1 |
Lagu atikan ti Asap. Bandungan, he umat, regepkeun ieu piwuruk, regepkeun ieu pepeling kami. |
2 |
Kami rek ngucapkeun siloka, ngaguar rasiah alam baheula, |
3 |
hal-hal anu urang geus ngadenge, geus nyaho tina carita karuhun urang. |
4 |
Ka anak incu nu ayeuna, mo aya nu dikilungan, nya kitu deui ka turunan anu engke, kumaha mashurna PANGERAN, dadamelana-Na, pangawasa-Na, jeung mujijat-mujijat-Na, anu geus dipidamel ku Mantenna. |
5 |
Mantenna ka Israil geus maparin hukum, ka turunan Yakub maparin papakon. Mantenna nimbalan ka karuhun urang, yen ieu hukum kudu diajarkeun ka anak-anakna; |
6 |
malar turunan ieu ngajarkeun ka anu pandeuri, sarta ku ieu ge kudu diajarkeun ka anak-anakna. |
7 |
Ku jalan kieu maranehna ge bakal nanjeurkeun harepan ka Allah, jeung moal paroho kana sagala pitulung-Na, sabalikna bakal taʼat kana parentah Mantenna, salilana, |
8 |
ulah cara karuhun-karuhunna, resep ngalawan, basangkal, henteu pangger pangandelna ka Allah, teu ceehan satiana ka Mantenna. |
9 |
Urang Epraim, sakitu marawa gondewa jeung jamparing, ari der perang mah jicir. |
10 |
Maranehna henteu tigin kana jangjina ka Allah, teu narurut kana hukum Mantenna, |
11 |
sarta mopohokeun damel katut mujijat-mujijat, nu ku Mantenna geus dipintonkeun. |
12 |
Karuhunna ku Mantenna ditembongan mujijat-mujijat, di dataran Soan wewengkon Mesir. |
13 |
Laut ku Mantenna dibeulah, maranehna dipeuntaskeun, nincak laut anu caina jadi ngadingding kawas tembok. |
14 |
Ti beurang dituyun ku mega, ti peuting ku gebrayna cahaya tina hiji tihang seuneu. |
15 |
Batu-batu cadas di gurun keusik ku Mantenna dibeulah, bijil cai, maranehna nginum saseubeuhna, |
16 |
cai ti jero cadas teh terus ngocor, mani kawas walungan bae. |
17 |
Tapi maranehna haben bae dosa ka Allah, di gurun keusik teh ngalawan ka Nu Maha Agung, |
18 |
ngahaja ngadoja ka Allah, marenta dahareun kahayangna. |
19 |
Tinggelendeng ngomongkeun ka Allah, ”Iasaeun Allah ngayakeun dahareun di gurun keusik? |
20 |
Memang Mantenna meupeuh cadas bijil cai, terus ngagolontor jadi susukan, cik iasaeun ngayakeun roti jeung daging keur umat-Na?” |
21 |
Ngadangu kitu PANGERAN bendu, seug umat-Na teh diruksak ku seuneu. Pohara benduna ka maranehna, |
22 |
lantaran teu tarigin ka Mantenna, teu palercayaeun yen Mantenna baris nulung. |
23 |
Ti dinya Mantenna nimbalan ka langit, miwarang mukakeun lawang-lawangna; |
24 |
Mantenna nurunkeun gandum ti sawarga, nya eta manna, keur dahareun maranehna. |
25 |
Jadi maranehna ngadahar kadaharan para malaikat, sapamenta maranehna dipaparinkeun. |
26 |
Sarta Mantenna miwarang angin wetan ngahiuk, sarta ku pangawasa-Na angin kidul ngagelebug, |
27 |
ngintun manuk ka umat-Na, lobana tanding keusik di basisir, |
28 |
murubut ka tengah pasanggrahanana di sakuliah tempat maranehna. |
29 |
Umat-Na disina sareubeuh dahar, sakahayangna ditumutkeun. |
