1 |
”Haturkeun nuhun ka PANGERAN, ku karana kasaeana-Na, kaasih-Na langgeng!” |
2 |
Pindo ieu omongan, pikeun muji PANGERAN, he sakur anu geus disalametkeun ku Mantenna! Mantenna geus ngaluputkeun maraneh ti musuh-musuh, |
3 |
jeung geus mulangkeun maraneh ti nagri-nagri asing, ti wetan jeung ti kulon, ti kaler jeung ti kidul. |
4 |
Aya nu uprak-apruk di gurun keusik nu tara katincak, teu manggih jalan ka kota geusan enggon matuh, |
5 |
kalaparan jeung halabhab, sirna pangharepanana. |
6 |
Keur sangsara kitu, maranehna sasambat ka PANGERAN, tuluy ku Mantenna dijait tina kasusahanana, |
7 |
ditungtun ka jalan anu lempeng, sina narepi ka kota geusan enggon matuhna. |
8 |
Maranehna kudu nganuhunkeun kana kanyaah PANGERAN anu taya kendatna, kana sagala karya-Na anu araheng pikeun maranehna. |
9 |
Nu halabhab disina puas ngarinum, anu lapar dieusian ku nu harade. |
10 |
Sawareh hirup di nu reyem-reyem, paroek, para tahanan sangsara nyandangan rante. |
11 |
Ku lantaran ngalawan kana timbalan Allah, Nu Maha Kawasa, jeung nolak parentah-parentah Mantenna. |
12 |
Maranehna raripuh ku gawe beurat, nepi ka ngusruk lalabuh, tapi taya nu nulungan. |
13 |
Keur sangsara kitu maranehna sasambat ka PANGERAN, tuluy ku Mantenna dijait tina kasusahanana, |
14 |
dikaluarkeun ti tempat anu reyem-reyem jeung poek, rante-rantena dipepejet. |
15 |
Maranehna kudu nganuhunkeun kana kanyaah PANGERAN anu taya kendatna, kana sagala karya-Na anu araheng pikeun maranehna. |
16 |
Mantenna ngabejadkeun panto-panto tambaga, jeung mingges-minggeskeun jaruji-jaruji beusi. |
17 |
Sawareh deui garejul, hirupna sangsara ku tina dosa-dosana, jeung ku sabab kajahatanana; |
18 |
nepi ka kana kadaharan ge teu tahan nenjo-nenjo acan, sarta ajalna geus dareukeut. |
19 |
Keur sangsara kitu, maranehna sasambat ka PANGERAN, tuluy ku Mantenna dijait tina kasusahanana, |
20 |
dicageurkeun ku timbalana-Na, sarta dijait tina liang kubur. |
21 |
Maranehna kudu nganuhunkeun kana kanyaah PANGERAN, anu taya kendatna kana sagala karya-Na anu araheng pikeun maranehna. |
22 |
Maranehna kudu nganuhunkeun ka Mantenna ku kurban-kurban jeung ku lagu-lagu gumbira anu nyaritakeun sagala hal anu dipidamel ku Mantenna. |
23 |
Sawareh nempuh lautan ku kapal-kapal, nareangan napkahna di laut-laut. |
24 |
Maranehna narenjo hal-hal anu dipidamel ku PANGERAN, karya mujijat Mantenna di laut-laut. |
25 |
Mantenna nimbalan, gelebug angin ribut niup, ombak motah pagulung-gulung, |
26 |
kapal-kapal kaampulkeun ku cai nu mumbul luhur lep neundeut tilelep jero; ku bahla nu kawas kitu, jalma-jalma kabur pangacianana |
27 |
tingdaligdeug tingjolongjong kawas nu mabok, beak dengkak, taak sagala dayana. |
28 |
Keur sangsara kitu, maranehna sasambat ka PANGERAN, tuluy ku Mantenna dijait tina kasusahanana. |
