A A A A A
×

Alkitab Suci

Amsal 1

1
Ieu siloka-siloka Suleman, putra Daud, raja Israil.
2
Ieu siloka-siloka teh geusan nungtun urang supaya nyaho kana hikmah jeung atikan, supaya bisa neuleuman pitutur-pitutur anu marunel.
3
Oge ngadidik sangkan hirup urang sugih pangarti, jujur, bener jeung adil.
4
Kitu deui mere luang ka nu taya pangalaman, mere papatah ka nu ngarora sangkan jembar kanyaho.
5
Malah nambahan kaweruh nu geus laluhung, ngawuwuh pangarti ka nu geus laloba elmu,
6
sangkan ngarti kana hartining siloka anu nyamuni, bisa neuleuman pituturna jalma-jalma bijaksana.
7
Pikeun meunangkeun kanyaho, jalma teh kudu boga rasa hormat jeung sieun ku PANGERAN. Jalma bodo mah teu ngahargaan kana hikmah sarta embungeun diajar.
8
Anaking! Turutkeun papatah nu jadi bapa, gugu pitutur nu jadi indung.
9
Papatahna matak alus kana ahlak, lir kongkorong atawa sorban nambahan pantes kana dangdanan.
10
Anaking! Mun aya nu jahat ngagoda, kahade ulah kabawa.
11
Bisi upama carekna, ”Euy, urang datangan Si Anu, urang paehan. Geura resep mergasana, sanajan taya pasalna.
12
Ayeuna mah ingkeun sina ngeunah-ngeunah heula. Tapi ati-ati mun urang geus datang, jangji paeh ku urang!
13
Barang-barangna urang rampas, urang akutan ka imah.
14
Hayu, engke dibere bagian.”
15
Kade anaking, tong daek. Anggur jauhan.
16
Maranehna teu betah cicing lamun can nyieun kajahatan, salawasna ngan hayang geura maehan.
17
Mun manuk geus nyahoeun ti heula, cumah ditaheunan oge.
18
Tah jelema anu kitu, ibarat naheunkeun burang eukeur dirina sorangan, keur mergasa nyawana sorangan.
19
Memang kitu jalma nu hirupna tina rarampog, tega kana patina sorangan.
20
Tah dengekeun, hikmah cumeluk ti jalan-jalan, ti pasar-pasar,
21
ti lawang-lawang gapura, ti tempat-tempat jelema karumpul.
22
Cecelukna, ”Eh, nu barodo! Arek kajongjonan bae bodo balilu? Iraha rek resep moro kanyaho? Na teu harayang dialajar?
23
Dengekeun ari kami negor, kami rek mere pepeling, sarta ngabagi kanyaho kami ka maraneh.
24
Aranjeun ku kami geus dicalukan, diondang, tapi arembung ngadenge, kami henteu dipalire.
25
Maraneh teu daraek malire pepeling kami, jeung arembung diingetan.
26
Rasakeun engke, ana katarajang kasusah, kami mah rek nyeungseurikeun. Ku kami rek dipupuas mun aranjeun ditempuh bancang pakewuh,
27
anu datangna kawas angin ngagelebug, mawa topan kasusahan, maraneh nu ngarasa nyeri jeung susahna.
28
Ti dinya kakara aranjeun sasambat ka hikmah, tapi ku kami mo dipiduli. Kami ku aranjeun diteangan dikotektak, tatapi hamo kapanggih.
29
Bongan aranjeun enggeus mikageuleuh kanyaho, sarta salawasna embung bae sieun ku PANGERAN teh.
30
Maraneh tara daraek narima nasehat-nasehat kami atawa malire kana panegor-panegor kami.
31
Kalakuan aranjeun kitu baris malindes ka diri, temahna jadi nyiksa ka sorangan.
32
Jalma tuna pangalaman, paeh ku lantaran mangsabodokeun hikmah. Jalma bodo, paehna ku lantaran teu pisan malire ka hikmah.
33
Sabalikna sing saha anu ngagugu ka kami, hirupna tangtu rahayu, salamet tur euweuh pikalewangeun.”
Amsal 1:1
Amsal 1:2
Amsal 1:3
Amsal 1:4
Amsal 1:5
Amsal 1:6
Amsal 1:7
Amsal 1:8
Amsal 1:9
Amsal 1:10
Amsal 1:11
Amsal 1:12
Amsal 1:13
Amsal 1:14
Amsal 1:15
Amsal 1:16
Amsal 1:17
Amsal 1:18
Amsal 1:19
Amsal 1:20
Amsal 1:21
Amsal 1:22
Amsal 1:23
Amsal 1:24
Amsal 1:25
Amsal 1:26
Amsal 1:27
Amsal 1:28
Amsal 1:29
Amsal 1:30
Amsal 1:31
Amsal 1:32
Amsal 1:33
Amsal 1 / Ams 1
Amsal 2 / Ams 2
Amsal 3 / Ams 3
Amsal 4 / Ams 4
Amsal 5 / Ams 5
Amsal 6 / Ams 6
Amsal 7 / Ams 7
Amsal 8 / Ams 8
Amsal 9 / Ams 9
Amsal 10 / Ams 10
Amsal 11 / Ams 11
Amsal 12 / Ams 12
Amsal 13 / Ams 13
Amsal 14 / Ams 14
Amsal 15 / Ams 15
Amsal 16 / Ams 16
Amsal 17 / Ams 17
Amsal 18 / Ams 18
Amsal 19 / Ams 19
Amsal 20 / Ams 20
Amsal 21 / Ams 21
Amsal 22 / Ams 22
Amsal 23 / Ams 23
Amsal 24 / Ams 24
Amsal 25 / Ams 25
Amsal 26 / Ams 26
Amsal 27 / Ams 27
Amsal 28 / Ams 28
Amsal 29 / Ams 29
Amsal 30 / Ams 30
Amsal 31 / Ams 31