30 |
Tapi tacan ge puas napsu maranehna, sabot keur dalahar keneh, |
31 |
geus matak bendu PANGERAN. Heug jelema-jelema anu pangbaredasna, pamuda-pamuda Israil, ku Mantenna dibinasa. |
32 |
Tapi maranehna taya kakapok, doraka teu euih-euih, teu ngarandel bae kana kaajaiban Mantenna. |
33 |
Anu matak umurna ku Mantenna dianggeuskeun, lir napas sarenghap, tumpes dadak sakala. |
34 |
Upama ku Allah geus aya nu dibinasa, kakara areling ka Mantenna, nembongkeun pertobat jeung sasambat. |
35 |
Kakara areling yen Allah teh panyalindunganana, yen Nu Maha Kawasa teh panulung maranehna. |
36 |
Tapi ngakuna kitu teh ngan semet biwir, teu terus jeung hate. |
37 |
Saenyana mah maranehna teu saratia, henteu tigin kana jangjina ka Mantenna. |
38 |
Tapi Allah mah mikawelas ka umat-Na. Dosa-dosana dihampura, maranehna henteu dibinasa. Sering pisan Mantenna mengkek bendu-Na, nahan wera nu ngagegedur; |
39 |
reh kaemut, yen maranehna teh mahluk teu langgeng teu beda ti angin, geus ngaliwat terus musna. |
40 |
Di gurun keusik sering pisan ngalawan, sering nganalangsakeun manah-Na. |
41 |
Pek deui, pek deui ngadoja ka Allah, ngajaheutan galih Nu Maha Suci Allahna Israil. |
42 |
Parohoeun kana kakawasaan Mantenna, parohoeun waktu maranehna dileupaskeun ti musuh-musuhna, |
43 |
parohoeun kana kadigjayaan jeung mujijat Mantenna di dataran Soan wewengkon Mesir. |
44 |
Mantenna ngarobah cai walungan-walungan jadi getih, nepi ka urang Mesir teu baroga cai keur nginum. |
45 |
Mantenna ngadatangkeun laleur, nyiksa urang Mesir, geus kitu tanahna sina diruksak ku bangkong. |
46 |
Mantenna ngadatangkeun simeut, meakkeun panenna, ngaruksakkeun lahan-lahanna. |
47 |
Mantenna numpurkeun pelak anggur maranehna ku hujan buah tangkal-tangkal kormana bungbang ku hujan es. |
48 |
Mantenna maehan sasatoan urang Mesir ku hujan es, maehan pipiaraanana sina disamberan ku gelap. |
49 |
Mantenna ngalantarankeun maranehna susah gede, ditarajang ku amarah jeung napsu Mantenna anu ngagedur, anu datangna lir para malakal maot. |
50 |
Mantenna masih keneh tuluy bendu-Na, henteu lebareun ku nyawa maranehna, anu tuluy dibasmi ku hiji pagebug. |
51 |
Mantenna maehan anak-anak cikal, sakabeh cikal unggal kulawarga urang Mesir. |
52 |
Geus kitu Mantenna nuyun umat-Na kaluar, lir hiji pangangon. Maranehna dituyun ngambah gurun keusik. |
53 |
Umat-Na diaping, aman teu aya kasieun; ari musuh-musuhna mah tumpur kagulung ku laut. |
54 |
Umat-Na dicandak ka tanah kagungana-Na nu suci, ka tanah pagunungan beunang Mantenna ngajabel. |
55 |
Urang dinyana diusiran ku Mantenna samemeh umat-Na narepi. Tanahna dibagikeun ka kaom-kaom Israil, imah-imahna diserenkeun ka umat-Na. |
56 |
Tapi umat-Na anggur ngaralawan, ngadoja ka Allah Nu Maha Kawasa, henteu narurut kana parentah-Na, |
57 |
alalingkar, teu satia, teu beda ti karuhunna, kawas jamparing bengkung teu bisa dipercaya. |