29 |
Angin ribut ku Mantenna dieureunkeun, ombak dilelerkeun. |
30 |
Maranehna atoh dumeh laut geus anteng, ku Mantenna tuluy dituyun ka palabuan anu dituju. |
31 |
Maranehna kudu nganuhunkeun kana kanyaah PANGERAN anu taya kendatna, kana sagala karya-Na anu araheng pikeun maranehna. |
32 |
Maranehna kudu ngabewarakeun kaagungan Mantenna di pakumpulan jalma-jalma sarta muji Mantenna di rengrengan pamingpin. |
33 |
PANGERAN ngarobah walungan-walungan disina saraat ngoletrak cinyusu-cinyusu marangpet teu ngaburial deui, |
34 |
tanah subur ngajadi tanah tuhur jeung ngandung uyah, lantaran jahatna jelema-jelema anu caricing di dinya. |
35 |
Mantenna ngarobah gurun keusik sina jadi empang-empang cai, tanah tuhur jadi pinuh ku cinyusu. |
36 |
Jalma-jalma lapar ku Mantenna ditempatkeun di dinya, nyarieun kota geusan pamatuhanana. |
37 |
Maranehna nebaran lahan jeung marelak anggur, tuluy dipupu, beubeunanganana mucekil. |
38 |
Mantenna ngaberkahan umat-Na, jadi rekah baranahan, ingon-ingonna disina tambah ngarekahan. |
39 |
Waktu umat Allah kasoran, hina, sangsara, lantaran digencet pohara telengesna, |
40 |
nu ngagencetna ku Mantenna dihina, disina uprak-apruk di gurun keusik nu tara katincak. |
41 |
Sabalikna Mantenna ngajait anu mariskin tina kabalangsakanana, sarta kulawargana disina baranahan kawas kumbuhan domba. |
42 |
Jalma balener narenjo hal ieu teh barungaheun, sabalikna nu jarahat mah teu kecet-kecet. |
43 |
Muga hal ieu dipalikiran ku nu barijaksana, muga maranehna nyaraho kana kanyaah PANGERAN nu taya kendatna. |
Sundanese Bible 1991 |
Indonesian Bible Society |
Mazmur 107:1 |
Mazmur 107:2 |
Mazmur 107:3 |
Mazmur 107:4 |
Mazmur 107:5 |
Mazmur 107:6 |
Mazmur 107:7 |
Mazmur 107:8 |
Mazmur 107:9 |
Mazmur 107:10 |
Mazmur 107:11 |
Mazmur 107:12 |
Mazmur 107:13 |
Mazmur 107:14 |
Mazmur 107:15 |
Mazmur 107:16 |
Mazmur 107:17 |
Mazmur 107:18 |
Mazmur 107:19 |
Mazmur 107:20 |
Mazmur 107:21 |
Mazmur 107:22 |
Mazmur 107:23 |
Mazmur 107:24 |
Mazmur 107:25 |
Mazmur 107:26 |
Mazmur 107:27 |
Mazmur 107:28 |
Mazmur 107:29 |
Mazmur 107:30 |
Mazmur 107:31 |
Mazmur 107:32 |
Mazmur 107:33 |
Mazmur 107:34 |
Mazmur 107:35 |
Mazmur 107:36 |
Mazmur 107:37 |
Mazmur 107:38 |
Mazmur 107:39 |
Mazmur 107:40 |
Mazmur 107:41 |
Mazmur 107:42 |
Mazmur 107:43 |
Mazmur 1 / Maz 1 |
Mazmur 2 / Maz 2 |
Mazmur 3 / Maz 3 |
Mazmur 4 / Maz 4 |
Mazmur 5 / Maz 5 |
Mazmur 6 / Maz 6 |
Mazmur 7 / Maz 7 |
Mazmur 8 / Maz 8 |
Mazmur 9 / Maz 9 |
Mazmur 10 / Maz 10 |
Mazmur 11 / Maz 11 |
Mazmur 12 / Maz 12 |
Mazmur 13 / Maz 13 |
Mazmur 14 / Maz 14 |
Mazmur 15 / Maz 15 |
Mazmur 16 / Maz 16 |
Mazmur 17 / Maz 17 |
Mazmur 18 / Maz 18 |
Mazmur 19 / Maz 19 |
Mazmur 20 / Maz 20 |
Mazmur 21 / Maz 21 |
Mazmur 22 / Maz 22 |
Mazmur 23 / Maz 23 |
Mazmur 24 / Maz 24 |
