1 |
Aya rombongan urang Parisi jeung urang Saduki nemonan ka Yesus rek ngadoja, marenta sangkan Anjeunna ngadamel kaajaiban geusan ngabuktikeun yen Anjeunna asal ti Allah. |
2 |
Tapi waler Yesus, ”Lamun panonpoe surup di langit aya layung, ceuk aranjeun ʼRek hade poe, langit mani ngempur.ʼ |
3 |
Lamun isuk-isuk haleungheum ceuk aranjeun, ʼRek hujan, langit reueuk haleungheum.ʼ Aranjeun bisa naksir hade gorengna poe nenjo kaayaan langit, tapi teu barisa nangenan tanda-tanda jaman kiwari! |
4 |
Jarahat, daroraka, jelema-jelema jaman kiwari teh! Aranjeun marenta kaajaiban? Taya nu pantes dibikeun salian ti kaajaiban anu kaalaman ku Nabi Yunus!” Geus kitu eta urang Parisi jeung urang Saduki teh dikantun. |
5 |
Sanggeus narepi ka peuntas talaga beulah ditu, murid-murid kakara inget yen teu marawa roti. |
6 |
Saur Yesus, ”Kade, maraneh kudu ati-ati ku ragi urang Parisi jeung urang Saduki.” |
7 |
Ari ceuk murid-murid ka pada baturna, ”Saur-Na kitu teh sabab urang teu boga roti.” |
8 |
Yesus uningaeun ka nu keur diomongkeun ku maranehna, tuluy ngalahir, ”Ku naon ngaromong teu boga roti? Kacida kurangna kapercayaan maraneh teh! |
9 |
Teu ngalarti kana maksud Kami? Geus teu aringet waktu Kami nyuguh dahar lima rebu jelema ku roti anu asalna ngan lima siki? Sabaraha karanjang sesana? |
10 |
Kumaha deuih hal roti tujuh anu disuguhkeun ka opat rebu jelema? Sabaraha karanjang sesana? |
11 |
Ku naon nepi ka teu ngalarti yen Kami tadi lain ngomongkeun roti? Pan ceuk Kami oge: Kudu ati-ati ku ragi urang Parisi jeung urang Saduki.” |
12 |
Geus dikitukeun mah kakara murid-murid teh ngarti, yen Anjeunna mepelingan kitu teh lain kudu ati-ati ku ragi anu sok dipake nyieun roti, tapi ku pangajaran urang Parisi jeung urang Saduki. |
13 |
Yesus terus angkat ka daerah deukeut kota Kesarea Pilipi. Di dinya Anjeunna mariksa ka murid-murid, ”Ceuk jalma rea Anak Manusa teh saha?” |
14 |
Jawab murid-murid, ”Aya nu nyebat Yohanes Jurubaptis, aya nu nyebat Elias, aya nu nyebat Yermia atanapi salah sawios nabi.” |
15 |
”Ari ceuk maraneh Kami teh saha?” Yesus mariksa deui. |
16 |
Ceuk Petrus, ”Bapa teh Kristus, Jurusalamet, Putra Allah nu jumeneng.” |
17 |
”Bagja maneh, Simon anak Yonas!” saur Yesus. ”Sabab maneh nyaho kitu teh lain ti manusa tapi ti Rama Kami di sawarga. |
18 |
Ku sabab eta, Petrus, Kami ngabejaan: maneh teh batu karang. Dina eta batu karang Kami bakal ngadegkeun gareja Kami anu moal eleh ku naon-naon, ku maot ge moal eleh. |
19 |
Maneh bakal diserenan konci Karajaan Sawarga. Anu ku maneh ditolak di dunya di sawarga ge bakal ditolak. Anu ku maneh ditarima di dunya di sawarga ge bakal ditarima.” |
20 |
Anjeunna ngalarang murid-murid supaya ulah ngomong ka saha-saha yen Anjeunna Kristus Jurusalamet. |
21 |
Ti semet harita Yesus mimiti nyarios sabalakana ka murid-murid, saur-Na, ”Kami teu meunang henteu kudu ka Yerusalem, kudu nandangan sangsara di ditu, dikaniaya ku para kokolot, ku imam-imam kapala, jeung ku guru-guru agama Yahudi. Kami bakal dipaehan. Tapi sanggeus maot tilu poe bakal hirup deui.” |
22 |
Yesus ku Petrus ditarik ka sisi tuluy diemutan, pokna, ”Gusti! Mugi eta hal ditebihkeun ku Allah. Gusti ulah dugi ka nyorang kitu!” |
23 |
Yesus malik tuluy ngalahir ka Petrus, ”Nyingkir maneh, Setan! Maneh ngahalangan jalan Kami. Eta pikiran maneh teh pikiran manusa, lain asal ti Allah.” |
24 |
Geus kitu Anjeunna sasauran ka murid-murid, ”Nu rek anut ka Kami kudu ninggalkeun kapentingan pribadi, kudu manggul salibna tuluy ngiring ka Kami. |
25 |
Sabab sing saha anu leuwih ngabela nyawana bakal kaleungitan ku nyawana. Sabalikna anu ngurbankeun hirupna lantaran anut ka Kami, bakal meunangkeun nyawana. |
26 |
Naon untungna jelema meunangkeun saalam dunya, tapi kaleungitan nyawana? Naha bisa hirupna diganti ku harta di dunya ieu? |
27 |
Moal lila deui Putra Manusa teh bakal sumping nganggo kamulyaan Rama-Na, diiring ku para malaikat-Na, rek ngabales ka unggal jelema satimpal jeung kalakuanana. |
28 |
Kanyahokeun ku maraneh yen saenyana di antara anu ayeuna aya di dieu, aya anu moal waka maot samemeh narenjo Putra Manusa sumping ngajadi Raja.” |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Matius 16:1 |
Matius 16:2 |
Matius 16:3 |
Matius 16:4 |
Matius 16:5 |
Matius 16:6 |
Matius 16:7 |
Matius 16:8 |
Matius 16:9 |
Matius 16:10 |
Matius 16:11 |
Matius 16:12 |
Matius 16:13 |
Matius 16:14 |
Matius 16:15 |
Matius 16:16 |
Matius 16:17 |
Matius 16:18 |
Matius 16:19 |
Matius 16:20 |
Matius 16:21 |
Matius 16:22 |
Matius 16:23 |
Matius 16:24 |
Matius 16:25 |
Matius 16:26 |
Matius 16:27 |
Matius 16:28 |
Matius 1 / Mat 1 |
Matius 2 / Mat 2 |
Matius 3 / Mat 3 |
Matius 4 / Mat 4 |
Matius 5 / Mat 5 |
Matius 6 / Mat 6 |
Matius 7 / Mat 7 |
Matius 8 / Mat 8 |
Matius 9 / Mat 9 |
Matius 10 / Mat 10 |
Matius 11 / Mat 11 |
Matius 12 / Mat 12 |
Matius 13 / Mat 13 |
Matius 14 / Mat 14 |
Matius 15 / Mat 15 |
Matius 16 / Mat 16 |
Matius 17 / Mat 17 |
Matius 18 / Mat 18 |
Matius 19 / Mat 19 |
Matius 20 / Mat 20 |
Matius 21 / Mat 21 |
Matius 22 / Mat 22 |
Matius 23 / Mat 23 |
Matius 24 / Mat 24 |
Matius 25 / Mat 25 |
Matius 26 / Mat 26 |
Matius 27 / Mat 27 |
Matius 28 / Mat 28 |
|
|
|
|
|