1 |
Ieu daptar karuhun-karuhun Yesus Kristus turunan Daud, ari Daud turunan Ibrahim. |
2 |
Ti Ibrahim turun-tumurun nepi ka Raja Daud kieu pareleanana: Ibrahim, Ishak, Yakub, Yuda jeung saderek-saderekna, Peres, Serah (ti ibu Tamar), Hesron, Ram, Aminadab, Nahson, Salmon, Boas (ibuna Boas nya eta Rahab), Obed, Isai, Raja Daud. |
3 |
*** |
4 |
*** |
5 |
*** |
6 |
Ti Daud turun-tumurun nepi ka jaman urang Israil diboyong ka Babul kieu pareleanana: Daud ti geureuhana anu asalna garwa Uria, puputra Suleman, ti Suleman turun-tumurun: Rehabam, Abia, Asa, Yosapat, Yehoram, Usia, Yotam, Ahas, Hiskia, Menase, Amon, Yosia, Yoyakin jeung saderek-saderekna. |
7 |
*** |
8 |
*** |
9 |
*** |
10 |
*** |
11 |
*** |
12 |
Ti sanggeus diboyong ka Babul nepi ka medalna Yesus, turun-tumurun ti semet Yoyakin: Sealtiel, Serubabel, Abiud, Elyakim, Asor, Sadok, Ahim, Eliud, Elasar, Matan, Yakub, Yusup. Yusup nikah ka Mariam, Mariam ngababarkeun Yesus anu disarebut Kristus. |
13 |
*** |
14 |
*** |
15 |
*** |
16 |
*** |
17 |
Ti Ibrahim nepi ka Daud opat welas turunan, ti Daud nepi ka jaman dibuang ka Babul opat welas turunan, ti jaman eta nepi ka Kristus medal opat welas turunan. |
18 |
Ieu wincikan hal medalna Yesus Kristus. Ibu-Na, nya eta Mariam, tunangan sareng Yusup. Tapi memeh ditikah parantos ngandung, ari ngandungna ti Roh Suci. |
19 |
Yusup teh jelema anu salawasna taʼat kana hukum agama, tapi teu kersaeun ngageruhkeun kaayaan Mariam kitu, rek pegat tunangan bae rerencepan. |
20 |
Sabot ngamanah-manah kitu, dina impenanana anjeunna disumpingan ku malaikat anu sasauran kieu, ”Yusup, turunan Daud, ulah sieun nyokot Mariam keur pibojoeun maneh, sabab ngandungna teh ku kersana Roh Suci. |
21 |
Mariam bakal ngalahirkeun anak lalaki, ku maneh kudu dijenenganan Yesus — sabab bakal ngabebaskeun umat-Na tina dosa-dosana.” |
22 |
Pang kajadian kitu teh supaya laksana sabda Allah anu diandikakeun ka nabi baheula, ungelna, |
23 |
”Hiji parawan bakal ngandung, ngowokeun putra pameget anu pijenenganeunana Immanuel” (hartina ”Allah nyarengan ka urang”). |
24 |
Sanggeus gugah, Yusup tuluy tumut kana amanat malaikat, anjeunna nikah ka Mariam. |
25 |
Tapi henteu waka sapatemon nepi ka Mariam babar, murangkalihna pameget, ku Yusup dijenenganan Yesus.
|
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
|
|
|
|
|
|
|
|
|
|
Matius 1:1 |
Matius 1:2 |
Matius 1:3 |
Matius 1:4 |
Matius 1:5 |
Matius 1:6 |
Matius 1:7 |
Matius 1:8 |
Matius 1:9 |
Matius 1:10 |
Matius 1:11 |
Matius 1:12 |
Matius 1:13 |
Matius 1:14 |
Matius 1:15 |
Matius 1:16 |
Matius 1:17 |
Matius 1:18 |
Matius 1:19 |
Matius 1:20 |
Matius 1:21 |
Matius 1:22 |
Matius 1:23 |
Matius 1:24 |
Matius 1:25 |
|
|
|
|
|
|
Matius 1 / Mat 1 |
Matius 2 / Mat 2 |
Matius 3 / Mat 3 |
Matius 4 / Mat 4 |
Matius 5 / Mat 5 |
Matius 6 / Mat 6 |
Matius 7 / Mat 7 |
Matius 8 / Mat 8 |
Matius 9 / Mat 9 |
Matius 10 / Mat 10 |
Matius 11 / Mat 11 |
Matius 12 / Mat 12 |
Matius 13 / Mat 13 |
Matius 14 / Mat 14 |
Matius 15 / Mat 15 |
Matius 16 / Mat 16 |
Matius 17 / Mat 17 |
Matius 18 / Mat 18 |
Matius 19 / Mat 19 |
Matius 20 / Mat 20 |
Matius 21 / Mat 21 |
Matius 22 / Mat 22 |
Matius 23 / Mat 23 |
Matius 24 / Mat 24 |
Matius 25 / Mat 25 |
Matius 26 / Mat 26 |
Matius 27 / Mat 27 |
Matius 28 / Mat 28 |