A A A A A
×

Alkitab Suci

Matius 12

1
Teu lila ti harita, dina poe Sabat Yesus angkat ngalangkung lahan pelak gandum. Murid-murid-Na lalapareun, tuluy maretik gandum sarta didalahar.
2
Katarenjoeun ku urang Parisi tuluy diomongkeun ka Yesus, ”Tingali itu murid-murid Anjeun ngarempak Hukum Agama urang, migawe anu dilarang dina poe Sabat!”
3
Waler Yesus, ”Tacan ngaos kitu carita Daud, kumaha waktu anjeunna jeung pangiringna lapar?
4
Anjeunna lebet ka Bait Allah nyandak roti pangbakti ka Allah, sarta terus dituang jeung pangiringna. Padahal nurutkeun Hukum Agama mah eta roti teu meunang didahar ku sambarang jelema, ngan imam bae nu meunang ngadahar.
5
Atawa can kaaos kitu dina Hukum Musa, yen imam-imam anu digarawe di Bait Allah unggal poe Sabat ngalanggar papakon Sabat tapi teu disalahkeun?
6
Bisi can tarerang, di dieu aya anu leuwih mulya ti batan Bait Allah.
7
Dina Kitab Suci aya ayat kieu: ʼAnu dipundut ku Kami teh watek welas asih, lain sato kurban.ʼ Lamun aranjeun ngarti enya-enya kana ieu ayat, piraku nepi ka nyalahkeun ka nu teu salah.
8
Karana Anak Manusa teh Gustina poe Sabat.”
9
Yesus neruskeun angkat tuluy lebet ka imah ibadah.
10
Di dinya aya hiji jelema anu leungeunna kemper sabeulah. Jeung aya nu sejen deui, anu saenyana ngarep-ngarep supaya Yesus ngadamel kasalahan, rek didakwa. Maranehna ngadoja ka Anjeunna, ”Coba ieu lamun dicageurkeun ayeuna dina poe Sabat, kumaha ngarempak Hukum Agama urang?”
11
Waler Yesus, ”Lamun aranjeun aya anu boga domba sasiki, ragrag kana lombang jero dina poe Sabat, kumaha moal diusahakeun diangkat?
12
Komo jelema anu lain domba! Ku sabab kitu, najan keur poe Sabat oge Hukum Agama urang ngidinan ari nulungan ka sasama hirup mah.”
13
Geus kitu saur-Na ka eta nu kemper, ”Angkat leungeun maneh, lempengkeun.” Seug nu kemper teh ngangkat leungeunna, sarta harita keneh tuluy cageur kawas nu sabeulah deui.
14
Urang Parisi ngalaleos ti dinya, badami rek maehan Yesus.
15
Yesus uningaeun yen Anjeunna rek aya nu nelasan, tuluy ngantunkeun eta tempat, ditaluturkeun ku jalma rea. Anjeunna nyageurkeun anu garering,
16
tapi maranehna teu meunang ucah-aceh perkara Anjeunna.
17
Pang Anjeunna midamel kitu teh ngalaksanakeun sabda Allah anu diucapkeun ku Nabi Yesaya baheula:
18
”Nya ieu abdi Kami, utusan pilihan Kami, anu ku Kami diasih jeung dipisuka, bakal diauban ku Roh Kami. Anjeunna bakal ngembarkeun ka bangsa-bangsa perkara putusan Kami.
19
Anjeunna bakal nyingkiran papaduan, moal hahaok, atawa sosoak pidato di jalan-jalan.
20
Anjeunna moal motongkeun awi anu geus bengkung, moal mareuman lampu anu geus kakalincesan. Tekadna teguh nepi ka kaadilan nanjeurkeun kaunggulan.
21
Anjeunna bakal jadi harepan sagala bangsa.”
22
Aya rombongan mawa jelema nya lolong nya pireu lantaran diraksuk ku roh jahat, dideuheuskeun ka Yesus. Ku Anjeunna dicageurkeun jadi bisa ngomong bisa nenjo.
23
Jelema-jelema anu narenjo mani arolohok tuluy ngaromong, ”Boa Anjeunna teh Putra Daud anu dijangjikeun tea, nya?”
24
Ngadarenge kitu, urang Parisi nembal, ”Manehna bisaeun ngusir roh jahat teh lantaran dibere kawasa ku Beelsebul, kapala roh-roh jahat.”
25
Yesus uningaeun kana pipikiran maranehna, tuluy sasauran, ”Nagara anu pecah jadi golongan-golongan anu silih lawan, ngadegna moal lila. Kota atawa kulawarga anu anggotana pecah jeung silih musuhan, bakal paburantak.
26
Kitu keneh di karajaan Iblis, lamun anu sagolongan ngusir anu sagolongan deui, eta nandakeun karajaanana geus pecah, tereh ambrug burantakan!
27
Ceuk aranjeun, Kaula ngusir eta roh jahat teh make kakawasaan Beelsebul. Nah, para panganut aranjeun ti saha meunangna kawasa ari ngusir roh jahat? Para panganut aranjeun sorangan anu netelakeun yen aranjeun salah!
28
Anu mere kakawasaan ka Kaula ngusir roh-roh jahat lain Beelsebul, tapi Roh Allah, nandakeun yen aranjeun geus aya dina suasana Karajaan Allah.
29
Moal aya anu bisa ngabongkar imah jelema bedas sarta nyokotan harta bandana, kajaba lamun eta jelema bedas teh ditalikung heula, kakara imahna bisa dijarah.
30
Anu henteu biluk ka Kaula tandaning lawan. Anu henteu ngabantu Kaula ngumpulkeun, hartina ngacak-ngacak pagawean Kaula!
