1 |
Poe eta keneh Yesus angkat ti eta imah ka sisi talaga, tuluy ngawulang di dinya bari calik. |
2 |
Jelema nu kumpul kacida lobana nepi ka Anjeunna pindah calikna kana parahu, tuluy nyarioskeun rupa-rupa misil, didarengekeun ti darat. ”Aya hiji jelema indit nebarkeun binih. |
3 |
*** |
4 |
Waktu tebar, binihna aya anu ragragan ka jalan, seug datang manuk maracokan eta binih nepi ka beak. |
5 |
Aya nu ragragan kana taneuh anu cadasan, taneuhna ipis. Eta binih tereh jadi lantaran taneuhna henteu jero, |
6 |
tapi sanggeus kasebrot ku panonpoe, binih nu kakara mentik teh ngulapes tuluy garing lantaran akarna henteu jero. |
7 |
Aya anu ragragan kana rungkun cucuk, rungkunna ngagedean, nepi ka ahirna binih teh kaheumpikan. |
8 |
Anu ragragna kana taneuh anu riduh jeung lendo, jadina alus sarta baruahan, hasilna aya nu saratus kalieun, genep puluh kalieun jeung tilu puluh kalieun asalna.” |
9 |
Geus kitu saur-Na, ”Lamun baroga ceuli pek ieu darengekeun!” |
10 |
Murid-murid naranyakeun ka Anjeunna, ”Ku naon Bapa nyarios ka maranehna nganggo misil-misil?” |
11 |
Waler-Na, ”Sabab maranehna tacan nyaraho kana rasiah-rasiah Karajaan Sawarga, ari maraneh mah geus dibere nyaho. |
12 |
Sabab saha-saha anu geus bogaeun bakal ditambahan nepi ka leuwih ti cukup, sabalikna anu teu bogaeun mah malah kabogana ge kajeun ngan saeutik bakal dicokot. |
13 |
Bapa nyarita ka maranehna ku misil, lantaran maranehna mah narenjokeun tapi teu narenjoeun, ngadarengekeun tapi teu ngadarengeeun, teu ngalartieun. |
14 |
Maranehna teh anu baheula diramalkeun kieu tea ku Yesaya: ʼEta jelema-jelema, ngadarengekeun mah teu weleh, tapi moal datang ka ngarti. Narenjokeun ge teu weleh, tapi moal datang ka narenjo. |
15 |
Sabab uteukna geus mintul, geus nyocokan ceulina, meureum-meureumkeun panonna. Lamun teu karitu mah panonna tangtu narenjo, ceulina tangtu ngadarenge, uteukna tangtu ngalarti, tangtu bakal ngadareuheus ka Kami — timbalan Allah — geus tangtu ku Kami dicalageurkeun.ʼ |
16 |
Maraneh mah kacida untungna! Panon narenjo, ceuli ngadarenge. |
17 |
Sing percaya ka Bapa, loba nabi jeung jelema-jelema nu aribadah ka Allah anu kacida harayangeunana narenjo anu katarenjo ku maraneh, tapi teu bisa. Loba anu harayangeun ngadenge anu geus kadarenge ku maraneh, tapi teu bisa.” |
18 |
”Ayeuna darengekeun, raregepkeun, naon hartina eta misil anu tebar teh. |
19 |
Binih anu ragragan ka jalan, hartina: Amanat hal Karajaan Sawarga anu diwawarkeun ka jelema-jelema anu ngan semet ngadarengekeun, henteu malikiran. Amanat anu diwawarkeun ka maranehna teh dicabut ku Si Jahat. |
20 |
Binih anu ragragan kana taneuh ipis anu cadasan, hartina: Barang mimiti mah eta amanat teh ditarima reujeung suka, |
21 |
tapi henteu tahan lila sabab henteu sakumaha nyerepna kana hate nu narima. Sanggeus ngarasa yen nyekel eta amanat teh jadi diteungteuinganan ku sasama hirup, tuluy bae murtad. |
22 |
Binih anu ragragan kana rungkun cucuk hartina: Amanat teh ditarima, tapi kaelehkeun ku kasalempangan hirup jeung ku napsu hayang beunghar, henteu nepi ka buahan. |
23 |
