1 |
Bagja jalma anu hirupna taya celana, sarta ngalampahkeun hukum PANGERAN. |
2 |
Bagja jalma anu gumati kana parentah-Na, sarta taʼat ka Mantenna sagemblengna hate. |
3 |
Maranehna moal nyieun kajahatan, hirupna nurutkeun jalan PANGERAN. |
4 |
Gusti ka abdi-abdi maparin hukum-hukum, nun PANGERAN, sangkan diestokeun kalawan satia. |
5 |
Mugi abdi sing tiasa tigin satia ngalakonan aturan-aturan Gusti. |
6 |
Saupami abdi ngesto kana hukum-hukum Gusti, tangtos moal nandangan kaera. |
7 |
Waktos hukum-hukum Gusti nu adil tea diaji, abdi teh leres-leres muji ka Gusti. |
8 |
Abdi sumeja taʼat kana hukum-hukum Gusti, Gusti ulah ngantunkeun. |
9 |
Kuma kedahna malar hirupna budak ngora tetep beresih? Nya kedah tumut kana satimbalan Gusti. |
10 |
Hate abdi mantep bade ngabdi ka Gusti, mugi ulah dugi ka teu nurut kana timbalan Gusti. |
11 |
Hukum Gusti bade disimpen di jero hate, supados ulah dugi ka dosa ka Gusti. |
12 |
Abdi muji ka Gusti, nun PANGERAN, jalan Gusti wulangkeun ka abdi. |
13 |
Sadaya hukum paparin Gusti, ku abdi bade dibewarakeun deui. |
14 |
Ngalakonan timbalan-timbalan Gusti, bingahna lir gaduh rupi-rupi rajabrana. |
15 |
Pituduh-pituduh Gusti sumeja dilenyepan, piwulang-piwulang Gusti bade diaji. |
16 |
Abdi resep kana hukum-hukum Gusti, sareng moal hilap-hilap kana timbalan-timbalan Gusti. |
17 |
Abdi Gusti, nyuhunkeun piwelas, sangkan hirup sareng tiasa ngestokeun piwulang. |
18 |
Panon abdi beuntakeun, supados ningal kana kayaktian hukum Gusti anu narik ati. |
19 |
Abdi di dunya teh moal lami, hukum-hukum Gusti ulah dibuni-buni. |
20 |
Hate gering kabungbulengan, hoyong terang saban waktos kana pangadilan Gusti. |
21 |
Gusti negor ka jalmi nu adigung, nyapa ka nu ingkar tina parentah. |
22 |
Bebaskeun abdi tina panghina sareng pamoyok maranehna margi ngesto kana aturan-aturan Gusti. |
23 |
Para pangereh barempug ngalawan ka abdi, nanging abdi mah bade ngulik piwulang Gusti. |
24 |
Pituduh-pituduh Gusti pikaresepeun, sadayana lir jurunasehat abdi. |
25 |
Abdi ngagoler dina lebu, mugi dipulihkeun sakumaha jangji Gusti. |
26 |
Abdi parantos ngaku kalakuan, Gusti oge parantos ngawaler, ajar abdi hukum-hukum Gusti. |
27 |
Paparin abdi ngartos kana hukum-hukum Gusti, piwulang Gusti anu narik ati seja dilenyepan. |
28 |
Abdi parantos kateter ku kasusah, mugi ditegerkeun sakumaha jangji Gusti. |
29 |
Tebihkeun abdi tina jalan anu lepat, demi kasaean Gusti, abdi wulang hukum-hukum Gusti. |
30 |
Abdi parantos milih bade taʼat, bade mentingkeun pangadilan Gusti. |
31 |
Abdi parantos tumut kana piwulang-piwulang, nun PANGERAN, mugi ulah dugi ka nandangan kaera. |
32 |
Kalayan suka abdi bade tumut kana timbalan margi ku Gusti tangtos dikersakeun langkung ngarti. |
33 |
Nun PANGERAN, pihartoseun hukum-hukum Gusti teh wulangkeun, tangtos ku abdi ditumutkeun salamina. |