31
Ku sabab eta Kaula mere terang, jelema anu nyieun dosa jeung anu omonganana jahat bisa dihampura. Tapi anu ngagogoreng Roh Suci mah teu bisa dihampura.
32
Anu omonganana ngalawan ka Anak Manusa bisa dihampura, tapi anu omonganana ngalawan ka Roh Suci mah dunya aherat moal dihampura!”
33
”Lamun hayang buah anu alus kudu boga tangkalna anu mulus. Tangkal anu kuru mah buahna moal alus. Tangkal naon tangkal naon bisa kanyahoan tina buahna.
34
Ari aranjeun, oray-oray, kumaha rek bisa ngucapkeun nu hade lamun aranjeun jahat? Ucapan anu mudal tina sungut teh asalna tina hate.
35
Jelema hade tangtu ngabijilkeun anu hade tina hatena anu pinuh ku nu harade. Jelema jahat tangtu ngabijilkeun anu jahat tina hatena anu pinuh ku nu jarahat.
36
Kaula ngingetan, dina Poe Kiamat unggal jelema kudu nanggung balukar omongan-omonganana anu mubadir.
37
Sabab ucapan-ucapan aranjeun sorangan anu baris dipake nangtukeun aranjeun salah atawa teu salah.”
38
Ceuk guru-guru ahli hukum agama Yahudi jeung urang Parisi ka Anjeunna, ”Guru, cik ngayakeun kaajaiban, hayang ningal.”
39
Yesus ngawaler, ”Ku jarahat jeung ku daroraka ari manusa jaman kiwari! Marenta kaajaiban? Moal dibere, salian ti kaajaiban anu kasorang ku Nabi Yunus.
40
Tilu poe tilu peuting Yunus aya di jero beuteung hiji lauk gede. Ari Anak Manusa, tilu poe tilu peuting bakal aya di jero kandungan bumi di jero taneuh.
41
Dina Poe Kiamat, urang Ninewe bakal nunjuk kadorakaan aranjeun, da urang Ninewe mah narurut kana hutbah Nabi Yunus, tarobat. Tapi ayeuna di dieu aya anu leuwih ti batan Nabi Yunus!
42
Dina Poe Kiamat, kajahatan aranjeun bakal ditunjuk ku ratu nagri Syeba, da eta ratu jauh-jauh ti nagrina geus merelukeun datang ngabandungan papatah-papatah Raja Suleman anu pinter wijaksana. Tapi ayeuna di dieu aya anu leuwih ti batan Raja Suleman!”
43
”Lamun roh jahat geus kaluar tina nyurupna ka hiji jelema, tuluy ngatrok ka tempat-tempat anu garing, neangan enggon reureuh. Sanggeus teu manggih,
44
ngomong sorangan, ʼMending balik deui ka imah aing nu bareto.ʼ Tuluy balik deui, nyampak urut nyurupna teh kosong, bararesih, rarapih.
45
Seug indit heula, balikna mawa batur tujuhan, roh-roh anu leuwih jahat ti batan manehna, tuluy nyarurup ka eta jelema, cicing reujeung. Kajadianana, kaayaan eta jelema jadi leuwih cilaka ti batan tadina. Kaayaan anu bakal nyorang ka jelema-jelema jahat jaman kiwari oge kitu.”
46
Sabot Yesus sasauran keneh jeung maranehna, ibu-Na sumping jeung saderek-saderek-Na, narangtung di beh luar, talatah yen seja nepungan.
47
Seug aya anu ngunjukkeun ka Anjeunna, pokna, ”Itu aya ibu sareng saderek-saderek, hoyongeun nepangan.”
48
”Saha ari ibu Kami? Saha ari dulur-dulur Kami?
49
Ieu ibu jeung dulur-dulur Kami mah!” waler Yesus nunjuk ka murid-murid-Na.
50
”Sing saha anu ngalampahkeun pangersa Rama Kami nu di sawarga, eta dulur Kami awewe lalaki jeung ibu Kami.”
Matius 12:1
Matius 12:2
Matius 12:3
Matius 12:4
Matius 12:5
Matius 12:6
Matius 12:7
Matius 12:8
Matius 12:9
Matius 12:10
Matius 12:11
Matius 12:12
Matius 12:13
Matius 12:14
Matius 12:15
Matius 12:16
Matius 12:17
Matius 12:18
Matius 12:19
Matius 12:20
Matius 12:21
Matius 12:22
Matius 12:23
Matius 12:24
Matius 12:25
Matius 12:26
Matius 12:27
Matius 12:28
Matius 12:29
Matius 12:30
Matius 12:31
Matius 12:32
Matius 12:33
Matius 12:34
Matius 12:35
Matius 12:36
Matius 12:37
Matius 12:38
Matius 12:39
Matius 12:40
Matius 12:41
Matius 12:42
Matius 12:43
Matius 12:44
Matius 12:45
Matius 12:46
Matius 12:47
Matius 12:48
Matius 12:49
Matius 12:50
Matius 1 / Mat 1
Matius 2 / Mat 2
Matius 3 / Mat 3
Matius 4 / Mat 4
Matius 5 / Mat 5
Matius 6 / Mat 6
Matius 7 / Mat 7
Matius 8 / Mat 8
Matius 9 / Mat 9
Matius 10 / Mat 10
Matius 11 / Mat 11
Matius 12 / Mat 12
Matius 13 / Mat 13
Matius 14 / Mat 14
Matius 15 / Mat 15
Matius 16 / Mat 16
Matius 17 / Mat 17
Matius 18 / Mat 18
Matius 19 / Mat 19
Matius 20 / Mat 20
Matius 21 / Mat 21
Matius 22 / Mat 22
Matius 23 / Mat 23
Matius 24 / Mat 24
Matius 25 / Mat 25
Matius 26 / Mat 26
Matius 27 / Mat 27
Matius 28 / Mat 28