1 |
Waktu Yesus angkat ngantunkeun Bait Allah, murid-murid-Na nyalampeurkeun, terus nunjuk ka eta Bait supaya Anjeunna ningali adegan-adeganana. |
2 |
”Enya, eta kabeh ayeuna ku maraneh katenjo,” saur Yesus. ”Kami ngabejaan, engke mah sahiji ge batuna moal aya anu tetep nyusun dina tempatna ayeuna, bakal dirugrugkeun.” |
3 |
Yesus ngareureuh di Gunung Jetun. Murid-murid nyalampeurkeun teu jeung sasaha deui. Tuluy miunjuk, ”Mugi diwartoskeun, anu tadi disaurkeun teh iraha pijadieunana? Kitu deui perkawis pisumpingeun Bapa engke sareng ahir jaman, kumaha galagatna?” |
4 |
Waler Yesus, ”Maraneh sing iyatna ulah beunang kaperdaya. |
5 |
Sabab engke bakal loba anu ngaku-ngaku, ʼKami Kristus, Jurusalamet!ʼ Loba nu bakal katipu. |
6 |
Maraneh bakal ngadenge dur-derna perang di nu deukeut, ngadenge beja-beja perang di nu jarauh, tapi ulah sarieun. Pasti eta teh baris kajadian, tapi lain hartina geus kiamat. |
7 |
Bangsa-bangsa silih perangan, nagara-nagara silih tarajang. Bala kalaparan jeung lini di mana-mana. |
8 |
Eta kabeh kajadian kakarek ngamimitianana ibarat mimiti nyalingitna kanyeri anu rek ngajuru. |
9 |
Geus kitu maraneh bakal ditangkep, diserenkeun sangkan disiksa, dipaehan. Bakal dipikageuleuh ku unggal jelema dumeh anut ka Kami. |
10 |
Jaman eta bakal loba anu murtad, silih hianat, silih pikageuleuh. |
11 |
Nabi-nabi palsu barijil, loba anu bakal kasasarkeun. |
12 |
Ku nerekab-nerekabna kajahatan, jelema-jelema teh nepi ka leungit kanyaahna. |
13 |
Tapi sing saha anu tabah nepi ka panungtungan bakal dirahayukeun. |
14 |
Geus kitu ieu Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga bakal diuarkeun ka sakuliah dunya, kadenge ku unggal jelema, geus kitu kakara datang poe kiamat.” |
15 |
”Maraneh bakal nenjo ʼSi Pikasieuneunʼ anu baheula diucapkeun ku Nabi Daniel tea ngajega di tempat suci.” (Para maos! Mangga manahan naon eta teh pihartoseunana!) |
16 |
”Lamun eta mangsa enggeus datang, nu araya di Yudea kudu lalumpat ka pagunungan. |
17 |
Nu keur aya di suhunan imah ulah nyokot nanaon heula ti jero imah. |
18 |
Nu keur aya di tegal ulah balik heula nyokot jubah. |
19 |
Pikeun awewe-awewe anu harita keur kakandungan jeung anu keur nyarusuan orok, poe-poe eta teh kacida matak paurna! |
20 |
Kudu neneda ka Allah, muga-muga waktu maraneh kabur teh ulah ninggang dina usum hujan atawa keur poe Sabat! |
21 |
Sabab eta mangsa cilaka teh ngabalangsakkeunana leuwih-leuwih ti jaman nu enggeus-enggeus ti barang dunya gumelar nepi ka ayeuna, tur moal aya deui anu saperti kitu. |
22 |
Tapi eta mangsa teh ku Allah disinggetkeun waktuna. Sabab lamun henteu, saurang ge moal aya nu salamet. Allah nyinggetkeun eta mangsa teh lantaran ngaraskeun ka umat pilihana-Na. |
23 |
Lamun harita aya anu nyebut, ʼTah ieu Kristus!ʼ atawa, ʼTuh itu Kristus!ʼ ulah percaya. |
24 |
Sabab bakal loba Kristus palsu jeung nabi-nabi palsu; maranehna bakal nyarieun kaahengan jeung kaajaiban pikeun nipu, lamun bisa mah ka umat pilihan Allah oge. |
25 |
Maraneh ku Kami geus dibejaan ti ayeuna, supaya iyatna. |
26 |
Atawa lamun aya nu ngomong, ʼTuh! Di ditu Kristus teh di gurun keusik!ʼ — maraneh ulah ka ditu. Atawa lamun ceuk maranehna, ʼTah, ieu di dieu Kristus teh keur nyumput!ʼ — ulah percaya. |
27 |
Putra Manusa mah pisumpingeuna-Na lir kilat meuntasan langit ngabaranyay ti wetan ka kulon. |
28 |
Di mana aya bangke, manuk bangke ngarubung di dinya.” |
29 |
”Moal lila ti sabada kabalangsakan mangsa eta, panonpoe bakal poek, bulan henteu cahayaan, bentang-bentang ragragan ti langit, kakuatan-kakuatan langit malengpar tina jalanna. |
30 |
Geus kitu tembong di langit tanda Putra Manusa. Barang narenjo Putra Manusa sumping nitih mega di langit tur kawasa jeung kacida agungna, jelema-jelema bakal ear sasambat. |
31 |