34 |
Hukum Gusti teh terangkeun, tangtos ku abdi diturut, bade dilakonan leres-leres. |
35 |
Mugi abdi tiasa junun kana hukum Gusti, margi nya ku eta abdi ngarasa bagja. |
36 |
Mugi abdi gaduh kahayang kana ngalampahkeun hukum Gusti sing langkung ti hayang beunghar. |
37 |
Mugi abdi ulah dugi ka mikahayang anu taya pigunaeunana, paparin kasaean, sakumaha jangji Gusti. |
38 |
Teguhkeun jangji Gusti ka abdi, jangji anu dijangjikeun ka sakur anu nurut ka Gusti. |
39 |
Raksa abdi tina panghina kasieun abdi, estu aheng pangadilan Gusti! |
40 |
Abdi seja taʼat kana timbalan-timbalan, paparin hirup anyar, margi Gusti teh adil. |
41 |
Tembongkeun kaasih Gusti ka abdi, nun PANGERAN, abdi salametkeun sakumaha jangji Gusti. |
42 |
Sangkan abdi tiasa ngajawab ka anu ngahina pedah abdi percaya kana dawuhan Gusti. |
43 |
Sing tiasa abdi teh ngucapkeun hal anu leres, margi ngaharep kana pangadilan Gusti. |
44 |
Abdi bade ngestokeun hukum Gusti, teras-tumeras, sapapaosna. |
45 |
Tangtos hirup abdi tiasa bebas lugina, margi parantos ihtiar seja tumut kana piwulang Gusti. |
46 |
Aturan-aturan Gusti bade diembarkeun ka raja-raja, abdi moal era-era ngembarkeunana. |
47 |
Abdi malah resep ngalakonan eta aturan-aturan, tur kalintang mikacintana. |
48 |
Abdi hormat sareng cinta kana eta aturan-aturan, pituduh-pituduhna bade dilenyepan. |
49 |
Mugi Gusti emut kana jangji ka abdi Gusti, eta jangji teh ngahudang harepan abdi, |
50 |
anu jadi pangbeberah nalika abdi sangsara, nya jangji eta jadi lantaran abdi hirup. |
51 |
Sakumaha dihinana ge ku anu aradigung, abdi teu lesot-lesot ti hukum Gusti. |
52 |
Abdi emut kana eta hukum anu parantos aya ti kapungkur, sarta kalilipur ku eta, nun PANGERAN. |
53 |
Abdi sok geregeteun ka anu jarahat, lantaran maranehna ngalanggar hukum Gusti. |
54 |
Sapanjang hirup abdi anu pondok di dunya, aturan-aturan Gusti ku abdi didamel lalaguan. |
55 |
Ari wengi abdi sok emut ka Gusti, nun PANGERAN, sareng sok mikiran hukum Gusti. |
56 |
Tumut kana aturan-aturan Gusti, karaos bagjana ku abdi. |
57 |
Mung Gusti nu jadi kahayang abdi, nun PANGERAN, abdi jangji bade ngestokeun hukum Gusti. |
58 |
Sanget-sanget abdi nyuhunkeun piwelas, sakumaha jangji Gusti tea. |
59 |
Abdi parantos mikiran kalakuan, sareng jangji bade tumut kana aturan Gusti. |
60 |
Moal diengkekeun deui, gilig bade ngesto kana aturan Gusti. |
61 |
Anu jarahat masangan pitapak, nanging abdi teu hilap kana hukum Gusti. |
62 |
Tengah wengi abdi sok nyaring, teras muji hukum-hukum Gusti nu adil. |
63 |
Abdi teh batur jalmi-jalmi anu ngabdi ka Gusti, anu narurut kana hukum Gusti. |
64 |
Nun PANGERAN, bumi teh pinuh ku satia asih Gusti, aturan-aturan Gusti wulangkeun ka abdi. |
65 |
Gusti parantos nedunan jangji, nun PANGERAN, sakitu saena ka abdi Gusti. |