58 |
Narangtang ka Allah ku nyarembah ka brahala nyarieun arca sesembahan, matak jaheut ka Mantenna. |
59 |
Ningali kitu Allah teh bendu, umat-Na ditolak sama sakali. |
60 |
Kemah kagungana-Na di Silo, tempat linggih-Na di tengah manusa ditilar. |
61 |
Peti Perjangjian lambang kakawasaan jeung kamulyaana-Na, ku Mantenna diantep dirampas ku musuh. |
62 |
Awahing ku bendu, umat-Na diantep diparaehan ku musuh-musuhna. |
63 |
Para pamudana tariwas di pangperangan, para mojangna teu aya nu ngawin. |
64 |
Imam-imam tariwas ku pedang, randa-randana teu meunang nyaleungceurikan. |
65 |
Ti dinya PANGERAN ngorejat, lir nu gugah tina kulem, lir jalma gagah anu kahudang wawanen ku anggur. |
66 |
Musuh-musuh-Na dipukul mundur, areleh nepi ka salilana nandangan kaera. |
67 |
Tapi Mantenna nolak turunan Yusup jeung teu kersaeun milih kaom Epraim. |
68 |
Mantenna anggur milih kaom Yuda jeung Gunung Sion, kameumeut-Na. |
69 |
Di dinya Mantenna ngadegkeun Bait-Na kawas panglinggihana-Na nu di sawarga, tohagana satohaga bumi, reugreug pageuh sapapanjangna. |
70 |
Mantenna milih abdi-Na, Daud, dicandak ti pangangonan. |
71 |
Tina purah ngurus domba, Daud ku Mantenna dijieun raja Israil, anu ngangon umat Allah. |
72 |
Umat Allah teh ku Daud diurus kalawan hade, diaping dijaring kalayan binangkit. |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Mazmur 78:1 |
Mazmur 78:2 |
Mazmur 78:3 |
Mazmur 78:4 |
Mazmur 78:5 |
Mazmur 78:6 |
Mazmur 78:7 |
Mazmur 78:8 |
Mazmur 78:9 |
Mazmur 78:10 |
Mazmur 78:11 |
Mazmur 78:12 |
Mazmur 78:13 |
Mazmur 78:14 |
Mazmur 78:15 |
Mazmur 78:16 |
Mazmur 78:17 |
Mazmur 78:18 |
Mazmur 78:19 |
Mazmur 78:20 |
Mazmur 78:21 |
Mazmur 78:22 |
Mazmur 78:23 |
Mazmur 78:24 |
Mazmur 78:25 |
Mazmur 78:26 |
Mazmur 78:27 |
Mazmur 78:28 |
Mazmur 78:29 |
Mazmur 78:30 |
Mazmur 78:31 |
Mazmur 78:32 |
Mazmur 78:33 |
Mazmur 78:34 |
Mazmur 78:35 |
Mazmur 78:36 |
Mazmur 78:37 |
Mazmur 78:38 |
Mazmur 78:39 |
Mazmur 78:40 |
Mazmur 78:41 |
Mazmur 78:42 |
Mazmur 78:43 |
Mazmur 78:44 |
Mazmur 78:45 |
Mazmur 78:46 |
Mazmur 78:47 |
Mazmur 78:48 |
Mazmur 78:49 |
Mazmur 78:50 |
Mazmur 78:51 |
Mazmur 78:52 |
Mazmur 78:53 |
Mazmur 78:54 |
Mazmur 78:55 |
Mazmur 78:56 |
Mazmur 78:57 |
Mazmur 78:58 |
Mazmur 78:59 |
Mazmur 78:60 |
Mazmur 78:61 |
Mazmur 78:62 |
Mazmur 78:63 |
Mazmur 78:64 |
Mazmur 78:65 |
Mazmur 78:66 |
Mazmur 78:67 |
Mazmur 78:68 |
Mazmur 78:69 |
Mazmur 78:70 |
Mazmur 78:71 |
Mazmur 78:72 |
Mazmur 1 / Maz 1 |
Mazmur 2 / Maz 2 |
Mazmur 3 / Maz 3 |
Mazmur 4 / Maz 4 |
Mazmur 5 / Maz 5 |
Mazmur 6 / Maz 6 |
Mazmur 7 / Maz 7 |
Mazmur 8 / Maz 8 |
Mazmur 9 / Maz 9 |
Mazmur 10 / Maz 10 |
Mazmur 11 / Maz 11 |
Mazmur 12 / Maz 12 |
Mazmur 13 / Maz 13 |
Mazmur 14 / Maz 14 |
Mazmur 15 / Maz 15 |
Mazmur 16 / Maz 16 |
Mazmur 17 / Maz 17 |
Mazmur 18 / Maz 18 |
Mazmur 19 / Maz 19 |
Mazmur 20 / Maz 20 |