Mazmur 25 / Maz 25 |
Mazmur 26 / Maz 26 |
Mazmur 27 / Maz 27 |
Mazmur 28 / Maz 28 |
Mazmur 29 / Maz 29 |
Mazmur 30 / Maz 30 |
Mazmur 31 / Maz 31 |
Mazmur 32 / Maz 32 |
Mazmur 33 / Maz 33 |
Mazmur 34 / Maz 34 |
Mazmur 35 / Maz 35 |
Mazmur 36 / Maz 36 |
Mazmur 37 / Maz 37 |
Mazmur 38 / Maz 38 |
Mazmur 39 / Maz 39 |
Mazmur 40 / Maz 40 |
Mazmur 41 / Maz 41 |
Mazmur 42 / Maz 42 |
Mazmur 43 / Maz 43 |
Mazmur 44 / Maz 44 |
Mazmur 45 / Maz 45 |
Mazmur 46 / Maz 46 |
Mazmur 47 / Maz 47 |
Mazmur 48 / Maz 48 |
Mazmur 49 / Maz 49 |
Mazmur 50 / Maz 50 |
Mazmur 51 / Maz 51 |
Mazmur 52 / Maz 52 |
Mazmur 53 / Maz 53 |
Mazmur 54 / Maz 54 |
Mazmur 55 / Maz 55 |
Mazmur 56 / Maz 56 |
Mazmur 57 / Maz 57 |
Mazmur 58 / Maz 58 |
Mazmur 59 / Maz 59 |
Mazmur 60 / Maz 60 |
Mazmur 61 / Maz 61 |
Mazmur 62 / Maz 62 |
Mazmur 63 / Maz 63 |
Mazmur 64 / Maz 64 |
Mazmur 65 / Maz 65 |
Mazmur 66 / Maz 66 |
Mazmur 67 / Maz 67 |
Mazmur 68 / Maz 68 |
Mazmur 69 / Maz 69 |
Mazmur 70 / Maz 70 |
Mazmur 71 / Maz 71 |
Mazmur 72 / Maz 72 |
Mazmur 73 / Maz 73 |
Mazmur 74 / Maz 74 |
Mazmur 75 / Maz 75 |
Mazmur 76 / Maz 76 |
Mazmur 77 / Maz 77 |
Mazmur 78 / Maz 78 |
Mazmur 79 / Maz 79 |
Mazmur 80 / Maz 80 |
Mazmur 81 / Maz 81 |
Mazmur 82 / Maz 82 |
Mazmur 83 / Maz 83 |
Mazmur 84 / Maz 84 |
Mazmur 85 / Maz 85 |
Mazmur 86 / Maz 86 |
Mazmur 87 / Maz 87 |
Mazmur 88 / Maz 88 |
Mazmur 89 / Maz 89 |
Mazmur 90 / Maz 90 |
Mazmur 91 / Maz 91 |
Mazmur 92 / Maz 92 |
Mazmur 93 / Maz 93 |
Mazmur 94 / Maz 94 |
Mazmur 95 / Maz 95 |
Mazmur 96 / Maz 96 |
Mazmur 97 / Maz 97 |
Mazmur 98 / Maz 98 |
Mazmur 99 / Maz 99 |
Mazmur 100 / Maz 100 |
Mazmur 101 / Maz 101 |
Mazmur 102 / Maz 102 |
Mazmur 103 / Maz 103 |
Mazmur 104 / Maz 104 |
Mazmur 105 / Maz 105 |
Mazmur 106 / Maz 106 |
Mazmur 107 / Maz 107 |
Mazmur 108 / Maz 108 |
Mazmur 109 / Maz 109 |
Mazmur 110 / Maz 110 |
Mazmur 111 / Maz 111 |
Mazmur 112 / Maz 112 |
Mazmur 113 / Maz 113 |
Mazmur 114 / Maz 114 |
Mazmur 115 / Maz 115 |
Mazmur 116 / Maz 116 |
Mazmur 117 / Maz 117 |
Mazmur 118 / Maz 118 |
Mazmur 119 / Maz 119 |
Mazmur 120 / Maz 120 |
Mazmur 121 / Maz 121 |
Mazmur 122 / Maz 122 |
Mazmur 123 / Maz 123 |
Mazmur 124 / Maz 124 |
Mazmur 125 / Maz 125 |
Mazmur 126 / Maz 126 |
Mazmur 127 / Maz 127 |
Mazmur 128 / Maz 128 |
Mazmur 129 / Maz 129 |
Mazmur 130 / Maz 130 |
Mazmur 131 / Maz 131 |
Mazmur 132 / Maz 132 |
Mazmur 133 / Maz 133 |
Mazmur 134 / Maz 134 |
Mazmur 135 / Maz 135 |
Mazmur 136 / Maz 136 |
Mazmur 137 / Maz 137 |
Mazmur 138 / Maz 138 |
Mazmur 139 / Maz 139 |
Mazmur 140 / Maz 140 |
Mazmur 141 / Maz 141 |
Mazmur 142 / Maz 142 |
Mazmur 143 / Maz 143 |
Mazmur 144 / Maz 144 |
Mazmur 145 / Maz 145 |
Mazmur 146 / Maz 146 |
Mazmur 147 / Maz 147 |
Mazmur 148 / Maz 148 |
Mazmur 149 / Maz 149 |
Mazmur 150 / Maz 150 |
|
|
|
|
|