Binih anu ragragna meneran kana taneuh anu riduh jeung lendo, hartina: Amanat teh ku nu ngadengena ditarima jeung dihartikeun, seug ngabuahkeun, aya nu saratus kalieun, nu genep puluh kalieun, jeung nu tilu puluh kalieun.” |
24 |
Yesus nyarioskeun deui hiji misil: ”Karajaan Sawarga teh ibarat kieu. Aya jelema nebarkeun bibit hade di lahanna. |
25 |
Dina hiji peuting waktuna jalma-jalma sarare, datang musuhna nyebarkeun bibit eurih dina eta lahan tuluy indit. |
26 |
Gandum jaradi geus mimiti ranggeuyan, eurih oge jadi. |
27 |
Bujang-bujangna popoyan, ʼJuragan, anu ditebarkeun teh pan binih sae. Ku naon jadi seueur eurih, ti mana dongkapna?ʼ |
28 |
Jawabna, ʼTangtu pagawean musuh.ʼ Ceuk bujang-bujangna deui, ʼKumaha, kedah dicabutan eurihna?ʼ |
29 |
Jawabna, ʼUlah, bisi gandumna kacabut. |
30 |
Keun bae sina jaradi bareng. Engke dina waktu ngala, kami rek nitah ka nu digarawe nyabutan heula eta eurih sina dibeungkeutan keur durukeun, gandumna sina dikumpulkeun asupkeuneun ka leuit.ʼ ” |
31 |
Yesus nyarioskeun deui hiji misil: ”Karajaan Sawarga teh ibarat kieu. Aya jelema nyebarkeun siki sasawi dina lahanna. |
32 |
Siki sasawi teh di antara sisikian mah panglembutna, tapi lamun geus jadi tangkalna teh panggedena ti sagala palawija, nepi ka dahan-dahanna bisa dipake nyayang ku manuk-manuk.” |
33 |
Yesus nyarioskeun misil sejen deui: ”Karajaan Sawarga teh ibarat kieu. Aya hiji awewe nyokot ragi, tuluy diadukkeun kana tipung opat puluh liter, seug adonanana beukah.” |
34 |
Yesus nyariosna ka eta jelema-jelema teh kabeh ku misil, teu kersaeun mun lain ku misil. |
35 |
Pang midamel kitu teh ngalaksanakeun ucapan nabi baheula anu kieu: ”Kami nyarita ka maranehna arek ku misil-misil, nyaritakeun hal-hal anu buni ti sajlegna dunya dijadikeun.” |
36 |
Sanggeus Yesus ngantunkeun jalma rea jeung geus aya di bumi, murid-murid-Na nyalampeurkeun naranyakeun ka Anjeunna, ”Dupi misil eurih di lahan gandum teh naon hartosna?” |
37 |
Saur Yesus, ”Jelema anu nyebarkeun binih hade, nya eta Anak Manusa. |
38 |
Ari lahanna nya eta dunya ieu. Binih nu hade, nya eta jalma-jalma anu geus jaradi warga Karajaan Sawarga. Eurih, nya eta jelema-jelema anu aranut ka Iblis. |
39 |
Musuh anu melak eurih nya eta Iblis. Waktu ngala nya eta Poe Kiamat. Nu digarawe nya eta para malaikat. |
40 |
Sakumaha eurih tea dikumpulkeun jeung diduruk, nya kitu engke kaayaan dina Poe Kiamat teh. |
41 |
Anak Manusa bakal miwarang para malaikat-Na nyabutan sakur anu ngalantarankeun manusa jadi dosa, jeung sakur anu garoreng lampah, dicabutan ti Karajaana-Na, |
42 |
tuluy dialung-alungkeun ka jero pameuleuman anu keur hurung ngagedur-gedur, tingjarerit jeung huntuna tingkereket. |
43 |
Ari anu ngarabdi ka Allah mah bakal cahayaan kawas panonpoe, di Karajaan Allah Rama maranehna. Lamun baroga ceuli pek darengekeun!” |
44 |
”Jeung Karajaan Sawarga teh ibarat jelema anu nimu pependeman di hiji kebon, tuluy dirimbunan deui. Kacida atoheunana nepi ka tuluy ngajual sagala pangabogana dipake meuli eta kebon.” |
45 |
”Jeung ibarat kieu Karajaan Sawarga teh. Aya jelema neangan mutiara anu alus. |
46 |