66 |
Mugi abdi dipaparin hikmat sareng pangarti, margi gilig percanten kana timbalan Gusti. |
67 |
Memeh kenging hukuman abdi teh sasab, nanging ayeuna mah ngesto kana pangandika. |
68 |
Gusti teh bageur, sakitu saena! Katangtosan-katangtosan Gusti wulangkeun ka abdi. |
69 |
Nu arangkuh ka abdi mitenah, nanging abdi sakuat-kuat nurut kana aturan Gusti. |
70 |
Maranehna teu ngalartieun kana hukum Gusti, nanging abdi mah malah bagja ku eta. |
71 |
Abdi dihukum teh sae jadina, jadi diajar perkawis aturan-aturan Gusti. |
72 |
Keur abdi mah hukum-hukum Gusti teh langkung utami ti batan harta di dunya. |
73 |
Gusti anu ngajadikeun abdi kalayan nyalametkeunana, mugi maparin pangarti, sangkan abdi tiasa diajar hukum-hukum Gusti. |
74 |
Anu alajrih ka Gusti, naringal kalakuan abdi teh tangtos sarenangeun, dumeh abdi percaya kana jangji Gusti. |
75 |
Nun PANGERAN, abdi terang, putusan Gusti teh adil, pangna ngahukum ka abdi teh ku margi Gusti sipat satia. |
76 |
Eta welas asih Gusti teh mugia jadi panglipur, luyu sakumaha jangji ka abdi Gusti. |
77 |
Sing hawatos, supados abdi hirup, margi abdi resep kana hukum Gusti. |
78 |
Mugi nu aradigung teh sing areraeun ku lantaran pitenahna ka abdi; sawangsulna abdi mah bade ngalenyepan hukum Gusti. |
79 |
Mugi sugri nu alajrih ka Gusti, sareng nu tarerangeun kana aturan Gusti, darongkap ka abdi. |
80 |
Mugi abdi leres-leres nurut kana aturan-aturan Gusti, sareng ulah dugi ka nandangan erana kasoran. |
81 |
Abdi parantos lungse ngantos-ngantos disalametkeun, nun PANGERAN, jangji Gusti kalintang diarep-arepna. |
82 |
Panon parantos cape nyileuk jangji Gusti bari tumanya, ”Iraha Gusti bade nulungan teh?” |
83 |
Diri abdi taya gunana, sapertos kirbat butut, nanging kana aturan-aturan Gusti mah teu hilap-hilap. |
84 |
Sabaraha lamina deui abdi kedah ngarep-ngarep? Iraha bade dihukumna anu nyangsara abdi? |
85 |
Nu aradigung, nu teu narurut kana hukum Gusti, parantos ngali lombang jero naheunan abdi. |
86 |
Sadaya aturan Gusti kenging diandelkeun; dupi abdi ku maranehna disangsara, digogoreng, mugi ditulungan! |
87 |
Karep maranehna maehan abdi parantos meh hasil, nanging abdi tetep henteu ngalesotkeun parentah Gusti. |
88 |
Demi satia asih Gusti, sing hawatos ka abdi sangkan abdi tiasa ngestokeun hukum Gusti. |
89 |
Nun PANGERAN, pangandika Gusti teguh salalamina, langgeng abadi di sawarga. |
90 |
Kasatiaan Gusti lumangsung sapanjang jaman. Gusti parantos ngadegkeun bumi, eta tetep aya. |
91 |
Saniskara ge sadayana aya dugi ka kiwari, margi ku timbalan Gusti, margi sadayana ge eta teh abdi-abdi Gusti. |
92 |
Upami sanes hukum Gusti nu jadi sumber kabagjaan abdi, tangtos abdi parantos tiwas ku kasangsaraan. |
93 |
Abdi hamo lesot nyekel hukum Gusti, margi nya ku eta Gusti ngahirupan abdi. |
