1 |
Cilaka Yerusalem, kota nu disebutna Altar Allah! Cilaka eta kota pakemahan Daud teh! Ingkeun heula katut sagala pesta jeung perayaanana sataun dua taun deui. |
2 |
Eta kota nu disebut ”Altar Allah” teh bakal katarajang bahla ti Allah. Sakuliahna pijadieun lir altar anu lamokot ku getih, pinuh ku nu tingkoceak tingharegung. |
3 |
Ku Allah bakal dikepung, ditarajang. |
4 |
Yerusalem pijadieun lir jurig anu keur ah-eh ti jero taneuh hayangeun nyoara, sorana lapat-lapat kaluar ti jero taneuh ngebul. |
5 |
Tapi eh Yerusalem, musuh-musuh nu narajang teh bakal beresih kawas kekebul dikebut ku angin. Musuh anu pikagimireun teh bakal tingkoleang kawas kalakay. Sabab kalawan teu kasangka-sangka |
6 |
PANGERAN Nu Maha Kawasa bakal ngadadak ngaluputkeun maneh ku guludug tingbeledag jeung ku lini. Mantenna bakal ngebut angin ribut jeung nurunkeun seuneu anu ngalebur. |
7 |
Pasukan-pasukan musuh anu keur nempuh kota Altar Allah teh bakal sirna katut pakarang-pakarang jeung sagala kaperluanana, lir hiji impian, lir tetenjoan goreng ti peuting. |
8 |
Bangsa-bangsa anu arek ngagempur Yerusalem pijadieun ibarat anu keur lapar ngimpi dahar, ari lilir angger lapar, ibarat nu keur halabhab ngimpi nginum, ari lilir tikorona angger garing. |
9 |
Pek terus kitu, sing jadi bodo! Pek terus kitu, sing lolong! Sing dalugdag-daligdeug najan teu nginum anggur sakeclak. |
10 |
Maneh ku Allah diragragan tunduh, hees ngaguher. Nabi-nabi maneh nu minangka panon maneh ku Allah geus dipeungpeunan. |
11 |
Jadi mun aya tetenjoan teh moal aya nu muka maksudna, ibarat surat nu disegel. Sanajan lamun dibawa ka nu bisa maca ge bakal dijawab teu bisa, sabab disegel. |
12 |
Menta dipangmacakeun ka nu teu bisa komo, jawabna teu ngarti. |
13 |
Dawuhan Pangeran, ”Ieu bangsa majar ngaku ka Kami teh ngan semet biwir, teu terus jeung hatena. Agamana taya lian ti aturan- aturan jeung tali paranti beunang nyieun jalma. Eta bae anu diarapalkeunana teh. |
14 |
Ku sabab kitu ku Kami rek disina kalabur pangacianana, moal eureun-eureun dibere pikareuwaseun. Ahli-ahlina anu palinter bakal leungit pangartina, kapinteranana moal aya gawena.” |
15 |
Cilaka sakur anu nyumputkeun pakarepan ti PANGERAN! Ceuk pamikir maranehna sagala niat jeung sagala kalakuanana teh moal aya nu nenjoeun, moal aya nu nyahoeun, rikip. |
16 |
Sagala perkara ku maranehna diputer balik. Ari pariuk naha leuwih ti batan anu nyieunna? Bisaeun hiji barang ngomong ka anu nyieunna, ”Kuring lain beunang nyieun anjeun”? Atawa, ”Anjeun euweuh kabisa”? |
17 |
Aya basa, ”Sakeudeung deui ge leuweung rembet bakal jadi kebon, kebon jadi leuweung deui.” |
18 |
