:36
Markus 10:37
Markus 10:38
Markus 10:39
Markus 10:40
Markus 10:41
Markus 10:42
Markus 10:43
Markus 10:44
Markus 10:45
Markus 10:46
Markus 10:47
Markus 10:48
Markus 10:49
Markus 10:50
Markus 10:51
Markus 10:52
Markus 1 / Mar 1
Markus 2 / Mar 2
Markus 3 / Mar 3
Markus 4 / Mar 4
Markus 5 / Mar 5
Markus 6 / Mar 6
Markus 7 / Mar 7
Markus 8 / Mar 8
Markus 9 / Mar 9
Markus 10 / Mar 10
Markus 11 / Mar 11
Markus 12 / Mar 12
Markus 13 / Mar 13
Markus 14 / Mar 14
Markus 15 / Mar 15
Markus 16 / Mar 16