94 |
Abdi teh kagungan Gusti, mugi disalametkeun, margi parantos satiasa-tiasa taʼat kana parentah Gusti. |
95 |
Abdi diarah ku nu jarahat bade dipaehan, nanging tetep bade ngalenyepan hukum-hukum Gusti. |
96 |
Abdi terang yen sagala rupi aya watesna, nanging aturan-aturan Gusti mah sampurna. |
97 |
Kumaha cintana abdi kana hukum Gusti, sadinten jeput kaemut-emut. |
98 |
Parentah Gusti salamina aya dina pikiran, ngalantarankeun abdi jadi leuwih bijaksana ti batan musuh. |
99 |
Pangarti abdi ngalangkungan guru-guru sorangan, margi sok ngaji aturan-aturan Gusti. |
100 |
Abdi gaduh hikmat anu langkung ti batan jalmi karolot, margi nurut kana parentah-parentah Gusti. |
101 |
Hirup abdi pantrang kana lampah jahat, margi hayang nurut kana pangandika Gusti. |
102 |
Abdi henteu ingkar tina parentah-parentah Gusti, margi nya Gusti anu jadi guru abdi. |
103 |
Dawuhan Gusti amis karaosna, langkung amis batan madu. |
104 |
Tina hukum-hukum Gusti abdi kenging hikmah, sareng jadi ceuceub kana sagala kalakuan awon. |
105 |
Pangandika Gusti teh lampu pikeun abdi, sinar caang nu nyaangan jalan abdi. |
106 |
Abdi bade satia nyekel ikrar jangji yen bade nurut kana parentah-parentah Gusti. |
107 |
Kasangsaraan abdi, nun PANGERAN, pikasieuneun, raksa hirup abdi, sakumaha jangji Gusti. |
108 |
Tampi paneda pamuji sukur abdi, nun PANGERAN, sareng wulangkeun ka abdi parentah-parentah Gusti. |
109 |
Abdi salamina naruhkeun nyawa; nanging kana hukum Gusti tara hilap. |
110 |
Abdi ditaheunan ku jalma-jalma jahat, nanging henteu ingkar tina parentah Gusti. |
111 |
Timbalan-timbalan Gusti teh milik abdi anu langgeng, anu jadi kabagjaan hate. |
112 |
Tekad abdi bade tumut kana hukum-hukum dugi ka dintenan maot. |
113 |
Abdi cinta kana hukum Gusti, sareng ceuceub ka anu kirang satia ka Gusti. |
114 |
Gusti teh papayung sareng panyalindungan abdi, jangji Gusti jadi pangharepan abdi. |
115 |
Nyalingkir ka ditu, he anu jarahat! Sabab kami rek taʼat kana parentah Allah kami. |
116 |
Abdi pasihan kakiatan sakumaha jangji Gusti, tangtos abdi bakal hirup, pangharepan abdi ulah dugi ka gaplah. |
117 |
Cepeng abdi sangkan salamet, sareng tiasa merhatikeun parentah Gusti sapapaosna. |
118 |
Gusti nolak sakur anu nyimpang tina hukum Gusti, tipu daya maranehna mo aya paedahna. |
119 |
Nu jarahat ku gusti didamel sapertos runtah, kitu margina abdi cinta kana aturan-aturan Gusti. |
120 |
Abdi ngarasa sieun ku Gusti, ngarasa gimir ku putusan-putusan Gusti. |
121 |
Abdi parantos ngalampahkeun anu bener sareng nu sae, mugi ulah diselehkeun ka musuh! |
122 |
Mugi jangji yen bade nulungan ka abdi Gusti, ulah dugi ka nu arangkuh teh ngagencet ka abdi. |
123 |
Cape panon balas ngantos pitulung pisalameteun ti Gusti, ngantos dibebaskeun sakumaha jangji Gusti. |
124 |
