1 |
Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. |
2 |
Allah maju, musuh-musuh-Na dipaburencaykeun. Anu gareuleuheun ka Mantenna areleh, kalabur. |
3 |
Ku Mantenna diusir, leungit lir haseup dikebut ngaraley kawas lilin dideang. Nu jarahat teh lebur di payuneun Allah. |
4 |
Sabalikna nu balener mah aratoheun di payuneun Mantenna, sarurak nembongkeun kabungah. |
5 |
Puji Allah, puji jenengana-Na, sadiakeun jalan pikeun Mantenna nu ngambah mega. Jenengan Mantenna PANGERAN, sing aratoh di payuneuna-Na! |
6 |
Allah anu linggih di Bait-Na anu suci, ngarawat ka nu pahatu, ngaraksa ka randa-randa. |
7 |
Mantenna ngimahan ka nu nunggelis, nungtun para sakitan sina barebas, ari bangsa basangkal disina hirup di tempat mencil. |
8 |
Nun Allah, nalika Gusti ngapalaan umat, waktos ngambah gurun keusik, |
9 |
bumi genjlong, langit nurunkeun hujan, ku sumpingna Allah Sinai Allah Israil sumping. |
10 |
Gusti seueur nurunkeun hujan, tanah kagungan nu parantos garing seger deui. |
11 |
Umat Gusti nyarieun imah di dinya; kalayan kasaean Gusti ngurus anu mariskin. |
12 |
PANGERAN ngaluarkeun parentah-Na, para wanita ngembarkeun wartana: |
13 |
”Raja-raja katut baladna geus kalabur!” Para wanita di lembur ngabagi-bagi jarahan, nya eta: |
14 |
jajapatian-jajapatian anu disaput ku perak, jangjangna disaput emas ngagurilap. (Ku naon arandika aya nu teu milu jurit, anggur caricing di kandang domba?) |
15 |
Waktu Allah Nu Maha Kawasa ngaburiakkeun raja-raja di Gunung Salmon, eta gunung ku Mantenna dihujanan ku salju. |
16 |
Gunung Basan estu hebat, gunung nu rea puncakna! |
17 |
Ku naon maneh ti puncak-puncak maneh anu laluhur, nenjokeun bari ngahina ka gunung anu ku Allah rek dijieun panglinggihana-Na? PANGERAN pasti ngaraton di dinya salalanggengna! |
18 |
Diiring ku rebuan kareta perang anu rarongkah, PANGERAN sumping ti Sinai, lebet ka tempat nu suci. |
19 |
Mantenna ngunggahan tempat anu laluhur, ti dinyana nyandak tawanan rea pisan, sarta nampi upeti ti anu tadina ngaralawan. GUSTI Allah baris linggih di dinya. |
20 |
Puji PANGERAN, anu saban poe mangnanggungkeun momotan urang. Mantenna teh Allah anu nyalametkeun urang. |
21 |
Allah urang teh, Allah nu ngajait urang, Mantenna teh PANGERAN, Gusti urang, anu ngajait urang tina ajal. |
22 |
Satemenna, Allah bakal ngaremukkeun hulu musuh-musuh-Na, nya eta sakur anu hirupna teu weleh dosa. |
23 |
PANGERAN geus ngadawuh, ”Musuh maraneh ti Basan ku Kami rek dibawa deui ka dieu, ti jero laut ge ku Kami rek dibawa ka dieu, |
24 |
supaya maraneh ngaraas getihna, sarta anjing maraneh sareubeuheun ngaletakan getihna.” |
25 |
