A A A A A
×

Alkitab Suci

Yoël 2

1
Tiup tarompet! Sadakeun tangara di Gunung Sion, gunung suci Allah. Ngadegdeg, eh urang Yuda! Karana poena PANGERAN tereh datang.
2
Poe eta bakal angkeub jeung poek, hideung kasaput ku mega. Bakal datang balad simeut, kacida lobana, lir poek ngarungkupan gunung-gunung. Ti baheula acan aya nu sarupa kitu, jeung engkena moal aya deui.
3
Saperti seuneu, eta simeut-simeut ngakan beak pepelakan. Memeh disorang ku eta, tanah teh lir Taman Eden, sanggeus disorang, geus jadi tegal burindil, sagalana taya nu kalarung.
4
Eta simeut-simeut bangunna siga kuda, laju lumpatna saperti kuda tempur.
5
Waktu tingaracleng di puncak-puncak gunung, tinggarerit sada kareta perang, jeung tingbeletok sada jarami kahuru, tur siga ditata lir pasukan prajurit siap tempur.
6
Ana eta maju beuki deukeut, jalma-jalma kabeh miris, beungeutna sarepa.
7
Nararajang lir para prajurit, naraekan tembok lir para serdadu. Laju lempeng muru ka hareup, teu pungkal-pengkol
8
atawa nyedek ka jalan baturna. Maju bareng norobos kabeh panghalang, taya nu bisa megatan.
9
Breg ambreg ka jero kota, ngaluncatan tembok-tembok, naraekan imah-imah, terus arasup tina jandela kawas bangsat.
10
Mun eta geus maju, bumi inggeung langit oyag panonpoe jeung bulan jadi poek bentang-bentang pareum cahayana.
11
Gentra PANGERAN jumegur ngatur tentara-Na. Balad-Na nya gede nya rosa, taʼat kana parentah-Na. Poena PANGERAN matak sieun kabina-bina. Saha nu bisa tagen?
12
PANGERAN nimbalan, ”Tapi ayeuna keneh geura tarobat sing bener, geura baralik deui ka Kami, kalawan puasa jeung midangdam.
13
Tembongkeun yen hate maraneh rakacak ku rasa kaduhung, teu cukup ku nyosoeh pakean.” Geura baralik deui ka PANGERAN, Allah maraneh, Mantenna bageur jeung karunyaan, sabar sarta pengkuh kana jangji, salilana kersa maparin hampura, moal ngahukum.
14
Sugan bae PANGERAN Allah maraneh kersa robah manah-Na, sarta ngaberkahan maparin loba paneneun, sangkan maraneh bisa ngabaktikeun gandum jeung anggur ka Mantenna.
15
Tiup tarompet di Gunung Sion, parentahkeun kudu paruasa, embarkeun yen kudu ngayakeun musawarah!
16
Jalma-jalma sina kumpul, sina ngayakeun gempungan suci. Nu karolot kudu jonghok, barudak jeung orok-orok ge bawa. Malah nu alanyar kawin ge kudu marilu, sina kalaluar ti imah-imahna.
17
Para imam anu laladen ka PANGERAN antara altar jeung lawang Bait Allah, kudu sasambat bari careurik: ”Nun PANGERAN, sing hawatos ka umat Gusti. Abdi-abdi ulah diantep dihina ku bangsa sanes, sareng dipoyok ku ucapan, ʼMana Allah maraneh teh?ʼ ”
18
Geus kitu PANGERAN kersa malire deui ka tanah-Na, sarta hawatoseun ka umat-Na.
19
Panyambat maranehna diwaler: ”Ayeuna maraneh rek dibere deui gandum, Maraneh tangtu sugema jeung moal dihina deui ku bangsa batur.
20
Eta balad simeut anu daratangna ti kaler, ku Kami rek disingkirkeun. Sawareh rek diusir ka gurun keusik. Barisan hareupna rek diusir ka Laut Paeh, barisan tukangna ka Laut Tengah. Ku Kami rek dibasmi, bangke-bangkena disina bau, lantaran geus nyilakakeun ka maraneh.
21
Lahan-lahan, maraneh ulah sarieun, masing saruka jeung barungah ku damel PANGERAN ka maraneh.
22
Sato-sato, maraneh ulah sarieun. Sampalan-sampalan harejo tatangkalan baruahan, loba kondang, loba anggur.
23
Urang Sion, maraneh sing barungah, sing saruka ku damel PANGERAN Allah maraneh, ka maraneh. Mantenna maparin cukup hujan dina usum muguran, nurunkeun hujan dina usum tiis, sarta dina usum semi, cara sasari.
24
Tempat-tempat pangirikan bakal parinuh ku gandum, bak-bak gigireun pameresan bakal mudal ku anggur jeung minyak jetun.
25
Naon-naon anu geus musna sajeroning taun-taun panen maraneh beak ku simeut, ku Kami rek dipulihkeun, sabab Kami anu ngadatangkeun eta balad simeut.
26
Maraneh bakal loba dahareun, bakal sareubeuh, bakal maruji ka PANGERAN Allah maraneh, anu geus midamel kaajaiban-kaajaiban pikeun maraneh. Umat Kami moal aya nu ngahina deui.
27
Sanggeus kitu maneh, Israil, bakal ngarasa yen Kami aya di tengah-tengah maneh, sarta taya deui Allah maraneh, ngan Kami, PANGERAN. Umat Kami moal aya nu ngahina deui.”
28
”Geus kitu Kami bakal ngeusikeun roh Kami ka unggal jalma. Anak maraneh lalaki awewe bakal ngucapkeun amanat-amanat Kami. Nu geus karolot bakal marareunang impian, nu ngarora bakal marareunang tetenjoan.
29
Malah badega-badega, awewe, lalaki waktu eta bakal dieusian ku roh Kami.
30
Mangsa eta Kami rek nyieun tanda-tanda galagat di langit, kitu deui di bumi, bakal aya caah getih, seuneu, jeung gumpelan-gumpelan haseup.
31
Panonpoe bakal jadi poek, bulan jadi beureum kawas getih. Eta kabeh bakal kajadian memeh cundukna poena PANGERAN anu pohara hebatna jeung pikasieuneunana.
32
Tapi sing saha anu menta tulung ka PANGERAN, tangtu dirahayukeun, sakumaha timbalan PANGERAN, ʼNu araya di Yerusalem, sawareh aya nu bakal salamet; saha-saha anu ku Kami kapilih, tangtu rahayu.ʼ ”
Yoël 2:1
Yoël 2:2
Yoël 2:3
Yoël 2:4
Yoël 2:5
Yoël 2:6
Yoël 2:7
Yoël 2:8
Yoël 2:9
Yoël 2:10
Yoël 2:11
Yoël 2:12
Yoël 2:13
Yoël 2:14
Yoël 2:15
Yoël 2:16
Yoël 2:17
Yoël 2:18
Yoël 2:19
Yoël 2:20
Yoël 2:21
Yoël 2:22
Yoël 2:23
Yoël 2:24
Yoël 2:25
Yoël 2:26
Yoël 2:27
Yoël 2:28
Yoël 2:29
Yoël 2:30
Yoël 2:31
Yoël 2:32
Yoël 1 / Yoël 1
Yoël 2 / Yoël 2
Yoël 3 / Yoël 3