1 |
Ti dinya Yesus dicandak ku Roh ka gurun keusik, sina digoda ku Iblis. |
2 |
Sanggeus opat puluh poe opat puluh peuting teu barangtuang, Yesus ngaraos lapar. |
3 |
Jol Iblis nyampeurkeun, ngagoda, ”Anjeun teh Putra Allah? Coba eta batu-batu jadikeun roti.” |
4 |
Tapi waler Yesus, ”Aya dawuhan dina Kitab Suci: ʼJelema hirupna lain ku roti bae, perlu deuih ku tiap-tiap sabda anu diandikakeun ku Allah.ʼ ” |
5 |
Ti dinya Yesus ku Iblis dibawa ka Bait Allah, ka puncak pangluhurna, di kota suci Yerusalem. |
6 |
Ceuk Iblis ka Yesus, ”Lamun Anjeun Putra Allah, coba geura ngaragragkeun maneh. Sabab ceuk Kitab Suci: ʼAllah bakal miwarang para malaikat-Na, sina nyanggap ka Anjeun, sangkan ulah kungsi tigasruk kana batu.ʼ ” |
7 |
Waler Yesus, ”Tapi ceuk Kitab Suci: ʼManeh ulah ngadoja ka Pangeran Allah maneh.ʼ ” |
8 |
Yesus ku Iblis dibawa ka hiji gunung kacida luhurna, ditembongan karajaan-karajaan saalam dunya jeung sagala kaagunganana. |
9 |
Ceuk Iblis, ”Eta kabeh rek diserenkeun ka Anjeun, asal daek sujud nyembah ka kaula.” |
10 |
Ku Yesus diwaler, ”Geura nyingkah, Iblis! Kieu ceuk Kitab Suci: ʼManeh kudu nyembah ka Pangeran, Allah maneh. Ngan Mantenna anu kudu dibakti!ʼ ” |
11 |
Iblis nyingkah ti Yesus. Geus kitu sarumping malaikat ngalalayanan ka Yesus. |
12 |
Yesus ngadangu warta yen Yohanes dipanjara. Anjeunna terus nyilib ka Galilea. |
13 |
Linggihna lain di Nasaret, tapi di Kapernaum, sisi Talaga Galilea, wewengkon tanah Sebulun jeung tanah Naptali. |
14 |
Tinekanan anu baheula diucapkeun ku Nabi Yesaya: |
15 |
”Tanah Sebulun, tanah Naptali, di jalan anu ka laut, peuntaseun Walungan Yordan, Galilea, tanahna jalma-jalma nu lain urang Yahudi! |
16 |
Jalma-jalma nu caricing di nu poek bakal narenjo cahaya hibar. Nu caricing di tanah anu kapoekan ku ajal bakal katojo ku eta cahaya.” |
17 |
Ti semet eta Yesus mimiti ngahutbahkeun amanat-Na, ”Geura tarobat tina dosa, sabab Karajaan Sawarga geus meh ngadeg!” |
18 |
Waktu keur angkat mapay Talaga Galilea, Anjeunna ningali dua jelema keur ngala lauk ku heurap, ngaranna Simon (katelahna Petrus) jeung Andreas, adina. |
19 |
Ku Anjeunna disaur, ”Hayu, milu ka Kami. Engke ku Kami diajar ngala jelema.” |
20 |
Harita keneh maranehna milu ka Yesus, heurapna ditaringgalkeun. |
21 |
Yesus angkat deui ti dinya, tuluy ningali deui dua jelema adi lanceuk ngaranna Yakobus jeung Yohanes, anak Sebedeus, keur ngomean heurap jeung bapana dina parahu. Ku Yesus disaur, |
22 |
seug marilu harita keneh, parahu jeung bapana ditinggalkeun. |
23 |
Yesus ngider ka sakuliah Galilea, hutbah di imah-imah ibadah, ngawulangkeun Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Sawarga, nyageur-nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit. |
24 |
Beja perkara Anjeunna sumebar nepi ka sakuliah nagri Siria. Jelema-jelema murubul ka Anjeunna marawa anu garering, anu nandangan rupa-rupa kasakit, anu nandangan musibat, nu kasurupan, nu sakalor, jeung nu lumpuh. Kabeh ku Anjeunna dicalageurkeun. |
25 |
Jelema-jelema ngaleut ngariring ka Anjeunna ti Yerusalem, ti Dekapolis, ti Yudea, jeung ti peuntaseun Walungan Yordan. |
New American Standard Bible (NASB) |
Copyright © 1960, 1962, 1963, 1968, 1971, 1972, 1973, 1975, 1977, 1995 by The Lockman Foundation |
Matius 4:1 |
Matius 4:2 |
Matius 4:3 |
Matius 4:4 |
Matius 4:5 |
Matius 4:6 |
Matius 4:7 |
Matius 4:8 |
Matius 4:9 |
Matius 4:10 |
Matius 4:11 |
Matius 4:12 |
Matius 4:13 |
Matius 4:14 |
Matius 4:15 |
Matius 4:16 |
Matius 4:17 |
Matius 4:18 |
Matius 4:19 |
Matius 4:20 |
Matius 4:21 |
Matius 4:22 |
Matius 4:23 |
Matius 4:24 |
Matius 4:25 |
Matius 1 / Matt 1 |
Matius 2 / Matt 2 |
Matius 3 / Matt 3 |
Matius 4 / Matt 4 |
Matius 5 / Matt 5 |
Matius 6 / Matt 6 |
Matius 7 / Matt 7 |
Matius 8 / Matt 8 |
Matius 9 / Matt 9 |
Matius 10 / Matt 10 |
Matius 11 / Matt 11 |
Matius 12 / Matt 12 |
Matius 13 / Matt 13 |
Matius 14 / Matt 14 |
Matius 15 / Matt 15 |
Matius 16 / Matt 16 |
Matius 17 / Matt 17 |
Matius 18 / Matt 18 |
Matius 19 / Matt 19 |
Matius 20 / Matt 20 |
Matius 21 / Matt 21 |
Matius 22 / Matt 22 |
Matius 23 / Matt 23 |
Matius 24 / Matt 24 |
Matius 25 / Matt 25 |
Matius 26 / Matt 26 |
Matius 27 / Matt 27 |
Matius 28 / Matt 28 |
|
|
|
|
|