Mugi abdi dipidamel anu luyu sareng satia asih Gusti, sareng mugi diwulang hal parentah Gusti. |
125 |
Abdi teh gandek Gusti, mugi dipaparin pangarti, sangkan paham kana piwulang Gusti. |
126 |
Parantos dongkap mangsana Gusti nindak jalmi-jalmi anu ngarempak hukum-hukum Gusti. |
127 |
Abdi cinta kana parentah-parentah Gusti langkung ti batan ka emas, ti batan ka emas nu pangkolotna. |
128 |
Eta margina pangna abdi nyepeng aturan-aturan Gusti, mikaijid kalakuan anu serong. |
129 |
Piwulang-piwulang Gusti narik ati, kitu margina bade leres-leres diestokeun. |
130 |
Katerangan piwulang Gusti teh mere caang, ku anu bodo ge kahartos. |
131 |
Bawaning kangen kana parentah Gusti, ambekan abdi dugi ka ngangseg. |
132 |
Lieuk abdi, mugi aya piwelas, sakumaha Gusti parantos miwelas ka nu cinta ka Gusti. |
133 |
Tegerkeun abdi ulah dugi ka rubuh, sakumaha jangji Gusti, ulah dugi ka eleh ku kajahatan. |
134 |
Luputkeun abdi ti nu ngagencet, sangkan tiasa ngestokeun parentah Gusti. |
135 |
Berkahan abdi, sarengan sareng wurukan hal hukum-hukum Gusti. |
136 |
Abdi ceurik banjir cipanon, ningal jalmi-jalmi teu ngestokeun hukum Gusti. |
137 |
Gusti teh adil, nun PANGERAN, hukum-hukum Gusti sadayana saestu. |
138 |
Aturan-aturan anu dipaparinkeun teh, estu adil tur sayakti. |
139 |
Amarah abdi lir seuneu ngagedur, lantaran musuh-musuh nyapirakeun parentah-parentah Gusti. |
140 |
Jangji-jangji Gusti teh estu pasti, ka eta abdi teh cinta. |
141 |
Abdi teh nya hina nya laip, nanging teu nyapirakeun piwulang-piwulang Gusti. |
142 |
Kaadilan Gusti nanjeur salamina hukum-hukum Gusti bener sapapaosna. |
143 |
Abdi pinuh ku kasusah sareng kapaur, nanging jadi janglar ku parentah-parentah Gusti. |
144 |
Aturan-aturan Gusti salamina adil, mugi sing kahartos ku abdi, sangkan abdi hirup. |
145 |
Kalayan hate gembleng abdi sasambat, waleran, nun PANGERAN! Parentah Gusti tangtos ku abdi diestokeun. |
146 |
Abdi sasambat, salametkeun, abdi tangtos mupusti hukum Gusti. |
147 |
Ti memeh pajar meletek, abdi nyambat pitulung, ngarep-ngarep laksanana jangji Gusti. |
148 |
Sawewengi abdi teu weleh nyaring, napakuran aturan-aturan Gusti. |
149 |
Demi satia asih Gusti, dangukeun abdi, nun PANGERAN, sing aya piwelas, tangtayungan nyawa abdi. |
150 |
Jalmi-jalmi telenges anu ngagencet ka abdi, anu tara malire kana hukum Gusti, sakedap deui ge darongkap, beuki deukeut. |
151 |
Nanging Gusti aya caket abdi, nun PANGERAN, sarta parentah-parentah Gusti tetep ayana. |
152 |
Parantos lami abdi diajar aturan-aturan Gusti, eta sadayana diayakeunana ku Gusti keur salalanggengna. |
153 |
Tingali kabalangsakan abdi, mugi abdi disalametkeun margi teu ingkar tina hukum Gusti. |
154 |
Mugi perkawis abdi dibela, mugi abdi dibebaskeun, salametkeun, sakumaha jangji Gusti. |
155 |
