1 |
Ieu pitutur ti ibuna Raja Lemuel, waktu ngawurukan ka anjeunna. Saurna, |
2 |
”Anaking, buah ati ibu beunang ibu neda-neda ka PANGERAN! Rek ngomong naon cik, ibu ka hidep teh? |
3 |
Ulah miceunan tanaga ngalajur pangajak birahi, ulah ngawur-ngawur artos ka istri. Geus rea raja anu ragrag ku istri teh. |
4 |
Regepkeun Lemuel, anaking! Raja henteu sae sedep anggur atawa katagihan arak. |
5 |
Sabab ana raja mabok, lali kana hukum, ngalalaworakeun hak rahayat nu walurat. |
6 |
Arak mah ngan keur nu sakarat atawa keur nu katalangsara, |
7 |
sangkan poho kana kamiskinanana, paler kasedihna. |
8 |
Sing bisa jadi wawakil rahayat anu teu mampuh cumarita sorangan. Tangtayungan hak rahayat nu taya daya. |
9 |
Pangnepikeun kapentinganana. Sing jadi hakim nu adil, kersa nangtayungan hak rahayat nu balangsak jeung walurat.” |
10 |
Wanita binangkit keur pibojoeun teh langka, bangga meunangkeunana. Bojo kitu pangajina ngungkulan batu permata. |
11 |
Salakina bisa numplekkeun kapercayaan ka manehna, nu matak salakina babari meunang rejeki. |
12 |
Ka salaki sumujud saumur hirup, moal nganyenyeri. |
13 |
Tara daek reureuh, ngagintir kapas atawa bulu domba, nyieun pakean. |
14 |
Ngadatangkeun rejeki, ibarat kapal sudagar ti tempat jauh. |
15 |
Subuh-subuh geus kerah-kerih, nyadiakeun dahareun keur sakulawarga, bari metakeun badega-badega awewe kana gawe. |
16 |
Ana hayang lahan geuwat bae meuli, tuluy dikebonan dipelakan anggur, binihna beunang meuli ku duit ladang beubeunangan digawena. |
17 |
Digawena rajin, taya kacape nepi ka anggeus. |
18 |
Kana barang bubuatanana bisa ngahargakeunana, dipigawena nepi ka peuting. |
19 |
Papakeanana nyieun sorangan, ti nganteh nepi ka ninunna pisan. |
20 |
Ka nu walurat balabah, ka nu kekere resep mere. |
21 |
Ku usum tiris teu inggis, kawantu baju haneut keur anak jeung salaki geus sadia. |
22 |
Tilam kasur ge nyieunan. Barang pakena tina lawon lenen wungu anu lemes. |
23 |
Salakina jadi kawentar, jadi salah saurang warga kota anu penting. |
24 |
Sajaba ti keur pakeeun, eukeur jualeun ge nyieunan, boh papakean boh angkin. |
25 |
Awakna jagjag waringkas. Dirina kaajen, tur teu salempang ku pikahareupeun. |
26 |
Ngomongna lemah lembut, ucapanana bijaksana. |
27 |
Salilana resep kana digawe, sagala kaperluan kulawargana ditalingakeun. |
28 |
Ku anakna dihormat, ku salakina dipuji. |
29 |
Ceuk salakina, ”Istri hade keur pibojoeun teh rea. Tapi Euis mah pangutamana.” |
30 |
Rupa endah teu jadi andelan, kageulisan bisa leungit, tapi ari istri ajrih ka PANGERAN mah jadi pamujian. |
31 |
Sagala lampah katut pagaweanana wajib dihargaan. Manehna layak dihormat ku sarerea. |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Amsal 31:1 |
Amsal 31:2 |
Amsal 31:3 |
Amsal 31:4 |
Amsal 31:5 |
Amsal 31:6 |
Amsal 31:7 |
Amsal 31:8 |
Amsal 31:9 |
Amsal 31:10 |
Amsal 31:11 |
Amsal 31:12 |
Amsal 31:13 |
Amsal 31:14 |
Amsal 31:15 |
Amsal 31:16 |
Amsal 31:17 |
Amsal 31:18 |
Amsal 31:19 |
Amsal 31:20 |
Amsal 31:21 |
Amsal 31:22 |
Amsal 31:23 |
Amsal 31:24 |
Amsal 31:25 |
Amsal 31:26 |
Amsal 31:27 |
Amsal 31:28 |
Amsal 31:29 |
Amsal 31:30 |
Amsal 31:31 |
Amsal 1 / Ams 1 |
Amsal 2 / Ams 2 |
Amsal 3 / Ams 3 |
Amsal 4 / Ams 4 |
Amsal 5 / Ams 5 |
Amsal 6 / Ams 6 |
Amsal 7 / Ams 7 |
Amsal 8 / Ams 8 |
Amsal 9 / Ams 9 |
Amsal 10 / Ams 10 |
Amsal 11 / Ams 11 |
Amsal 12 / Ams 12 |
Amsal 13 / Ams 13 |
Amsal 14 / Ams 14 |
Amsal 15 / Ams 15 |
Amsal 16 / Ams 16 |
Amsal 17 / Ams 17 |
Amsal 18 / Ams 18 |
Amsal 19 / Ams 19 |
Amsal 20 / Ams 20 |
Amsal 21 / Ams 21 |
Amsal 22 / Ams 22 |
Amsal 23 / Ams 23 |
Amsal 24 / Ams 24 |
Amsal 25 / Ams 25 |
Amsal 26 / Ams 26 |
Amsal 27 / Ams 27 |
Amsal 28 / Ams 28 |
Amsal 29 / Ams 29 |
Amsal 30 / Ams 30 |
Amsal 31 / Ams 31 |
|
|
|
|
|