1 |
Anggur ari loba teuing mah matak ngacapruk kawas nu burung. Daek mabok mah bodo kabina-bina. |
2 |
Kudu gimir ku amarah raja, kawas gimir ku gaurna singa. Ngahudang amarahna sarua jeung maehan maneh. |
3 |
Lampah pujieun pisan nyingkiran anu garejul parebut padu mah. |
4 |
Lamun patani dina usum nyawah kedul ngawuluku, tangtu moal boga pibuateun. |
5 |
Pipikiran jelema teh saibarat cai dina sumur jero. Tapi ku anu berbudi mah teu burung katimba. |
6 |
Saban jalma sok ngakukeun satia, tapi ari anu enya satia mah langka. |
7 |
Bagja anu jadi anak, lamun bapana jujur sarta kalakuanana bener. |
8 |
Raja anu linggih dina korsi pangadilan, socana awas kana kajahatan. |
9 |
Jalma mana anu wani nyebutkeun yen dirina enyaan beresih, geus lubar tina dosana? |
10 |
Tukang malsu timbangan jeung meteran, jadi kagiruk PANGERAN. |
11 |
Sipat budak oge boh jujur, boh bageur, tembong dina paripolahna. |
12 |
PANGERAN maparin panon keur nenjo, maparin ceuli pikeun ngadenge. |
13 |
Lamun waktu ngan dipake sare, nya malarat balukarna. Kudu ngoprek, sangkan seubeuh barang capek. |
14 |
Anu meuli, sabot nawar mah nyebutna teh mahal teuing, mahal teuing. Tapi ari geus beunang mah agul-agul, boga rasa pinter nawar. |
15 |
Lamun maneh ngarti kana hal anu keur diucapkeun sorangan, eta teh pangaboga anu pangajina leuwih ti emas atawa permata. |
16 |
Pohara kabalingerna sasanggupanan rek mangmayarkeun hutang batur teh, lantaran kudu jeung wani naruhkeun sakabeh kabogana. |
17 |
Barang beunang teu jujur, mimiti mah karasana lir kadaharan anu pohara ngeunahna, tapi lila-lila mah asa neureuy keusik. |
18 |
Tong asa-asa menta heula nasehat, sangkan hasil anu diseja. Rek tarung ge ulah ujug-ujug der, kudu asak tatahar heula. |
19 |
Nu beuki ngobrol mah teu bisa dibawa nyekel rasiah. Anu loba omong leuwih hade dijauhan. |
20 |
Anu nyumpahan ka kolot, hirupna bakal enggeusan, lir palita anu pes pareum di nu poek. |
21 |
Harta banda mah beuki gampang disiarna, beuki kurang mangpaʼatna. |
22 |
Ulah hayang ngabales ka nu nyilakakeun. Anggur sanggakeun ka PANGERAN, Mantenna anu baris ngalereskeun. |
23 |
PANGERAN mikagiruk ka jalma nu make timbangan palsu jeung malsu timbangan. |
24 |
Pimanaeun manusa bisa nyaho kana tincakeun hirupna, sabab lengkah-lengkahna PANGERAN anu nangtukeun. |
25 |
Memeh aya panadaran ka PANGERAN, timbang heula masing asak, sangkan henteu kaduhung ahirna. |
26 |
Ku raja anu binekas mah nu boga salah teh kauninga sarta dihukum teu dipikarunya. |
27 |
PANGERAN ka urang maparin budi rasa reujeung ati sanubari. Urang moal bisa sumput salindung. |
28 |
Raja baris tetep kawasana, satungtung marentahna jujur, bener, adil. |
29 |
Ka barudak ngora katarik teh ku kakuatanana, ari ka nu karolot hormat teh ku karana huisna. |
30 |
Ngarobah cara hirup teh sakapeung mah matak kacida peurihna. |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Amsal 20:1 |
Amsal 20:2 |
Amsal 20:3 |
Amsal 20:4 |
Amsal 20:5 |
Amsal 20:6 |
Amsal 20:7 |
Amsal 20:8 |
Amsal 20:9 |
Amsal 20:10 |
Amsal 20:11 |
Amsal 20:12 |
Amsal 20:13 |
Amsal 20:14 |
Amsal 20:15 |
Amsal 20:16 |
Amsal 20:17 |
Amsal 20:18 |
Amsal 20:19 |
Amsal 20:20 |
Amsal 20:21 |
Amsal 20:22 |
Amsal 20:23 |
Amsal 20:24 |
Amsal 20:25 |
Amsal 20:26 |
Amsal 20:27 |
Amsal 20:28 |
Amsal 20:29 |
Amsal 20:30 |
Amsal 1 / Ams 1 |
Amsal 2 / Ams 2 |
Amsal 3 / Ams 3 |
Amsal 4 / Ams 4 |
Amsal 5 / Ams 5 |
Amsal 6 / Ams 6 |
Amsal 7 / Ams 7 |
Amsal 8 / Ams 8 |
Amsal 9 / Ams 9 |
Amsal 10 / Ams 10 |
Amsal 11 / Ams 11 |
Amsal 12 / Ams 12 |
Amsal 13 / Ams 13 |
Amsal 14 / Ams 14 |
Amsal 15 / Ams 15 |
Amsal 16 / Ams 16 |
Amsal 17 / Ams 17 |
Amsal 18 / Ams 18 |
Amsal 19 / Ams 19 |
Amsal 20 / Ams 20 |
Amsal 21 / Ams 21 |
Amsal 22 / Ams 22 |
Amsal 23 / Ams 23 |
Amsal 24 / Ams 24 |
Amsal 25 / Ams 25 |
Amsal 26 / Ams 26 |
Amsal 27 / Ams 27 |
Amsal 28 / Ams 28 |
Amsal 29 / Ams 29 |
Amsal 30 / Ams 30 |
Amsal 31 / Ams 31 |
|
|
|
|
|