Nu daroraka tangtos moal disalametkeun, margi henteu ngestokeun hukum Gusti. |
156 |
Welas asih Gusti ageung pisan, nun PANGERAN, mugi welas ka abdi, mugi abdi disalametkeun. |
157 |
Musuh sareng anu ngagencet ka abdi teh seueur pisan, nanging abdi teu weleh taʼat kana hukum-hukum Gusti. |
158 |
Kacida geuleuhna abdi ka eta nu harianat teh? lantaran maranehna henteu ngalampahkeun parentah Gusti. |
159 |
Tingali, kumaha cintana abdi kana aturan-aturan Gusti, tulungan abdi, nun PANGERAN, demi welas asih Gusti anu tara gingsir. |
160 |
Jiwa hukum-hukum Gusti nya eta kayaktian, sarta kaadilan putusan-putusan Gusti sadayana langgeng. |
161 |
Jalmi-jalmi anu karawasa narajang abdi tanpa sabab, nanging kasieun abdi mah hukum Gusti. |
162 |
Abdi kacida ngarasa bagjana ku jangji Gusti, atoh sapertos jalmi anu manggih pependeman. |
163 |
Abdi ceuceub sareng geuleuh kana bohong, sawangsulna cinta kana hukum Gusti. |
164 |
Tujuh kali sadintenna abdi muji sukur ka Gusti, ku adilna putusan-putusan Gusti. |
165 |
Anu cinta kana hukum Gusti, kaamanana reugreug, moal aya naon-naon anu bisa ngabahyakeun maranehna. |
166 |
Abdi ngantos disalametkeun, nun PANGERAN, parentah-parentah Gusti parantos dilampahkeun. |
167 |
Abdi taʼat kana piwulang-piwulang Gusti, leres-leres abdi cinta ka eta. |
168 |
Parentah sareng aturan Gusti parantos dilampahkeun; sagala kalakuan abdi tangtos ku Gusti katingali. |
169 |
Mugi panyambat abdi dongkap ka Gusti, nun PANGERAN, abdi nyuhunkeun pangarti, sakumaha jangji Gusti. |
170 |
Dangukeun paneda abdi, salametkeun abdi, sakumaha jangji Gusti. |
171 |
Salamina abdi bade muji ka Gusti, lantaran parantos diwulang perkawis hukum-hukum Gusti. |
172 |
Abdi seja nganyanyikeun hukum Gusti, margi parentah-parentah Gusti teh adil. |
173 |
Gusti salamina tangtos kersa nulungan abdi, margi abdi ngestokeun parentah Gusti. |
174 |
Abdi kumejot hayang salamet ku pitulung Gusti, nun PANGERAN, tur ngaraos bagja hirup dina hukum Gusti. |
175 |
Pasihan abdi hirup, supados muji ka Gusti mugi aturan-aturan Gusti teh sing nulung ka abdi. |
176 |
Abdi sapertos domba sasab apruk-aprukan, mugi abdi Gusti teh pilarian, ku margi tara ingkar tina hukum-hukum Gusti. |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Mazmur 119:1 |
Mazmur 119:2 |
Mazmur 119:3 |
Mazmur 119:4 |
Mazmur 119:5 |
Mazmur 119:6 |
Mazmur 119:7 |
Mazmur 119:8 |
Mazmur 119:9 |
Mazmur 119:10 |
Mazmur 119:11 |
Mazmur 119:12 |
Mazmur 119:13 |
Mazmur 119:14 |
Mazmur 119:15 |
Mazmur 119:16 |
Mazmur 119:17 |
Mazmur 119:18 |
Mazmur 119:19 |
Mazmur 119:20 |
Mazmur 119:21 |
Mazmur 119:22 |
Mazmur 119:23 |
Mazmur 119:24 |
Mazmur 119:25 |
Mazmur 119:26 |
Mazmur 119:27 |
Mazmur 119:28 |
Mazmur 119:29 |
Mazmur 119:30 |
Mazmur 119:31 |
Mazmur 119:32 |
Mazmur 119:33 |
Mazmur 119:34 |
Mazmur 119:35 |