Nun Allah, arak-arakan kaunggulan Gusti ditongton ku sadayana, Allah, Raja abdi, diarak, lebet ka kasuciana-Na. |
26 |
Pangpayunna para biduan, palih pungkur para pamaen musik, di tengah para mojang anu narabeuh terebang. |
27 |
”Paruji Allah dina kumpulan umat-Na, paruji PANGERAN, he sakabeh turunan Yakub!” |
28 |
Pangheulana datang Binyamin, kaom anu pangleutikna, tuluy para pamingpin Yuda jeung aleutanana, geus kitu para pamingpin Sebulun jeung Naptali. |
29 |
Pintonkeun kakawasaan Gusti, nun Allah, kakawasaan anu dianggo ngabela abdi sadaya. |
30 |
Pintonkeun ti Bait Gusti di Yerusalem, tempat raja-raja nyaranggakeun upeti ka Gusti. |
31 |
Seuseul Mesir, si sato galak di leuweung manjah, seuseul bangsa-bangsa, si gorombolan banteng katut anak-anakna, sina marendek sareng nyaranggakeun perak. Paburencaykeun bangsa-bangsa nu bareuki perang! |
32 |
Duta-duta bakal daratang ti Mesir, urang Sudan bakal naradahkeun leungeun, ngadaroa ka Allah. |
33 |
Sanggakeun nyanyian ka Allah, he karajaan-karajaan di dunya, sanggakeun pupujian ka PANGERAN, |
34 |
ka Mantenna, anu nitih langit jaman purba. Gederkeun surak ka Mantenna sing tarik. |
35 |
Embarkeun kakawasaan Allah, kadaulatana-Na anu ngauban Israil, kadigjayaana-Na di langit. |
36 |
Matak bengong nalika Allah kaluar ti jero kasuciana-Na, Mantenna, Allah Israil! Mantenna maparin kakuatan jeung kakawasaan ka umat-Na. Puji Allah! |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Mazmur 68:1 |
Mazmur 68:2 |
Mazmur 68:3 |
Mazmur 68:4 |
Mazmur 68:5 |
Mazmur 68:6 |
Mazmur 68:7 |
Mazmur 68:8 |
Mazmur 68:9 |
Mazmur 68:10 |
Mazmur 68:11 |
Mazmur 68:12 |
Mazmur 68:13 |
Mazmur 68:14 |
Mazmur 68:15 |
Mazmur 68:16 |
Mazmur 68:17 |
Mazmur 68:18 |
Mazmur 68:19 |
Mazmur 68:20 |
Mazmur 68:21 |
Mazmur 68:22 |
Mazmur 68:23 |
Mazmur 68:24 |
Mazmur 68:25 |
Mazmur 68:26 |
Mazmur 68:27 |
Mazmur 68:28 |
Mazmur 68:29 |
Mazmur 68:30 |
Mazmur 68:31 |
Mazmur 68:32 |
Mazmur 68:33 |
Mazmur 68:34 |
Mazmur 68:35 |
Mazmur 68:36 |
Mazmur 1 / Maz 1 |
Mazmur 2 / Maz 2 |
Mazmur 3 / Maz 3 |
Mazmur 4 / Maz 4 |
Mazmur 5 / Maz 5 |
Mazmur 6 / Maz 6 |
Mazmur 7 / Maz 7 |
Mazmur 8 / Maz 8 |
Mazmur 9 / Maz 9 |
Mazmur 10 / Maz 10 |
Mazmur 11 / Maz 11 |
Mazmur 12 / Maz 12 |
Mazmur 13 / Maz 13 |
Mazmur 14 / Maz 14 |
Mazmur 15 / Maz 15 |
Mazmur 16 / Maz 16 |
Mazmur 17 / Maz 17 |
Mazmur 18 / Maz 18 |
Mazmur 19 / Maz 19 |
Mazmur 20 / Maz 20 |
Mazmur 21 / Maz 21 |
Mazmur 22 / Maz 22 |
Mazmur 23 / Maz 23 |
Mazmur 24 / Maz 24 |
Mazmur 25 / Maz 25 |
Mazmur 26 / Maz 26 |
Mazmur 27 / Maz 27 |
Mazmur 28 / Maz 28 |
Mazmur 29 / Maz 29 |
Mazmur 30 / Maz 30 |
Mazmur 31 / Maz 31 |
