1 |
Manusa meunang nyieun pamaksudan, ari nu nangtukeunana mah Allah. |
2 |
Ceuk pangrasa urang mah pagawean urang teh hade bae. Ari PANGERAN mah nguji ka nu aya dina sanubari urang. |
3 |
Kudu nyuhunkeun ka PANGERAN sangkan rencana urang diberkahan, tangtu pagawean urang lulus. |
4 |
Sagala dadamelan PANGERAN aya tujuanana masing-masing. Mantenna geus nangtukeun yen nu jahat baris ditumpes. |
5 |
Nu arangkuh jadi kacua PANGERAN, tur moal bisa nyingkir tina hukuman. |
6 |
Kudu satia satuhu, tangtu dosa urang ku Allah dihampura. Kudu tumut ka PANGERAN, tangtu luput tina musibat. |
7 |
Mun urang nyukakeun manah PANGERAN, musuh oge bisa malik nyobat. |
8 |
Pangasilan saeutik ge ari beunang jujur mah leuwih mangpaʼat, ti batan loba tapi meunang teu bener. |
9 |
Manusa anu boga angen-angen, Allah anu memener lengkahna. |
10 |
Timbalan raja mah meunang kawasa ti Allah, putusanana salawasna adil. |
11 |
Pamundut PANGERAN, timbangan jeung ukuran teh kudu bener, jujualan kudu jujur. |
12 |
Raja teu meunang ngantep kajahatan, sabab kuatna pamarentahan teh nya ku kaadilan. |
13 |
Raja mah kahoyongna ngadangu perkara nu saestuna, mikaresep ka sakur anu ngucapkeun anu sayaktina. |
14 |
Jalma anu bijaksana, narekahan sangkan raja senang manahna. Sabab lamun raja enggeus bendu, teu mustahil mun aya nu nepi ka paeh oge. |
15 |
Kurnia raja lir ibarat mendung nurunkeun hujan di musim halodo, matak ngahirupkeun. |
16 |
Boga pangarti jeung kapinteran mah leuwih utama ti batan boga emas perak. |
17 |
Jalma hade mah lampahna nyingkiran pibalahieun. Ku sabab eta kudu ati-ati lampah, sangkan rahayu. |
18 |
Adigung temahna ancur, angkuh temahna rubuh. |
19 |
Mending oge rendah hate jeung taya kaboga, ti batan milu ka jalma angkuh jeung milu kacemekan ku barang beunangna ngarampas. |
20 |
Sing tigin kana piwulang, supaya lulus nya maksud. Masing ngandel ka PANGERAN, malar meunang kabagjaan. |
21 |
Jalma bijaksana anu sawawa, kaciri tina pangartina; tina carana nyarita, omonganana beuki tambah ngayakinkeun. |
22 |
Hikmah teh sumber hirupna jalma anu bijaksana, tapi mapatahan jelema gejul mah ka hambur-hambur waktu. |
23 |
Jalma berbudi mah memeh ngomong dipikir heula, jadi anu diucapkeunana teh bisa leuwih ngayakinkeun. |
24 |
Ucap darehdeh ibarat madu, nya amis nya alus keur kasehatan. |
25 |
Aya jalan anu disangka pisalameteun, padahal brasna kana pipaeheun. |
26 |
Kajurung ku lapar, nu kuli mah beuki soson-soson digawena, sangkan bisa buru-buru dahar. |
27 |
Jelema jahat mah ngan neangan bae jalan picilakaeun batur. Malah ucap-ucapna ge ngagudag-gudag ku kajahatan. |
28 |
Jalma jahat resep nyebarkeun pitenah, kagorenganana dipake ngabengkahkeun anu eukeur sosobatan. |
29 |
Jalma telenges mah ka baturna ge nipu merdaya, ngarah baturna cilaka. |
30 |
Sing waspada ka nu nyengiran jeung ngiceupan, eta teh dina hatena mah boga niat jahat. |
31 |
Umur panjang jadi ganjaran ka jalma anu temen nya lampah, ari huis minangka makuta mulya. |
32 |
Mending sabar ti batan gagah. Mending ge bisa ngered diri, ti batan bisa ngarebut hiji kota. |
33 |
Taya halangan ngalung dadu oge geusan neguh pangersa Allah. Ari jawabanana mah ditangtukeun ngan ku Allah. |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Amsal 16:1 |
Amsal 16:2 |
Amsal 16:3 |
Amsal 16:4 |
Amsal 16:5 |
Amsal 16:6 |
Amsal 16:7 |
Amsal 16:8 |
Amsal 16:9 |
Amsal 16:10 |
Amsal 16:11 |
Amsal 16:12 |
Amsal 16:13 |
Amsal 16:14 |
Amsal 16:15 |
Amsal 16:16 |
Amsal 16:17 |
Amsal 16:18 |
Amsal 16:19 |
Amsal 16:20 |
Amsal 16:21 |
Amsal 16:22 |
Amsal 16:23 |
Amsal 16:24 |
Amsal 16:25 |
Amsal 16:26 |
Amsal 16:27 |
Amsal 16:28 |
Amsal 16:29 |
Amsal 16:30 |
Amsal 16:31 |
Amsal 16:32 |
Amsal 16:33 |
Amsal 1 / Ams 1 |
Amsal 2 / Ams 2 |
Amsal 3 / Ams 3 |
Amsal 4 / Ams 4 |
Amsal 5 / Ams 5 |
Amsal 6 / Ams 6 |
Amsal 7 / Ams 7 |
Amsal 8 / Ams 8 |
Amsal 9 / Ams 9 |
Amsal 10 / Ams 10 |
Amsal 11 / Ams 11 |
Amsal 12 / Ams 12 |
Amsal 13 / Ams 13 |
Amsal 14 / Ams 14 |
Amsal 15 / Ams 15 |
Amsal 16 / Ams 16 |
Amsal 17 / Ams 17 |
Amsal 18 / Ams 18 |
Amsal 19 / Ams 19 |
Amsal 20 / Ams 20 |
Amsal 21 / Ams 21 |
Amsal 22 / Ams 22 |
Amsal 23 / Ams 23 |
Amsal 24 / Ams 24 |
Amsal 25 / Ams 25 |
Amsal 26 / Ams 26 |
Amsal 27 / Ams 27 |
Amsal 28 / Ams 28 |
Amsal 29 / Ams 29 |
Amsal 30 / Ams 30 |
Amsal 31 / Ams 31 |
|
|
|
|
|