1 |
Ulah sirik ka nu jahat, jeung ulah hayang nyobat, |
2 |
da itikadna teh ngan arek nyusahkeun bae, saucap-ucapna matak cilaka batur. |
3 |
Hikmah jeung pangarti teh dasar ajegna rumah tangga. |
4 |
Jalma nu boga kanyaho mah kamarna dieusi ku barang-barang anu aralus, marahal. |
5 |
Bijaksana leuwih utama ti batan gede tanaga. Memang bener kanyaho teh leuwih penting ti batan kabedasan. |
6 |
Kapan samemeh prung tarung teh kudu ngararancang heula sing taliti, tur beuki loba meunang nasehat, beuki pasti kawasna kana baris unggul. |
7 |
Nu bodo mah moal ngartieun kana omongan anu jarero eusina. Jadi lamun dibawa badami perkara penting teh ngan ukur bisa ngabetem. |
8 |
Lamun salawasna boga itikad goreng, maneh bakal kaceluk tukang rusuh. |
9 |
Pangrarancang jelema gejul mah pidorakaeun wungkul. Ka tukang cacawad mah sarerea ge ngewa. |
10 |
Lamun maneh babari leutik hate ku kasusahan, tetela hengkerna atuh. |
11 |
Mun maneh nenjo aya jelema digusur rek dipaehan, geuwat rebut. |
12 |
Meureun ceuk hate maneh eta lain urusan aing. Tapi eta kereteg kitu teh ku Allah kauninga, tur bakal dibalitungkeun. |
13 |
Anaking, pek ngadahar madu, alus eta teh. Tah, sakumaha madu tina sayang nyiruan amis karasana ku letah, |
14 |
nya kitu hikmah oge hade pikeun jiwa. Beunangkeun hikmah, tangtu hidep nyanghareupan mangsa anu gumilang. |
15 |
Ulah cara jalma jahat nu ngareka rek ngarampog jalma jujur, atawa ngagusur imahna. |
16 |
Jalma jahat mah tangtu ajur ku balahi. Sabalikna jalma jujur mah sakumaha seringna tibeubeut oge moal weleh menyat deui. |
17 |
Ulah gumbira lamun musuh cilaka, ulah bungah lamun manehna tijungkel. |
18 |
Peta maneh kitu ku PANGERAN kauninga tur teu dirujukan, boa teuing eta musuh teh ku Mantenna moal tulus dihukumna. |
19 |
Ulah jengkel atawa dengki ka jalma nu ngajuligan. |
20 |
Nu jahat mah moal jamuga. |
21 |
Anaking, kudu sieun ku PANGERAN jeung ku raja. Ulah milu ngalawan ka Allah atawa ka raja, |
22 |
da tangtu baris tereh tiwas. Hayang nyaho maneh rasana balahi ti Allah atawa ti raja? |
23 |
Kieu deuih ceuk nu palinter: Salah ari hakim ukur maen sangka bae mah. |
24 |
Sabab mun nepi ka jalma salah teu dihukum, hakimna tangtu pada nyapa, ku sasaha ge dipikangewa. |
25 |
Hakim nu bener nibankeunana hukuman teh ka nu salah, bakal parek rejekina sarta kawentar ngaranna. |
26 |
Jawaban anu sabalakana, tandaning sobat sajati. |
27 |
Memeh nyieun imah atawa rek imah-imah, uruskeun heula rajakaya, sangkan reugreug, aya keur tatali hurip. |
28 |
Ulah jadi saksi ngalawan tatangga teu karana sabab, atawa ngomong goreng hal dirina. |
29 |
Jeung ulah boga rasa, ”Manehna ge kitu ka aing, rek dibales sing satimpal!” |
30 |
Pareng kami ngaliwat ka hiji lahan anggur bogana jelema kedul. |
31 |
Mani pinuh ku ruyuk cucuk jeung daun eurih, pagerna pasolengkrah. |
32 |
Seug ku kami kapikir, nya ieu pituahna. Kieu: |
33 |
Pek kekedengan, pek sare, pek nangkeup tuur ngaso sakeudeung. |
34 |
Sabot kitu, gurudag kamalaratan narajang. Lir rampog mawa pakarang.
|
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
|
|
|
|
|
|
|
|
|
|
Amsal 24:1 |
Amsal 24:2 |
Amsal 24:3 |
Amsal 24:4 |
Amsal 24:5 |
Amsal 24:6 |
Amsal 24:7 |
Amsal 24:8 |
Amsal 24:9 |
Amsal 24:10 |
Amsal 24:11 |
Amsal 24:12 |
Amsal 24:13 |
Amsal 24:14 |
Amsal 24:15 |
Amsal 24:16 |
Amsal 24:17 |
Amsal 24:18 |
Amsal 24:19 |
Amsal 24:20 |
Amsal 24:21 |
Amsal 24:22 |
Amsal 24:23 |
Amsal 24:24 |
Amsal 24:25 |
Amsal 24:26 |
Amsal 24:27 |
Amsal 24:28 |
Amsal 24:29 |
Amsal 24:30 |
Amsal 24:31 |
Amsal 24:32 |
Amsal 24:33 |
Amsal 24:34 |
|
|
|
|
|
|
Amsal 1 / Ams 1 |
Amsal 2 / Ams 2 |
Amsal 3 / Ams 3 |
Amsal 4 / Ams 4 |
Amsal 5 / Ams 5 |
Amsal 6 / Ams 6 |
Amsal 7 / Ams 7 |
Amsal 8 / Ams 8 |
Amsal 9 / Ams 9 |
Amsal 10 / Ams 10 |
Amsal 11 / Ams 11 |
Amsal 12 / Ams 12 |
Amsal 13 / Ams 13 |
Amsal 14 / Ams 14 |
Amsal 15 / Ams 15 |
Amsal 16 / Ams 16 |
Amsal 17 / Ams 17 |
Amsal 18 / Ams 18 |
Amsal 19 / Ams 19 |
Amsal 20 / Ams 20 |
Amsal 21 / Ams 21 |
Amsal 22 / Ams 22 |
Amsal 23 / Ams 23 |
Amsal 24 / Ams 24 |
Amsal 25 / Ams 25 |
Amsal 26 / Ams 26 |
Amsal 27 / Ams 27 |
Amsal 28 / Ams 28 |
Amsal 29 / Ams 29 |
Amsal 30 / Ams 30 |
Amsal 31 / Ams 31 |