Sanggeus manggih mutiara anu luar biasa alusna, tuluy ngajual sagala harta bandana dipake meuli eta mutiara.” |
47 |
”Jeung kieu ibaratna Karajaan Sawarga teh. Aya nu ngarala lauk di talaga make jaring. Rupa-rupa lauk kajaring. |
48 |
Sanggeus jaringna pinuh ku lauk tuluy diangkat, nu ngalana ngariung milihan lauk. Lauk nu aralus diasup-asupkeun kana wadah, anu taya mangpaʼatna dipiceunan. |
49 |
Dina Poe Kiamat oge kitu, para malaikat bakal nyokotan jelema-jelema anu jarahat, dipisahkeun ti anu ngarabdi ka Allah |
50 |
tuluy digalebruskeun kana pameuleuman anu keur ngagudag-gudag, tingjarerit jeung huntuna tingkereket.” |
51 |
Yesus mariksa ka murid-murid, ”Kumaha maraneh ngalarti?” ”Sumuhun ngartos,” tembal murid-murid. |
52 |
Saur Yesus, ”Tah kitu. Anu matak lamun unggal guru agama jadi warga Karajaan Sawarga, eta ibarat jelema anu ngabudalkeun barang sisimpenanana ti imahna, boh nu anyar boh nu heubeul.” |
53 |
Sanggeus nyarioskeun eta misil-misil Yesus angkat ti dinya, |
54 |
ngabujeng ka kota tempat asalna, tuluy ngawulang di imah ibadah. Urang dinya kacida hareraneunana. Tuluy carek maranehna, ”Ti mana meunang hikmat kitu eta jelema teh? |
55 |
Lain anak tukang kayu tea eta teh? Indung-Na lain Mariam? Bapa-Na lain Yusup? Dulur-dulur-Na pan Yakobus, Yusup, Simon jeung Yudas. |
56 |
Dulur-dulur-Na nu awewe oge pan di dieu, lain? Na ti mana manehna meunang nu kitu?” |
57 |
Ku sabab eta maranehna nolak ka Anjeunna. Saur Yesus ka maranehna, ”Nu jadi nabi mah di mana-mana ge diajenan, kajaba di lemburna jeung ku kulawargana sorangan.” |
58 |
Anjeunna di dinya mah henteu loba ngayakeun kaajaiban, lantaran urang dinya arembungeun percaya. |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Matius 13:1 |
Matius 13:2 |
Matius 13:3 |
Matius 13:4 |
Matius 13:5 |
Matius 13:6 |
Matius 13:7 |
Matius 13:8 |
Matius 13:9 |
Matius 13:10 |
Matius 13:11 |
Matius 13:12 |
Matius 13:13 |
Matius 13:14 |
Matius 13:15 |
Matius 13:16 |
Matius 13:17 |
Matius 13:18 |
Matius 13:19 |
Matius 13:20 |
Matius 13:21 |
Matius 13:22 |
Matius 13:23 |
Matius 13:24 |
Matius 13:25 |
Matius 13:26 |
Matius 13:27 |
Matius 13:28 |
Matius 13:29 |
Matius 13:30 |
Matius 13:31 |
Matius 13:32 |
Matius 13:33 |
Matius 13:34 |
Matius 13:35 |
Matius 13:36 |
Matius 13:37 |
Matius 13:38 |
Matius 13:39 |
Matius 13:40 |
Matius 13:41 |
Matius 13:42 |
Matius 13:43 |
Matius 13:44 |
Matius 13:45 |
Matius 13:46 |
Matius 13:47 |
Matius 13:48 |
Matius 13:49 |
Matius 13:50 |
Matius 13:51 |
Matius 13:52 |
Matius 13:53 |
Matius 13:54 |
Matius 13:55 |
Matius 13:56 |
Matius 13:57 |
Matius 13:58 |
Matius 1 / Mat 1 |
Matius 2 / Mat 2 |
Matius 3 / Mat 3 |
Matius 4 / Mat 4 |
Matius 5 / Mat 5 |
Matius 6 / Mat 6 |
Matius 7 / Mat 7 |
Matius 8 / Mat 8 |
Matius 9 / Mat 9 |
Matius 10 / Mat 10 |
Matius 11 / Mat 11 |
Matius 12 / Mat 12 |
Matius 13 / Mat 13 |
Matius 14 / Mat 14 |
Matius 15 / Mat 15 |
Matius 16 / Mat 16 |
Matius 17 / Mat 17 |
Matius 18 / Mat 18 |
Matius 19 / Mat 19 |
Matius 20 / Mat 20 |
Matius 21 / Mat 21 |
Matius 22 / Mat 22 |
Matius 23 / Mat 23 |
Matius 24 / Mat 24 |
Matius 25 / Mat 25 |
Matius 26 / Mat 26 |
Matius 27 / Mat 27 |
Matius 28 / Mat 28 |