Mazmur 21 / Maz 21 |
Mazmur 22 / Maz 22 |
Mazmur 23 / Maz 23 |
Mazmur 24 / Maz 24 |
Mazmur 25 / Maz 25 |
Mazmur 26 / Maz 26 |
Mazmur 27 / Maz 27 |
Mazmur 28 / Maz 28 |
Mazmur 29 / Maz 29 |
Mazmur 30 / Maz 30 |
Mazmur 31 / Maz 31 |
Mazmur 32 / Maz 32 |
Mazmur 33 / Maz 33 |
Mazmur 34 / Maz 34 |
Mazmur 35 / Maz 35 |
Mazmur 36 / Maz 36 |
Mazmur 37 / Maz 37 |
Mazmur 38 / Maz 38 |
Mazmur 39 / Maz 39 |
Mazmur 40 / Maz 40 |
Mazmur 41 / Maz 41 |
Mazmur 42 / Maz 42 |
Mazmur 43 / Maz 43 |
Mazmur 44 / Maz 44 |
Mazmur 45 / Maz 45 |
Mazmur 46 / Maz 46 |
Mazmur 47 / Maz 47 |
Mazmur 48 / Maz 48 |
Mazmur 49 / Maz 49 |
Mazmur 50 / Maz 50 |
Mazmur 51 / Maz 51 |
Mazmur 52 / Maz 52 |
Mazmur 53 / Maz 53 |
Mazmur 54 / Maz 54 |
Mazmur 55 / Maz 55 |
Mazmur 56 / Maz 56 |
Mazmur 57 / Maz 57 |
Mazmur 58 / Maz 58 |
Mazmur 59 / Maz 59 |
Mazmur 60 / Maz 60 |
Mazmur 61 / Maz 61 |
Mazmur 62 / Maz 62 |
Mazmur 63 / Maz 63 |
Mazmur 64 / Maz 64 |
Mazmur 65 / Maz 65 |
Mazmur 66 / Maz 66 |
Mazmur 67 / Maz 67 |
Mazmur 68 / Maz 68 |
Mazmur 69 / Maz 69 |
Mazmur 70 / Maz 70 |
Mazmur 71 / Maz 71 |
Mazmur 72 / Maz 72 |
Mazmur 73 / Maz 73 |
Mazmur 74 / Maz 74 |
Mazmur 75 / Maz 75 |
Mazmur 76 / Maz 76 |
Mazmur 77 / Maz 77 |
Mazmur 78 / Maz 78 |
Mazmur 79 / Maz 79 |
Mazmur 80 / Maz 80 |
Mazmur 81 / Maz 81 |
Mazmur 82 / Maz 82 |
Mazmur 83 / Maz 83 |
Mazmur 84 / Maz 84 |
Mazmur 85 / Maz 85 |
Mazmur 86 / Maz 86 |
Mazmur 87 / Maz 87 |
Mazmur 88 / Maz 88 |
Mazmur 89 / Maz 89 |
Mazmur 90 / Maz 90 |
Mazmur 91 / Maz 91 |
Mazmur 92 / Maz 92 |
Mazmur 93 / Maz 93 |
Mazmur 94 / Maz 94 |
Mazmur 95 / Maz 95 |
Mazmur 96 / Maz 96 |
Mazmur 97 / Maz 97 |
Mazmur 98 / Maz 98 |
Mazmur 99 / Maz 99 |
Mazmur 100 / Maz 100 |
Mazmur 101 / Maz 101 |
Mazmur 102 / Maz 102 |
Mazmur 103 / Maz 103 |
Mazmur 104 / Maz 104 |
Mazmur 105 / Maz 105 |
Mazmur 106 / Maz 106 |
Mazmur 107 / Maz 107 |
Mazmur 108 / Maz 108 |
Mazmur 109 / Maz 109 |
Mazmur 110 / Maz 110 |
Mazmur 111 / Maz 111 |
Mazmur 112 / Maz 112 |
Mazmur 113 / Maz 113 |
Mazmur 114 / Maz 114 |
Mazmur 115 / Maz 115 |
Mazmur 116 / Maz 116 |
Mazmur 117 / Maz 117 |
Mazmur 118 / Maz 118 |
Mazmur 119 / Maz 119 |
Mazmur 120 / Maz 120 |
Mazmur 121 / Maz 121 |
Mazmur 122 / Maz 122 |
Mazmur 123 / Maz 123 |
Mazmur 124 / Maz 124 |
Mazmur 125 / Maz 125 |
Mazmur 126 / Maz 126 |
Mazmur 127 / Maz 127 |
Mazmur 128 / Maz 128 |
Mazmur 129 / Maz 129 |
Mazmur 130 / Maz 130 |
Mazmur 131 / Maz 131 |
Mazmur 132 / Maz 132 |
Mazmur 133 / Maz 133 |
Mazmur 134 / Maz 134 |
Mazmur 135 / Maz 135 |
Mazmur 136 / Maz 136 |
Mazmur 137 / Maz 137 |
Mazmur 138 / Maz 138 |
Mazmur 139 / Maz 139 |
Mazmur 140 / Maz 140 |
Mazmur 141 / Maz 141 |
Mazmur 142 / Maz 142 |
Mazmur 143 / Maz 143 |
Mazmur 144 / Maz 144 |
Mazmur 145 / Maz 145 |
Mazmur 146 / Maz 146 |
Mazmur 147 / Maz 147 |
Mazmur 148 / Maz 148 |
Mazmur 149 / Maz 149 |
Mazmur 150 / Maz 150 |
|
|
|
|
|