Mazmur 32 / Maz 32 |
Mazmur 33 / Maz 33 |
Mazmur 34 / Maz 34 |
Mazmur 35 / Maz 35 |
Mazmur 36 / Maz 36 |
Mazmur 37 / Maz 37 |
Mazmur 38 / Maz 38 |
Mazmur 39 / Maz 39 |
Mazmur 40 / Maz 40 |
Mazmur 41 / Maz 41 |
Mazmur 42 / Maz 42 |
Mazmur 43 / Maz 43 |
Mazmur 44 / Maz 44 |
Mazmur 45 / Maz 45 |
Mazmur 46 / Maz 46 |
Mazmur 47 / Maz 47 |
Mazmur 48 / Maz 48 |
Mazmur 49 / Maz 49 |
Mazmur 50 / Maz 50 |
Mazmur 51 / Maz 51 |
Mazmur 52 / Maz 52 |
Mazmur 53 / Maz 53 |
Mazmur 54 / Maz 54 |
Mazmur 55 / Maz 55 |
Mazmur 56 / Maz 56 |
Mazmur 57 / Maz 57 |
Mazmur 58 / Maz 58 |
Mazmur 59 / Maz 59 |
Mazmur 60 / Maz 60 |
Mazmur 61 / Maz 61 |
Mazmur 62 / Maz 62 |
Mazmur 63 / Maz 63 |
Mazmur 64 / Maz 64 |
Mazmur 65 / Maz 65 |
Mazmur 66 / Maz 66 |
Mazmur 67 / Maz 67 |
Mazmur 68 / Maz 68 |
Mazmur 69 / Maz 69 |
Mazmur 70 / Maz 70 |
Mazmur 71 / Maz 71 |
Mazmur 72 / Maz 72 |
Mazmur 73 / Maz 73 |
Mazmur 74 / Maz 74 |
Mazmur 75 / Maz 75 |
Mazmur 76 / Maz 76 |
Mazmur 77 / Maz 77 |
Mazmur 78 / Maz 78 |
Mazmur 79 / Maz 79 |
Mazmur 80 / Maz 80 |
Mazmur 81 / Maz 81 |
Mazmur 82 / Maz 82 |
Mazmur 83 / Maz 83 |
Mazmur 84 / Maz 84 |
Mazmur 85 / Maz 85 |
Mazmur 86 / Maz 86 |
Mazmur 87 / Maz 87 |
Mazmur 88 / Maz 88 |
Mazmur 89 / Maz 89 |
Mazmur 90 / Maz 90 |
Mazmur 91 / Maz 91 |
Mazmur 92 / Maz 92 |
Mazmur 93 / Maz 93 |
Mazmur 94 / Maz 94 |
Mazmur 95 / Maz 95 |
Mazmur 96 / Maz 96 |
Mazmur 97 / Maz 97 |
Mazmur 98 / Maz 98 |
Mazmur 99 / Maz 99 |
Mazmur 100 / Maz 100 |
Mazmur 101 / Maz 101 |
Mazmur 102 / Maz 102 |
Mazmur 103 / Maz 103 |
Mazmur 104 / Maz 104 |
Mazmur 105 / Maz 105 |
Mazmur 106 / Maz 106 |
Mazmur 107 / Maz 107 |
Mazmur 108 / Maz 108 |
Mazmur 109 / Maz 109 |
Mazmur 110 / Maz 110 |
Mazmur 111 / Maz 111 |
Mazmur 112 / Maz 112 |
Mazmur 113 / Maz 113 |
Mazmur 114 / Maz 114 |
Mazmur 115 / Maz 115 |
Mazmur 116 / Maz 116 |
Mazmur 117 / Maz 117 |
Mazmur 118 / Maz 118 |
Mazmur 119 / Maz 119 |
Mazmur 120 / Maz 120 |
Mazmur 121 / Maz 121 |
Mazmur 122 / Maz 122 |
Mazmur 123 / Maz 123 |
Mazmur 124 / Maz 124 |
Mazmur 125 / Maz 125 |
Mazmur 126 / Maz 126 |
Mazmur 127 / Maz 127 |
Mazmur 128 / Maz 128 |
Mazmur 129 / Maz 129 |
Mazmur 130 / Maz 130 |
Mazmur 131 / Maz 131 |
Mazmur 132 / Maz 132 |
Mazmur 133 / Maz 133 |
Mazmur 134 / Maz 134 |
Mazmur 135 / Maz 135 |
Mazmur 136 / Maz 136 |
Mazmur 137 / Maz 137 |
Mazmur 138 / Maz 138 |
Mazmur 139 / Maz 139 |
Mazmur 140 / Maz 140 |
Mazmur 141 / Maz 141 |
Mazmur 142 / Maz 142 |
Mazmur 143 / Maz 143 |
Mazmur 144 / Maz 144 |
Mazmur 145 / Maz 145 |
Mazmur 146 / Maz 146 |
Mazmur 147 / Maz 147 |
Mazmur 148 / Maz 148 |
Mazmur 149 / Maz 149 |
Mazmur 150 / Maz 150 |
|
|
|
|
|