Tarompet gede bakal disadakeun, sarta Putra Manusa bakal ngutus para malaikat-Na ka opat madhab bumi, ngumpulkeun umat pilihan Anjeunna ti sakuliah jagat, ti tungtung nepi ka tungtung.” |
32 |
”Tenjo tangkal kondang, aya papatahna. Lamun regang-regangna geus ngahejoan, ngaleuleusan jeung sarirungan, eta tandana geus tereh usum panas. |
33 |
Nya kitu, lamun hal-hal anu bieu disebut geus kajadian, eta tandana yen geus tereh panungtungan, geus mimiti ahir jaman. |
34 |
Inget, eta sakabeh perkara bakal kajadian samemeh jelema-jelema anu harirup ayeuna paraeh kabeh. |
35 |
Langit jeung bumi bakal musna, tapi pangandika Kami mah moal musna.” |
36 |
”Tapi iraha poena, iraha jamna, jelema taya nu nyaho, para malaikat henteu, Putra Manusa ge henteu. Ngan Rama anu uninga. |
37 |
Pisumpingeunana Putra Manusa teh bakal cara keur jaman Enoh. |
38 |
Memeh aya caah gede, jelema-jelema gawena nyatu, nginum, kawin, kitu bae nepi ka waktuna Enoh lebet kana kapal. |
39 |
Tapi jelema-jelema teh teu arengeuheun aya kajadian naon, nyaho-nyaho geus ger caah. Kaayaan dina waktu pisumpingeunana Putra Manusa oge bakal kitu. |
40 |
Dina mangsa eta, dua jelema anu keur digarawe di kebon, nu saurang bakal dibawa, nu saurang deui ditinggalkeun. |
41 |
Dua awewe anu keur ngagiling gandum, nu saurang bakal dibawa, nu saurang deui ditinggalkeun. |
42 |
Ku sabab eta sing iyatna, sabab maraneh teu nyaho iraha pisumpingeunana Gusti maraneh. |
43 |
Coba lamun nu boga imah nyahoeun iraha pidatangeunana bangsat, tangtu bakal taki-taki supaya ulah nepi ka kabongkaran. |
44 |
Jadi maraneh kudu caringcing salalawasna, sabab pisumpingeunana Putra Manusa teh ku maraneh moal kasangka-sangka.” |
45 |
Saur Yesus deui, ”Cik nu disebut gandek satia jeung bijaksana teh nu kumaha? Tangtu ku dununganana baris dipercaya ngurus dahar gandek-gandek lianna saban-saban geus waktuna. |
46 |
Untung eta gandek, lamun dununganana datang kasampak keur ngalakonan kawajibanana. |
47 |
Ku dununganana tangtu bakal dipercaya nguruskeun sagala harta bandana. |
48 |
Tapi lamun eta gandek teu satia, hatena bakal ngomong yen dununganana moal balik tereh-tereh, |
49 |
tuluy mimiti tanggal-teunggeul ka sasama gandek, sarta dahar nginum jeung tukang-tukang mabok. |
50 |
Geus kitu dununganana datang dina poe anu ku manehna teu kasangka-sangka, jeung teu diarep-arep. |
51 |
Geus tangtu ku dununganana disiksa bebeakan, terus dipiceun ka tempat paragi ngabuang jelema-jelema munapek, bati bisa ceurik nepi ka huntuna tingkereket.” |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Matius 24:1 |
Matius 24:2 |
Matius 24:3 |
Matius 24:4 |
Matius 24:5 |
Matius 24:6 |
Matius 24:7 |
Matius 24:8 |
Matius 24:9 |
Matius 24:10 |
Matius 24:11 |
Matius 24:12 |
Matius 24:13 |
Matius 24:14 |
Matius 24:15 |
Matius 24:16 |
Matius 24:17 |
Matius 24:18 |
Matius 24:19 |
Matius 24:20 |
Matius 24:21 |
Matius 24:22 |
Matius 24:23 |
Matius 24:24 |
Matius 24:25 |
Matius 24:26 |
Matius 24:27 |
Matius 24:28 |
Matius 24:29 |
Matius 24:30 |
Matius 24:31 |
Matius 24:32 |
Matius 24:33 |
Matius 24:34 |
Matius 24:35 |
Matius 24:36 |
Matius 24:37 |
Matius 24:38 |
Matius 24:39 |
Matius 24:40 |
Matius 24:41 |
Matius 24:42 |
Matius 24:43 |
Matius 24:44 |
Matius 24:45 |
Matius 24:46 |
Matius 24:47 |
Matius 24:48 |
Matius 24:49 |
Matius 24:50 |
Matius 24:51 |
Matius 1 / Mat 1 |
Matius 2 / Mat 2 |
Matius 3 / Mat 3 |
Matius 4 / Mat 4 |
Matius 5 / Mat 5 |
Matius 6 / Mat 6 |
Matius 7 / Mat 7 |
Matius 8 / Mat 8 |
Matius 9 / Mat 9 |
Matius 10 / Mat 10 |
Matius 11 / Mat 11 |
Matius 12 / Mat 12 |
Matius 13 / Mat 13 |
Matius 14 / Mat 14 |
Matius 15 / Mat 15 |
Matius 16 / Mat 16 |
Matius 17 / Mat 17 |
Matius 18 / Mat 18 |
Matius 19 / Mat 19 |
Matius 20 / Mat 20 |
Matius 21 / Mat 21 |
Matius 22 / Mat 22 |
Matius 23 / Mat 23 |
Matius 24 / Mat 24 |
Matius 25 / Mat 25 |
Matius 26 / Mat 26 |
Matius 27 / Mat 27 |
Matius 28 / Mat 28 |
|
|
|
|
|