Mazmur 119:36 |
Mazmur 119:37 |
Mazmur 119:38 |
Mazmur 119:39 |
Mazmur 119:40 |
Mazmur 119:41 |
Mazmur 119:42 |
Mazmur 119:43 |
Mazmur 119:44 |
Mazmur 119:45 |
Mazmur 119:46 |
Mazmur 119:47 |
Mazmur 119:48 |
Mazmur 119:49 |
Mazmur 119:50 |
Mazmur 119:51 |
Mazmur 119:52 |
Mazmur 119:53 |
Mazmur 119:54 |
Mazmur 119:55 |
Mazmur 119:56 |
Mazmur 119:57 |
Mazmur 119:58 |
Mazmur 119:59 |
Mazmur 119:60 |
Mazmur 119:61 |
Mazmur 119:62 |
Mazmur 119:63 |
Mazmur 119:64 |
Mazmur 119:65 |
Mazmur 119:66 |
Mazmur 119:67 |
Mazmur 119:68 |
Mazmur 119:69 |
Mazmur 119:70 |
Mazmur 119:71 |
Mazmur 119:72 |
Mazmur 119:73 |
Mazmur 119:74 |
Mazmur 119:75 |
Mazmur 119:76 |
Mazmur 119:77 |
Mazmur 119:78 |
Mazmur 119:79 |
Mazmur 119:80 |
Mazmur 119:81 |
Mazmur 119:82 |
Mazmur 119:83 |
Mazmur 119:84 |
Mazmur 119:85 |
Mazmur 119:86 |
Mazmur 119:87 |
Mazmur 119:88 |
Mazmur 119:89 |
Mazmur 119:90 |
Mazmur 119:91 |
Mazmur 119:92 |
Mazmur 119:93 |
Mazmur 119:94 |
Mazmur 119:95 |
Mazmur 119:96 |
Mazmur 119:97 |
Mazmur 119:98 |
Mazmur 119:99 |
Mazmur 119:100 |
Mazmur 119:101 |
Mazmur 119:102 |
Mazmur 119:103 |
Mazmur 119:104 |
Mazmur 119:105 |
Mazmur 119:106 |
Mazmur 119:107 |
Mazmur 119:108 |
Mazmur 119:109 |
Mazmur 119:110 |
Mazmur 119:111 |
Mazmur 119:112 |
Mazmur 119:113 |
Mazmur 119:114 |
Mazmur 119:115 |
Mazmur 119:116 |
Mazmur 119:117 |
Mazmur 119:118 |
Mazmur 119:119 |
Mazmur 119:120 |
Mazmur 119:121 |
Mazmur 119:122 |
Mazmur 119:123 |
Mazmur 119:124 |
Mazmur 119:125 |
Mazmur 119:126 |
Mazmur 119:127 |
Mazmur 119:128 |
Mazmur 119:129 |
Mazmur 119:130 |
Mazmur 119:131 |
Mazmur 119:132 |
Mazmur 119:133 |
Mazmur 119:134 |
Mazmur 119:135 |
Mazmur 119:136 |
Mazmur 119:137 |
Mazmur 119:138 |
Mazmur 119:139 |
Mazmur 119:140 |
Mazmur 119:141 |
Mazmur 119:142 |
Mazmur 119:143 |
Mazmur 119:144 |
Mazmur 119:145 |
Mazmur 119:146 |
Mazmur 119:147 |
Mazmur 119:148 |
Mazmur 119:149 |
Mazmur 119:150 |
Mazmur 119:151 |
Mazmur 119:152 |
Mazmur 119:153 |
Mazmur 119:154 |
Mazmur 119:155 |
Mazmur 119:156 |
Mazmur 119:157 |
Mazmur 119:158 |
Mazmur 119:159 |
Mazmur 119:160 |
Mazmur 119:161 |
Mazmur 119:162 |
Mazmur 119:163 |
Mazmur 119:164 |
Mazmur 119:165 |
Mazmur 119:166 |
Mazmur 119:167 |
Mazmur 119:168 |
Mazmur 119:169 |
Mazmur 119:170 |
Mazmur 119:171 |
Mazmur 119:172 |
Mazmur 119:173 |
Mazmur 119:174 |
Mazmur 119:175 |
Mazmur 119:176 |
Mazmur 1 / Maz 1 |
Mazmur 2 / Maz 2 |
Mazmur 3 / Maz 3 |
Mazmur 4 / Maz 4 |
Mazmur 5 / Maz 5 |
Mazmur 6 / Maz 6 |
Mazmur 7 / Maz 7 |
Mazmur 8 / Maz 8 |
Mazmur 9 / Maz 9 |
Mazmur 10 / Maz 10 |
Mazmur 11 / Maz 11 |
Mazmur 12 / Maz 12 |
Mazmur 13 / Maz 13 |
Mazmur 14 / Maz 14 |
Mazmur 15 / Maz 15 |
Mazmur 16 / Maz 16 |
Mazmur 17 / Maz 17 |
Mazmur 18 / Maz 18 |
Mazmur 19 / Maz 19 |
Mazmur 20 / Maz 20 |
Mazmur 21 / Maz 21 |
Mazmur 22 / Maz 22 |