Lamun waktuna geus cunduk, nu torek bakal bisa ngadengekeun kalimah-kalimah kitab anu dibaca tarik. Nu lalolong, anu panonna poek bae, bakal bareunta barisa nenjo. |
19 |
Anu mariskin jeung nu salangsara bakal ngarasa deui bagja ti PANGERAN, Allah Israil nu suci. |
20 |
Tukang-tukang nganiaya sasama hirup sarta ngahina ka Allah bakal dieureunkeun. Anu jarahat kabeh bakal dibasmi. |
21 |
Tukang-tukang mitenah, tukang-tukang nyegah ragragna hukum ka nu jarahat, tukang-tukang ekol sangkan anu jujur eleh perkara, tangtu ditumpes ku Allah. |
22 |
Ku sabab kitu, kieu timbalan PANGERAN Allah Israil anu ngajait Ibrahim tina kasusahanana, ”Eh umat, ayeuna maraneh teh moal nandangan deui kahinaan, moal parias ku kaera. |
23 |
Ana maraneh nenjo ka anak paparin ti Kami, bakal ngaraku yen Kami teh Allah panutan Israil. Maraneh bakal ngamulyakeun ka Kami, bakal alajrih. |
24 |
Nu barodo bakal dialajar pangarti, tukang-tukang gegelendeng bakal mareunang pangajaran, bakal aratoheun.” |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Yesaya 29:1 |
Yesaya 29:2 |
Yesaya 29:3 |
Yesaya 29:4 |
Yesaya 29:5 |
Yesaya 29:6 |
Yesaya 29:7 |
Yesaya 29:8 |
Yesaya 29:9 |
Yesaya 29:10 |
Yesaya 29:11 |
Yesaya 29:12 |
Yesaya 29:13 |
Yesaya 29:14 |
Yesaya 29:15 |
Yesaya 29:16 |
Yesaya 29:17 |
Yesaya 29:18 |
Yesaya 29:19 |
Yesaya 29:20 |
Yesaya 29:21 |
Yesaya 29:22 |
Yesaya 29:23 |
Yesaya 29:24 |
Yesaya 1 / Yes 1 |
Yesaya 2 / Yes 2 |
Yesaya 3 / Yes 3 |
Yesaya 4 / Yes 4 |
Yesaya 5 / Yes 5 |
Yesaya 6 / Yes 6 |
Yesaya 7 / Yes 7 |
Yesaya 8 / Yes 8 |
Yesaya 9 / Yes 9 |
Yesaya 10 / Yes 10 |
Yesaya 11 / Yes 11 |
Yesaya 12 / Yes 12 |
Yesaya 13 / Yes 13 |
Yesaya 14 / Yes 14 |
Yesaya 15 / Yes 15 |
Yesaya 16 / Yes 16 |
Yesaya 17 / Yes 17 |
Yesaya 18 / Yes 18 |
Yesaya 19 / Yes 19 |
Yesaya 20 / Yes 20 |
Yesaya 21 / Yes 21 |
Yesaya 22 / Yes 22 |
Yesaya 23 / Yes 23 |
Yesaya 24 / Yes 24 |
Yesaya 25 / Yes 25 |
Yesaya 26 / Yes 26 |
Yesaya 27 / Yes 27 |
Yesaya 28 / Yes 28 |
Yesaya 29 / Yes 29 |
Yesaya 30 / Yes 30 |
Yesaya 31 / Yes 31 |
Yesaya 32 / Yes 32 |
Yesaya 33 / Yes 33 |
Yesaya 34 / Yes 34 |
Yesaya 35 / Yes 35 |
Yesaya 36 / Yes 36 |
Yesaya 37 / Yes 37 |
Yesaya 38 / Yes 38 |
Yesaya 39 / Yes 39 |
Yesaya 40 / Yes 40 |
Yesaya 41 / Yes 41 |
Yesaya 42 / Yes 42 |
Yesaya 43 / Yes 43 |
Yesaya 44 / Yes 44 |
Yesaya 45 / Yes 45 |
Yesaya 46 / Yes 46 |
Yesaya 47 / Yes 47 |
Yesaya 48 / Yes 48 |
Yesaya 49 / Yes 49 |
Yesaya 50 / Yes 50 |
Yesaya 51 / Yes 51 |
Yesaya 52 / Yes 52 |
Yesaya 53 / Yes 53 |
Yesaya 54 / Yes 54 |
Yesaya 55 / Yes 55 |
Yesaya 56 / Yes 56 |
Yesaya 57 / Yes 57 |
Yesaya 58 / Yes 58 |
Yesaya 59 / Yes 59 |
Yesaya 60 / Yes 60 |
Yesaya 61 / Yes 61 |
Yesaya 62 / Yes 62 |
Yesaya 63 / Yes 63 |
Yesaya 64 / Yes 64 |
Yesaya 65 / Yes 65 |
Yesaya 66 / Yes 66 |
|
|
|
|
|