Mazmur 23 / Maz 23 |
Mazmur 24 / Maz 24 |
Mazmur 25 / Maz 25 |
Mazmur 26 / Maz 26 |
Mazmur 27 / Maz 27 |
Mazmur 28 / Maz 28 |
Mazmur 29 / Maz 29 |
Mazmur 30 / Maz 30 |
Mazmur 31 / Maz 31 |
Mazmur 32 / Maz 32 |
Mazmur 33 / Maz 33 |
Mazmur 34 / Maz 34 |
Mazmur 35 / Maz 35 |
Mazmur 36 / Maz 36 |
Mazmur 37 / Maz 37 |
Mazmur 38 / Maz 38 |
Mazmur 39 / Maz 39 |
Mazmur 40 / Maz 40 |
Mazmur 41 / Maz 41 |
Mazmur 42 / Maz 42 |
Mazmur 43 / Maz 43 |
Mazmur 44 / Maz 44 |
Mazmur 45 / Maz 45 |
Mazmur 46 / Maz 46 |
Mazmur 47 / Maz 47 |
Mazmur 48 / Maz 48 |
Mazmur 49 / Maz 49 |
Mazmur 50 / Maz 50 |
Mazmur 51 / Maz 51 |
Mazmur 52 / Maz 52 |
Mazmur 53 / Maz 53 |
Mazmur 54 / Maz 54 |
Mazmur 55 / Maz 55 |
Mazmur 56 / Maz 56 |
Mazmur 57 / Maz 57 |
Mazmur 58 / Maz 58 |
Mazmur 59 / Maz 59 |
Mazmur 60 / Maz 60 |
Mazmur 61 / Maz 61 |
Mazmur 62 / Maz 62 |
Mazmur 63 / Maz 63 |
Mazmur 64 / Maz 64 |
Mazmur 65 / Maz 65 |
Mazmur 66 / Maz 66 |
Mazmur 67 / Maz 67 |
Mazmur 68 / Maz 68 |
Mazmur 69 / Maz 69 |
Mazmur 70 / Maz 70 |
Mazmur 71 / Maz 71 |
Mazmur 72 / Maz 72 |
Mazmur 73 / Maz 73 |
Mazmur 74 / Maz 74 |
Mazmur 75 / Maz 75 |
Mazmur 76 / Maz 76 |
Mazmur 77 / Maz 77 |
Mazmur 78 / Maz 78 |
Mazmur 79 / Maz 79 |
Mazmur 80 / Maz 80 |
Mazmur 81 / Maz 81 |
Mazmur 82 / Maz 82 |
Mazmur 83 / Maz 83 |
Mazmur 84 / Maz 84 |
Mazmur 85 / Maz 85 |
Mazmur 86 / Maz 86 |
Mazmur 87 / Maz 87 |
Mazmur 88 / Maz 88 |
Mazmur 89 / Maz 89 |
Mazmur 90 / Maz 90 |
Mazmur 91 / Maz 91 |
Mazmur 92 / Maz 92 |
Mazmur 93 / Maz 93 |
Mazmur 94 / Maz 94 |
Mazmur 95 / Maz 95 |
Mazmur 96 / Maz 96 |
Mazmur 97 / Maz 97 |
Mazmur 98 / Maz 98 |
Mazmur 99 / Maz 99 |
Mazmur 100 / Maz 100 |
Mazmur 101 / Maz 101 |
Mazmur 102 / Maz 102 |
Mazmur 103 / Maz 103 |
Mazmur 104 / Maz 104 |
Mazmur 105 / Maz 105 |
Mazmur 106 / Maz 106 |
Mazmur 107 / Maz 107 |
Mazmur 108 / Maz 108 |
Mazmur 109 / Maz 109 |
Mazmur 110 / Maz 110 |
Mazmur 111 / Maz 111 |
Mazmur 112 / Maz 112 |
Mazmur 113 / Maz 113 |
Mazmur 114 / Maz 114 |
Mazmur 115 / Maz 115 |
Mazmur 116 / Maz 116 |
Mazmur 117 / Maz 117 |
Mazmur 118 / Maz 118 |
Mazmur 119 / Maz 119 |
Mazmur 120 / Maz 120 |
Mazmur 121 / Maz 121 |
Mazmur 122 / Maz 122 |
Mazmur 123 / Maz 123 |
Mazmur 124 / Maz 124 |
Mazmur 125 / Maz 125 |
Mazmur 126 / Maz 126 |
Mazmur 127 / Maz 127 |
Mazmur 128 / Maz 128 |
Mazmur 129 / Maz 129 |
Mazmur 130 / Maz 130 |
Mazmur 131 / Maz 131 |
Mazmur 132 / Maz 132 |
Mazmur 133 / Maz 133 |
Mazmur 134 / Maz 134 |
Mazmur 135 / Maz 135 |
Mazmur 136 / Maz 136 |
Mazmur 137 / Maz 137 |
Mazmur 138 / Maz 138 |
Mazmur 139 / Maz 139 |
Mazmur 140 / Maz 140 |
Mazmur 141 / Maz 141 |
Mazmur 142 / Maz 142 |
Mazmur 143 / Maz 143 |
Mazmur 144 / Maz 144 |
Mazmur 145 / Maz 145 |
Mazmur 146 / Maz 146 |
Mazmur 147 / Maz 147 |
Mazmur 148 / Maz 148 |
Mazmur 149 / Maz 149 |
Mazmur 150 / Maz 150 |